PANGAJARAN BASA SUNDA

PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Undak Usuk Basa Sunda 

Undak usuk basa atawa bisa oge disebut tatakrama basa Sunda nyaeta mangrupakeun hiji ragam basa Sunda anu miboga aturan dina enggoning ngagunakeun basa sapopoe luyu jeung aturan anu lumangsung di masyarakat. Maksud anu tangtu ngagunakeun undak usuk basa taya lian sangkan bisa silih ajenan dina lumangsungna wangkongan, saha nu diajak ngawangkong, oge eusi wangkongan. Garis badag dina undak-usuk Basa Sunda dibagi kana tilu bagian :

Basa Loma

Basa Loma biasana dilarapkeun  nalika nyarita ka saumuran, ka babaturan anu geus wawuh, bisa oge ka sahandapeun, boh umur atawa status. Basa loma henteu kaasup kasar oge henteu kaasup basa lemes, kaasupa basa sedeng.

Basa Lemes

Basa lemes, atawa sopan biasa dilarapkeun ka saluhureun boh umur, pangkat jeung jabatan, kanu kakara wawuh, oge dina riungan formal, ajen-inajen komunikasi atawa wangkongan urang sunda teu cukup ukur nyarita sopan wungkul tapi kudu dibarengan jeung tatakrama nyarita nyaeta lentong, pasemon, jeung rengkuh. Karakter urang Sunda kakoncara someah hade kasemah sabab dimana nyarita di sagigireun make basa anu lemes atawa sopan oge make tatakrama nyarita

Basa Kasar

Basa kasar atawa garihal biasa dilarapkeun ka sato, jalma nu keur pasea, atawa nu keur ambek.

 - Undak usuk basa Sunda keur sapopoe:

No.

Indonesia

Sunda Kasar

Sunda Lemes
(keur sorangan)

Sunda Lemes
 (keur batur)

1.

Makan

Dahar

Neda

Tuang

2.

Datang

Datang

Dongkap

Sumping

3.

Pulang

Balik

Wangsul

Mulih

4.

Pergi

Indit

Mios

Angkat

5.

Menurut

Ceuk

Sanggem

Saur

6.

Rumah

Imah

Rorompok

Bumi

7.

Membawa

Bawa

Bantun

Candak

8.

Tidur

Sare

Mondok

Kulem

9.

Nama

Ngaran

Wasta

Jenengan

Conto Kalimatna:


Sunda kasar : Kuring  dahar jeung tempe (Saya makan dengan tempe)
Sunda Lemes (keur sorangan) : Abdi neda tempe  (Saya makan tempe)
Sunda Lemes keur batur) : Pun bapa nuju tuang tempe (Bapak saya sedang makan tempe)

 - Undak usuk basa Sunda keur kulawarga:

No

Indonesia

Sunda Kasar

Sunda Lemes

1.

Anak ku

Anak kuring

Pun anak

2.

Ibu ku

Indung kuring

Pun biang

3.

Bapak ku

Bapa kuring

Pun bapa

4.

Kakak ku

Lanceuk kuring

Pun lanceuk

5.

Adek ku

Adi kuring

Pun adi

6.

Paman ku

Emang kuring

Pun paman

7.

Bibi ku

Bibi kuring

Pun bibi

8.

Keponakan ku

Alo kuring

Pun alo

9.

Nenek ku

Nini kuking

Pun nini

10.

Kakek ku

Aki kuring

Pun aki

11.

Cucu ku

Incu kuring

Pun alo

12.

Anak mu

Anak anjeun

Tuang putra

13.

Ibu mu

Indung anjeun

Tuang ibu

14.

Bapak mu

Bapa anjeun

Tuang rama

15.

Kakak mu

Lanceuk anjeun

Tuang raka

16.

Adek mu

Adi anjeun

Tuang rai

17.

Paman mu

Emang anjeun

Tuang rama

18.

Bibi mu

Bibi anjeun

Tuang ibu

19.

Keponakan mu

Alo anjeun

Tuang putra

20.

Nenek mu

Nini anjeun

Tuang eyang

21.

Kakek mu

Aki anjeun

Tuang eyang

22.

Cucu mu

Incu anjeun

Tuang putu

Conto Kalimatna: 

  • Sunda kasar : Alhamdulillah anak  kuring mah ges jadi PNS (Alhamdulillah anak saya sekarang sudah menjadi PNS)
  • Sunda lemes (keur sorangan) :  Alhamdulillah pun anak ayena mah tos janten PNS (Alhamdulillah anak saya sekarang sudah menjadi PNS)
  • Sunda lemes (keur batur) : Tuang putrana Mang Ujang ayenamah ges jadi PNS   (anaknya  mang Ahmad sekarang sudah menjadi PNS)   

Undak usuk basa Sunda nu leuwih lengkepna di handap ieu:

Basa Loma

Basa Lemes

(Keur ka sorangan)

Basa Lemes
(Keur ka batur)

