Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

KHUTBAH JUM'AT (FUNGSI ALAM DUNYA JEUNG AKHERAT)

الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِي أَظْهَرَ لَنَا ثَمَرَ الرَّوْضِ مِنْ كِمَامِهِ، وَأَسْبَغَ عَلَيْنَا بِفَضْلِهِ مَلَابِسَ إِنْعَامِهِ، وَبَصَّرَنَا مِنْ شَرْعِهِ بِحَلَالِهِ وَحَرَامِهِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إلَّا اللّٰهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ ذُوْ الْجَلَالِ وَالْإِكْرَامِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الْمُؤَيَّدُ بِمُعْجِزَاتِهِ الْعِظَامِ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ الْغُرِّ الْكِرَامِ. أَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ الْكَرِيْمِ، فَإِنِّي أُوْصِيكُمْ بِتَقْوَى اللَّهِ الْحَكِيْمِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ

Hadirin Rohimakumullah !

Saparantos urang nyandingkeun puji ka Alloh Robbul’ Izzaty, nyanggakeun puja ka Allah ‘Azza Wa Jalla,  dilajeng urang ngaos shalawat, mugia Rohmat sareng kawilujengan salamina ngucur ka sang panutan Kanjeng Nabi Muhammad Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam, ka kulawargina oge ka para shohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna, nu mugia bae jaga urang sadayana kengeng syafa’atul-udzma ti Anjeunna. Ammin Alloohumma Aamiin,

Hadirin Rohimakumullah !

Ieu alam dunya teh ngahaja ku Allah di damel, sanes heureuy ngadamelna tapi ngahaja Rek dipihapekeun rek dititipkeun ka manusa, supaya dibangun ku manusa, sangkan diatur ku manusa, ditaruang rejekina ku manusa.

Diwangunna ieu alam dunya keur manusa teh parantos rebuan taun, ti mimiti kanjeng Nabi Adam ‘Alaihis-Salam tug nepi ka dinten ieu, ti dinten ieu insyaalloh dugi ka dinten kiyamah nu bakal datang, moal eureun ieu jagat teh diwangun. Ngan kedah janten catetan dina manah, wireh mun seug ditafakuran, ternyata sagala rupa perkara di ieu alam dunya ti kawitan nu digarap ku urang oge nu sejen, tug dugi ka kiwari hiji oge teu aya nu anggeus, teu aya nu beres, teu aya nu tuntas. 

Keur nu iman nu ngaku Islam nu kagungan elmu teu heran, sabab alam dunya lain pikeun nganggeuskeun persoalan, tapi alam dunya mah pikeun migawe persoalan. Ku sabab kitu, sagala pasualan hirup di alam dunya lain Allah teu tiasaeun ngarengsekeun, da aturanana mah anggeus, tapi manusa nu migawena tara anggeus. Eta teh ciri khas dunya.

Hadirin Rohimakumullah !

Kumargi kitu, kaadilan jeung kaagungan Allah teh henteu rata katingali ku sadayana, terutama nu awwam mah kahalangan ku kabodoanana, antukna siga teu ningali pisan kana kaadilan Allah teh. Tah ! Pikeun ngabuktikeun ka-Agungan Allah, ngarah karaos tur katingali ku sadayana kana kaadilan Manten-Na, Allah ngadamel alam nu euweuh tungtungna nu disebut akherat. Ku hal eta pisan, ngandung harti, yen akherat ngandung dua fungsi:

Fungsi kahiji, nyaeta keur nganggeuskeun pasualan-pasualan alam dunya nu teu anggeus tea,

Fungsi nu kadua, nyaeta keur nembongkeun kaagungan jeung kaadilan Allah, ngarah kaadilan Allah, lain wungkul karasa tapi katembong ku sarerea engke di akherat.

Ku sabab kitu. lamun pasualan alam dunya anggeus. atuh naon hartina alam akherat. Tangtos urang ngagibeg disebutkeun pasualan alam dunya teu anggeus, malah saliwat mah siga ngaleungitkeun jasa manusa.

Hadirin Rohimakumullah ! Mangga urang buktoskeun !

