Mimitina jisim kuring nulis iue kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah Ta’ala
nu Maha Murah di dunya ka umat-umatna sakabeh, jeung nu Maha Asih di Akherat ka
umat-umatna anu Mu’min, arirochmat-na allah Ta’ala kasalametanana turunna
panutan urang Kangjeng Nabi Muhammad SAW,jeung kapa sahabatna ,rawuh
kulawargina sakabeh.
WAJIB MA'RIPAT KA ALLAH TA’ALA
Ari ma’ripat ka Allah Ta’ala the wajib di sakabeh jalma Mukalap, tegesna di jalma nu geus akhir baleg, eta wajib teu meunang heunteu, karena aya dawuhna Kangjeng Nabi Muhammad SAW kieu
“AWAALUD-DIINNI MA’RIPATULLAAHI TA’ALA”
Sundana : “Awal-awalana agama kudu nyaho heula Ka Allah Ta’ala”
Tapi dina elmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh nyaho, tapi lain nyaho kana syarat-syarat sah batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho (MA’RIPAT) ka Allah jeung Ka Rosululloh, sabab eta teh ibarat tempat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadahna urang sarerea, ulah nepika tepuh sokna.
Ibarat lamun di dunya mah amal ibadah teh keur ngumpulkeun papaes imah, saperti
meja,korsi,lomari,jeung sajabana. Ari MA’RIPAT ka ALLAH, ibarat urang ngabogaan
imah anu pageuh anu geude nyaeta supaya eta barang-barang anu beunang hese cape
teh merenah puguh tempatna, supaya beutah geunah di cicinganana,karana sanajan
boga barang loba , sarta aralus, hargana mahal, upama teu boga tempat (imahna)
rek dimana diteundeunna? Naha rek sina pabalatak bae di buruan, di pipir atuh
di cicingannage piraku rek aya kageunahanana da meureun kapanasan, kahujanan,
keur mah teu geunah di cicinganana teh, jeung barang-barangna oge tangtu babari
ruksak moal tulus jadi kanikmatanana.
Komo deui upama urang boga tekad Amal ibadah teh keur bawaeun engke balik ka
akherat, atuh beuki wajib pisan MA’RIPATna ka ALLAH Ta’ala teh sabab tempat
pangbalikan tea.
Upama teu di kanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang engke kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maot mah geus moal tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge, sabab dina katerangan Hadist : “Upama urang lolong tegesna Teu nyaho ka ALLAH jeung ka ROSULULLOH ayeuna keur di dunya,engke oge di akheratna tetep lolong”. Samangsa- mangsa lolong tegesna poek di akherat, atuh beubeunangan urang di dunya nu meunang hese cape teh, rek di bawa kamana ?
Ku sabab teu bisa datang ka ALLAH, kana asal urang tadi sarerea,palang siang babawaan teh bakal di bawa utrak- atrok, di bawa ka enggon siluman babawaan urang di jieun kakayaan di nagarana,urang di jieun badegana, kusabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya kudu ihtiar “kudu sadia payung saacan hujan”tegesna kudu nganjang ka pageto, nya eta kudu bisa paeh samemeh paeh. Karena lamun teu bisa paeh heula sajero hirup, moal nyaho ka akherat karana nyaho ka akherat the kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge :
“ANTAL MAOTU – QOBLAL MAOTU”
Jadi gening akherat teh kudu di kanyahokeun jeung kudu di anjangan ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab deui, paeh pulatat-polotot,jeba-jebi,larak-lirik neanga jalan.
JALAN-JALANNA MA’RIPAT KA ALLAH TA’ALA
Ari jalan-jalanna Ma’ripat ka ALLAH Ta’ala eta aya dua jalan, aya nu tihandap kaluhur , oge aya nu ti luhur ka handap.
Ari nu tihandap ka luhur nyaeta anu masantren heula,ngaji kitab Qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh Ibadahna keur jalan Ma’ripat ka ALLAH Ta’ala, tapi hanjakal, kalolobaana mah tara di tepikeun kana Ma’ripatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa Ni’mat pal nunjukna (+) padahal upama di teruskeun Ma’ripat kana Dat-Sifatna ALLAH Ta’ala, piraku teu mendak kani’kmatanana da geuning karek dina Asmana wungkul geus sakitu kani’kmatanana.
