Sanajan basajan dina kahirupanaana, Abu Darda kalebet shahabat nu sugih harta, kalebet hiji sudagar beunghar nu kamasyhur ku kajujuranana, dina ngokolakeun usaha dagangna nu jujur, antukna loba jalma, loba sudagar-sudagar nu resep ngayakeun hubungan perdagangan sareng anjeunna, sabab anjeunna tara bohong komo nipu, estu kacida jujurna.
Ngeunaan kasangtukang kaislaman anjeunna, Abu Darda kantos sasauran,
“Kuring asup Islam, boga tujuan pikeun ngahijikeun antara ibadah jeung ngokolakeun usaha dagang, tapi kuring teu bisa, maka kuring ngecagkeun usaha dagang, laju ngutamakeuun ibadah ka Allah, kuring teu pati bungah gumbira nalika usaha dagang kuring saban poe untung 300 dinar, Allah memang teu ngaharamkeun kana usaha dagang, tapi kuring leuwih resep ngahiji jeung golongan jalma nu ngokolakeun dagang tapi henteu mopohokeun Allah Ta’ala.”
Satutasna ninggalkeun usaha dagangna, Abu Darda milih jalan hirup kasufian, nepi ka anjeunna disebut ahli hikmah, ahli kawijaksanan, seueur pisan nasehat-nasehat nu lahir tina kasauran anjeunna nu estu ngandung hikmah kahirupan, saperti halna dina hiji mangsa anjeunna naros bari nawarkeun hiji amaliyah kahirupan ka para shahabat,
“Naha aranjeun daek ngadengekeun bari prak ngamalkeunana, mun seug kuring ngabejaan hiji amalan nu panghade-hadena batan amalan sejenna? Hiji Amalan nu mampu naekkeun darjat anjeun, nu eta amalan leuwih hade batan merangan musuh di medan perang, nu eta amalan leuwih alus ajenna batan emas, mutiara jeung perak.” Saur Abu Darda, “Amalan naon eta yeuh Abu Darda?” tanya para Shahabat. “Dzikrullah, Dzikir ka Allah, sabab Dzikir ka Allah pangutama-utamana amal.” Waler Abu Darda.
Dina hiji mangsa Abu Darda ngirim surat ka salah saurang sahabat,
“Teu aya saeutik oge di dunya ieu harta nu dipibanda ku anjeun, kajaba eta harta teh samemehna aya nu miboga, kitu oge satuluyna eta harta bakal aya nu miboga sanggeus anjeun maot, nu sajatina harta anjeun mah nyaeta harta nu saperluna nu eukeur jeung enggeus dimanfaatkeun ku anjeun, ku hal eta pisan, utamakeun harta teh pikeun jalma nu ngabutuhkeunana, sabab sanggeus anjeun maot mah, harta anjeun bakal di pimilik ku anak ajeun salaku ahli waris, mun seug eta harta di wariskeun ka anak anjeun nu soleh, dijamin anjeun bakal bagja sabab eta harta dimanfaatkeun kalayan bener di jalan Allah, tapi mun seug eta harta dipimilik ku anak anjeun nu doraka, maka dijamin anjeun bakal cilaka, sabab harta anjeun bakal dipake maksiat – ku kituna percayakeun kalayan saestu nasib turunan ahli waris anjeun kana rejeki Allah, lain kana harta nu ku anjeun dikumpulkeun, mun seug kitu anjeun dijamin bakal salamet.”
Ngeunaan dunya Abu Darda, nyaurkeun yen dunya teh titipan Allah SWT. Hal ieu disaurkeun ku anjeunna ka Zubair bin Nafis, nalika kaum Muslimin unggul perang di nagri Cyprus, harita kaum Muslimin mawa harta ghonimah atawa harta rampasan perang ka nagri Madinah nu kacida lobana, Harita Abu Darda ngadon nyegruk nangis, laju ditaros ku Zubair bin Nafis, “Naha anjeun kalah ceurik, yeuh Abu Darda? Apan urang aya dina kaunggulan, kuduna mah bungah gumbira.” Di taros kitu Abu Darda ngawaler, “Yeuh Zubair, Kacida hinana makhluk di sagedengeun Allah Ta’ala mun seug ninggalkeun kawajiban ka Allah ta’ala, nalika maranehna keur kuat, keur jaya, komo mun seug ditambah ngahianat kana amanah Allah.”