Ceuk hukum satiap nu boga hutang wajib mayar nu berpiutang nu nganjukkeun wajib nagih.

Pertarosanana: “Naha satiap nu boga hutang mayar ?

Jawabanana: "Henteu".

Teu anggeus eta teh ngaranna. Da loba nu hutangna loba, milyaran jumlahna tapi teu kungsi mayar, pasualanana rupa-rupa. Aya nu memang manehna embung mayar jeung sajabana.

Fungsi katilu, nyaeta yen akherat tempat pikeun mempertanggungjawabkeun sagala lampah nu geus dilakukeun salila hirup di alam dunya. Mun seug laku lampah hade pasti dina maparin pertanggung jawabanna oge bakal hampang tur tereh rengse. Beda mun seug laku lampah loba nu teu hade geus pasti dina maparin pertanggung jawaban teh bakal beurat tur lila rengsena.

Hadirin Rohimakumullah !

Nilik kana dua fungsi eta, maka urang bisa nyandak hiji pamadegan nu kedah janten cecekelan. Geuningan ternyata hirup di alam dunya teh lain ukur neangan kabungah nyinglar rasa ka susah. Tapi urang diperedih pikeun tatan-tatan sasadiaan amal, keur bekel dina ngeusian kahirupan di alam nu teu aya tungtungna nya akherat tea. Dina hal pisan, agama ngawartosan ka urang ku ayat-ayat Qur'an Dawuhan Allah S.W.T., yen urang diciptakeun ku Manten-Na teh taya kajaba, wungkul pikeun ibadah. 

Tah ku ibadah ieu pisan urang bakal salamet, bari boga bekel pikeun maparin pertanggungjawaban di akherat jaga. Ibadah teh tangkal, nu bibit bahanna tina kaimanan sareng kaislaman, sabab moal ngalaksanakeun ibadah mun seug teu boga bibit-bibit kaimanan reujeung kaislaman. Sanggeus bibit-bibit eta jadi hiji tangkal ku bentuk tangkal ibadah, maka mun seug dipupuk bari digemuk ku Amal Sholeh, maka bakal nimbulkeun hiji kembang atanapi buah, tah buah tina ibadah teh nyaeta katakwaan. Nya katakwaan ieu pisan nu bakal jadi bekel nu panghade-hadena, luyu sareng Dawuhan Allah dina Q.S. Al-Baqarah ayat 197:

 

وَتَزَوَّدُوا۟ فَإِنَّ خَيْرَ ٱلزَّادِ ٱلتَّقْوَىٰ ۚ

Hartosna:“Prak anjeun bebekelan, saestuna bekel nu panghade-hadena nyaeta kataqwaan.”

Hadirin Rohimakumullah !

Hirup di alam dunya ukur sajorelat, Kanjeng Nabi SAW. ngagambarkeun kahirupan di alam dunya teh lir ibarat hiji jalma nu ngayakeun lalampahan dina hiji rombongan . Mun seug urang leha-leha euweuh giatna maka urang bakal tinggaleun ku eta rombongan. Tah dina raraga urang ngisi kahirupan teh, Alloh S.W.T. maparin pilihan ka urang dua jalan, jalan kasalametan atanapi jalan kacilakaan, oge maparin dua pilihan hirup, hirup ta'at atanapi hirup maksiyat, hirup syukur atanapi hirup kufur.

Allah S.W.T. oge maparin pilihan lampah ka urang naha rek lampah sholeh ? Naha rek lampah salah ? Nu pilihan-pilihan eta teh mangrupakeun balanjana urang kana dua dagangan Allah S.W.T, nyaeta Ridho-Na sareng Bendu-Na.

Mun seug urang milih balanja kana bebendon Allah, kantun prak! pelak tangkal maksiyat, gemuk ku laku lampah amal salah, siraman ku cai kawangkelangan, jaga rawat ku rasa ujub riya jeung takabur.

Sabalikna mun seug urang balanja kana Ridho Allah, maka geura borong eta RIdho Allah teh ku jalan urang milih jalan kahadean atanapi kasalematan, pelak lampah ta’at, gemuk ku laku amal sholeh, siraman ku cai kaimanan jaga rawat eta kata’atan teh ku kataqwaan. Malar urang meunang karidhoan manten-Na.

