Tong Poho Kana Jasa Indung jeung Bapa (seri Khutbah Idul Fitri)

 


الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر،الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر
الله أَكْبَر كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ لِلّهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا. لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ إِلّا إِيّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْن وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْن. لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزّ جُنْدَهُ وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْد الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي هَدَانَا لِهَذَا وَمَا كُنَّا لِنَهْتَدِيَ لَوْلَا أَنْ هَدَانَا اللَّهُ لَقَدْ جَاءَتْ رُسُلُ رَبِّنَا بِالْحَقِّ وَنُودُوا أَنْ تِلْكُمُ الْجَنَّةُ أُورِثْتُمُوهَا بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُونَ وَأَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ  وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنَ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الحَمْدُ

اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Hadirin Kaum Muslimin anu mulya !

Saba’dana muji Syukur kana saniskara nikmat Allah nu tos dilungsurkeun ka urang sadayana, nu teu kinten seueurna. Dilajeng urang ngaos Shalawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka Jungjunan urang sadayana Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargina, ka para shohabatna tug dugi ka urang salaku umatna. Aamiin.

Salajengna khotib seja washiyat khususna ka pribadi khotib, umumna ka sadaya jema’ah kaum Muslimin wal Muslimat, manga urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan urang ka Allah, katakwaan ieu sing ngabaju miraga sukma, sabab taqwa nu bakal jadi bekel nu pangsaé-saéna, tur takwa pisan nu bakal jadi tanda kamulyaan urang di payuneun Allah ogé sasama. Aamiin.

Hadirin Kaum Muslimin anu mulya !

Cunduk waktu nu Rahayu, Ninggang mangsa nu lugina, sasih Romadhon tos indit pamit, kiwari datang hiji syawal nu nembé medal. Sakurang-kurangna aya 5 (lima) hikmah ku datangna tanggal hiji syawal, sanaos hikmah ku datangna Idul fitri téh kalintang seueur pisan, dina leresan ieu mah cekap 5 (lima) bae, diantarana:

Nu kahiji campur dua rasa jadi hiji, nyaeta rasa sedih jeung bungah ku datangna Idul Fitri.  

Rasa kasedih jeung kabingah pagalo datang marengan, sedih sabab inditna sasih nu suci, sedih ku paturayna sareng sasih nu mulya, nalangsa ku papisahna sareng sasih nu pinuh ku barokah, sasih mustajabna sagala du’a, sasih nu mawa genah tumaninah kana ibadah, sasih ibadah sunah diganjar ku ganjaran wajib, nu ibadah wajib ganjaranna ditikel-tikel. Tiap taun mémang Romadhon bakal satia datang, da tos jadi katangtuan Pangéran, tapi ras ka diri urang sadayana duka panggih deui duka moal kana Romadhon nu bakal datang, anging ukur ku du’a nu jadi paneda ka Allah Nu Maha Kawasa, mugia netep kadar MantenNa ngersakeun ka urang sadayana paranjang yuswa,  tiasa petepang deui sareng sasih Romadhon nu bakal datang, Aamiin.

Hadirin Kaum Muslimin anu mulya !

Ari bungahna, aya Jangji Alloh nu ngalangkungan pidawuh Rosululloh Shollalloohu ‘Alaihi wa sallam, khusus pikeun nu puasa,

لِلصَّائِمِ فَرْحَتَانِ: فَرْحَةٌ عِنْدَ فِطْرِهِ، وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِ

 “Jalma nu puasa bakal meunang dua kabungah, kabungah nu kahiji nalika buka puasa (dina sapoé-sapoéna salila bulan Romadhon jeung nalika datangna tanggal hiji syawal) jeung bungah nu kadua jaga nalika tepung sareng Pangéranna (tegesna) Allah Ta’aalaa” (HR Muslim).

اللهُ اَكْبَرْ (3×) وَ للهِ اْلحَمْدُ

Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh!

Nu kadua, Hikmah tumuwuhna harepan diri mulang deui kana kasucian.

