- Kaifiyat Sholat Sunat Lidaf’il Bala
Sholat Sunat Lidaf’il Bala' dilaksanakeun tiap poe Rebo akhir bulan Shafar, sakumaha nu tos biasa di laksanakeun ku Pangersa Guru Mursyid TQN Pontren Suryalaya. Tegesna, Pangersa Syaikh K.H. Abdulloh Mubarok bin Noor Muhammad ra. sareng Pangersa Syaikh K.H. Ahmad Shohibulwafa Tajul ‘Arifin ra.
Malihan mah Aranjeunna rutin istiqomah ngalaksankeunana teh tiap enjing sarengsena ngadegkeun Sholat Isyroq, Isti’adzah sareng Istikhoroh, disunahkeun berjama'ah.
Anapon jumlah rakaatna 2 rakaat sakali salam, Tapi nu kacutat dina kitab Jawahirul Khomsi kaca 51-52. jumlah rakaatna 4 rakaat 2 kali salam.
1. Niat Salat Lidaf'il Bala' :
أُصَلّى سُنَّةً لِدَفْعِ الْبَلَاءِرَكْعَتَيْنِ للهِ تَعَالَى
"Niat abdi salat sunah lidaf'il bala' dua rakaat karana Allah Ta'aalaa"
2. Tiap rakaat saba’da maca fatihah dianjurkeun maca :
- Surat Al Kautsar 17 Kali
- Surat Al Ikhlas 5 Kali
- Surat Al Falaq sareng An-Nas masing-masing cukup dibaca sakali
3. Danjurkeun samemeh ngaaksanakeun salat lidaf'il bala' dianjurkeun maca istighfar :
أَسْتَغْفِرُ الله الْعَطِيْمَ الَّذِى لَآإِلَهَ إِلَّاهُوَالْحَيُّ الْقَيُّوْمُ,وَأَتُوْبُ إِلَيْهِ تَوْبَةً عَبْدِظَالِمٍ لَايَمِلِكُ لِنَفْسِهِ, ضَرًّاوَّلَانَفْعًاوَّلَامَوْتًاوَلَاحَيَاتًاوَّ لَانُشُورًا
"Abdi neda panghampura, ka Gusti Alloh nu Agung, ka Gusti Alloh nu Agung. Teu aya deui Pangeran, anging Alloh, anging Alloh, anu hurip anu jumeneng ku Anjeun. Abdi tobat ka Pangeran, abdi tobat ka Pangeran, saperti abdi nganiaya. Teu ngamilik diri abdina pribadi. Teu ngamilik madorotna, teu ngamilik manfaatna. Teu ngamilik kana maotna, teu ngamilik kana hirupna, teu ngamilik pigelarna."
4. Do’a sarengsena salat Lidaf’il Bala' :
بِسْمِ اللهِ الرَّحِمَنِ الرَّحِيْمِ. يَاشَدِيْدَالْقُوَى وَيَاشَدِيْدَالْمِحَالِ. اللَّهُمَّ إِنِّى اَعُوْذُبِكَ بِكَلِمَاتِكَ التَّامَّاتِ كُلِّهَامِنَ الرِّيْحِ الْأَحْمَرِوَمِنَ الدَّءِالْأَكْبَرِ فِيْ نَفْسِ وَالدَّمِ وَاللَّحْمِ وَالْعُظْمِ وَالْجُلُوْدِوَالْعُرُوْقِ سُبْحَانَكَ إِذَاقَضَيْتَ أَمْرًاأَنْ يَقُوْلَ لَهُ كُنْ فَيَكُوْنَ. اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُ اللهُ أَكْبَرُبِرَحِمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
0 Comments