Dina hiji mangsa, Abu Darda anjangsana ka nagri Syiria, nu harita kaayaanana subur makmur, wargana hirupna pamewah-mewah, ningali kaayaan samodel kitu Abu Darda sasauran,
“Yeuh warga Syiria! Aranjeun dulur kuring saagama, tatangga kuring nu sarua bumela bitotama ngalawan babarengan musuh agama, tapi kuring heran ka aranjeun, naha aranjeun teu boga rasa kaera? Aranjeun ngumpulkeun kadaharan nu ku anjeun teu didahar, aranjeun ngawangun nu ku aranjeun teu dicicingan, aranjeun miharep perkara nu ku aranjeun hamo bisa dihontal. Masing inget! Baheula aya nu ngaranna kaum ‘Ad, maranehna ngumpulkeun harta, tuluy maranehna ngawangun imah-imah maranehna lir ngawangun istana, nu pamikir maranehna mah kuat pageuh bari tohaga, tapi kumaha pamustunganana? Maranehna ancur binasa, diancurkeun ku Allah akibat lampah baha dorakana, harepan ukur fatamorgna, wangunan imah lir istana ukur jadi kuburan pikeun maranehna.”
Salaku ahli hikmah, Abu Darda salawasna ngayakeun evaluasi kana ibadahna, muhasabah diri, tazkiytun-nafs nyucikeun diri tina kokotor kahirupan, anjeunna sering maparin pepeling ka saha bae, sangkan nyinglar diri tina lampah ibadah nu semu bari palsu, ibadah nu dibarengan kasombongan, ibadah nu riya’, sabab lampah ibadah nu samodel kitu bakal ngalemahkeun iman, bakal ngalahirkeun pasifatan sombong, ngarasa diri leuwih hade batan nu sejen, sakumaha kasauran anjeunna,
“Kahadean sagede siki sasawi, hasil ibadah jalma nu taqwa, eta bakal leuwih beurat timbanganana batan ibadah segede gunung hasil ibadah jalma nu sombong, nu nipu dirina sorangan.”
Ibadah miturut Abu Darda, anjeunna sasauran, “Teangan kahadean sapanjangna anjeun hirup, Sabab Allah mibanda tiupan rohmat, nu eta tiupan teh bisa ngeuna ka sing saha bae nu di Kersakeun ku MantenNa, ulah eureun menta ka Allah sangkan nutupan aib jeung lampah jahat anjeun, sarta penta ku anjeun sangkan Allah ngaleungitkeun rasa nu matak mawa teu tingtrimna batin.”
Masih seueur nasehat Abu Darda nu pinuh ku cahaya hikmah sareng kaweningan qalbu. Seueur Ulama nu nyaurkeun, yen Abu Darda salah saurang nu ngamimitian nerapkeun konsep Tasawuf dina kahirupan. Anjeunna leuwih resep di tempat nu sepi, seueur ‘uzlah, tug dugi ka akhir hirupna, teu seueur jalma apal iraha anjeunna pupus, dimana anjeunna dikuburkeun, sabab hirupna estu wungkul pikeun Allah, ngokolakeun dagangna oge sareng karana Allah, tur wungkul Allah Nu MahaUninga kana sagala hal ngeunaan kahirupan Anjeuna.
******************
2. NYINGLAR KASUSAH REUJEUNG KASEDIH
“Ki Silah ! Katingalina anjeun teh keur nandangan kasedih, pedah eta katingal dina roman beungeut anjeun ?”
“Muhun Syaikh ! Abdi teh nuju nandangan kasusah nu pohara, manawi salira Syaikh gaduh bongbolongan kangge nyinglarna.” Walon eta jalma
“Ke, kami rek nanya heula ka anjeun ngeunaan tilu pasualan.” Saur Syaikh Ibrahim bin Adham
“Mangga Syaikh!“ Jawab si eta jalma
“Nu kahji, kami nanya ka anjeun, naha di alam dunya ieu, aya hiji perkara atawa kajadian nu teu dikersakeun ku Allah ?“ Saur Syaikh Ibrahim bin Adham ngawitan naros ka eta jalma,
“Teu aya Syaikh, da sadayana oge apan Kersa Manten-Na” Walon eta jalma
“Nu Kadua, Naha rejeki nu geus ditetepkeun dikurangan ku Allah ?” Syaikh Ibrahim bin Adham naros deui ku pasualan nu kadua kalina.