Tanggal hiji syawal nu nembe medal, aya istilah nu hamo leupas nyaeta “Idul fitri” nu hartina “mulang kana kasucian”. Istilah ‘Idul Fitri kacangking nalika hiji jalma salila bulan Romadhon mancuhkeun kuda-kuda taqwa, nguatkeun jurus kaimanan, nadah panarajang sésa-sésa serangan syétan nu méméh bulan Romadhon datang, ngabendung panundung hawa napsu, ngépéskeun sagala lampah kamaksiatan, nu éta kabéh bisa diungkulan bari aya dina kapunjulan, Puasa Romadhon cumpon, shalat fardu ka sambut, shalat sunat teu kaliwat, tadarus qur’an sakhotaman, zakat fitrah kabayar punah. mun seug enya ditampi kalayan sampurna, maka pantes nyandang gelar jalma nu ‘Iidul Fitri tegesna, nu mulang kana kasucian, “Kalyaumi waladathu ummuhu”, _”saperti jalma nu nembe borosot  lahir ti guha garba nu jadi indungna”_.

اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh!

Nu katilu, hikmah idul fitri nyaeta ngarasakeun buah atikan diri salila bulan Romadhon

Saum Romadhon mangrupikeun madrosah, tempat dididikna diri, bentuk atikanana nyaéta ujian fisik sareng méntal, nu tujuanana keur ngukur kaimanan urang, pikeun ngabédakeun mana inten mana berlian, mana pérak mana emas, mana nu orisinil mana nu imitasi, mana nu ta’at mana nu maksiat. Salila bulan Romadhon pisan, sadayana kabukti, sadayana kasaksén, sadayana ka nembrak katémbong ajén-inajén diri masing-masing ku diri urang sorangan. Dina sasih Romadhon ieu pisan urang diayak, urang diuji, luyu sareng Dawuhan Allah, yén hirup sareng maot ngahaja diciptakeun ku MantenNa, tujuanana pikeun dipilih, saha nu panghadé-hadéna amal lalampahan. Sakumaha dawuhan Allah Ta’aalaa:

الَّذِيْ خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيٰوةَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلًاۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْغَفُوْرُۙ ۝٢

"(Anjeunna Dzat) Nu Nyiptakeun maot sareng hirup pikeun nguji maranéh, saha diantara maranéh nu panghadé-hadéna amal perbuatan, Anjeunna Dzat Nu Maha Mulia tur Maha Lautan Hampura.” (Q.S. Al-Mulk: 2).

 

  اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh!

 

Saum ramadhan sarana latihan anu pinuh ku atikan, pinuh ku pendidikan, lahir jeung batin di atik. Mun seug pirajeuneun ditaliti, ditalungtik, mangga baé titénan, éstuning sasih Romadhon téh  meuhpeuy leubeut ka buah barokah, Rambay alaeun ku amaliyah ibadah, matak satékah polah kudu boga hasil anu muceukil, ulah nepi ka bulistin nihil teu meunang nanaon, ukur meunang kahanaang jeung kalapar wungkul, na’udzu billah.

 

Ku hal ieu pisan, hasil satutasna Romadhon téh, amal nu geus leukeun dikeureuyeuh urang beungkeut masing pageuh, amal anu dirasa kurang urang tingkatkeun urang tambahan pikeun ngudag kasampurnaan sareng  kaistiqomahan, urang pageuhan ku kaimanan sareng kataqwaan, dina raraga jadi modal ngagolangken hirup sangkan aya dina kasuksésan, bajoang hirup keur jangka podok di dunya, demi ngahontal hirup jangka panjang di akhérat jaga, sakumaha tujuan anu ngancik tina leulembutan saban waktu dina doa urang sadayana.

ربنا آتِنَا في الدُّنْيَا حَسَنَةً ، وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً ، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

Di dunya kengéng kasaéan, di akhérat kengéng kasaéan, bari salamet tina siksa seneu naraka.

 اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh!