Abus, asup

Lebet

Lebet

Acan, tacan, encan

Teu acan

Teu acan

Adi

Adi

Rai, rayi

Ajang, keur, pikeun

Kanggo

Haturan

Ajar

Ajar

Wulang, wuruk

Aji, ngaji

Ngaji

Ngaos

Akang

Akang

Engkang

Aki

Pun aki

Tuang Eyang

Aku, ngaku

Aku, ngaku

Angken, ngangken

Alo

Pun alo

Kapiputra

Alus

Sae

Sae

Ambeh, supaya, sangkan

Supados

Supados

Ambek

Ambek

Bendu

Ambe, ngambeu

Ngambeu

Ngambung

Amit, amitam

Permios

Permios

Anggel

Bantal

Bantal, kajang mastaka

Anggeus, enggeus

Rengse

Parantos

Anjang, nganjang

Ngadeuheus

Natamu

Anteur, nganteur

Jajap, ngajajapkeun

Nyarengan

Anti, dago, ngadagoan,

Ngantosan

Ngantosan

Arek

Bade, seja

Bade, seja

Ari

Dupi

Dupi

Asa, rarasaan

Raraosan

Raraosan

Asal

Kawit

Kawit

Aso, ngaso

Ngaso

Leleson

Atawa

Atanapi

Atanapi

Atoh, bungah

Bingah

Bingah

Awak

Awak

Salira

Awewe

Awewe

Istri

Babari, gampang

Gampil

Gampil

Baca

Aos

Aos

Badami

Badanten

Badanten

Bae, keun bae

Sawios, teu sawios

Sawios, teu sawios

Bagea

Bagea

Haturan

Baheula

Kapungkur

Kapungkur

Baju

Baju

Raksukan, anggoan

Bakti

Baktos

Baktos

Balik, mulang

Wangsul

Mulih

Balur

Balur

Lulur

Bangga

Sesah

Sesah

Bapa

Pun Bapa

Tuang Rama

Bareng, reujeung

Sareng

Sareng

Bareto

Kapungkur

Kapungkur

Batuk

Bantuk

Gohgoy

Batur

Babaturan

Rerencangan

Bawa

Bantun

Candak

Beak

Seep

Seep

Beda

Benten

Benten

Beja

Wawartos

Wawartos

Bener, enya

Leres

Leres

Bengek, mengi

Asma

Ampeg

Bere, mere

Maparin, masihan

Ngahaturaan, ngaleler

Berekah

Pangesto, pangestu

Damang, wilujeng

Beuki

Beuki, seneng

Sedep

Beulah

Palih

Palih

Beuli, meuli

Meser

Ngagaleuh

Beunang

Kenging

Kenging

Beungeut

Beungeut

Pameunteu, raray

Beurang

Siang

Siang

Beurat

Abot

Abot

Beuteung

Padaharan

Patuangan, lambut

Bibi

Pun bibi

Tuang bibi

Bikeun, mikeun

Maparinkeun

Ngahaturkeun,

nyanggakeun

Bilang, milang

Ngetang

Ngetang

Birit, bujur

Birit, bujur

Imbit

Bisa

Tiasa

Tiasa

Bisi

Bilih

Bilih

Biwir

Biwir

Lambey

Boa

Tiasa jadi

Tiasa jadi

Boga

Gaduh

Kagungan

Buang, ngising

Miceun

Kabeuratan

Budak

Budak

Murangkalih

Bujal

Bujal, puser

Udel

Buka puasa

Buka

Bobor

Bukti

Buktos

Buktos

Bulan

Sasih

Sasih

Bungah, gumbira

Bingah

Bingah

Burit

Sonten

Sonten

Buru

Bujeng

Bujeng

Butuh

Perlu

Peryogi

Cabak, nyabak

Nyabak

Cepeng

Cageur

Pangesto, pangestu

Damang

Calana

Calana

Lancingan

Cangkeng

Cangkeng

Angkeng

Caram, carek, nyarek

Nyarek

Ngawagel

Carang, langka

Awis

Awis

Carek, nyarekan

Nyarekan

Nyeuseul

Carita, nyarita, ngomong

Nyanggem

Nyarios

Cenah

Cenah

Saurna

Cekel, nyekel

Nyekel

Nyepeng

Celuk,nyeluk,gero,ngageroan

Nyauran

Ngagentraan

Ceuli

Ceuli

Cepil

Ceurik

Ceurik

Nangis

Cicing

Matuh

Calik, linggih

Ciduh

Ciduh

Ludah

Cik, cing

Cobi

Cobi

Cikal

Cikal

Putra pangageungna

Ciling, pacilingan

Kakus

Jamban

Ciri

Tanda

Tawis

Cium, nyieum

Nyieum

Ngambung

Cokot, nyokot

Ngabantun

Nyandak

Cukup, mahi

Cekap

Cekap

Cukur, dicukur

Dicukur

Diparas

Cunduk, dating

Dongkap

Sumping, rawuh

Daek

Daek, purun

Kersa

Dagang

Dagang

Icalan

Dahar

Neda

Tuang

Dangdan

Dangdan

Dangdos

Dapur

Dapur

Pawon

Denge, ngadenge

Nguping, mireng

Ngadangu

Deukeut

Caket

Caket

Didik, ngadidik

Ngatik

Miwuruk,mitutur,miwejang

Diri

Diri

Salira

Diuk

Diuk

Calik, linggih

Duga, kaduga

Kaduga

Kiat

Duit

Artos

Artos

Dumeh, lantaran

Jalaran

Ku margi

Eling, inget

Emut

Emut

Emboh, tambah

Tambih

Tambih

Era

Isin

Lingsem

Embung

Alim

Teu kersa

Enggon

Pamondokan

Pangkuleman

Eukeur, keur

Nuju

Nuju

Eusi, ngeusian

Ngalebetan

Ngalebetan

Euweuh

Teu aya

Teu aya