“Tangtosna oge henteu Syaikh! Mustahil Allah ngirangan rezeki nu tos ditetepkeun kangge hamba-hamba-Na.” Tembal eta jalma.
"Nu Katilu, Naha Umur anjeun nu geus ditetepkeun, naha dikurangan ku Allah ?” Syaikh Ibrahim bin Adham naros deui ku pasualan nu katilu kalina.
“Duh Syaikh ! Tangtosna oge henteu ! Mustahil Allah ngirangan yuswa nu ku Anjeun-Na parantos ditetepkeun,” Jawab eta jalma.
“Tah mun geus apal bari paham kitu mah, naha atuh anjeun bet susah jeung sedih sagala. anjeun paham bari yakin, yen sagala perkara nu lumangsung tos jadi katetepan Allah, urang mah ukur nampa, narimakeun bari ngajalankeun kana naon nu tos janten katetepan Manten-Na, komo mun dibarung ku rido kana naon nu geus jadi pamaparin Allah, pan hal ieu teh kaasup golongan jalma nu pangbeungharna," Saur Syaikh Ibrahim bin Adhambari, kadangu anjeunna neraskeun deui sasauranana,
"Terus naha make kudu hariwang kana perkara nu geus jadi takeran katetepan Allah, rejeki hamo pahili, hamo dikurangan malah mah bakal ditambahan mun seug dibarengan ku rasa syukur, sok lebah mana nu kudu jadi kahariwangna jeung kasusahna, lebah mana nu kudu jadi kasedihna.“ Saur Syaikh Ibrahim bin Adham bari neraskeun sasaurna,
"Terus ngeunaan umur, pan geus ditangtukeun itungan batesanana, hamo dikurangan, samalah mah bisa bae ditambahan itungan ku Kersa MantenNa, tah ayeuna mah tinggal kumaha carana ngamanfaatkeun eta umur malar jadi kamanfaatan keur diri urang oge sasama, pan saur Kanjeng Nabi SAW., _Khoiruman Man Thoola ‘Umruhu Wa Hasuna ‘Amaluhu_ yen paghade-hadena jalma, nyaeta nu panjang umurn bari alus amal-amalanana., terus nu kudu jadi sedihna lebah mana ?" Saur Syaikh Ibrahim bin Adham mungkas cariosanana.
Caaag.
3. IMPENAN SYAIKH ABDULLAH BIN MUBAROK R.A. "TINA REBUAN JEMA'AH HAJI UKUR SAURANG NU DITARIMA KU ALLAH"
Dihikayatkeun, nalika Abdullah bin Mubarok tutas nyampurnakeun ibadah Haji, anjeunna ngarasakeun kacapéan nepi ka kapulesan kulem, dina sajero kulemna anjeunna ngimpén, aya dua Malaikat turun ti langit, nu dua Malaikat éta guntreng ngobrol,
“Sabaraha urang ayeuna nu ditarima ibadah Hajina?” Tanya Malaikat nu hiji.
“Dina danget ayeuna mah, teu aya saurang ogé nu ditarima ibadah Hajina.” Jawab Malaikat nu hiji deui.
Ngadéngé obrolan dua Malaikat éta, Abdullah bin Mubarok ngageter, lir kapupul bayu awakna leuleus taya tangan pangawasa, reuwas lir dipapas mamaras.
Kadéngé deui dua Malaikat téh neruskeun deui obrolanana,
“Duh karunya teuing, jema’ah haji téh datang ti saban nagri, ngabélaan cul sagala, rido lumampah ngambah sagara, teu gimir mipir-mipir gawir nu lungkawing, teu mangmang mapay jungkrang nu longkéwang, teu jadi halangan najan kudu ngambah sagara pasir nu panas mentrang-mentring nuju ka tanah suci seja ibadah Haji, bari ibadah hajina ambuh teu puguh, duh karunya teuing.” Ceuk Malaikat nu awal nanya.