Salajengna, mangga geura émutan deui ku urang sadayana, geuning ngosongkeun beuteung téh lapar, hanaang, leuleus, lungsé teu aya tangan pangawasa, cacakan urang mah ngan sakadar ngésérken kabiasaan, anu kawit dahar ti beurang, dipindahkeun jadi janari jeung Maghrib. Deudeuh teuing dulur urang anu miskin anu fakir anu yatim nu pihatu, anu sapopoéna nahan lapar, dahar soré henteu isuk, isuk ngabubur soré nganggur, éstu ngeusian beuteungna téh sakaparan-paran sakumaha manggihna baé, pakéan belél pinuh ku tatambalan, saré dimana baé dugna da teu boga padumukan, saré dikolong sasak bari ukur di amparan koran. éstu kokoro nyoso malarat rosa. Kitu deui keuna ka nasib budak yatim pihatu, paha tulalis, anu tos ditinggalkeun maot ku Indung jeung bapana, atawa salah sahijina, éstu kacida Pikawatireunana, boro-boro keur biaya sakola, keur jajan, keur dahar sapopoé gé seuseut seuat, kabayangken kurat karétna kahirupan, unggal dinten ngalimba reumbay cai mata, émut ka nu tos teu aya, ieu téh bélaaneun urang, émutaneun urang.

 

Tah ku Romdhon ieu pisan, jiwa sosial urang kudu nyaring hudang, kudu bijil rasa haat, rasa nyaah, rasa béréhan, rasa karunya ka sasama, ieu pisan kudu tumuwuh di dina diri, tina buah nahan lapar jeung hanaang salila sabulan Romadhon. Mun teu kitu, maka urang bakal kaasup kana golongan jalma nu ngabohongkeun agama.

اَرَءَيْتَ الَّذِيْ يُكَذِّبُ بِالدِّيْنِۗ ۝١ فَذٰلِكَ الَّذِيْ يَدُعُّ الْيَتِيْمَۙ ۝٢ وَلَا يَحُضُّ عَلٰى طَعَامِ الْمِسْكِيْنِۗ ۝٣

 

“Naha maranéh apal saha jalma nu ngabohongkeun agama? Nyaéta jalma nu nolak (kana méré hakna) budak yatim, jeung tara daék nguar ngajak méré dahar ka nu miskin.” (Al-Maun: 1-3)

Jadi, kaasup jalma anu ngabohongken kana agama, anu ngantep ka budak yatim teu miroséa ka fakir miskin, nepi ka maranéhna hirup kadungsang-dungsang teu aya anu mélaan.

 اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh!

 

Nu kaopat, hikmah datangna Idul Fitri nyaéta kasempetan pikeun muhasabah atawa ngaévaluasi diri.

 

'Idul fitri kasempatan pikeun nyaliksik diri, nataan raga jeung rasa bisi urang kamalinaan, rumasakeun diri urang téh lamokot ku dosa, jeblog ku kasalahan, loba laku anu teu saluyu, loba lampah anu teu merenah, nukang nonggong jeung aturan agama oge darigama, méngpar  bari loba pasalia reujeung aturan, boh dosa anu pribadi ka Alloh, atawa dosa anu aya patula-patali jeung papada. Kasempatan anu hadé ieu pisan, keur nyuciken diri, hayu urang tarobatan, sing yaqin Alloh Maha Lautan Hampura, Jembar kénéh Hampura Alloh di bandingkeun jeung dosa urang, gedé kénéh kanyaah Alloh di bandingken jeung kaburaongan urang, Alloh baris ngahampura ka mahluq-Na anu giat kana tobat, nu boga niat rék babalik pikir, bari tobatna tobat nasuha. “Innalloha Yaqbalut-Taubatal-Mudznibiin.”_“Saéstuna Alloh baris ngahampura kana tobatna jalma-jalma anu boga dosa”_.

 اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh!

 

Nu Kalima, Hikmah idul fitri téh nyaéta kasempetan pikeun manjangkeun tali silaturahim jeung silih hampura tina dosa ka sasama.

