Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Manaqib Tuan Syaikh Abdul Qadir Al-Jailani QS, Sasih Rajab (Manqobah ka-11)

 

BUBUKA MANQOBAH 

Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Allah anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna. Rahmat sareng salam anu utami muga tetep ka pangafdol-afdolna Nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu'jizat, anu diutus jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana sahabat, sareng kasadayana auliyana Allah anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat. (Amma ba'du).
 

Mangka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna Sulthonul Auliya Wa Imàmil 'Ulama Assayyid 'Abdul Qodir Al-Jailani qsn, kenging metik tina kitab 'Uqùdul Lalali Fi Manaqibil Jaelì, sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid 'Abdul Qòdir. Mudah-mudahan aya mangfaatna ka sadayana dulur-dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu kagungan ieu manaqib. Mudah-mudahan kuberkahna anu kagungan ieu manaqib, Gusti Nu Maha Suci ka urang sadayana nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya akherat, dihasilkeun pamaksudan diwuwuh kasalametan. Aamiin. 

MANQOBAH KA 11 

NYARIOSKEUN NGADAMPALNA KANGJENG NABI SAW KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL QODIR QS 

Dicarioskeun ku Syekh Rosyid Bin Muhammad Al-Junaidi: 

Dina wengian mi'roj Kangjeng Nabi SAW., sumping malaikat Jibril nyandak buroq. Ari talapokna eta buroq ngagebur cara bulan. Ari paku-pakuna cara bentang. Barang disanggakeun ka Kangjeng Nabi SAW., eta buroq henteu daekeun cicing. Timbalan Kangjeng Nabi SAW.: 

"Kunaon Buroq, numatak maneh henteu daek cicing, naha maneh teh embung ditumpakan ku kaula?". 

Tuluy eta buroq unjukan. Pokna: 

"Nyawa abdi jadi tetebus taneuh gamparan Gusti. Abdi sanes henteu purun ditunggangan ku Gusti, mung abdi aya panuhun ka Gusti, nyaeta dina dinten kiamah, nalika Gusti bade lebet ka surga, ulah nunggangan nu sanes". 

Dawuhan Rosululloh SAW: 

"Heug, dikobul pamenta maneh". 

Unjukan deui eta Buroq: 

"Mugi Gusti kersa nyepengkeun panangan Gusti kana punduk abdi, supados jadi tawis dina dinten kiamah". 

Teras panangan Kangjeng Nabi dicepengkeun kana pundukna buroq. Kumargi eta buroq kalintang bingahna, dugi ka jasadna eta buroq henteu cekap pikeun wadah ruhna. Kapaksa eta buroq harita keneh ngajangkungan dugi ka 40 hasta. Tidinya Kangjeng Nabi SAW. ngadeg sakedap, wireh ningali buroq sakitu jangkungna, tawaquf kana titihan anu sanes. Tidinya teras sumping ruhna Ghoutsul A'zhom Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani QS., teras unjukan: 

"Gusti, mangga ieu punduk abdi titih ku Gusti". 

Teras Kangjeng Nabi SAW. nitih kana punduk Ghoutsul A'zhom. 

Teras Ghoutsul A'zhom ngadeg. Teras Kangjeng Nabi SAW. tunggang kana buroq, sareng ngadawuh Kangjeng Nabi: 

"Ieu dampal suku kaula nincak kana punduk maneh. Ari dampal suku maneh eta nincak kana pundukna sakabeh waliyulloh". 

DU'A MANQOBAH

Ilà Hadlroti Sulthònul AuliyÃ¥-i wa Qudwatil Ashfiyà-i Quthbir Robbaànì wal Ghoutsush Shomadàanì sayyidiì assayyid Syaikh 'Abdul Qòdir Al-Jailànì Al-Fàtihah 

Allòohhumma Sholli wa Sallim 'alaà Sayyidinaà wa Habìibìnaa wa Syafi'ìinaà wa Maulaànaà Muhammadin wa 'alaà àalihiì wa Ashaabihiì Ajma'ìina. Aàmìin.

Alloòhhumma bi Asmaà-ikal Husnaà wa bi-Asmàa-i Nabiyyikal Mushthofaà wa bi-Asmaa'i Waliyyika 'Abdul Qoòdiril Mujtabaà Thohhhir Quluùbanaà min kulli wa Shfi Yubà'idunaà 'an Musyàahadatika wa Mahabbatika wa Amitnaà 'alàs Sunnati wal Jamàa'ati wa Syarrih bihaà Shuduùronaà wa Yassir bihaà Umùuronaà wa Farij bihaà Humùumanaà wa Ksyif bihaà Ghumùumanaà wa Ghfir bihaà Dzunùbanaà wa Qdli bihaà Duyùunanaà wa Ashlih bihaà Ahwàlanaà wa Balligh bihaà åamaàlanaà wa Taqobal bihaà Taubatanaa wa Ghshil bihaà Haubatanaà wa Nshur bihaà Hujjatanaà wa J'alnaà bihaà minal Muttabi'iìna Li Syarìi'ati Nabiyyikal Muttashifìina bi Mahabbatihìl Muhtadìina bi Hadyihì wa shìroothihì wa tawaffanaà bihaà 'alaà Sunnatihiì wa Laà Tahrimnaà Fadl-la Syafaà'atihì waHsyurnaà fì Zumrotihì wa Atbaà'ihìl Ghurril Muhajjalìna wa Asy-yà'ihhis Saàbiqìna wa Ash-haàbihil Yamìini Yaå Arhamar Roòhimìina.

Al-Faatihah 

Aamiin.

 

Post a Comment

0 Comments