“Tapi aya saurang nu ditarima, nyaéta tukang sol sapatu ngarannna Ali bin Muwaffiq urang Damaskus, ngan hanjakal ayeuna teu datang ka Baétulloh, tapi najan teu datang ibadah Hajina ditarima bari dihampura sagala dosana ku Allah Ta’ala.” Walon Malaikat nu hiji deui.
Ngadéngé béja kitu, Abdullah bin Mubarok gugah tina kulemna, bari rada ngagerendeng,
“Kieu carana mah kuring kudu ka Damaskus nepungan Ali bin Muwaffiq.”
Isukna Abdullah bin Mubarok indit ka Damaskus, teu kacatur dijalanna anjeunna tos dugi ka Damaskus, terus tatanya ka saban jalma ngeunaan Ali bin Muwaffiq dimana ayana, kocapkeun jalma nu dipaluruh teu burung kapanggih. Barang tos paadu hareupan mah, "derekdek!" baé Abdullah bin Mubarok ngadongéngkeun kasangtukang pangna maluruh hoyong tepung. Tegesna, hayang ngabuktikeun ngeunaan ngimpina ka Ali bin Muwaffiq. Sakedapan Ali bin Muwaffiq ngabetem semu nu mugen nyarita. Ari ku dipaksa mah antukna éléh déét, nya Ali bin Muwaffiq nyarita,
“Salila 30 taun lilana kuring hayang indit ibadah haji, nya tina hasil ngesol sapatu téh kuring bisa ngumpulkeun duit 350 dirham, nya kuring reugreug kuat niat dina taun ieu bakal indit ka Baétulloh. Ngan dina hiji poé kabeneran pamajikan téh keur nyiram, ngambeu seungitna pasakan ti tatangga, nya kaaranan nu nyiram sok geloran, sagala hayang, kapaksa kuring ngadatangan ka éta tatangga pikeun menta saeutik pasakannana, ngan barang kuring ménta ka éta tatangga, manéhna ngadon nyegruk ceurik.”
“Pokna téh, yén geus tilu poé manéhna jeung anak-anakna teu manggih dahar, pas tadi pabeubeurang manéhna ningali sisi jalan aya kaldé nu paéh, nya ku manéhna téh dagingna dicokot sakeureut tuluy dipasak, nya éta pisan pasakanana nu kaambeu seungitna" Jep jempé sakedapan Ali Muwaffiq lir nahan ceurik, rasa ngageuri ati ku kaayaan tatanggana, laju pok deui neruskeun caritana,
"Ceuk kuring ka manéhna, ieu dahareun teu halal sabab tina bangké, ké tungguan sakeudeung, tuluy kuring indit balik ka imah, nyokot duit nu 350 dirham téa, tuluy kuring balik deui ka éta tatangga bari masrahkeun éta duit pikeun kapereluan manéhna jeung anak-anakna. Pamikir kuring ieu tatangga leuwih wajib dibantu batan kuring indit ka tanah suci”
Ngaédéngé carita kitu ti Ali bin Muwaffiq, Abdullah bin Mubarok teu lirén ngalisankeun tasbéh, bari nyarios,
“Subhaanallaah! Subhaanallaah! Subhaanallaah! Bener pisan naon nu diobrolkeun ku dua Malaikat dina impian téh, Alloh Robbul ‘Aalamiin bener-bener Maha Adil dina ngaganjar ka Hamba-hambaNa.”
Walloohu A'lam bish Showaab.
**********
4. TOBATNA SYA'WANAH (SUFI TI GOLONGAN KAUM ISTRI)
Kasebat Sya'wanah, sufi istri nu hirup sazaman sareng Fudhail bin Iyadh, sapalih katerangan nyebatkeun yén kantos Fudhail bin Iyadh sumping natamu nyuhunkeun do'a ka anjeunna.
Sya'wanah mémang teu samasyhur Rabi'ah al Adawiyah. Kasangtukang kahirupanana anjeunna sateuacan janten sufi, tara elat tiap poé indit ka tempat-tempat hiburan, tempat maksiyat.