Gancang

Enggal

Enggal

Ganti

Ganti

Gentos

Gardeng, reregan

Gardeng

Lalangse

Gawe

Gawe

Damel

Gede

Gede

Ageung

Gelung

Gelung

Sanggul

Genah, ngeunah

Raos

Raos

Gering

Udur

Teu damang

Getol

Getol

Kersaan

Geulang

Geulang

Pinggel

Geura, pek, heg

Geura, mangga

Mangga

Geuwat

Enggal

Enggal

Gigir, gigireun

Gigireun

Gedengeun

Gimir

Gimir

Rentag manah

Gogoda, cocoba

Cocoba

Cocobi

Goreng

Goreng

Awon

Gugu, ngagugu

Nurut

Tumut

Haben

Haben

Teras-terasan

Hadir, ngahadiran

Nungkulan

Ngaluuhan

Hal, perkara

Perkawis

Perkawis

Halis

Halis

Kening

Hampura, maap

Hapunten

Hapunten, haksama

Hareup

Payun

Payun

Harga

Harga

Pangaos

Harti

Hartos

Hartos

Hate

Hate

Manah

Hawatir,watir,karunya

Watir

Hawatos

Hayang

Hoyong

Palay

Helok

Heran

Hemeng

Hese, susah, pelik

Sesah

Sesah

Heuay

Heuay

Angob

Heubeul, lawas

Heubeul

Lami

Heug, seug

Mangga

Mangga

Hili, tukeur

Liron

Gentos

Hirup

Hirup

Jumeneng

Hudang

Hudang

Gugah

Huntu

Huntu

Waos

Hutang

Hutang

Sambetan

Iber, beja, warta

Wartos

Wartos

Idin

Widi

Widi

Igel

Igel

Ibing

Iket

Totopong

Udeng

Ilik, ngilikan

Ningalan

Ningalan

Ilu, ngilu

Ngiring

Ngiring

Imah

Rorompok

Bumi

Impi, ngimpi

Impen, ngimpen

Impen, ngimpen

Imut

Imut

Mesem

Incu

Pun incu

Tuang putu

Indit, miang

Mios

Angkat, jengkar

Indung

Pun biang

Tuang ibu

Inggis, risi

Inggis, risi

Rempan

Injeum, nginjeum

Nambut

Nambut

Inum, nginum

Leueut, ngaleueut

Leueut, ngaleueut

Irung

Irung

Pangambung

Isuk, isukan

Enjing

Enjing

Itung

Itung

Etang

Iwal, kajaba

Kajaba

Kajabi

Jaga

Jaga

Jagi

Jalma, jelema

Jalmi

Jalmi

Jauh

Tebih

Tebih

Jawab

Walon

Waler

Jero

Lebet

Lebet

Jeung

Sareng

Sareng

Jiga

Jiga

Sapertos,sakarupi

Jual

Ical

Ical

Jugjug

Bujeng

Bujeng

Juru, ngajuru

Ngalahirkeun

Babar

Kabeh, kabehanana

Sadayana

Sadayana

Kabur, minggat

Minggat

Lolos

Kacida, naker

Kalintang

Kalintang, teu kinten

Kajeun, keun bae

Sawios

Sawios

Kakara, karek

Nembe

Nembe

Karembong

Kekemben

Kekemben

Kari, tinggal

Kantun

Kantun

Kasakit, nyeri

Kasakit, kanyeri

Kasawat

Katara, kaciri

Katawis

Katawis

Kapalang, kagok

Kapambeng

Kapambeng

Kawas

Sapertos

Sapertos

Kawin

Nikah, jatukrami

Jatukrami,rendengan

Kede

Kenca

Kiwa

Kejo, sangu

Sangu

Sangu

Kelek

Kelek

Ingkab

Kesang

Karinget

Karinget

Keur, pikeun

Kanggo

Kanggo, haturan

Kiih

Kahampangan

Kahampangan

Kolot

Kolot

Sepuh

Kongkorong

Kangkalung

Kangkalung

Kop, pek

Mangga

Mangga

Kuat

Kiat

Kiat

Kudu

Kedah

Kedah

Kumbah

Kumbah

Wasuh

Kumis

Kumis

Rumbah

Kumpul

Kempel

Kempel

Kungsi

Kantos

Kantos

Kurang

Kirang

Kirang

Kuring, sim kuring

Abdi, sim abdi

Sim abdi

Labuh

Labuh

Geubis

Lahun, ngalahun

Ngalahun

Mangkon

Lain

Sanes

Sanes

Laju

Lajeng

Lajeng

Laki, lalaki

Lalaki

Pameget

Laku, payu, laris

Pajeng

Pajeng

Lalajo

Nongton

Nongton

Lamun, upama

Upami

Upami

Lanceuk

Pun lanceuk

Tuang raka

Lantaran, sabab

Jalaran, sabab

Mari

Leho

Leho

Umbel

Letah

Letah

Ilat

Leungeun

Leungeun

Panangan

Leungit

Leunit

Ical

Leutik

Alit

Alit

Leuwih

Langkung

Langkung

Lila

Lami

Lami

Mahal

Awis

Awis

Maksud

Maksad

Maksad

Malarat, miskin

Jalmi teu gaduh

Teu kagungan nanaon

Malem

Wengi

Wengi

Malik

Malik

Mayun

Mamayu

Mamayu

Mamajeng

Mangka, sing, muga

Mugi

Mugi

Maot

Maot

Pupus, tilar dunga

Marhum

Marhum, jenatna

Marhum, suargi

Memeh, samemehna

Sateuacanna

Sateuacanna

Mending, leuwih hade

Langkung sae

Langkung sae

Meujeuhna

Meujeuhna

Cekap

Meueun

Panginten

Panginten

Mimimti, mimitina

Kawitna

Kawitna

Minangka

Etang-etang

Etang-etang

