Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Ngawincik Makna Taqwa jeung Cara Ngahontalna (Bagian ka-1)

 I. Muqoddimah (Bubuka)

Tos jadi kasapukan para Ulama, yen sakabeh ibadah nu dilakonan nu mangrupakeun parentah Alloh tujuanana nyaeta kahontalna darajat taqwa. Sabab, ku kacangkingna kataqwaan Alloh hamo koret pikeun ngalungsurkeun Ridho-Na. da wungkul ku taqwa,jalma bisa nyegah lampah salah, wungkul ku taqwa jalma bisa meuseuh diri ngisat awak. bajoang bitotama mepes hawa nafsu, tapi ulah nepi ka musnah eta nafsu, sabab nafsu oge wajib ayana dina diri, manusa tanpa nafsu eta lir ibarat manusa ngajolor ngabanusan. jadi hawa nafsu tetep kudu aya ngan tugas urang ngagilekkeun eta hawa nafsu teh sangkan nurut ka urang, lain urang nu nurut kana hawa nafsu. tah mun seug jalma geus bisa meruhkeun hawa nafsuna maka katakwaan bakal kacangking pasti.

Mun diringkes ku basa nu basajan ngeunaan taqwa teh kieu, taqwa teh tanda bakti kumawula hiji hamba ka Gustina (nyatana Allah) ku ngaestokeun sagala parentah, ninggalkeun tina perkara nu ulah dipilampah, kalayan sadrah bari sumerah kebek ku rasa  mahabbah, nu jadi tanda micinta nu saestu, anu ieu kabeh teh hasil buah tina pepelakan iman, nu dibuktikeun ku amal perbuatan, lain aku-akuan, tapi nyata nu lain ukur carita. 

Walhasil, taqwa teh nyasar rasa nu ngalangkang dina ingetan, di tiir dina ati, mubus tembus kana kalbu, nu salawasna mapaes hate, antukna baham muka, lisan kedal ikrar "Laa Ilaaha" (Taya deui Pangeran nu wajib diibadahan) kontan balik kana ati  nu matri, nu kuat parat kana rasa, nembus ketugna jajantung, seren sumeren hirup kana sagala papasten, pasrah sumerah hirup seja sumembah, hamo lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang, hamo ngijing sila bengkok sumembah wungkul mangeran ka Dzat Nu Maha Tunggal, nyatana "Illallooh" (Taya kajaba anging Alloh)

Pamustungan nu diraeh, nyaeta huruf luntur lafadz musnah, lain huruf nu di tuju, lain lafadz nu diteang, komo lisan nu nyorakeun eta kalimah, tapi ati surti bari dipatri ku tekad diri seja nyungsi Gusti nu sahiji, Pangeran nu ngawujud mutlaq Allah 'Azza Wajalla

Nu satuluyna, kalakuan nu jadi ciri mandiri jalma taqwa diantarana, mun ti peuting sok sering nyaring pikeun eling ka Nu Murbehing, mun ti beurang kasab ikhtiyar bari tetep Taat ka Pangeran, Ati na tanghi teu weleh dzikir, istighfar jadi kalanggenan lisan, maca Qur'an geus kabiasaan, ati tigin salamina tibelat ka akherat nu numuwuhkeun lengkah nu teu kendat kana ibadah taat, tur sabar ninggalkeun ma'shiyat. wedi asih ka sugri ning nu kumelip, kanyaahna teu ngawilah-wilah, tutulung ka nu butuh, nalangan ka nu keur nandangan ka susah, ka faqir ngajaring, ka ulama ngahormat, nungtun kanu keur labuh, mere caang kanu keur poekkeun, mere tuduh jalan ka nu bodo bari ngajak sangkan bareng diajar, estu salawasna mapaes kahirupan ku ngajauhan laku adigung adiguna, ujub riya reujeung takabur. tara medal sila upama ka panah, mikaasih ka jalma nu mikangewa.

Laju kumaha atuh carana ngahonal kataqwaan? Tah cara ngahontal darajat taqwa teh loba pisan ragem jeung carana, Allah nyalira sering Dadawuh dina Kitab-Na Al-Qur'an nu Mulia, saban-saban Manten-Na nyauran ka jalma nu iman sok dituturkeun ku piwarangNa, ieu teh nandakeun yen saban-saban jalma nu ngaku iman kudu bisa ngabuktikeunana, tegesna, iman lain ukur aku-akuan wungkul kulisanna, tapi kudu dibuktikeun jeung tingkahna,

Cindekna, taqwa teh, kembang nu jadi buah tina pepelakan kaimanan, nu mangrupakeun bukti ikrar sumpah tina rasa iman. 