 

Pikeun nyampurnakeun kasucian diri urang tina rereged kasalahan jeung papada urang. Dina kasempetan ieu pisan, mangga anggé pikeun silahturrahim bari silih lubarkeun dosa jeung papada urang. Aya kasauran ti Imam Sufyan Ats Tsauri R.A. dina kitab Tanbihul Ghafilin dina kaca 380:

وَعَنْ سُفْيَانَ الثَّوْرِيِّ رَحْمَةُ اللَّهِ تَعَالَى عَلَيْهِ , أَنَّهُ قَالَ: إِنْ لَقِيتَ اللَّهَ تَعَالَى بِسَبْعِينَ ذَنْبًا فِيمَا بَيْنَكَ وَبَيْنَ اللَّهِ تَعَالَى أَهْوَنُ عَلَيْكَ مِنْ أَنْ تَلْقَاهُ بِذَنْبٍ وَاحِدٍ فِيمَا بَيْنَكَ وَبَيْنَ الْعِبَادِ

“Lamun anjeun tepung jeung Allah kalayan mawa 70 dosa nu kaitanana antara anjeun jeung Allah éta (kaasup) leuwih hampang, tibatan manéh mawa hiji dosa nu kaitanana antara manéh jeung sasama.”

Dinu katerangan nu sanés disebatkeun yén Allah hamo ngahampura dosa hiji hamba lamun acan silih hampura jeung sasama, dina kasempetan ieu pisan, jadikeun kasempetan pikeun silih bébaskeun. Ngucapkeun kawilujengan dina datangna Idul Fitri hiji kasunahan nu disebut Tahniah, ditambah silih anjangan, silih tepungan bari sasalaman, nu ieu hal téh kaasup istighfar kaum Muslimin, sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi SAW.:

 

 مَا مِنْ مُسْلِمَيْنِ يَلْتَقِيَانِ، فَيَتَصَافَحَانِ إِلَّا غُفِرَ لَهُمَا قَبْلَ أَنْ يَفْتَرِقَا  

 “Henteu tepung dua jalma nu muslim tuluy sasalaman, iwal pikeun manéhna dihampura dosana saméméh maranéhna pisah.” (HR Abu Dawud).

 

Silih hampura nepi ka ulah aya gantar kakaitan jaga di poe qiyamah. Mangga mimitian silih hampura jeung batur sakasur, batur sasumur, tuluy batur salembur, lajeng ka dulur-dulur. Kahadé saméméh ka nu lian, saméméh ka batur payunkeun ka Ibu Rama, upami aranjeunna  masih keneh araya, kedah jadi utama, margi sareatna moal aya urang, mun teu aya Ibu sareng  rama. Urang masing émut, indung anu ngakandung dugi kasalapan bulan, saripati anu aya dina salirana disadap ku urang salami dua tauun lamina. Bapa anu ngayuga toh pati jiwa raga, nyumponan kifayah keur pangabutuh hirup urang nu jadi para putrana.

Mangga geura, urang émutan kalayan imeut, kana perjuangan ibu urang nalika ngalahirkeun urang ka alam dunya, waktu cai ibun subuh nyulusup kana awak sakujur, sora adzan hawar-hawar kadéngé  ti kaanggangan.

Hiliwir angin méré pirasat, harita indung urang ngusial karasa patuangan, Bapa lumpat ti buburanjat néang indung beurang. Mangga emutan! basa ibu urang, adug lajer, pepereket ngaluarkeun tanaga satakerna, anjeunna réla, anjeunna ridho najan kudu ngaleupaskeun nyawa.

Katingali dina tungtung socana murubut cisoca, adug lajer lolongséran guyang getih, kanyeuri teu paduli, ka lara teu dipiroséa, tetep ti pepereket ngaluarken tanaga anu rohaka, késang badag késang lembut kaluar maseuhan salirana.

Pasrah sumerah kana kaayaan antara hirup sareng maot, haté mawur tagiwur, di barengan ku rasa paur, kucap-kiceup jeung ramisak cai panon, nyambat urang nu masih jadi jabang, ngajerit nyabit-nyabit urang sing geura jebrol lahir ka dunya.

