CARITA PANGELING-NGELING



1. PIWURUK MALAIKAT JIBRIL AS KA KANJENG NABI SAW.

Dina kitab 'Zubdatul Wa'idin, di caritakeun, parantos sasauran Jabir bin Abdullah R.A.:

Hiji mangsa Kami sasarengan sareng Rasululloh S.A.W. keur uplek kami ngobrol. Torojol teh datang hiji tangtungan lalaki nu duka ti mana datangna, beungeutna kacida kasepna, Rambutna rapi, pakeanana sarwa bodas, tuluy manehna uluk salam, rengse uluk salam tuluy manehna ngajukeun sababaraha pertanyaan, ngan aneh, sabab manehna nu nanya, manehna nu ngajawab:

"Naon nu disebut dunya ?" Ceuk manehna ngamimitan nanya.

"Dunya teh mangrupakeun impianana jalma nu sare" .Jawabna.

"Naon ari nu disebut Akherat?". Ceuk manehna nanya deui.

"Akherat teh nyaeta hiji alam nu dibagi jadi dua tempat, hiji tempat ngaranna sawarga, sedengkeun nu hiji deui ngaranna Naraka". Jawabna.

Rengse kitu Manehna teh nanya deui, "Naon nu disebut sawarga ?"

Ku Manehna di jawab : "Sawarga teh nyaeta hiji tempat minangka gaganti alam dunya pikeun nu ninggalkeunana, sabab sawarga teh minangka tempat pikeun jalma nu ngaleupaskeun haliah kadunyaan "

Tuluy manehna nanya deui, ku pertanyaan: "Naon nu disebut Naraka ?"

"Naraka nyaeta hiji patempatan minangka gaganti pikeun jalma nu anut miturut bari taluk ka dunya, jeung jalma nu lali ka temah wadi oge ka Allah”. Jawabna.

Manehna nanya deui : "Naon nu disebut kahadean.?"

"Kahadean teh nyaeta hiji lampah nu mawa kana kataatan ka Allah” . Jawabna.

"Kumaha sikep manusa ka dunya ?". Manehna nanya deui.

"Maranehna salawasna beberes siga jalma nu keur ngudag hiji rombongan nu keur ngayakeun lalampahan jauh". Jawabna.

Tuluy manehna ngajukeun deui pertanyaan:

"Sabaraha lila cicing di alam dunya ?"

"Maranehna cicing salila jalma nu katinggaleun tutumpakan (kandaraan)". Jawabna.

"Sabaraha lila lalampahan antara dunya jeung akherat?". Ceuk manehna ngajukeun deui pertanyaan nu panungtungan.

"Lir sakerejep panon". Jawabna.

Sanggeus kitu manehna indit tanpa bekas, ilang tanpa karana, taya tapak saeutik oge ayana jalma nu datang.a

Lajeng Rasulullah S.A.W. ngadawuh:

"Tah kitu jalma nu miluruh harti kalayan ngajawab ku pribadina, tuluy indit tanpa tapak ilang tanpa karana. Yeuh Jabir ! Eta teh Malaikat Jibril, inyana datang pikeun mere iber sangkan anjeun ngajauhan (tong kokomoan teuing) kana haliyah duniawiyah. tapi anjeun kudu leuwih ngadeukeutkeun diri kana lampah kaakheratan".

******************

2. TOBATNA SYAIKH ABDULLAH BIN MUBAROK RA


Syahdan, kacarioskeun Abdullah bin Mubarok anom kabungbulengan ku hiji wanoja geulis rancunit.

Pikirna ngait teu kalis ku wanci, matri nganti pujaan ati ngabagéakeun diri. Dirina kagendam rasa, nu mawa baha kana paréntah Nu MahaKawasa. Nepi ka dina hiji peuting, nu sepi jempling, teu paduli hawa tiis nu nyecep nembus ka kulit ka daging nepi ka tulang sandi,  lat poho diri nghodhod kalindih ku rasa sono nu moho nganti nu geulis témbong nepungan. Ngadadago nu rancunit nyampeurkeun nyuguhan imut ipis nu matak ati kapincut. 

Anjeunna ngadeg salami-lami handapeun jandéla imah istri nu jadi pupujaning ati, karepna ukur hayang neuteup raray nu jadi pupujaan rasa najan sajorélat. Antukna anjeunna réla ngadeg anteng salila-lila, teu karasa wanci peuting indit jeung jemplingna. Hawar-hawar sora adzan ngalanglaeu meuraykeun jemplingna peuting nu jempling nandakeun cundukna waktu shubuh.

