Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

SAJARAH RINGKES KABUPATEN SUBANG

Kacutat dina sajarah, nalika zaman karajaan nu budayana masih nganut kana budaya Hindu, Subang geus mibanda daya pincut nu kuat. ku sabab daya pincut kabeungharan alamna. nepi ka jadi rebutan wewengkon antara karajaan Mataram, Pajajaran, jeung Sumedang Larang. Malah nalika zaman karajaan Galuh Pakuan jeung Pajajaran, Raja Sri Baduga seja mindahkeun puseur karajaan ti Kawali (Ciamis) ka Pakuwan (Bogor), tah rute jalan nu diambahna teh ngaliwatan Cisalak jeung Sagalaherang, nu satuluyna rute eta teh katelah 'jalur padati'.

Saba'da runtagna kakawasaan Hindu Pajajaran nu satuluyna diganti ku ahli warisna nu ngamimitian ngagem ajaran agama Islam nyatana Prabu Geusan Ulun di Sumedang, maka Wangsa Ghofarana nu mangrupakeun tokoh Agama nu kacida gede pangaruhna nu ngageugeuh wewengkon Sagalaherang. Wangsa Ghofarana teh hiji sinatria nu kawitna ti Talaga nu ngagem ajaran Hindu. tuluy anjeunna milih ngulik pangarti ngeunaan ajaran agama Islam, nya neuleuman elmu agama Islam miguru ka Syaikh Sunan Gunung Djati, sakaligus ngabantu dina nyebarkeun agama Islam di tatar Pasundan. Wangsa Ghofarana kalayan dibantuan ku opat para putrana, nyaeta, Entol Wangsa Ghofarana, Wiratanudatar, Yudanagara, Cakradiparana jeung Yudamanggala. Anjeunna nyebarkeun Agama Islam nepi ka Purwakarta, Cianjur, Sukabumi, Limbangan jeung sabudeureunana.

 Dina taun 1920 wewengkon Subang pernah dikuasaan ku Mataram. Karajaan nu ngagem Ajaran Islam tuturus Kasultanan Demak ieu, nguasaan wewengkon Subang teh satutasna pangawasa Sumedang larang nu harita dicepeng kalungguhanana ku R.A. Surjadiwangsa nu nyerenkeun Subang tanpa riributan. Satuluyna Sumedang Larang teh dirobah aranna jadi Priyangan. dikuasaanana wewengkon Subang teh ngarupakeun salah sahiji bagian tina strategi Mataram nu harita dicepeng kalungguhanana ku Sultan Agung Anyokrokusumo nu seja ngalegaan kakawasaanana ka wewengkon beulah kulon, nu harita VOC geus nguasaan wewengkon Batavia.

Sultan Agung nganggap ayana bangsa-bangsa deungeun geus ngalanggar wewengkon kakawasaanana, oge dititenan geus ngaganggu kaweuteuhan kakawasaanana. turta dianggap oge geus ngaganggu kana hubungan antara Mataram jeung karajaan-karajaan sejenna. Akibat tina gorengna hubungan antara Mataram jeung VOC eta, antukna lumangsung pangperangan. Dina mangsa harita daerah Subang jeung sabudeureunana dijadikeun tempat nyokong pikeun nyiapkeun sasadiaan bebekelan dina perang eta.

 Dina mangsa nagara urang dijajah ku bangsa deungeun, pasna ping 22 Januari 1813, nu nyepeng kakawasaan harita nyaeta Gubernur Jendral Thomas Stanford Rafles, wewengkon 'pertanian' jeung 'perkebunan' Subang teh pernah dijual ka pihak swasta diantarana ka J. Sharpnell, Ph. Shelton jeung Wilem Hoffland. wewengkon kasebt katelah 'Distrik Pamanukan-Ciasem.

Salah saurang gegeden Walanda nu geus pernah jadi pangawasa 'perkebunan ditrik Pamanukan-Ciasem teh nyaeta kulawarga Petter Wilem Hoffland. manehna jeung dulur-dulurna mibanda pausahaan dina widang 'perkebunan' nu aran eta pausahaan teh 'Maatschappij te Exploitantie der Pamanukan en Tjiasem Landen atawa nu katelah P & T Land (1887 - 1919).

samemeh Wilem Hoffland jadi pangawasa Partikelir, Subang teh ngarupakeun wewengkon padusunan nu aya dikademangan Ciherang. Ku lantaran dijadikeun puseur 'Perkebunan P & T Land (1850), maka wewengkon Subang jeung sabudeureunana jadi rame ku padumukan nu kalolobaanana nyaeta tukang kuli nu asalna ti daerah Cirebon, Rajagaluh, Majalengka, Kuningan jeung daerah priyangan sabudeureunana. malahan aran Subang teh katelah miturut carita rahayat satempat, bijil ku akibat aya patula-patalina reujeung hiji wewengkon nu aya di Kuningan, nu jadi ubar tamba ka sono nalika maranehna aringet ka lembur matuh banjar karang pamidangan asal maranehna.

Dina mangsa nagara hangkeut bajoang ngarebut nagara ti leungeun bangsa deungeun, Subang teh minangka wewengkon nu mibanda niley strategis pikeun 'perjuangan kamerdekaan', dimana pasna ping 8 Maret 1942 lumangsungna perjangjian antara Jepang reujeung Walanda, ti Jepang diwakilan ku Panglima Imamura sedengkeun ti Walanda Jendral Tjarda jeung Jendral Tenn Porrten, nu katelah ieu kajadian teh nyaeta perjangjian Kalijati.

