Syékh Ihsan Muhammad Dahlan Al-Jampisi Al- Kediri, dina kitabna: “Sirojuth-Thoolibiin, syarah Minhajul ‘Abidin Ila Jannati Robbil ‘Alamiin”, wedalan Musthafa Al-Baby Al-Halaby, Mesir, nu ngauningakeun:
وأما المعرفة فالمراد بها أن يعرف أربعة أمور : يعرف نفسه ويعرف ربه ويعرف الدنيا والأخرة, فيعرف نفسه بالعبودية والذل والإفتقار, ويعرف ربه بالسيادة والعظمة والإقتدار , ويعرف أيضا بكونه غريبا فى هذاالعالم مسافر ا منه إلى دار الأخرة
"Nu dimaksud ma’rifat téh nyaéta opat perkara: 1) Wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi; 2) Wawuh/wanoh/apal ka Alloh Ta’ala; 3) jeung nu ka 4) Wawuh/wanoh/apal ka dunya jeung akherat".
Nu dimaksud wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi téh, nyaéta ku netepkeun sifat ka-hambaan- (Ubudiyyah), nyatana ngarasa hina dipayuneun Alloh tur bari munajat bari salawasna ngarasa butuh ka Alloh Ta’ala, kalayan ku Kamulyaan-Na-na, Kaagungan-Na-na, ogé ku Kakawasaan-Na-na. Ogé
Wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi nu dimaksud didieu nyaéta ngaku bari rumasa yén diri téh asing di ieu alam dunya téh, ngan ukur jadi musafir (nu keur ngalalana) di alam dunya pikeun nuju ka alam akherat”.
Didieu oge tos jelas yeng aya opat perkata dina raraga Ma’rifat ka Alloh teh, nyaeta:
1) Wawuh/wanoh/apal ka diri pribadi;
2) Wawuh/wanoh/apal ka Alloh Ta’ala;
3) Wawuh/wanoh/apal ka dunya;
4) Wawuh/wanoh/apal ka akherat.
Tur aya katerangan din kitab ‘Ad-Durrun-Nafis’ yen “nu Hiji/tunggal aya di nu loba, nu loba aya di nu hij/tunggal” (Syuhuudul Wahdah Fil-Katsiiroti, Wa Syuhuudul-Katsiiroti Fil-wahdati) ieu hal sami sareng ucapanna Imam Al-‘Asyari (tokoh Ahlus-Sunah Wal-Jama’ah) nu ngajelaskeun yen “Wujudna (Alloh) eta nyata ayana dina nu Maujud (nu bentuk)” (Al-Wujuudu ‘Aenul Maujuud).
Anapon maksud tina Ucapan “Nu Hiji/tunggal aya di nu loba” (Syuhuudul Wahdati Fil-Katsiiroti), nyaeta taya kajaba nalika urang ningali awak urang, raga urang ti luhurna sausap rambut tepi ka handapna sahibas dampal, mulai tina panon jeung ningalna, ceuli jeung dengena, lisan jeung ucapna, irung jeung ambeuna, kulit jeung rasana, leungeun jeung keupatna, suku jeung lengkahna, jeung sajabana nu aya dina wujud urang, maka urang kudu timbul dina “Dhihin Pinasti” atawa dina pikiran nu pasti, bari urang ngayakeun tafakur kalayan imeut tur pasti pinuh konsentrasi, bakal aya pertanyaan “Ti mana datangna daya kakuatan ieu teh?” Tuluy ku urang nanya ka diri urang, jeung jawab ku diri urang, tinangtu bakal kapanggih jawabana
Yen satemenna ieu kabeh henteu bisa henteu tur pasti daya sareng kakuatan nu dilakukeun ku diri jeung memang ayana di diri urang teh, eta taya kajaba anging kakawasaan Alloh, anging wujud alloh nu maujud di diri urang. Jadi neangan pangeran ulah jauh tina wujud, ulah anggang dina raga urang. Geuningan lamun ditafakuranmah kakawasana Alloh teh ngawujud ngabukti ayana dina diri urang. Tegesna urang teh minangka bukti yen Alloh wujud, yen Alloh teh aya. Pon kitu keneh sagala makhluk nu kumelit di alam dunya eta sadayana mangrupakeun "Tapak Damel Allah", jadi bukti yen Alloh teh aya, yen Manten-Na teh wujud.
Anapon ucapan yen “Nu loba teh aya di Nu Tunggal” (Syuhuudul-Katsiiroti Fil-wahdati) nyaeta maksudna taya kajaba yen ieu sagala nu aya mangrupakeun dadamelan Manten-Na Alloh ‘Azza Wajalla, sabab moal aya loba lamun teu aya nu saeutik, saeutik didieu ngandung harti nu ngajadikeun, da samemeh aya kecap jadi Alloh-mah tos jadi, jadina ku nyalira teu aya nu ngajadikeun, jadi Alloh-mah teu ka keunaan sabab akibat. Tur ayana Alloh eta aya ku nyalira, samemeh aya kecap 'aya' Alloh-mah parantos aya. Jadi nu loba aya di nu tunggal hartosna, Alloh nu ngajadikeun nu loba tur Alloh nu nyababkeun ngajadina nu loba (nyatana Makhluk tea).
(Hanca)
wallohu A'lam
0 Comments