"Koréjat! " Abdullah bin Mubarok anom sadar, samarukna adzan nu ngalanglaeu téh adzan wayah Isya. Laju anjeunna ngojéngkang indit ti éta tempat, karepna seja nohonan salat isya, ngan teu kebat anjeunna ngarandeg sakedapan, sabab wanci ngamimitian caang ku datangna sang surya nu nyaangan nandakeun datang mangsa beurang.

"Segruk!" Anjeunna nangis kanyenyerian, kaduhung nu teu manggih tungtung, bari gegerendengan dina sajero tangisna, ngomongan ka diri soangan

"Yeuh Abdullah anak Mubarok! Anjeun teu boga kaéra, sapeupeuting anjeun teu tolih ku tiisna hawa peuting, anjeun kuat nangtung teu ngarasakeun capé, lungsé, pegel kalindih ku diri nu ngagugu nurut kana hawa nafsu. Tapi anjeun loba ngeluh, ngangluh asa jadi bangbaluh mun seug nangtung pikeun mayunan Nu Maha Agung."

 Antukna saprak kajadian éta, Abdullah bin Mubarak Taubat, lir katitisan Nur Ilahi, Qalbuna mubus tembus gumulung ka Nu MahaAgung, Atina matri ka Nu MahaSuci kosong tina rasa cinta ka makhlukNa, Ibadah jadi papaés dina saban léngkah, laku taat jadi tabé'at. Ku hal ieu pisan, nganteur anjeunna janten salah saurang sufi nu kamasyhur dijamanna.

Anjeunna lahir di Merv, Persia (Iran) Taun 118 H. /738 M. Nami lengkepna Abu Abdurrahman Abdullah bin Mubarok Al Handhali Al Mawardi.

**************

3. KAAYAAN JALMA NALIKA DIPULASARA 

Nalika manusa ngaleupaskeun nyawa tina ragana, tegesna maot ngaranna, maka bakal aya sora nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh ... anak adam ! naha Anjeun ninggalkeun dunya ?, atawa naha dunya nu ninggalkeun anjeun ?"

"Yeuh ... anak adam ! naha anjeun nu ngumpulkeun dunya ?, atawa naha dunya nu ngumpulkeun anjeun ?"

"Yeuh ...anak Adam ! naha anjeun nu maténi dunya ?, atawa naha dunya nu maténi anjeun ?'

******

Sanggeus kitu, tuluy nalika manusa nu geus jadi layon tadi aya di luhur tempat pamandian rék dipandian, maka bakal kadéngé deui aya sora nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh .... anak adam ! Naon nu ngajadikeun awak anjeun ayeuna lemah taya tangan pangawasa ?"

"Yeuh ...anak Adam ! Mana lisan anjeun nu capétang, nu pinter ngaréka basa jeung carita ?..naon nu ngajadikeun lisan anjeun ayeuna ukur ngabetem sarébu basa teu bisa nyarita ?"

"Yeuh ...anak Adam ! mana pangdéngé anjeun ? naon nu ngajadikeun pangdéngé anjeun ayeuna teu bisa ngadéngé deui ?"

"Yeuh Anak Adam ! mana batur-batur anjeun nu saratia maturan anjeun?...naon nu ngajadikeun anjeun ayeuna nunggeulis sorangan cuang-cieung taya nu maturan ?"

******

Geus kitu, dina nalika manusa nu geus jadi layon tadi geus dibungkus ku boéh satutasna dipandian, maka bakal aya sora deui nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh ...anak Adam ! Bagja anjeun mun seug anjeun dibarengan ku karidho Allah, sabalikna cilaka anjeun mun seug anjeun dibarengan ku bebendon Allah "

"Yeuh ...anak Adam ! Anjeun ayeuna indit pikeun ngalakonan lalampahan nu jauh, tanpa mamawa bekel, ukur boéh nu némpél dina awak anjeun, ayeuna anjeun kaluar ti imah anjeun, nu kaluarna anjeun ti imah téh hamo aya harepan pikeun mulang deui salalawasna, tur anjeun bakal ngadatangan hiji tempat nu bakal ngahancurkeun jasad anjeun nyaéta alam kubur".

******

Bérés kitu, dina nalika manusa nu geus jadi layon tadi geus dibungkus ku boéh rek dishalatan, maka bakal kadéngé deui aya sora nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh ...anak Adam ! sagala amal nu geus dipilampah ku anjeun, ayeuna bakal katingali ku anjeun, mun seug hadé amal anjeun, maka bakal katingali hadé, sabalikna mun seug amal anjeun goréng, maka bakal katingali goréngna".