Hadirin Rohimakumullah ! Masing emut !

Yen dina kahirupan urang di alam dunya teh aya nu namina 2 malaikat nu disebat “Kirooman Kaatibiin," nyaeta dua Malaikat nu salilana tara istirahat nurut tumut kana parentah Allah S.W.T. pikeun nyatet sareng ngarekam laku lampah urang euweuh nu kaliwat. 

 Salian ti eta aya nu ngaranna Iblis atanapi Syetan salila 24 jam taya istirahatna ngagoda urang ngaliwatan urat geutih, bari jeung dagang kana barang-barang nu sok dibalanjaan ku urang diantarana: Males ibadah, mumusuhan, oge kalakuan nu matak ngarugikeun diri jeung sasama. 

Ku hal kitu, maka urang kudu waspada, kudu ati-ati, sabab kahirupan urang hakekatna mah mulang deui ka urang, sakumaha dawuhan Allah dina Qur’an Surat Luqman Ayat 12:

وَمَن يَشْكُرْ فَإِنَّمَا يَشْكُرُ لِنَفْسِهِۦ ۖ 

Hartosna:“Sing saha jalmana nu syukur, maka eta syukur teh pikeun dirina”

Hadirin Rohimakumullah !

Jadi, Mun seug dipikir-pikir ! kacida teu boga cedo meun seug urang sadayana salawasna nukang nonggong ka Allah swt. nu sakitu Maha Welas Maha Asihna, bari jeung naon dilakukeun ku urang teh hakekatna mah balik deui ka urang. Hade, goreng, Untung jeung rugi dina kahirupan, kabeh oge balik deui ka urang-urang keneh. Sakumaha Dawuhan Allah dina Qur'an Surat  Al-Isra ayat 7:

إِنْ أَحْسَنتُمْ أَحْسَنتُمْ لِأَنفُسِكُمْ ۖ

 

Hartosna:“Lamun maraneh kabeh ngieun kahadean, saestuna kahadean teh mulang deui pikeun maraneh, kitu keneh mun maraneh ngieun laku teu hade maka eta oge mulang deui ka maraneh”

Mugia urang sadayana kalebet golongan ahli-ahli ibadah bari istiqomah, oge golongan jalmi-jalmi nu dipaparinan kakiatan, salamina tiasa ngamanfaatkeun fungsi ieu alam dunya kalayan samistina, bari urang salawasna aya dina Panangtayungan, Rohmat sareng Ridho Allah S.W.T.

Amin Ya Allah Yaa Robbal’Alamiin.

 بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ، وَنَفَعَنِيْ وَاِيَاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ جَمِيْعَ أَعْمَالِنَا إِنَّهُ هُوَ الْحَكِيْمُ الْعَلِيْمُ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِلْمُسْلِمِيْنَ فَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

Khutbah II

اَلْحَمْدُ للهِ حَمْدًا كَمَا أَمَرَ. أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، اِلَهٌ لَمْ يَزَلْ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ وَكِيْلًا. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَحَبِيْبُهُ وَخَلِيْلُهُ، أَكْرَمُ الْأَوَّلِيْنَ وَالْأَخِرِيْنَ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اللهم صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ كَانَ لَهُمْ مِنَ التَّابِعِيْنَ، صَلَاةً دَائِمَةً بِدَوَامِ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضِيْنَ أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَذَرُوْا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ. وَحَافِظُوْا عَلَى الطَّاعَةِ وَحُضُوْرِ الْجُمْعَةِ وَالْجَمَاعَةِ وَالصَّوْمِ وَجَمِيْعِ الْمَأْمُوْرَاتِ وَالْوَاجِبَاتِ. وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ بِنَفْسِهِ. وَثَنَّى بِمَلَائِكَةِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ.

 إِنَّ اللهَ وَمَلائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيماً اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ فِيْ العَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.

 اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وِالْأَمْوَاتِ. اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَةً، اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ

 عِبَادَ اللهِ، اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِيْ الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرُكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ



 

 

Post a Comment

0 Comments