Mindeng, remen

Sering

Sering

Minyak

Lisah

Lisah

Muga

Mugi

Mugia

Mupakat, rempug

Mupakat, rempug

Rempag

Murah

Mirah

Mirah

Najan, sanajan

Sanaos

Sanaos

Ngan

Mung

Mung

Ngaran

Wasta, nami

Jenengan, kakasih

Ngeunah

Ngeunah

Raos

Ngora

Ngora

Anom

Nini

Pun nini

Tuang eyang

Nyaho

Terang

Uninga

Nyaring

Nyaring

Teu acan kulem

Nyolowedor

Nyolowedor

Midua maha

Obat, ubar

Obat, ubar

Landog

Ogan, ondang

Ondang

Ulem

Ome,ngomean,menerkeun

Ngalereskeun

Ngalereskeun

Paham

Paham,ngartso

Ngartos

Paju, maju

Majeng

Majeng

Pake, make

Nganggo

Nganggo

Palangsiang, bias jadi

Tiasa jadi

Tiasa jadi

Palire, malire

Malire

Merhatoskeun

Pamajikan

Pun bojo

Tuang rayi

Pancuran, kamar mandi

Jamban

Jamban

Pandeuri

Ti pengker

Ti pengker

Pang, pangna, nu matak

Nu mawi

Nu mawi

Panggih, manggih, nimu

Mendak

Mendak

Pangkat, kadudukan

Kadudukan

Kalungguhan

Pangku, mangku

Mangku

Mangkon

Panon

Panon

Soca

Pantar, sapantar

Sapantar

Sayuswa

Paribasa

Paripaos

Paripaos

Pariksa, mariksa

Mariksa

Marios

Parna

Repot

Wales

Paro, saparo

Sapalih

Sapalih

Pasti, tangtu

Tangtos

Tangtos

Pati, teu pati

Teu patos

Teu patos

Patuh, matuh

Matuh

Linggih

Payung

Payung

Pajeng

Pedah

Ku margi, jalaran

Rehing

Penta, menta

Neda, nyuhunkeun

Mundut

Pecak, mecak, nyoba

Nyobi

Nyobi

Pencet, mencetan

Meuseulan

Meuseulan

Percaya

Percanten

Percanten

Perlu

Perlu

Peryogi

Permisi

Permios

Permios

Peuting

Wengi

Wengi

Pihape, mihape

Wiat

Ngaweweratan

Piker

Piker

Manah

Piligenti

Piligentos

Piligentos

Pindah

Pindah

Ngalih

Pingping

Pingping

Paha

Pipi

Pipi

Damis

Poe

Dinten

Dinten

Poho

Hilap

Lali

Potong, popotongan

Patilasan

Patilasan

Puasa

Puasa

Saum

Puguh, tangtu

Tangtos

Tangtos, kantenan

Purun

Purun

Kersa

Rarabi

Rarabi

Garwaan

Raksa, pangraksa

Pangraksa

Panangtayungan

Ramo

Ramo

Rema

Rampes

Mangga

Mangga

Rasa, rumasa

Rumaos

Rumaos

Rea, loba

Seueur

Seueur

Receh

Receh

Artos alit

Reujeung

Bareng

Sareng

Reuneuh

Kakandungan

Bobot, ngandeg

Reureuh

Reureuh

Ngaso

Rieut

Rieut

Puyeng

Ripuh

Ripuh

Repot

Robah

Robah

Robih

Roko, ududeun

Rokok

Sesepeun

Rua, sarua

Sarupi, sami

Sarupi, sami

Rusuh, rurusuhan

Enggal-enggalan

Enggal-enggalan

Saba, nyaba

Nyanyabaan

Angkat-angkatan

Sabot

Keur waktu

Waktos

Sabuk, beubeur

Beubeur

Beulitan

Sadia

Sayagi

Sayagi

Sakeudeung

Sakedap

Sakedap

Salah

Lepat

Lepat

Salahsaurang

Salahsawios

Salahsawios

Salaki

Pun lanceuk

Caroge, tuang raka

Salamet

Salamet

Wilujeng

Salat, solat

Sambeang

Netepan

Salesma

Salesma

Pileg

Salempang, hariwang

Salempang

Salempang, rajeg manah

Salin, disalin

Disalin

Gentos

Samak

Amparan

Amparan

Sampak, nyampak

Nyampak

Nyondong, kasondong

Samping

Sinjang

Sinjang

Sanding, kasanding

Kasanding

Kasumpingan

Sanggeus

Saparantos

Saparantos

Sanggup

Sanggem

Sanggem

Sare

Mondok

Kulem

Sarerea

Sadayana

Sadayana

Sarta, jeungna deui

Sareng

Sareng

Sarua

Sami

Sami

Sasarap

Sasarap, neda

Tuang

Sawah

Sawah

Serang

Sejen

Sejen

Sanes

Seleh, nyelehkeun

Masrahkeun

Nyanggakeun,ngahaturkeun

Selewer, nyelewer

Midua hate

Midua manah

Semah

Tamu

Tamu

Sesa, kari

Kantun

Kantun

Sebut

Sebat

Sebat

Serah, nyerahkeun

Mirak

Mirak, ngeser

Seubeuh

Sesek

Wareg

Seuri

Seuri

Gumujeng

Siar, nyiar

Milari

Milari

Sibanyo

Sibanyo

Wawasuh

Sirah

Sirah

Mastaka

Sirit

Larangan

Larangan

Sisir

Pameres

Pameres

Soara, sora

Sora

Soanten

Sorangan

Sorangan

Nyalira

Sore

Sonten

Sonten

Sugan, manawi

Manawi

Manawi

Suku

Suku

Sampean

Sunat, nyunatan

Ngabersihan

Nyepitan

Sungut

