Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Muji syukur ka Allah kana saniskara ni’mat nu dipaparinkeun ka urang sadayana, nikmat Iman, ni’mat Islam, kalebet ni’mat tiasa nohonan kawajiban saminggu sakali, nyaeta salat Jum’at, oge ni’mat tiasa ngalakonan ibadah nu wajib sareng nu sunah, mugia urang sadayana dipaparinan istiqomah, bari sadaya amaliyah ibadah urang sadayana mugia aya dina panampian Allah Ta’ala. Aamiin.
Salajengna Shalawat miwah salam mugia salawasna ditamplokkeun ka jungjunan Alam, Jungjunan urang sadayana, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad SAW. ka Kulawargina, ka para Shahabat-shahabatna, tug dugi ka urang sadayana, nu mugia bae urang sadayana ditetepkeun janten golongan jalmi nu diangken umatna, nu ditambih-tambih mahabbah ka anjeunna, turta jaga kengeng syafa’atul udzma ti Anjeunna. Aamiin.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Sateuacan ngalajengkeun khutbah, khotib teu weleh-weleh wasiat khususna ka diri pribadi khotib umumna ka sadaya ahli Jum’ah, hayu urang sasarengan ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh Ta'ala. Sabab, yakin sareng tetela jalmi anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh nyaeta jalmi anu pang takwana.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Ayeuna urang sadayana lebet ka bulan nu kadua dina bulan Qomariyah, nyaeta bulan shofar. Nu sok jadi anggapan balarea yen dina bulan ieu teh, sok disebut bulan mawa apes, bulan mawa sial, ieu anggapan teh kacida pisan patukang tonggog reujeung ajaran Islam. Mun seug ngotektak sajarah, loba kajadian penting nu lumangsung dina bulan shafar, sakumaha nu kacutat dina kitab "Mandzumah Syarh al-Atsar fii maa Warada ‘an Syahri Shafar" anggitan Habib Abu Bakar al-‘Adni, yen Rasulullah SAW. seueur ngalakukeun perkara-perkara penting dina bulan Shafar, diantarana:
Nu kahiji, Nikahna Rasulullah SAW. Sareng Sayyidah Khadijah, dilaksanakeun dina bulan Shofar:
مُبْتَدِئًا زَوَاجَهُ مِنْ أُمِّنَا خَدِيْجَةَ الْكُبْرَى بِأَيَّامِ صَفَرْ وَكَانَ هَذَا قَبْلَ وَحْيِ رَبِّنَا...
“Dimimitian ku lumangsungna pernikahan Rasulullah SAW. sareng Sayyidah Khadijah al-Kubra dina poe-poe bulan Shafar, nu pernikahan eta lumangsung samemeh datangna wahyu Allah (samemeh zaman kanabian).”
Nu kadua, nikahna Sayyidah Fatimah Az-Zahra sareng Sayyidina Ali bin Abi Thalib lumangsung dina bulan Shafar
وَزَوَّجَ الزَّهْرَاءَ فِيْهِ فَرِحَا ...
“Rasulullah nikahkeun az-Zahra (Siti Fatimah) dina bulan Shafar kalayan pinuh ku kagumbiraan…”
Nu katilu, awal Hijrahna Rasulullah SAW. ti Makkah ka Madinah lumangsung dina bulan Shafar.
وَهِجْرَةُ الرَّسُوْلِ فِيْمَا ذَكَرُوا بِآخِرِ الْأَيَّامِ فِي غَارِ الْحَجَرْ
“Hijrahna Rasulullah dina akhir poe-poe (bulan Shafar) di guha al-Hajar (sakumaha para ulama nyaurkeun.”
Nu kaopat, mimitina aya perang dina Islam, nyaeta perang Abwa, lumangsung dina bulan Shafar
وَغَزْوَةُ الْأَبْوَاءِ فِيْهِ صَدَرَتْ ...
“Lumangsung mimiti Perang Abwa di bulan Shafar...”