Dina hiji mangsa anjeunna ngaliwat ka hiji tempat bareng jeung budak beuliana, di hiji jajalaneun di Bashrah, di hiji imah kadéngé sora nu tingjarerit ceurik bangun kanyenyerian, pikeun, nyacapkeun kapanasaran, anjeunna maréntahkeun budak beuliana pikeun ngilikan éta tempat, sabenerna aya naon.
Salila-lila nungguan nu diparéntah téh teu témbong balik deui, antukna anjeunna nitah deui budak beulian nu séjénna, anggeur teu datang deui, antukna nu katilu kalina anjeunna nitah deui budak beulian nu séjénna, nya nu ieu mah datang balik bari hariweswes sanduk-sanduk laporan,
"Juragan istri, jeritan éta téh sanés tangis ku akibat kapapaténan, tapi jerit tangisan jalmi-jalmi nu kebek ku rasa kaduhung inget ku hirupna pinuh dosa jeung maksiyat."
Ngadangu warta kitu, laju Sya'wanah ngadeukeutan éta imah, katingali aya hiji Syaikh nu keur maparin wejangan jeung naséhat ka jalma-jalma nu ngariung manéhna, éta Syaikh keur maparin pépéling ngeunaan siksa Allah pikeun sing saha nu baha kana sagala paréntahNa, bari éta Syaikh macakeun Qur'an surat al Furqan ayat ka 12 nepi ka 13,
"Upama naraka ningali ka maranéhna, maka maranéhna bakal ngadéngé sora amarah jeung ngaguruh sora seuneuna, jeung upama maranéhna digebruskeun ka tempat nu rupek di éta naraka dina kaayaan diborogod, tidinya maranéhna bakal tingjarerit, 'duh cilaka!'. "
Ti dinya Sya'wanah kapangaruhan eusining éta ayat, dirina ngarasakeun kanyenyerian, ras ka diri nu kebek pinuh ku dosa, anjeunna naros ka éta Syaikh,
"Yaa Syaikh! Abdi téh jalma nu hina, pasti kalebet jalmi nu kaunggel dina éta ayat, nu bakal dilebetkeun ka tempat nu rupek di éta naraka, pami abdi tobat, kinten-kinten Allah bakal ngahapunten abdi? "
"Tangtu baé bakal ditarimana, Allah Dzat Maha Lautan Hampura, sanajan dosa anjeun saloba saperti dosana Sya'wanah." Walon éta Syaikh.
"Yaa Syaikh, sya'wanah téh apan abdi pisan." Waler Sya'wanah.
"Komo kitu pasti Allah bakal ngahampura sagala dosa anjeun, asal bener bari saéstu dina tobatna." Jawab Syaikh.
Ti harita Sya'wanah mancokeun diri wungkul ibadah, budak beulianana kabéh dibébaskeun, nepi ka awakna ngajangjawing, begang teu walakaya, peuting-peutingna dibéakkeun pikeun salat jeung munajat, dibarung ku ceurik karana kaduhung ku lalampahan hirupna salila ieu, ku sabab tangisna teu saeutik jalma nu nganaha-naha nganggap bakal buta ku akibat loba teuing cuerik, malah aya ogé nu ngahina sagala, kabéh dijawab ku Sya'wanah,
"Kuring leuwih resep lolong di dunya akibat ceurik karana Allah miharep hampura tina dosa-dosa, batan jaga di akhérat lolong akibat cipratan seuneu naraka lantaran dosa-dosa."
"Saha baé diantara maranéh nu bisa ceurik kaduhung tina sagala dosa, prak ceurik, tapi mun teu bisa, maka ajénan jalma-jalma nu ceurik ku akibat kaduhung dosa-dosana, karana manéhna nu apal kana naon nu tos karandapanana."
************
5. KAROMAHNA ABU SA'ID ABUL KHAIR Q.S. BISA MERUHKEUN SINGA
Diriwayatkeun, aya hiji nonoman boga karep hayang guguru ka Syaikh Abu Sa'id Abul Khair nu kamasyhur mibanda karomah tina kawalianana. Jauh-jauh dijugjug, anggang-anggang ditéang teu tolih kudu ngambah sagara keusik nu upluk-aplak satungtung deuleu.