Cangkem

Baham

Supaya

Supados

Supados

Surat

Serat

Serat, tetesan

Suweng

Suweng

Kurabu, gwang

Tabeat

Adat

Panganggo

Tadina

Awitna, kawitna

Kawitna

Tai

Kokotor

Kokotor

Taksir, ngira

Nginten-nginten

Nginten-nginten

Taktak

Taktak

Taraju

Talatah

Wiat saur

Wiat saur

Tambah

Tambih

Wuwuh

Tampa

Tampi

Tampi

Tanda, ciri

Tawis

Tawis

Tangen, katangen

Kanyahoan

Kauninga

Tangtung, nangtung

Nangtung

Ngadeg

Tanya

Taros

Pariksa

Tapi

Nanging

Nanging

Tarang

Tarang

Taar

Tarima

Tampi

Tampi

Tawar, nawar

Nawis

Mundut

Tayoh-tayohna

Rupina

Rupina

Teang, neangan

Milari

Milari

Tenjo, nenjo, nempo

Ningal

Ningali

Tepi

Dugi

Dugi

Tere

Tere

Kawalon

Tereh

Enggal

Enggal

Teleg, teureuy

Teleg

Telen

Tembang, nembang

Nembang

Mamaos

Tepi, nepi

Dugi

Dugi

Tepung

Tepang

Tepang

Terus

Teras

Teras

Teundeun

Simpen

Simpen

Tincak

Tincak

Dampal

Titah, nitah, jurung

Ngajurungan

Miwarangan

Tonggong

Tonggong

Pungkur

Topi, dudukuy

Topi, dudukuy

Tudung, langgukan

Tulis

Tulis

Serat

Tulung, pitulun

Pitulung

Pitandang

Tulus

Cios

Cios

Tuluy

Teras, lajeng

Teras, lajeng

Tumpak

Tumpak

Tunggang

Tunggu

Antos

Antos

Turun

Turun

Lungsur

Ucap

Ucap

Kedal, lisan

Ulah

Teu kenging

Teu kenging

Ulin

Ulin

Ameng

Umur

Umur

Yuswa

Urus, nguruskeun

Ngalereskeun

Ngalereskeun

Urut

Tilas

Tilas

Utama

Utami

Utami

Waktu

Waktos

Waktos

Wani

Wantun

Wantun

Waras

Cageur

Damang

Wareh, sawareh

Sapalih

Sapalih

Warga, dulur

Wargi

Wargi

Watara, sawatara

Sawatawis

Sawatawis

Wawuh

Wanoh, kenal

Kenal

Wedak

Pupur

Pupur

Wedal

Wedal

Weton

Wilang, kawilang       

Kaetang

Kaetang

Wudu

Wulu, wudu        

Abdas

 B. Babasan jeung Paribasa 

Dina basa sunda aya paribasa, aya ogé babasan. Paribasa mah nyaéta kecap mangrupa papatah, pangrojong, atawa kecap nu bisa dijadikeun pieunteungeun hirup. Nya basa kerénna mah kecap nu bisa ngamotivasi.

Sedengkeun babasan mah mangrupa kecap, siloka, atawa kiasan nu hartina lolobana ngagambarkeun sifat atawa kabiasaan hiji jelema.

Paribasa biasana rada panjang. Leuwih ti dua kecap. Sedengkeun babasan mah pondok, biasana ngan dua kecap.

Di handap ieu, paribasa jeung babasan nu sok ditéangan ku balaréa atawa jadi tugas budak sakola. Dicutat tina sababaraha sumber, tuluy dihartikeun ka basa indodesia.

1. Atah anjang = Jarang saling bertamu

2. Adigung adiguna = Takabur, sombong

3. Ambek nyedek tanaga midek = Nafsu besar tapi tak punya kekuatan

4. Anjing ngagogogan kalong = Menginginkan yang lain-lain

5. Adat kakurung ku iga = Susah menghilangkan perilaku jelek

6. Alak paul = Terlalu Jauh

7. Aki-aki tujuh mulud = Terlalu tua

8. Ayem tengtrem = Tenang, tenteram

9. Asa teu beungeutan = Saking malunya

10. Anu borok dirorojok = Nu titeuleum disimbeuhan = Menertawakan yang kena musibah

11. Amis budi = Ramah

12. Aya jurig tumpak kuda = Punya rezeki yang tak diduga

13. Aya jalan komo meuntas = Pas punya keinginan, pas ada yang mengajak

14. Awéwé dulang tinandé = Perempuan yang terlalu menurut ke suami

15. Amis daging = Gampang sakit

16. Abong létah teu tulangan = Senang bercerita, bergosip

17. Ari umur tunggang Gunung, Angen-angen pecat sawéd = Usia sudah tua, tapi kemauan seperti anak muda

18. Agul ku payung butut = Selalu menyombongkan keturunan

19. Aya pikir kadua leutik = Punya keinginan

20. Asa ditonjok congcot = Senang sekali. Gembira.

21. Adéan ku kuda beureum = Bergaya dengan pakaian pinjaman

22. Birit aseupan = Tak mau diam

23. Biwir nyiru rombéngeun = Senang menceritakan rahasia dan keburukan orang lain

24. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = Sauyunan, kumpul bareng