Barang urang geus jebrol lahir, kanyeuri teu paduli, ka lara teu dipiroséa, urang dirawu dipangku, bungah bungangang teu aya hinggana, urang dibagéakeun ku cimata bagja, lat baée poho yén anjeunna tos mayunan antara hirup sareng maot dina ngalahirkeun urang .

 اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh!

Asa cikénéh urang ku indung jeung ku bapa di tuyun ditungtun diajar leuleumpangan, di gagandong, di aais, dinangna-dinéngné, dituyun di tungtun ku kaluhungan kolbu, beurang jadi carita, peuting jadi impian.

Mun urang galingging paranas tiris, dampal panangan aranjeunna bagilir gentian ngusapan sakujur awak urang, manah aranjeunna motah rongkah pinuh ku kahariwang jeung kamelang, cai soca ramisak, lambeyna teu lirén ngadu’a sangkan urang séhat jagjag waluya.

Éstu katingali kénéh teuteup aranjeunna nu pinuh kadeudeuh nu meuweuh pageuh dina galeuh, kabeungkeut geugeut aranjeunna ka urang lir gula jeung peueut, panghiyap kanyaahna nu natrat karasa nu hamo leupas. Pageuh tina ingetan, keclak kacinta aranjeunna nu hamo béak di tuliskeun ku catetan komo carita. éstu taya handeuleum keur neundeun, taya hanjuang pikeun panundaan.

Éstu aranjeunna tara wareg tuang, tara tibra kulem, émutan digebrokeu wungkul keur urang salaku para putrana. Hiji nu jadi harepan, urang salaku para putra manggih jeung bagja, sabab kabagjaan anak bakal jadi kabagjaan aranjeunna, sanajan dina emprona kadang aranjeunna teu ngaraoskeun kabagjaan nu jadi anakna, sabab kaburu aranjeunna teu aya. aya ku ayana kadangkala anak-anakna téga namélarkeun teu miroséa.

Nu matak payus panitah Allah  _”Wabilwaalidaeni Iihsaanan”_. “Sareng kanu janten ibu bapa kudu hadé perlakuan.” Pikanyaah aranjeunna, pikawelas aranjeunna, ulah nepi ka urang timbul rasa kaduhung. Seja mikanyaah, seja mulangkeun kaasih, tapi aranjeunna tos teu araya, aranjeunna tos maraot.

Maka bagja kacida nu masih araya kénéh Ibu ramana, dina usum lebaran sapertos kieu, tiasa sasalaman, tiasa pataréma panangan bari nyuhunken di hapunten, bias nyuhunken jiyad pangdu’a ti aranjeunna, bias nyegruk nyuuh dina lahunan aranjeun.

Béda deui ka nu ibu ramana tos teu aya dikieuna, tos maraot, pasti ukur bati nalangsa, bati sedih, nyangkaruk rasa kaduhung, baheula keur aya kénéh aranjeunna bet teu miroséa, tamélar. Ayeuna ukur tunggul nu tingparentul di  luhur kubur, rus-ras rasa mun ema jeung bapa aya kénéh, rék sasalaman bari dirangkulan jeung diciuman, seja  nyuhunken jiyad pangdu’a ti marantena. Seja ngawasuh dua dampal sampéana nu tos capé gawé demi kabagjaan urang salaku anakna. Tapi da kumaha kitu lampah hamo bisa da aranjeunna tos teu araya, tos maraot.

Ayeuna aranjeunna geus aya dilebet qubur, anu boa teuing jasadna siga kumaha, naha masih weuteuh beleger, atanapi tos séép ancur ku bilatung, anu aya kantun tulang-taléngna, urang sadaya teu apal. Ayeuna mah ukur tiasa jiyaroh, nyaksian tutunggul kuburan anjeunna, ngajepat tulisan dina nisanna tawis ciri wanci titimangsa yén didinya aya quburan aranjeunna nu seueur jasana.