Hiji mangsa anjeunna nuju ngayakeun lalampahan, barang keur anteng leumpang, hawar-hawar kadéngé aya sora nu keur dzikir dipeuntaseun walungan.
Terus didédéngékeun, atra pisan bacaan dzikir téh kaluar pisan ti kaidah bacaan nu sabenerna miturut pamadegan éta Darwis,
"Ieu kudu dibenerkeun," Gerendengna, "Yaa-Huu kalah dibaca Uyaa-Hu, percuma pisan haben dibaca gé ari salah mah, moal aya manfaatna, karunya teuing, wajib dibenerkeun kaya kieu mah."
Geus kitu mah anjeunna kokotéténgan néangan parahu pikeun meuntas éta walungan, nuju ka sumber sora nu keur dzikir.
Kocapkeun parahu geus nepi ka peuntas, laju éta Darwis hanjat ka darat terus leumpang ngadeukeutan sumber sora nu dzikir, barang geus deukeut ka sampak aya hiji saung nu pinuh ku eurih dijerona aya hiji Jalma nu keur anteng Dzikir, khusyu' dibarung ku oyagna awak éta jalma nuturkeun wirahma bacaan Dzikir, éstu katingali nikmatna.
Ningali kitu, Darwis teu paduli ngaganggu nu keur ngarasakeun nikmatna Dzikir, langsung bae éta jalma téh ditoél ku Darwis, bari pok Darwis nyarita,
"Ki Silah! Hampura saacanna, kuring ngaganggu anjeun nu keur Dzikir, hampura pisan."
Dikitukeun ku Darwis, nya si éta jalma téh langsung ngeureunkeum dzikirna, bari ngalieuk ningali ka éta Darwis,
"Oh mangga, aya pikersaeun naon? " Éta jalma nanya, euweuh riuk-riuk asa diganggu keur nikmat Dzikir, tetep rengkuh ngahormat ka éta Darwis.
"Hampura éta bacaan Dzikir nu ku anjeun dibaca téh salah, lain U-Yaa-Hu tapi nu bener mah Yaa Huu, hampura nya, benerkeun bacaanana, hanas geus loba dibaca tapi salah, atuh moal aya gunana." Ceuk éta Darwis ngajelaskeun.
"Muhun haturnuhun , katampi pisan piwejang sareng pangéling-ngélingna." Walon éta jalma.
"Sok ayeuna mah teruskeun deui Dzikirna, tapi omat sing bener." Ceuk éta Darwis deui, ngawawadianan ka éta Jalma.
Réngsé kitu mah éta Darwis pamitan ninggalkeun éta jalma, laju deui numpak parahu meuntas seja ngalanjutkeun lalampahan. Bari dina haténa reueus ku diri geus ngalelempeng nu salah bacaan Dzikir,
"Mun seug apal rusiahna éta bacaan Yaa Huu mun terus haben dibaca bari khusyu', bisa-bisa napak sancang, bisa leumpang di luhur cai, ngan nyaéta kuring acan purun baé ngamalkeunana," Gerendengna éta Darwis bari terus ngawelah parahu.
Barang ditengah-tengah walungan, kadéngé deui sora jalma nu tadi Dzikir, ngan bacaanana salah deui baé, atuh Darwis téh rada kesel haté ngadéngéna.
Ngan aya nu anéh sabab éta sora Dzikir bet siga nu ngadeukeutan, panasaran dilieuk, Darwis olohok campur ta'ajub, sabab jalma nu tadi ditegor salah bacaan Dzikirna, keur leumpang di luhur cai nyampeurkeun ka Darwis nu aya dina parahu. Barang geus deukeut,
"Punten pisan, badé naroskeun bacaan dzikir nu tadi nu diucapkeun ku salira, abdi hilap deui."
Ditanya kitu éta Darwis teu langsung ngajawab, ukur olohok ngembang kadu ta'ajub ku éta kajadian, bari manahna isin, ku kalakuanana, nu masih reueus ku diri, asa pangbenerna.
Walloohu A'lam bish Showaab.
Caaag.
.png)
0 Comments