******

Réngsé dishalatan tuluy diasupkeun kana pasaran, tah nalika manusa nu geus jadi layon tadi diangkat kana pasaran pikeun digotong dibawa ka kuburan, maka bakal aya deui sora nu ngagero ti luhur langit :

"Yeuh ...anak Adam ! bagja anjeun mun seug amal-amalan anjeun hadé, bagja anjeun mun seug anjeun geus tobat tina sagala dosa, ogé bagja anjeun mun seug anjeun kagolong jalma-jalma nu taat ka Allah".

******

Barang manusa nu geus jadi layon tadi nepi ka pakuburan, tuluy dikaluarkeun tina pasaran nalika diécagkeun di biwir liang kubur, maka bakal kadéngé deui aya sora nu ngagero ti luhur langit:

"Yeuh ...anak Adam ! bekel naon nu dibawa ku anjeun tina asal anjeun jagjag belejag, ayeuna nuju ka tempat nu bakal ngabinasakeun anjeun ?".

"Yeuh ...anak Adam ! bekel naon nu dibawa ku anjeun tina asal anjeun aya dina kacukupan, ayeuna nuju kana kasusahan ?".

"Yeuh ...anak Adam ! bekel naon nu dibawa ku anjeun tina asal caang, ayeuna nuju ka tempat nu poék ?"

******

Kitu kénéh bakal aya sora nu ngagero deui ti luhur langit, nalika manusa nu geus jadi layon tadi aya dina jero kaluat::

"Yeuh ...anak adam ! Anjeun baheula seuseurian bari gogonjakan di luhur bumi Kami, ayeuna anjeun ceurik dijero beuteung bumi Kami "

"Yeuh ...anak adam ! Anjeun baheula suka bungah di luhur bumi Kami, ayeuna anjeun sedih kingkin dijero beuteung bumi Kami"

"Yeuh ...anak adam ! Anjeun baheula capétang nyarita di luhur bumi Kami, ayeuna anjeun ngabetem sarébu basa di jero beuteung bumi Kami ".

******

Réngsé dipulasara kalayan sampurna, nu satuluyna pada ninggalkeun ku harta jeung kulawargana nu nganteurkeun manéhna, maka Allah Ngadawuh:

"Yeuh ...hamba Kami ! Anjeun ayeuna ditinggalkeun nyorangan ku jalma-jalma nu dipikaasih, dipikacinta ku anjeun , anjeun ayeuna cicing di alam kubur nu kaayaanana poék mongkléng, anjeun geus laku maksiyat ka Kami ku lantaran maranéhna, tah ti samet poé ieu Kami maparin rahmat ka anjeun sarta Kami mikaasih, mikacinta ka anjeun leuwih-leuwih batan kaasihna indung ka nu jadi anak-anakna"

************

4. AMALAN PIKEUN NGALEUNGITKEUN KASUSAH 


Baca surat Al-Qadar  10 x sarengsena nyampurnakeun fardhu wudhu. 

Hal ieu dumasar kana Dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW nalika maparin washiyatna ka Sayyidinaa ‘Ali Karomallaahu Wajhah, nu kacutat dina Kitab 

“Washiyyatul Mushthafaa Shallallaahu ‘Alaihi wa Sallam Ilal-Imaami ‘Aliyyibni Abii Thaalib Karromallaahu Wajhah.”  

 Atanapi Kitab “Washiyyatul Mushthafaa Asy-Sya’rani,” Washiyat nu ka-9 dina fashal “Fil Wudhuu’I wash-Shalaati” ieu kitab anggitan Syaikh Abdul Wahab Bin Ahmad Bin Ali Bin Ahmad Bin Ali Bin Muhammad Bin Musa Al-Sya’rani Al-Anshari Asy-Syafi’i Asy-Syadzili Al-Mishri. Nu kamashur nyaeta Syaikhul Imam Asy-Sa’rani.

قَالَ النَّبِيُّ عَلَيْهِ الصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ: يَاعَلِيُّ، اِسْتَقْصِ اِسْبَاغَ الْوُضُوْءِ فَاِنَّهُ شَطْرُ اْلاِيْمَانِ، فَاِذَا تَوَضَّأْتَ فَلاَ تُسْرِفْ فِي الْمَاءِ، فَاِذَا فَرَغْتَ مِنْ طُهْرٍ فَاقْرَأْ اِنَّآاَنْزَلْنَاهُ فِيْ لَيْلَةِ الْقَدْرِ مِنْ بَعْدِ غُسْلِ الْقَدَمَيْنِ عَشْرَ مَرَّاتٍ يُفَرِّجِ اللهُ هَمَّكَ

Hartosna: Nabi Saw Ngadawuh: Yeuh Ali !Masing tetep anjeun kana usaha nyampurnakeun wudhu, sabab wudhu saparo tina iman. Nalika anjeun wudhu poma ulah kaleuleuwihi dina ngagunakeun cai, maka nalika anjeun rengse tina susuci (wudhu) maka baca ku anjeun: Innaa Anzalnaahu fii Lailatil Qadri[1] (QS. al-Qadr) sapuluh kali sarengsena anjeun ngumbah dua dampal suku, (ku ngalakukeun hal eta) Allah bakal ngaleungitkeun kasusah anjeun.”

 بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

Bismillaahir Rahmaanir rahiim

"Kalayan nyebat Asma Allah Nu Maha Welas Maha Asih"

1. اِنَّآ اَنْزَلْنٰهُ فِيْ لَيْلَةِ الْقَدْرِ

  1. Innaa anzalnaahu fii lailatil qadr

    "Saestuna Kami geus nurunkeun (Al-Quran) dina peuting nu mulya." 

2. وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِۗ

2.  Wa maa adraaka ma lailatul qadr
    "Jeung Naha anjeun nyaho, naon ari peuting nu mulya?." 

3. لَيْلَةُ الْقَدْرِ ەۙ خَيْرٌ مِّنْ اَلْفِ شَهْرٍۗ

3. Lailatul qadri khairun min alfi syahr
   "Peuting nu mulya teh, eta leuwih hade batan sarebu bulan." 

4. تَنَزَّلُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ وَالرُّوْحُ فِيْهَا بِاِذْنِ رَبِّهِمْۚ مِنْ كُلِّ اَمْرٍۛ

 

4. Tanazzalul malaaikatu warruuhu fiihaa bi`idzni rabbihim, min kulli amr
     "Dina peutingan eta turun para malaikat katut  Malaikat Jibril kalayan izin             Pangeran Maranehna (Allah) pikeun mawa timbalan."

5. سَلٰمٌۛ هِيَ حَتّٰى مَطْلَعِ الْفَجْرِ

5. Salaamun hiya hatta matla'il fajr
    "Kasalametan (peuting eta) tug dugi ka medalna balebat." 

*************************

5. PAGUNEMAN NGEUNAAN AKHLAK JEUNG ELMU


"Bah mana nu utama, antara akhlak jeung élmu?"

"Mun ditingali dina fungsina kabéhanana ogé utama."

"Terus mana nu kudu ditiheulakeun antara élmu jeung akhlak?"

"Akhlak."

"Naha Bah?"

 "Urang buka kasauran Ulama nu ngajelaskeun,نَحْـنُ إِلَى قَلِيْــلٍ مِــنَ اْلأَدَبِ أَحْوَجُ مِنَّا إِلَى كَثِيْرٍ مِنَ اْلعِلْمِ _Nahnu Ilaa Qoliilin minal Adabi, Ahwaju Minnaa Ilaa Katsiirin Minal 'Ilmi__urang leuwih ngabutuhkeun Adab atawa akhlak (sanajan) saeutik, dibanding élmu (sanajan) loba, maksudna yén adab kacida pisan pentingna dipibanda saméméh ayana élmu, sabab akhlak nu bakal nungtun élmu, béda jeung élmu can tangtu nungtun akhlak."

 "Maksudna kumaha Bah?"

"Enya, jalma nu mibanda akhlak bakal nungtun élmu nu diraéhna, dirina moal ngarasa asa pangpinterna, asa pangbisana, asa pangbenerna, sabab ku akhlak nungtun dirina sangkan tawadhu' atawa dépé-dépé handap asor, hamo sombong ku élmu nu aya dina dirina. Mémang élmu penting keur kahirupan, keur kamajuan, tapi aya nu leuwih penting nyaéta akhlak, samodél kiwari loba karusakan ku sabab élmu nu teu didadasaran akhlak, Hartina maju mundurna manusa ku adab tatakrama, matak kacida jelasna Kanjeng Nabi diutus téh apan keur nyampurnakeun akhlak manusa khususna di nagri Jazirah 'Arab, nu harita kahirupanana lir sato héwan, silih paténi, silih gunasika, parebut kakawasaan, lir di leuweung saha nu kuat nya manéhna nu kumawasa, antukna katelah wéh kaom jahiliyah, kaom nu barodo, tapi bodona lain dina haliyah élmu, tapi dina akhlak, ari élmu mah palinter da geuningan kawéntar ahli dagang, ahli ekonomi, ahli ngabangun, tapi sarombong nu jadi hanjakalna."