Ari jalan nu tiluhur kahandap nyaeta anu nyumponan dalil tadi: “AWALU DINNI MA’RIPATULLAHI TA’ALA”, jalanna lain tina masantren wungkul, tapi kudu jeung daek ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat kalawan jeung ihtiar neangan pi Guru’eunnana, Guru anu mursid,sabab moal weruh tanpa Guru , kkusabab eta mana nu kudu ku urang di susul ? Teu aya deui lian ti Tarekatna Wali nu kudu di susul, sabab eta anu bisa tepi Ma’ripat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Johar Awal tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya leleberanana pikeun urang sarerea, sababna tadi oge pa ( + ) pal nunjuk hartina papan merk nu nuduhkeun tempat. Ra wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala.
Kusabab kitu atuh hayu urang pada tareangan ku sarerea eta Tarekat Wali teh, sabab upama teu kaburu kapanggih, tangtu urang moal bisa balik deui ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa nitis menitisan, balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak deui, moal bisa nyumponan kana dalil.
INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI’UN.
Sundana: “Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah”. Kusabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh pada – pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna ka Alam dunya, tapi kusabab eta aya dalilna kitu gancang bae ngaku yen urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sasamet biwir wungkul. Kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur – kafir karana heunteu percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti, kusabab teu karasa, kusabab eta ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang asal tadi ti Allah teh keiu kateranganana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku akal.
Mimiti urang tomarima asal ti mana? Nu kaharti jeung ku umum, urang asal teh
kaluar ti indung teruskeun papay deui kaluhurna, ari indung urang asal ti mana?
Tangtu indung urang teh kaluar ti nini, ari nini asal ti mana? Teu salah deui
asalna kaluar ti buyut, ari buyut asalna ti mana? Tangtu kaluar ti bao, ari bao
asal ti mana? Nya asalna kaluar ti janggawareng, ari Janggawareng asal ti mana?
Tangtu ti udeg – udeg, ari udeg – udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti
kakait siwur saterusna kitu bae, ti indungna deui, ti indungna deui nepi ka
Babu Hawa, ari Babu Hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk hadis, asalna Babu Hawa
teh, asal tina iga barungna Nabi Adam, ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun
ku hadis, asalna Nabi Adam teh tina aci – Bumi – seuneu – cai – angin, ari aci,
bumi, seuneu, cai, angin asal timana?diterangkeun deui kuhadis asalna tina nur
Muhammad, cahaya opat perkara:
1. Cahaya hideung hakekatna Bumi
2. Cahaya bodas hakekatna Cai
3. Cahaya koneng hakekatna Angin
4. Cahaya beureum hakekatna seuneu.
Ari Nur Muhammad asal ti mana? Eta oge diterangkeun ku hadis, asalna tina Nur Maha Suci, nyaeta tina Johar Awal, tah samet eta buntu, sabab geus diterangkeun ku hadis jeung qur’an eta Johar Awal teh bibitna tujuh bumi, tujuh langit, sarawuh eusina kabeh, jadi anu kitu tadi ceuk dalil asal ti Allah teh nyaeta asal tidinya tina Johar awal tea, sifatna caang padang nyaeta gulungna Dat jeung Sifat Maha Suci kakara jenengan asma Allah.
- Cahaya beureum jadi hakekatna lapad Alip
- Cahaya koneng jadi hakekatna lapad Lam Awal
- Cahaya bodas jadi hakekatna lapad Lam Ahir
- Cahaya hideung jadi hakekatna lapad He
- Johar awal jadi hakekatna lapad Tasjid
Kitu kateranganana, jadi eta cahaya anu kasebut diluhur teh nu disebut ismudat tea, hartina Asmana Datlaesakamislihi atawa Asmana Nu Maha Suci, ceuk nu ahli padikiran teh latifah tea tah engke teh kudu bisa balik deui kadinya, nu matak kacida wajib dikanyahokeunana ti ayeuna, geura susul tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana Dat sifatna Allah Ta’ala sing kapanggih jeung hakekatna Tasjid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi, tah eta konci Muhammad anu bakal bisa ngaburak barik hijabna ka Allah Ta’ala, upama kapanggih insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana babasan mulih ka jati, pulang ka asal, nyaeta nu mulih ka jati teh , rasa jasmani anu ayeuna keur dipake, balik deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurrullah ( Johar Awal ) ari anu pulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asal deui, nyaeta ngajadi Nur Muhammad cahaya opat rupa deui, beureum, koneng, bodas, hideung, samangsa – mangsa balik ka asal, nya ngarana sampurna, hartina beak, beresih beak rasana, beak jasmanina.
MIMITINA MUN REK NEANGAN PANGERAN
Aya dawuhan kanjeng Nabi Muhammad SAW :
Man tolabbal maolana bigaeri nafsihi faqod dalalan baida
Sundana: “Saha–saha manusa neangan pangeran kaluar tina dirina sorangan, mangka temen – temen eta dijalan kasasaran, karana dina tekadna ngarasa leuwih jauhna Allah ta’ala” padahal aya dalilna:
Wanachnu aqrobbu ilaihi min hablil warid.
