Kaum Muslimin nu sam-sami miharep Ridho Allah!
Dina nganyatakeun puji Hadits ‘Alaa Qodim nu memang tos sawadina urang salaku makhluk nu diciptakeun nyanggakeun puji ka Allah salaku Kholiq, Dzat Nu Maha Nyipakeun, ku lafadz Hamdalah, _Al-Hamdu Lillah_ sagala puji wungkul milik Allah, Dzat anu parantos maparin rupi-rupi kanikmatan ka urang sadayana, utamina ni’mat iman, Islam, sareng ihsan. Solawat kalih salamna mugia sapapaosna dilimpahkeun ka panutan alam, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad Saw, miwah kulawargina, para sahabatna, para tabi’in, tabi'ittabi’in-na, dugi ka urang sadayana.
Kaum Muslimin anu mulya!
Dina ieu kasempetan, khotib teu weleh ngawasiatan ka pribadi miwah ka jama’ah Jum’ah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan oge katakwaan ka Alloh Swt malah mandar urang tiasa ngahontal rohmat oge rido Mantenna.
Kaum Muslimin nu sam-sami miharep Ridho Allah!
Dawuhan Alloh swt. dina Al-Qur’an Surat Adz-Dzariyat ayat 56,
وَمَا خَلَقْتُ اْلجِنَّ وَاْلِإنْسَ إِلاَّ لِيَعْبُدُوْن
Dawuhan Alloh Ta'ala ieu ngauningakeun ngeunaan tujuan manusa jeung jin diciptakeun. Yén diciptakeunna manusa jeung jin téh, taya kajaba wungkul keur ibadah. Cindekna, Lamun manusa tugasna wungkul pikeun ibadah, maka manusa disebut ‘abid nu hartosna bujang, ari bujang tugasna pikeun ngalaksanakeun naon nu diparéntah, ogé ninggalkeun sagala hal nu dilarang ku dunungan. Tah didieu, nu jadi dunungan manusa jeung jin téh, taya lian nyaéta Alloh Robbul Alamin.
Jadi, manusa téh abid, manusa téh bujang, tugas bujang nurut ka dunungan, saha nu jadi dunungan manusa ? nyaéta Alloh swt. disebut wéh manusa téh boga sifat ‘Abdiyyah, hartosna boga sifat ngahambakeun diri pikeun sumujud, pasrah sumembah ti mimiti tekad, ucap sareng lampah, di sanggakeun ka nu jadi dunungan nyatana Alloh swt. Tah éta posisi atanapi kadudukan sareng tugas hirup manusa di alam dunya téh, dina raraga ngeusian hirup sareng kahirupan, supaya di isian tur di pinuhan waktu-waktuna ku jalan ibadah ka Alloh Robbul ‘Alamin.
Kaum Muslimin anu mulya!
Salajengna dina ngalaksanakeun kafitrahan salaku ‘abid. Urang diperedih ku Alloh Robbul ‘Alamin. Sangkan ngabuktikeun bakti diri, séba raga nu sabener-benerna,. Ngeunaan hal ieu pisan urang sadayana diajarkeun ku Allah ngalangkungan DawuhanaNa dina surat Al-Fatihah anu sering ku urang di baca, khususna dina sholat, aya kalimat ayat nu unggelna kieu:
ِاَّياكَ نَعْبُدُ وَ ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ
"Wungkul ka anjeun Gusti jisim abdi ibadah sumembah, sareng wungkul ka anjeun Gusti jisim abdi nyuhunkeun pitulung".
Kecap اِيَّاكَ dina ieu ayat sapalih ahli tafsir ngajelaskeun:
أَْلفَاتِحَةُ سِرُّاْلقُرْآن, وَسِرُّهَاهَذِهِ اْلكَلِمَةِ
“Yén Al-Fatihah téh mangrupakeun rusiahna Al-Qur’an, tur rusiahna aya dina kalimat (ayat) ieu, ('Iyyaaka Na'budu wa Iyyaaka Nasta'iin.)”