 "Émang aya Bah nu boga élmu teu boga akhlak?"

"Aya atuh."

 "Saha Bah?"

"Kokojona mah Iblis."

 "Émang Iblis kumaha kitu Bah?"

"Ulah salah, Iblis téh kacida pinterna, malah kungsi jadi pamingpinna para mala'ikat, tapi ku sabab teu boga adab dirina tijuralit ku kasombonganana, teu nurut kana paréntah Allah, nganggap dirina asa panghadéna, asa pangmulyana, asa pang-boga hakna pikeun jadi khalifah di alam dunya, antukna hasud, sombong, nepi ka diusirna ku Allah,"

 "Jadi utama pisan atuh akhlak téh nya Bah?"

"Bener pisan, sabab akhlak pisan nu bakal bisa nyalametkeun diri manusa tina kasarakahan, kawangkelangan, kasombongan, jeung pasifatan goréng séjénna. Adab anak ka kolot, adab murid ka guru, adab nu ngora umurna ka nu kolot umurna, adab rahayat ka pamingpinna, adab natamu, adab natangga, adab ngobrol, adab dagang, jeung adab-adab séjénna nu di alam kiwari kadang geus kurang diterapkeun dina kahirupan sapopoé."

 Caaag.

 6. PAREBUT ROTI JEUNG CAI

Syah Mohammad Gwath Syatari, nu pupus taun 1563. Nyarioskeun aya tilu urang Musafir nu sosobatan dina sajeroning lalampahan. Tiluanana suka bungah babarengan. Sagala nu karandapan disanghareupan babarengan.

Sanggeus ngayakeun lalampahan sababaraha poé, maranéhna karék sadar, bebekelan téh tinggal roti sapotong jeung cai ukur sakalieun nginum keur saurangeun.

Antukna maranéhna gétréng paséa parebut saha nu leuwih hak kana eta roti jeung cai.

Nu saurang ngusulkeun sangkan eta roti jeung cai dibagi tilu, angger baé teu sapuk.

Teu karasa waktu geus ngagayuh ka peuting. Pamustunganana tiluanana sapuk, yén sing saha nu ngimpina hadé bari ahéng dina ieu peuting, maka éta nu boga hak kana éta roti jeung cai.

Kocapkeun wayah isuk teu burung cunduk, sang surya medal nyaangan tanda datangna beurang.

Demi nu tiluan ting karuniang hudang.

“Waduh kuring ngimpi téh kacida éndahna sabab kuring ngarasakeun cicing di hiji patempatan nu kaéndahanana hamo bisa di caturkeun, pokona éndah kaliwat misti." Ceuk nu saurang ngamimitian muka obrolan ngeunaan impian tadi peuting. "Diparengkeun kuring tepung jeung hiji jalma nu Alim tur wijaksana, nyarita ka kuring, pokna téh, ‘Anjeun leuwih boga hak kana éta roti jeung cai, sabab kahirupan anjeun nu ka tukang jeung kahareup kacida hadéna, payus anjeun nyandang pangajén jeung pujian."

 "Tah mun kuring mah ngimpi, kieu." Ceuk musafir kadua. Tuluy kadéngé deui nyarita, "Kuring ningali mangsa katukang, témbong sagalana, tuluy di tingalikeun kaayaan ka hareup nu bakal karandapan, éstu matak pikabungaheun, keur kitu diparengkeun kuring tepung jeung hiji jalma nu wacis, alim bari wijaksana éta jalma téh nyarita ka kuring, pokna téh, ‘Anjeun leuwih hak kana éta roti jeung cai batan batur anjeun nu duaan, sabab anjeun leuwih onjo batan nu séjén dina pangaweruh tur leuwih sabar. Anjeun kudu cukup dahar jeung nginum, sabab anjeun ditakdirkeun pikeun jadi jalma nu nungtun ka nu labuh, nyaangan ka nu poékkeun, méré nyaho ka nu bodo, méré paham ka nu awam. ”

 Giliran musafir nu katilu nyarita, "Mun ngimpi kuring mah, kuring teu ningali nanaon, ukur ngarasakeun aya kakuatan nu kuat mawa diri kuring pikeun hudang, néang roti pikeun didahar jeung cai pikeun diinum, nya akhirna éta roti jeung cai téh diséépkeun ku kuring meni karasa nikmat pisan ngimpi téh."

Ngadenge kitu dua musafir ukur bisa ting raringeuh semu keuheul, bari ting laleos niinggalkeun.

Caaag.


Post a Comment

0 Comments