25. Beurat birit = Susah kalau disuruh

26. Bali geusan ngajadi = Tanah kelahiran

27. Balungbang timur = Menunjukkan hati bersih

28. Bobo sapanon carang sapakan = Ada kekurangan

29. Bilatung ninggang dagé = Senang sekali

30. Batok bulu eusi madu = Bukan pada tempatnya

31. Badak cihéa = Suka terburu-buru, tak lihat kiri kanan

32. Bonténg ngalawan kadu = Orang tak ada tenaga dilawankan dengan orang kuat

33. Babalik pikir = Insyaf

34. Balik pepeh = Baru sembuh dari sakit, tapi tak mau diam

35. Balik ka temen = Asalnya bercanda jadi berantem

36. Buntut kasiran = Pelit

37. Bodo aléwoh = Bodoh tapi senang bertanya

38. Bodo kawas kebo = Bodoh pisan

39. Béja mah bejé = Jangan terlau percaya pada kabar burung

40. Bancang pakéwuh = Cerita duka

41. Budak keur meujeuhna bilatung dulang = Anak lagi senang-senangnya makan

42. Bulu kapaut = Terbawa-bawa orang lain

43. Balabar kawat = Berita yang tersebar

44. Béak déngkak = Segala usaha sudah dilakukan tapi tak kunjung hasil

45. Batan kapok galah gawok = Disangka berhenti malah terus

46. Buruk-buruk papan jati = Baik atau jelek tapi saudara sendiri

Babasan Sunda jeung hartina ku sunda jeung ku basa Indonesia

  1. Adab lanyap - Bahasana alus jiga hormat ka batur tapi hatena luhur jeung sok ngunghak jadi tungtungna matak teu pikaresepun batur.
    Artinya: ucapannya bagus dan menunjukkan sikap hormat tapi hatinya tidak baik dan kurang ajar sehingga ujungnya bikin orang tidak suka.
  2. Adep hidep - Kumawula
    Artinya: mengambi pada suami
  3. Adigung adiguna - Sombong atawa takabur
    Artinya: Sombong merasa diri lebih unggul
  4. Adil palamarta - Pohara adilna
    Artinya: sangat adil
  5. Adu manis - Disurup ngarah sieup
    Artinya: berpadu supaya terlihat bagus
  6. Adu regeng - Patorong-torong boh omongan atawa tanaga
    Artinya: saling beradu argumen atau saling dorong sekuat tenaga
  7. Adu rényom - Paréa-réa omong
    Artinya: adu mulut
  8. Adug songkol - Motah atawa adug-adugan teu reureuh bakating ku nandangan kanyeri
    Artinya: gagah menahan rasa sakit yang luar biasa
  9. Ahli leleb - Singkatan tina ahli lelebok
    Artinya: tukang makan
  10. Aing aingan - sewang-sewang
    Artinya: masing-masing, tidak kompak
  11. Ais pangampih - Baraya anu ngabantu-bantu di imah, pangaping atawa abdi nagara
    Artinya: Saudara yang suka membantu di rumah, pembimbing atau abdi negara
  12. Ajak jawa - Ngajak teu jeung saenyana tamba teu hadé
    Artinya: ngajak sekadar basa basi
  13. Aji pangabaran - Ajian sorot jalma atawa ajian pikeun sinar jalma
    Artinya: ajian atau ilmu untuk wibawa manusia
  14. Ajrihing gawé - Ulah ngalakukeun gawé goréng bisi ahirna meunang bebendon
    Artinya: jangan melakukan pekerjaan buruk supaya akhirnya mendapat siksa
  15. Akal bulus - Akal licik atawa jahat
    Artinya: akal licik atau akal jahat
  16. Akal keling - Akal licik atawa jahat
    Artinya: akal licik atau akal jahat
  17. Akal koja - Akal goréng, licik atawa jahat
    Artinya: akal licik atau akal jahat
  18. Aku angga - Ngakukeun banda atawa dulur batur nu maksud kapimilik atawa ngarah dihargaan
    Artinya: mengakui barang milik orang atau saudara orang lain yang sukses supaya dihormati
  19. Aku panggung - Soméah jeung daréhdéh ngan hanjakal adigung jeung asa pangbeungharna
    Artinya: ramah tamah tapi sayangnya sombong merasa diri baling unggul dan paling benar
  20. Alak paul - Jaluh pisan, lain dikieuna
    Artinya: sangat jauh
  21. Alus panggung - Alus dedeg pangadegna atawa alus pangawakan
    Artinya: bertubuh bagus dan ideal
  22. Ambek jawaeun - Ambek bari sagala diruksak kanu aya didinya
    Artinya: marah sambil merusak barang-barang yang ada
  23. Ambon sorangan - Bogoh sosoranganan tapi teu dilayanan
    Artinya: bertepuk sebelah tangan
  24. Amis budi - Alus paroman, soméah jeung béréhan
    Artinya: ramah tamah dan murah senyum