Dina ayat ieu, kecap اِيَّاكَ dibulak-balik dua kali, hal ieu nandakeun yén aya dua rusiah, mun dibuka maknana maka kacida jembar hartina. Tegesna, yén dina dua kecap ieu aya dua kecap nu nuturkeunana nyaéta,
Nu ka hiji اِيَّاكَ نَعْبُدُ (wungkul ka anjeun Gusti jisim abdi ibadah sumembah), nu ngandung harti, yén urang téh nauhidkeun ka Allah swt. umaku bari ngaberesihkeun lahiriyah sareng bathiniyah urang utamana patékadan urang tina hal-hal kamusyrikan. Tur kalimat ieu téh mangrupakeun réalisasi atanapi bukti tina pangakuan dina kalimat tauhid ) لاَإِلَهَ إِلاَّالله (Taya deui Pangéran nu wajib di ibadahan anging Alloh)
Kaum Muslimin anu mulya!
Harti kecap َنعْبُدُ nyaéta "Abdi-abdi sadaya sumembah ibadah", aya ogé nu ngahartoskeun “Kata’atan abdi-abdi sadaya". Sabab, harti ibadah miturut bahasa, nyaéta kata’atan bari ngarendahkeun diri, depe-depe handap asor atanapi tawadhu’.
Anapon mungguh syara’ mah, yén ibadah téh satiap ucapan, patékadan reujeung tingkah paripolah nu dilakukan kalayan ngudag kasampurnaan rasa mahabbah atanapi rasa cinta dibarengan tawadhu atanapi depe-depe handap asor nancebna rasa sieun, nu kabeh eta udaganana wungkul pikeun miharep ridho Alloh swt.
Jadi, kecap َنعْبُدُ mangrupakeun tingkah netepkeun dina hatena hiji hamba sifat Rububiyyah atanapi rasa pangakuan dina mangeran-an ka Alloh swt. Pangna jadi sabab kecap َنعْبُدُ ditiheulakeun ieu nuduhkeun kana harti, yén ayana sifat ‘Abdiyyah atanapi penghambaan nu ngawéngku kana sifat hamba nu sumembah hamo lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang wungkul ka Alloh swt., ogé ngandung makna yén ibadah téh mangrupakeun tujuan, nu jadi wasilah atanapi marga lantaran turunna pitulung Alloh swt.ku sabab kitu, maka ibadah kagolong hal anu utama tur nu kudu diutamakeun. Tegesna, upamana hiji hamba nu ngakhususkeun, nu ngautamakeun kana ibadah, maka tanwandé Alloh bakal maparin pitulung, pangraksa jeung pangriksa ka si éta hamba.
Kaum Muslimin anu mulya!
Salajengna nu kadua, nyaéta kalimat: ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ (Wungkul ka anjeun Gusti, jisim abdi nyuhunkeun pitulung). kalimat ieu ngarupakeun pangakuan, rasa karumasaan, yén taya daya sareng upaya ogé kakuatan anging kalayan pitulung Alloh swt. sarta kapasrahan total ka Alloh swt. kalayan nyuhunkeun pitulungna. Tur kalimat ieu téh mangrupakeun réalisasi atanapi pernyataan tina pangakuan لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم (Taya daya, upaya reujeung kakuatan anging kalayan izin Alloh Dzat Nu Maha Luhur tur Nu Maha Agung).
Dina palebah dieu pisan, si hamba munajat, yén wungkul ka Alloh nyuhunkeun pitulung pikeun ta’at, tur nyuhunkeun dipaparin pitulung pikeun ngarengsekeun ogé ngabebenah sagala pasualan-pasualan nu aya patula-patalina reujeung duniawiyah pikeun 'LIbtighoo'i Mardhotillah' (ngudag-ngudag Ridho Allah). Tegesna, yen dina ngucapkeun ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ, bakal ngalahirkeun sikep nu jauh tina ujub riya jeung takabur dina ngajalankeun ibadah ka Alloh swt. sabab, sagala nu dilakukeun ku hiji hamba nu tujuanna pikeun ibadah ka Alloh swt. ieu kabéh téh anging kalayan ridho sareng inayah ilahiyyah tegesna pitulung ti MantenNa.