Rus-ras kabayang dina émutan waktos aranjeunna ngajolopong dina lebet pasaran, laju di garotong, teras katingali kénéh nalika aranjeunna di lebetkeun kana lebet kaluwat, laju di ruruban ku taneuh bereum. Masih kacipta Dedeg pangadeg aranjeunna, pamenteuna, rindat socana, kanyaahna, kadeudeuhna, kabayang baé teu acan leler dina émutan.

Haté ratug tutunggulan, gumulung ngagulung ku rupa-rupa pertanyaan, anu hamo aya jawabanana, kumaha nasib ema jeung bapa di jero kuburna? Kainggis karisi kamelang jeung kahariwang dina émutan, sok sieun ema jeung bapa aya dina katalangsaraan, nandangan siksa dijero kuburna bari urang teu sanggup mélaanana . Ema! Bapa ! Ieu abdi seja jiyaroh nepangan, nuju naon ema sareng bapa ayeuna? Naha ema sareng bapa téh bagja atanapi cilaka? Nuju bingah atanapi nuju sedih? Nuju di rohmat atanapi disiksa? éta pisa patarosan anu hamo teu aya pisan jawabanana.

Duh gusti pangéran abdi, hapunten sadaya dora ibu rama abdi, tetepken iman sareng islam aranjeuna, tampi amal ibadah aranjeunna, caangken alam qubur aranjeunna. Duh Gusti pangéran abdi, salametken aranjeunna, jait tina katalangsaraan sareng kasedihna, kucuran ridho, rohmat,sareng magfiroh, jantenkeun aranjeunna golongan ahli surga.

Tepangken abdi sareng aranjeunna diakherat bari aya dina kasalametan. _”Allohummaghfir lii waliwaalidayya warhamhumaa kamaa robbayanii shoghiro”_,

Pamungkas carios ti simkuring dina raraga khutbah ieu,
”ja’alallohu minal ‘aa’idiin wal faa’iziin walmaqbuulin taqobbalallohu minna waminkum shiyamana washiyamakum wakullu ‘amin antum bikhoirin”

Mugia urang sadayana kalebet kana golongan jalma nu kaasup kana makna Kasucian, Amiiiiiin.

 

أَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا أَسْتَغْفِرُ اللهَ لِي وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ المُسْلِمِيْنَ وَالمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

 

الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر،الله أكبر لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْد اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ أَحْمَدُ رَبِّي وَأَشْكُرُهُ ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ نَبِيَنَا مُحَمَّدٌ عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ

اللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى نَبِيِّنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ وَللهِ الحَمْدُ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ  اللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالمسْلِمَاتِ وَالمؤْمِنِيْنَ وَالمؤْمِنَاتِ الأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْوَاتِ اللَّهُمَّ أَلِّفْ بَيْنَ قُلُوبِنَا، وَأَصْلِحْ ذَاتَ بَيْنِنَا، وَاهْدِنَا سُبُلَ السَّلَامِ، وَنَجِّنَا مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّورِ، وَجَنِّبْنَا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، وَبَارِكْ لَنَا فِي أَسْمَاعِنَا، وَأَبْصَارِنَا، وَقُلُوبِنَا، وَأَزْوَاجِنَا، وَذُرِّيَّاتِنَا، وَتُبْ عَلَيْنَا إِنَّكَ أَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيمُ، وَاجْعَلْنَا شَاكِرِينَ لِنِعَمِكَ مُثْنِينَ بِهَا عَلَيْكَ، قَابِلِينَ لَهَا، وَأَتِمِمْهَا عَلَيْنَا اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ اللَّهُمَّ أَحْسِنْ عَاقِبَتَنَا فِى الأُمُورِ كُلِّهَا وَأَجِرْنَا مِنْ خِزْىِ الدُّنْيَا وَعَذَابِ الآخِرَةِ اللَّهُمَّ تَقَبَّلْ أَعْمَلَنَا فِي رَمَضَانَ اللَّهُمَّ تَقَبَّلْ أَعْمَلَنَا فِي رَمَضَانَ اللَّهُمَّ تَقَبَّلْ أَعْمَلَنَا فِي رَمَضَانَ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ  عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

 

 

 

 

 

Post a Comment

0 Comments