  25. Amis daging - Babarian céda, gampang gering mun saperti mun raheut sok tuluy jadi borok
    Artinya: mudah luka dan menyebar, gampang sakit
  26. Anak bawang - Ngan saukur ilu-ilueun teu kaasup kana inti
    Artinya: hanya ikut-ikutan tidak termasuk daftar inti
  27. Anak buah - Anggota atawa bawahan nu tunduk kana parentah
    Artinya: bawahan yang tunduk para perintah
  28. Anak emas - Jelema kapercayaan anu kacida dipikanyaahna
    Artinya: orang kepercayaan yang sangat diistimewakan
  29. Anak puputon - Anak nu pohara didama-dama jeung kacida dipikanyaahnya
    Artinya: anak yang sangat disayangi
  30. Anak sampeuran - Anak téré
    Artinya: anak tiri
  31. Ancad laér - Ngomongna teu gancang
    Artinya: tempo bicaranya lambat dan jelas
  32. Anggeus-anggeusan - Bébéakan
    Artinya: habis-habisan
  33. Angin-anginan - datang-datangan, gancang robah pasemon
    Artinya: mudah berubah mood
  34. Apal cangkem - Apalna ukur dina biwir tapi teu nyaho jeung hartina
    Artinya: hafal di mulut tapi tidak mengerti
  35. Asa aing - Merasa diri lebih dari orang lain
    Artinya: merasa paling unggul
  36. Asa kiamat - Kacida sedih atawa susah luar biasa
    Artinya: sangat sedih, bingung, atau susah luar biasa
  37. Asak hampura - Bisa ngahampura kana kasalahan batur kusabab ngabogaan sipat wijaksana
    Artinya: bisa memaafkan kesalahan orang lain karena bijaksana
  38. Asak jeujeuhan - Anteb pipikiranna
    Artinya: berpikir matang karena mendapat pendidikan yang matang
  39. Asak pikir - Pikir bulak-balik atawa pikir heula enya-enya
    Artinya: berpikir matang
  40. Asak rampa - Mikir jero méméh ngalampahkeun hiji pagawéan
    Artinya: berpikir matang sebelum bertindak atau melakukan suatu pekerjaan
  41. Asak sasar - Dipaluruh bener-henteuna
    Artinya: sebelum mengambil keputusan atau tindakan dipastikan dulu kebenarannya
  42. Asak warah - Alus didikan basa jeung paripolahna merenah
    Artinya: berpendidikan, bahasa dan tingkat lakunya baik
  43. Atah adol - Kurang pangawarah, pikakeuheuleun
    Artinya: kurang mendapat didikan, menyebalkan
  44. Atah anjang - Langka silih anjangan
    Artinya: saling saling mengunjungi
  45. Atah warah - Kurang meunang atikan jeung didikan anu antukna sok pikakeuheuleun
    Artinya: kurang mendapat didikan yang baik
  46. Ateul biwir - Géték hayang ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun
    Artinya: Selalu ingin bicara meskipun tidak perlu dibicarakan
  47. Awak sabeulah - Henteu boga salaki atawa pamajikan
    Artinya: menyendiri tidak punya suami atau tidak punya istri
  48. Awak sasampayan - Pangawakan alus anu maké pakéan kumaha waé ogé pantes
    Artinya: tubuh ideal yang memakai pakaian apapun terlihat bagus
  49. Awak satilas = Jangkung lenjang
    Artinya: tinggi semampai
  50. Awét jaya - Katinggalina siga ngora baé
    Artinya: Terlihat tetap awet muda
  51. Awét ngora - Katenjona siga ngora bae
    Artinya: Terlihat tetap awet muda
  52. Awét rajét - Lana tapi remen paséa
    Artinya: awet tapi sering bertengkar, biasanya pada hubungan rumah tangga.
  53. Awewe ateul - Awéwé anu babari diheureuyan atawa sok resep ngarebut lalaki batur
    Artinya: pelakor
  54. Aya buntutna - Aya terusna tina perkara anu nguciwakeun
    Artinya: ada ujungnya dari perkara yang tidak baik
  55. Aya garad - Aya maksud nu dikemu/dipambrih atawa henteu iklas
    Artinya: ada maksud tertentu, ada pamrih atau tidak ikhlas
  56. Aya peurah - Aya komara aya harega
    Artinya: ada nilainya, ada pengaruh
  57. Ayang-ayangan - Perkara anu rea rambat kamaléna
    Artinya: Urusan yang berkelanjutan
  58. Ayem tengtrem - Tingtrim euweuh kaributan atawa bancang pakewuh
    Artinya: tentram, damai tidak ada keributan
  59. Ayeuh ngora - Turunan nu maraot ngora-ngora
    Artinya: keturunan yang banyak mati muda

 C, Kosa Kata Basa Sunda (Seri Kamus Basa Sunda)