Nu kalima, Khaibar jadi patalukan dina taun ka-7 Hijriyah, lumangsung dina bulan Shafar
Nu kagenep, Rasulullah SAW. ngutus Usamah bin Zaid ka pimpinan prajurit Rum dina taun ka-11 Hijriah, lumangsung dina bulan Shafar.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Kasangtukang disebut bulan Shafar, dumasar kana kasauran Ibnu Mandzur dina kitabna "Lisânul ‘Arab" pedalan Darul-Shaadir, Beirut, juz ka-4, dina kaca 460:
لِإِصْفَارِ مَكَّةَ مِنْ أَهْلِهَا إِذَا سَافَرُوا
“Ku sabab suwungna Makkah ti pendudukna, nalika maranehna mamangkatan.”
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Dina Islam henteu aya bulan nu ngadatangkeun bahaya, teu aya bulan nu ngadatangkeun apes, teu aya bulan nu ngadatangkeun kasialan. Sabab, sagala nu lumangsung di ieu alam dunya, sadayana tos jadi katangtuan Allah, tos ditetepkeun ku Anjeunna di Lauhil Mahfudz, lain karana datangna hiji poe, minggu atawa bulan, sakumaha Dawuhan Allah dina Qur’an Surat al-Hadid ayat 22:
مَا أَصَابَ مِنْ مُصِيبَةٍ فِي الْأَرْضِ وَلا فِي أَنْفُسِكُمْ إِلَّا فِي كِتَابٍ مِنْ قَبْلِ أَنْ نَبْرَأَهَا إِنَّ ذَلِكَ عَلَى اللَّهِ يَسِيرٌ
Hartina, “Henteu tumiba hiji bahaya (mushibah), di bumi pon kitu deui nu ngeuna ka diri maraneh, anging kabeh oge geus aya katetepan, geus jadi titiis tulis kacutat dina kitab (Lauhil Mahfudz) samemeh Kami (Allah) ngajadikenana, anu kitu teh, kabeh oge gampang mungguh Allah.”
Dawuhan Allah dina ayat ieu ngajelaskeun, yen sagala musibah, ujian jeung naon wae rupana kaayaan nu karandapan, lain karana datangna hiji bulan nu tangtu, kaasup bulan shafar. Kabeh oge tos jadi katetepan Allah, nu dicatet di Lauhil Mahfudz. Ku hal ieu pisan, mun seug aya keneh anggapaan, yen hiji bulan ngadatangkeun sial, apes, bahaya, maka anggapan ieu kacida salahna, kaasup patukang tonggong reujeung ajaran agama Islam. Hal ieu luyu sareng Dawuhan kanjeng Nab SAW. dina Hadisna nu diriwayatkeun ku Imam Bukhari:
لَا عَدْوَى وَلاَ طِيَرَةَ وَلا هَامَةَ وَلاَ صَفَرَ وَفِرَّ مِنَ الْمَجْذُومِ كَمَا تَفِرُّ مِنَ الأسَدِ
Hartina, “Teu aya panyakit/wabah (nu sumebar tanpa Kersaning Allah) teu aya ramalan, teu aya manuk (alat ngaramal) tur teu aya kasialan dina bulan shafar. Singkahan ku maraneh jalma nu katerap panyakit kusta, sakumaha maraneh nyingkah (lumpat) tina udagan singa.”
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Tuluy kudu kumaha atuh carana urang sadayana nyinglar anggapan, yen bulan Shafar teh bulan nu mawa apes, bulan nu mawa sial? Jawabanana, ku cara urang sadayana nyibukkeun diri ngeusian ieu bulan Shafar ku tarekah ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan, ku ngayakeun usaha ningkatkeun kualitas ibadah urang, boh nu wajib pon kitu deui nu sunah. Sabab, satiap zaman, bulan jeung waktu nu keur dilakonan, mun seug dieusian ku kataatan, maka eta zaman, eta bulan, eta waktu bakal jadi berkah, kaasup bulan ayeuna bulan Shafar. Sakumaha kasauran Imam Ibnu Rajab dina kitabna "Latha’iful Ma’arif Fiima li Mawasimil ‘Am minal Wazha’if":
فَكُلُّ زَمَانٍ شَغَلَهُ المُؤْمِنَ بِطَاعَةِ الله فَهُوَ زَمَانٌ مُبَارَكٌ عَلَيْهِ وَكُلُّ زَمَانٍ شَغَلَهُ العَبْدَ بِمَعْصِيَةِ الله فَهُوَ مَشْؤُمٌ عَلَيْهِ
Hartina: “Maka, satiap zaman nu nyibukkeun jalma Mu’min tina ngalakukeun kataatan ka Allah, maka zaman eta kaasup zaman nu di berkahan pikeun nu ngeusian eta zaman. (Sabalikna) satiap zaman nu nyibukkeun manusia dina kama’siyatan ka Allah, maka zaman eta kaasup zaman sial, zaman apes (teu diberkahan) pikeun nu ngeusian eta zaman.”