2. Makna Taqwa 

Asal kecap taqwa sapalih Ulama nyebatkeun dicandak tina kecap “Waqaa-Yaqii” nu ngandung harti ngajaga diri tina perkara nu ngabahayakeun. Aya oge sapalih Ulama nu nyebatkeun dicandak tina kecap ‘Waqwaa’, tuluy huruf ‘wawu’ tina awal kecap ‘waqwaa’ teh diganti ku huruf ‘ta’’, jadi weh unina ‘Taqwaa’ nu mibandan harti ati-ati, atawa waspada.

Sayyidina Umar bin Khaoththob ra. Kantos ditaros ku shohabat Ubay ra. Ngeunaan makna taqwa. Anjeunna malik naros ka Ubay ra.: 

“Naha anjeun kungsi leumpang di jajalaneun nu pinuh ku cucuk?”

“Sumuhun ..kantos Ya Amiril Mukminin“ Waler Ubay. 

“Kumaha tingkah anjeun ?”Sayyidina Umar Naros deui.

“Nya tangtosna bae jisim abdi ati-ati “waler Ubay.

“Tah ! Taqwa oge kitu”Tandes Sayyidina Umar.

Jadi, nu kudu digaris badag-an ngeunaan makna taqwa teh nyaeta, ayana kawaspadaan, ayana tingkah ati-ati dina kahirupan, henteu tunggul diparud catang dirumpak, estu asak tinimbangan, dipikir dibulak-balik dimana migawe hiji perkara. Kudu ngareret bari nyaluyukeun kana katangtuan hukum agama oge darigama dimana urang seja milampah hiji perkara. Ngarah henteu melengkung bekas nyalahan estu sapagodos rejeung kahoyong nu maparin kahirupan nyatan Allah.

Umumna mah ngamaknaan taqwa teh, nyaeta migawe sagala parentah Allah sareng nebihan sagala hal nu dilarang ku Manten-Na, (Imtitsaalu Awaamirillaahi Wajtinaabun-Nawaahih). ieu oge maksudna mah kana ka-ati-atian hirup, kana kawaspadaan keneh dina ngisi kahirupan di ieu alam dunya, dipalar ulah nepi ka nogencang, papalingpang reujeung ugeran oge aturan nu tos jadi katangtuan Allah, utamana ngeunaan parentah reujeung larangan. Sabab mun dititenan eusina agama mah ukur dua, nyaeta parentah Allah jeung panyaram Manten-Na. tuluy ditambahan ku nguningakeun jalan kaluar dina enggoning garengsekeun pasu’alan kahirupan, nepi ka kacutat sagala hal nu payus jeung kudu dipilampah oge hal nu teu payus jeung teu kudu dipilampah ku manusa, pamustungan nu jadi udagan nyeta ngahontal Ridho Allah swt

Jadi, makna taqwa teh nyaeta kawaspadaan, kaati-atian dina ngajalankeun amanat kahirupan di ieu alam dunya, dipalar diestokeun bari dilakonanana sagala parentah Allah tur dijauhanana sagala nu dilarang ku Manten-Na. sabab jalma nu hirupna ati-ati, pasti bakal ngaestokeun sagala parentah Allah, tegesna tumuwuhna kataatan nu kuat, poe-poe kahirupanana wungkul dieusian ku Ibadah ka Allah, mapaes diri ku akhlak nu pinuji, bari ati tanghi manteng salilana eling ka Allah Nu Maha Ngusik jeung Ngageuing.

Kajaba ti eta ku penting-pentingna Taqwa, Allah dugi ka marentahkeun dina Ayat-ayat-Na sangkan manusa nu geus ngaku Iman oge nu geus ngaku Islam teh jadi hamba-hamba nu taqwa, mangga titenan salah sawiosna dina Qur’an Surat An-Nisa ayat 131, nu eusina yen Allah ngawanti-wanti sangkan manusa teh taqwa, tur ieu parentah dikeunakeunana boh ka jalma-jalma nu baheula pon kitu keneh ka jalma-jalma ayeuna.

ÙˆَÙ„َÙ‚َدْ ÙˆَصَّÙŠْÙ†َا الَّذِÙŠْÙ†َ اُÙˆْتُوا الْÙƒِتٰبَ Ù…ِÙ†ْ Ù‚َبْÙ„ِÙƒُÙ…ْ ÙˆَاِÙŠَّاكُÙ…ْ اَÙ†ِ اتَّÙ‚ُوا اللّٰÙ‡َۗ 

"Kami geus ngawasiatkeun ka golongan jalma nu dipaparin kitab suci samemeh aranjeun, (oge) ka aranjeun (ayeuna) sangkan takwa ka Allah"

 (Hanca ) 

 

 

Post a Comment

0 Comments