Nalika lumangsung Agresi Militer ka-2, Walanda jeung sakutuna NICA (Netherland Indies Civil Administration) badarat deui di Indonesia (29 September 1945). Kaayaan di Jakarta harita kacida harenghengna, nepi ka dina bulan Juni 1946 ka-residen-an Jakarta kapaksa dipindahkeun ka Subang, saprak Residen Swaka, Residen Kusnaeni jeung Residen Kosasih Purwanegara. Dina Bulan Juni 1947 NICA-Walanda asup ka wilayah Subang, nu kaayaan kieu teh maksa nungtut mundur pikeun para pajuang nu aya di Subang pikeun asup ka leuweung ngalakukeun gerilya deui. Ku hal ieu oge, maka pamarentahan samentara dibentuk di tempat pangungsian.

Dina ping 24 - 25 Oktober 1947 pamarentahan samentara ngayakeun gempungan darurat di kampung Cimanggu desa Cimenteng, nu dihadiran ku anggota BPD Karesidenan Jakarta (Karlan, Syafe'i, Yuda jeung Mu'min), ti Unsur kapulisianana dihadiran ku Surawidjaja, Sucipto, Harun, Absar jeung Sudarwo, nu gempungan eta ngahasilkeun:

  1. Sangkan residen ngayakeun hubungan ka Jakarta jeung Jogjakarta pikeun menta kategesan ngeunaan status pamarentah.
  2. Minangka jaminan lancarna roda pamarentahan, maka dibentuk koordinator wilayah, nu ngalimpudan:
  • Wewengkon Karawang Wetan, ngalimpudan: Subang, Pamanukan, Pagaden, Ciasem, Cisalak, Sagalaherang jeung Purwakarta nu dicepeng pangawasanana ka Karlan jeung sabatur-batur.
  • Wewengkon Karawang Kulon, di cepeng pangawasanana ka Mu'min, Sjafe'i jeung sabatur- batur.

       3. Kalungguhan Residen dicepeng ku Wakil Residen Mu'min.

Ku sabab kaayaan karesidenan Jakarta teu paruguh kaayaanana, jeung dina ping 6 Pebruari 1948 Mu'min ninggalkeun Purwakarta, maka dina ping 5 April 1948 Pingpinan Badan Pekerja Daerah (BPD) karesidenan Jakarta ngayakeun gempungan deui, kalayan ngahasilkeun sababaraha kaputusan diantarana:

  1. Wakil Residen Mu'min ditunjuk salaku Residen Jakarta nu kalungguhanana di daerah gerilya Purwakarta.
  2. Wewengkon Karawang Kulon, ditetepkeun jadi Kabupaten Karawang Kulon kalayan Bupatina Sjafe'i.
  3. Wewengkon Karawang Wetan jadi Kabupaten Karawang wetan nu Bupatina Danta Ganda Wikarma.

Ngingetkeun kana hasil gempungan ieu, maka salah sahiji poin nu dihasilkeunana nyaeta ngawujudna Kabupaten Karawang Timur nu daerahna ngalimpudan Kawedanaan Subang, Cisalak, Sagalaherang, Pagaden, Pamanukan, Ciasem jeung Purwakarta.

Ku Sabab lega jeung komposisi wewengkonna persis siga Kabupaten Subang Ayeuna dikurangan ku Purwakarta, maka pananggalan ieu (5 April 1948) nu satuluyna ditetepkeun minangka pangeling-ngeling 'Hari Jadi'-na Kabupaten Subang. nu satuluyna dina taun 1968 Kabupaten Karawang Wetan dimekarkeun jadi Kabupaten Purwakarta jeung Kabupaten Subang, sakumaha ditetepkeun dijero UUD No. 4 taun 1968, dimana wewengkon Kabupaten Subang teh ngalimpudan wewengkon urut P & T Land, nyaeta Kawedanaan Subang, Cisalak, Pagaden, Pamanukan jeung Ciasem.

Para Bupati nu parantos Ngalungguhan Kabupaten Subang dugi ka Kiwari:

  1. Danta Ganda Wikarma: (Periode 1948)
  2. Rs. Sunarya Ronggowaluyo: (Periode 1950)
  3. Rd. R.S. Hadi Pranoto: (Periode 1950-1957)
  4. R. Gandawijaya: (Periode 1957-1960)
  5. Tb. Moch. Chasan Sutawinangun: (Periode 1960-1967)
  6. R.H. Atju Syamsudin: (Periode 1967-1978)
  7. Ir. Sukanda Kartasasmita: (Periode 1978-1988)
  8. Drs. H. Oman Sachroni: (Periode 1988-1993)
  9. Drs. H. Abdul Wachyan: (Periode 1993-1998)
  10. H. Rohimat: (Periode 1998-2003)
  11. Drs. H. Eep Hidayat, M.SI. (Periode 2003-2012)
  12. H. Ojang Sohandi, S.STP., M.Si. (Periode 2013-2016)
  13. Hj, Imas Aryumningsih: (Periode 2016-2018)
  14. H. Ruhimat, S.Pd., M.Si. (Periode 2018-2023)
  15. Reynaldy Putra Andita Budi Raemi: (Periode 2025-2030)

Sumber: Dicandak tina Buku "Dinamika Pembangunan Kabupaten Subang" (Development Dynamics Of Subang Regency). Penerbit: PT Ardia Alfa Omega Perkasa, 2007.


Post a Comment

0 Comments