Sundana: ”Aing geus teu aya antarana deui jeung maraneh sakabeh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung pribadi oge masih deukeut keneh maneh jeung Aing, anu matak manusa leuwih dimulyakeun ku Allah ta’ala” kapan ceuk hadisna oge kieu:
Walaqod karomma banio Adam
Sundana: Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam, malah aya deui dalilna:
Laqod holaqna insana fiahsani taqwim
Sundana: Manusa teh pang alus – alusna jeung pang aheng – ahengna kajadian tisasama mahlukna Allah ta’ala, geura lamun maneh geus nyaho kaayaan nu aya dina sajero diri maneh sorangan, tangtu engke ngarasa kaahenganana nu aya dina badan sorangan.
Aya deui dawuhanana kanjeng Nabi Muhammad SAW:
Man ‘aropa nafsahu faqod ‘arofa robbahu
Sundana: Saha – saha anu geus nyaho kana dirina sorangan, geus tangtu nyaho kapangeranana.
Waman ‘arofa robbahu faqod jahilan nafsahu
Sundana: Jeung saha – saha anu geus nyaho ka pangeran, tangtu ngarasa bodo dirina, karana tngtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu di daya upayakeun ku pangeran.
Sidiq ieu si jasad the jadi rokrakna, anu matak urang ngaji the ulah gaji kitab unu keuna kuruksak wungkul, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng kapan aya keteranganana:
Iqro kitabaqa kafa binafsika alyaoma ‘alaika hasiba.
Sundana : “Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng anu aya dina diri maneh sorangan”
Geura teangan qudrat-iradatna pangeran dina diri sorangan,karana leuwih nyata keresana pangeran teh dina diri sorangan jeung leuwih nyata ilmuna pangeran the dina diri sorangan,jeung leuwih nyata hirupnana Pangeran dina diri sorangan jeung leuwih nyata Tingalina Pangeran teh dina diri sorangan jeung leuwih nyata Danguna Pangeran teh dina diri sorangan sarta leuwih nyataPangandika Pangeran teh dina diri sorangan, karena ceuk dalil oge:
Wahuwa ma’akum aena kuntum.
Sundana : “Allah Ta’ala teh ngabarengan bae ka umat umat sakabeh”
Dimana bae maneh aya Aing didinya aya ,tapi sategesna ngaran di barengan ku Allah Ta’ala teh nyaeta ku qudrat-iradana jeung ku ilmuna kapan sidik dina sifat dua puluh oge eus ngarangkep-rangkep.
Saperti :
Hayat jeung Hayan
Hayat hartina hirup
Hayan hartina nu Hirup
Sama jeung Samian
Sama hartina Dangu
Samian hartina nu ngadangu
Basar jeung Basiran
Basar hartina Ningali
Basiran hartina Nu ningali
Kalam jeung Mutakaliman
Kalam hartina ngucap
Mutakaliman hartina Nu ngucap
Qudrat jeung Iradat
Qudrat hartina Kawasa
Naon nu kawasa dina diri sorangan teh?
Teaya deui lin ti hirup, buktina geuning bisa usik.
Iradat hartina keresa nyaeta buktina:
Panon bisa Ningali
Cepil bisa Ngadangu
Pangambung bisa Ngangseu
Baham bisa Nyarita
Tuh geuning bukti, sidik teu pisahna teh ayeuna mah ngan kari teangan barangna bae siga naon sifatna Qudrat atawa sifat hirup teh wajib pisan kapanggihna, supaya bisa kaharti jeung karasana ulah ceuk beja kudu yakin ku sorangan.
NERANGKEUN HARTINA IMAN JEUNG MA’RIPAT
Ari Iman the hartina Percaya
Ari Ma’ripaf hartina Nyaho
Geuning beda Iman jeung Ma’ripat teh,ana kitu atuh urang percaya ayana Allah Ta’ala teh, kudu jeung nyahona (Ma’ripat), Upama teu jeung sidikna mah Imanna Iman taklid, Jadi ngakuna percayana ayana Allah Ta’ala teh ceuk beja batur atawa meunang beja tina kitab bae, jadi anu kitu paham teh meh sarerea,Iman ka Allah teh samet percaya kana ayana bae, pedah aya dadamelannana Bumi jeung Langit, atuh ana kitu mah sumawona nu nyekelan Agama Islam, kapan nu nyekelan Agama sejen-sejen oge pada percaya kana ayana Allah Ta’ala mah atuh naon bedana Agama Islam jeung Agama-agama sejen? Pedah eta kitu, Agama Islam mah aya rukunna:
1. Syahadat
2. Shalat
3. Zakat
4. Puasa
5, Munggah Haji
Tah kitu matakna Agama Islam di sebut Agama pang luhung-luhungna ti Agama-agama sejen kapan kieu dalilna oge :
Al in sanu sirri wa’anna sirruhu.