Jadi jelas, yen hiji bulan disebut apes, lain ku datangna eta bulan, tapi gumantung ka nu ngeeusian eta bulan. Mun hiji bulan dieusian ku kataatan, maka bulan naon bae oge bakal ngadatangkeun kaberkahan. Tapi mun seug hiji bulan dieusian ku kama’siyatan, dieusian ku kadorakaan, ieu pisan nu disebut bulan nu ngadatangkeun apes, ngajauhkeun tina berkah Allah Ta’ala, sabab nu ngeusianana milampah hal nu matak Allah bendu.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Ku hal eta pisan, dina kasempetan ayeuna, mumpung urang masih dipaparinan panjang umur, mangga urang eusian bulan Shafar ieu, ku kataataan, ku ningkatkeun lampah ibadah, jauhan lampah nu salah, ngahangkeutkeun lampah taat, jauhan lampah ma’shiyat, sampurnakeun laku ibadah ku cara ngawekelan diri neuleuman elmuna, ulah eureun ngaji, ulah kedul diajar elmu agama, sabab eta pisan nu bakal jadi obor kana ngudag sampurnana sarat jeung rukun ibadah.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah nu dimulyakeun ku Allah !
Sakitu, khutbah Jum’at nu tiasa didugikeun, mugia janten kamanfa’atan, boh ka diri sim kuring oge ka sadaya jama’ah. Hapunten bilih aya kalepatan. Dipungkas ku du’a, mugia urang salawasna ditangtayungan ku Allah Ta’ala, di paparinan pitulung jadi istiqomah dina ibadah, dipaparinan rejeki nu halal bari barokah, di paparinan rundayan turunan nu soleh jeung solehah, bari dina panungtungan hirup urang sadayana aya dina husnul khotimah. Aamiin yaa Robbal ‘Aalamiin.
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ. بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِيْ هَذَا الْيَوْمِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَاِيَاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الصَّلَاةِ وَالصَّدَقَةِ وَتِلَاوَةِ الْقُرْاَنِ وَجَمِيْعِ الطَّاعَاتِ، وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ جَمِيْعَ أَعْمَالِنَا إِنَّهُ هُوَ الْحَكِيْمُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ، اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلهِ حَمْدًا كَمَا أَمَرَ. أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، اِلَهٌ لَمْ يَزَلْ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ وَكِيْلًا. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَحَبِيْبُهُ وَخَلِيْلُهُ، أَكْرَمِ الْأَوَّلِيْنَ وَالْأَخِرِيْنَ، اَلْمَبْعُوْثِ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اللهم صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ كَانَ لَهُمْ مِنَ التَّابِعِيْنَ، صَلَاةً دَائِمَةً بِدَوَامِ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضِيْنَ أَمَّا بَعْدُ:
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَذَرُوْا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ. وَحَافِظُوْا عَلَى الطَّاعَةِ وَحُضُوْرِ الْجُمْعَةِ وَالْجَمَاعَةِ وَالصَّوْمِ وَجَمِيْعِ الْمَأْمُوْرَاتِ وَالْوَاجِبَاتِ. وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ بِنَفْسِهِ. وَثَنَى بِمَلَائِكَةِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ.
إِنَّ اللَّهَ وَمَلائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيماً اللهم صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ فِيْ العَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اللهم اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وِالْأَمْوَاتِ. اللهم ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَةً، اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ عِبَادَ اللهِ، اِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِيْ الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرُكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
0 Comments