Dumasar kana katerangan ieu, maka ngandung harti ayana sifat ‘Isti’anah atanapi sipat kapasrahan total ka Alloh dina raraga nyuhunkeun pitulung, pangraksa-pangriksa, sareng pangijabah sagala doa-doa ti MantenNa.
Kaum Muslimin anu mulya!
Jadi, luyu rejeung katerangan nu munggaran di uningakeun, nuduhkeun yén nalika hiji hamba maca ayat: ِاَّياكَ نَعْبُدُ وَ ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ, sarua jeung hiji hamba munajat ka Alloh swt.:
“Duh Gusti nu Maha Suci, Dzat nu mibanda sifat-sifat kaagungan ogé kasampurnaan, nu mibanda pujian ogé nu hak dipuji, nu mibanda sifat Rohman sareng Rohim, tur pangawasa nu ngarajaan dina dinten wawales ditibankeun ka abdi-abdi sadaya. Duh Gusti pangéran Abdi nu sahiji, jisim abdi hamo badé sumembah kanu lian, anging wungkul ka anjeun Gusti, jisim abdi hamo neneda pitulung ka nu lian, anging wungkul ka anjeun Gusti, jisim abdi nyanggakeun sadaya-daya kata’atan, kakhusyu’an, nu ditujukeun wungkul ka anjeun Gusti, sabab, hamo aya nu bisa lumpat tina maksiyat sareng fitnah iwal ti pangraksa anjeun Gusti, tur hamo aya kakuatan pikeun ngalakukeun kata’atan sareng kakhusyu’an, anging kalayan taufik pitulung anjeun Gusti, duh Gusti tampi ieu ibadah jisim abdi, bukakeun pangraksa, bukakeun lawang pitulung anjeun Gusti”.
Kaum Muslimin nu Mulya!
Mugia urang sadaya kalebet golongan hamba-hamba Alloh swt. nu salamina ngutamakeun ibadah. Nyatana jadi abid nu ngaéstokeun sifat abdiyyah-na pikeun ningkatkeun ‘ubudiyyah ka Alloh swt. oge jadi hamba nu 'Isti'anah, salawasna muntang tulung ka Allah ku karumasaan diri nu teu aya daya sareng upaya. Amin ya Alloh ya Robbal ‘Alamiin.
بَارَكَ اللّٰهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللّٰهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِلْمُسْلِمِيْنَ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ عَلَى إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ
لَهُ عَلَى تَوْفِيْقِهِ وَامْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لَا اِلٰهَ إِلَّا
اللّٰهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا
عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إِلَى رِضْوَانِهِ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ وَعَلَى اٰلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا، أَمَّا
بَعْدُ،
فَيَا أَيُّهَا المُسْلِمُوْنَ اِتَّقُوْا اللّٰهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللّٰهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلَآئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعَالَى إِنَّ اللّٰهَ وَمَلَآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ يَآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا
اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللّٰهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيَآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلَآئِكَةِ الْمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّٰهُمَّ عَنِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِيِّ وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ الأَحْيَآءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ اَللّٰهُمَّ أَعِزَّ الْإِسْلَامَ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ الْمُوَحِّدِينَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ الْمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَأَعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ. اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَالْمِحَنَ وَسُوْءَ الْفِتَنِ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خَآصَّةً وَسَائِرِ الْبُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَآمَّةً يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَ اِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللّٰهِ،إِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِيْ الْقُرْبٰى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوْا اللّٰهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللّٰهِ أَكْبَرُ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ
0 Comments