Sundana: “Rasa Muhammad teh Nya rasa Allah, rasa Allah nya rasa Muhammad”.
Tegesna kanyaho Allah nya kanyaho Muhammad,aya deui Ceuk hadist:
Ila Haqqa billa Haqqin – Ila Haqqin Billa Haqqa
Sundana: “Muhammad teh Haq Allah, Allah haqna Muhammad”
Tah kitu anu matak Agama Islam di sebut pang luhung-luhungna teh, lantaran pang parek-parekna ka Allah Ta’ala, moal aya Allah lamun teu aya Muhammad, moal aya Muhammad lamun teu aya Allah, tegesna moal aya sipaf lamun teu aya Dzat, Moal aya Dzat lamun teu aya sipat, nu matak Kangjeng Rasulullah disebut Panguluna Rasul,jeung disebut Babuning Roch sakabeh, jadi Agama Islam pangna disebut luhur teh, nyaeta ku sabab aya Haq Ma’ripat ka Allah Ta’ala kapan bukti Kangjeng Rosululloh tiasa Mi’raj, barang kabehdieunakeun mah Kangjeng Gusti Syarif Hidayat Wali Kutub Cirebon, Mi’rajna the tiasa tepang sareng hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad SAW nyaeta anu kasebut Johar Awal tea, tegesna sipatna Maha suci, saur para Wali mah Sajatining Hirup, atawa sajatining Syahadat, nyaeta gulungna Dzat jeung sipatna Maha Suci, jadi sanajan urang oge upama kapanggih mah jeung tarekatna Wali, Insa Allah bisa tepaang sareng Hakekatna Rasulullah, samangsa-mangsa geus diaku umat Rasulullah, Insa Allah engke bakal di candak kana kasalametanana anjeunna, nyaeta kana kasucian,upama teu acan terang kalawan yakinna ka Rasulullah, boh kana Majajina, boh kana hakekatna, tetep acan sah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karana dina Rukunna sahna maca syahadat oge geus diterangkeun dina Kitab:
Kudu netepkeun heula Dzatna Allah Ta’ala.
Kudu netepkeun heula Sipatna Allah Ta’ala.
Kudu netepkeun heula Asmana Allah Ta’ala.
Kudu sidiq heula ka Rasulullah.
Tah geuning kitu sahna maca Syahadat teh, geuning kudu sidiq heula ka Rasulullah sabab kumaha bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah, upama teu acan nyaho (MA’RIPAT) kana sipat-sipatna, sabab basa netepkeun teh,kudu puguh heula barangna anu ditetepkeunnana, geuning kitu satemen-temenna maca dua kalimah syahadat teh, lain darapon nyebut bae, karana ari darapon nyebut bae mah budak lembut oge pada bisa, nu matak wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah ibarat urang maca programma Bioscop anu rame, tapi bari jeung teu lalajona, naha jadi kanikmatan ka urang? Kitu deui sanajan teu maca progam na, tapi lalajo datang kana tempatna eta bioskop, naha utama mana? Utama nu maca programna atawa utama nu lalajo?
Kitu deui dina babna Agama (Ilmu), nu ngaos atawa nu ngadangkeun kana ieu kitab, ulah ganjang teu percaya, ulah ganjang ngalain-lain, karan ieu jaman akhir, pikiran jalma geus naraek, geus teu pati hayangeun di bobodo, jalma ayeuna mah dina sagala rupa hayang karasa, hayang yakin,sing inget kana babasan kolot baheula, batu turun keusik naek, teu halangan mungguhing kawenangan Allah si kolot jadi bodo, si budak jadi pinter, jeung kudu inget mungguh ilmu Rasululloh teh, aya opat pangkat, nyaeta :
1. Ilmu Sare’at
2. Ilmu Tarekat
3. Ilmu Hakekat
4. Ilmu Ma’ripat
Dina jaman ayeuna mah kitu Ilmu Ma’ripat anu di arudag-udag teh, hayang sidiq ka Allah ka Rasulullah, da bongan aya dalilna:
Wa’bud robbaqa hatta ya’tiyakal yakin.
Sundana : “Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin, supaya sah Dzatna, Sipatna, sah Asmana, sah Af’alna.” (Hanca)
0 Comments