 A

  • Aang : Kakak
  • Abah : Bapak
  • Abdi (sim) : Saya
  • Abot : Berat
  • Acan : Belum
  • Acuk / Raksukan : Pakaian
  • Adat : Tabiat
  • Adeuk : Akan
  • Adi : Adik
  • Adigung : Angkuh
  • Adil : Adil
  • Agan : Tuan
  • Ageung : Besar
  • Agul : Bangga / Sombong
  •  Ahéng : Aneh / Ganjil
  • Aing (kasar) : Saya
  • Ajag : Srigala
  • Ajeng : Mengajukan
  • Ajleng /Ngajleng : Lompat / Melompat
  • Akang : Kakak
  • Akar : Akar
  • Aki : Kakek
  • Aksara : ulisan / Huruf
  • Ali : Cincin
  • Alim : Tidak Mau
  • Alit : Kecil
  • Almenak : Almanak
  • Alo : Keponakan
  • Alung : Lempar
  • Alus, Saé : Bagus
  • Amang / Emang : Paman
  • Amarah : Emosi
  • Ambéh : Agar
  • Ambek : Marah
  • Ambekan : Hawa Nafsu
  • Ambeu : Mencium Bau
  • Ambu : Ibu
  • Ameng : Bermain
  • Amis : Manis
  • Ampar : Tilam
  • Ampir : Hampir / Nyaris
  • Anak : Anak
  • anak adik : Suan
  • anak kakak : Alo
  • anak kecil : Budak leutik, Murangkalih
  • Ancin : Sedikit Makan
  • Anclub : Turun ke air
  • Ancur : Hancur
  • Andiprek : Lesesan
  • Anduk : Handuk
  • Angel / Anggel : Bantal
  • Angger : Tetap
  • Anggo : Pakai
  • Anggoan : Pakaian
  • Angkat : Pergi
  • Angkéng : Pinggang
  • Angkeub : Mendung
  • Angkeut : Dagu
  • Anjang : Mengunjungi
  • Anjeun : Anda / Kamu
  • Anjeunna : Dia/ia/beliau
  • Anom : Muda
  • Antawis : Antara
  • Anteur : Antar
  • Antos : Tunggu
  • Antuk / Antukna : Akhirnya
  • Anu/nu : Yang
  • Anyar : Baru
  • Aos : Baca
  • Apa : Bapak
  • Apal : Hafal
  • Api-api : Pura-pura
  • Aprak : Jelajah
  • Apu : Batu Kapur
  • Arék / Rék : Akan
  • Areung : Arang
  • Arit : Celurit
  • Artos : Uang
  • Asa : Sepertinya
  • Asak : Masak / Matang
  • Asin : Asin
  • Astana : Pekuburan
  • Astra : Wajah
  • Asup : Masuk
  • Atah : Mentah
  • Atanapi : Atau
  • Atawa : Atau
  • Ateul : Gatal
  • Atik : Didik / Ajar
  • Atikan : Ajaran
  • Atoh : Senang
  • Atos : Sudah
  • Atra / Jatra : Jelas
  • Awak : Tubuh/Badan
  • Awang-awang : Angkasa
  • Awéwé : Perempuan / Wanita
  • Awi : Bambu
  • Awis : Mahal
  • Awon : Jelek
  • Aya : Ada
  • Ayak : Saring
  • Ayakan : Saringan
  • Ayeuna : Kini/Sekarang
D. BUBUKA CARITA DINA BEANTARA  (Murwakanti)


 Ta’awudz minangka pangraksa léngkah

Ngajagi diri ngaraksa manah

Neneda urang ka Alloh Jalla Jalalah

Tina sagala pangrorobéda syétan anu rongkah

 

Nu jadi bibit rurujit, indung rurusuh, bapana salah

Nu salilana nuduhkeun kana lampah salah

Tur resep migawé hal anu gaflah

Nu nyandang laknat ti Alloh Nu Maha Gagah

Mun manusa cilaka nurut-tumut ka maranéhna bari pasrah

Pasti maranéhna ngarasa bungah

Tapi sabalikna mun manusa teu nurut-tumut komo bari pasrah

Pasti maranéhna ngarasa teugenah pinuh kukasusah.

Ku kituna, urang jaga, urang riksa ku kalimat ‘Auudzu Billah’

 

Bismillah jadi pamuka léngkah

Dibarung kugerentes niat dina manah

Seja miharep ridho sareng rohmah

Ti Alloh Nu Maha Gagah

 

Malah mandar léngkah hanteu gaflah

Tebih tina sagala lampah nu salah

Sagala nu nyoléngkrah dina manah nu matak mawa tugeunah

Hayu urang bebenah

 

Tiiskeun pikir, lempengkeun tékad sareng akidah

Luyukeun reujeung risalah nu dicandak ku rosulillah

Ku ngalobakeun urang dzikir sareng ibadah

Boh nu wajib atanapi nu sunah

 

Minangka bukti urang ngucapkeun dua kalimah syahadah

Nu mangrupakeun jangji pasini pasang subaya dina bayah

Nu ngait na ati sanubari, nu nyantél na haté, tur nyampay dina manah

Syahadat tauhid minangka jangji seja nguatkeun akidah

 

Syahadat rosul minagka pasini seja nyonto Rosululloh saw. nu gaduh uswatun hasanah

Kalayan Dibuktikeun ku tékad sareng lampah

Nu luyu reujeung Al-Qur’an sareng As-Sunnah

Bari Ningkatna rasa mahabbah ku jalan urang muroqobah

 

Ngadeukeutkeun diri netepkeun léngkah

Hirup pinuh ku sadrah, pasrah bari sumerah

Wungkul dieusian ku ibadah

Supaya urang hirup bétah- bumétah

 

Di tempat anu langgeng jaga bari genah, mérénah tur tumaninah

Tur salamina aya dina limpudan ridho sareng hidayah Allohu Jalla Jalalah.

Amin ya alloh ya robbal’alamin

 

Hamdalah minangka tawis puji

Dikedalkeun ku lisan anu bijil tina ati sanubari

Tawis syukur urang ka Gusti Nu Maha Suci

Alloh Robbul ‘Izzaty

Nu salamina teu bosen ngalungsurkeun nikmat sareng rizqi

 

Ka sakumna makhluk nu aya dilangit sareng di bumi

Nu bedegong sombong ogé nu salamina bakti tur gumati

Kum teu diwiji-wiji sadaya kabagi

Poma kufur ulah sampé ngancik dina diri

 

Sabab kufur ngalantarankeun benduna Gusti

Mun hirup kufur bakal Jauh tina rizky

Bakal diparekkeun kana balahi

Di dunya kacingcirihi tur tebih tina ridho Ilahy

 

Di akhérat bakal nandangan rugi

Bebendon Alloh kacangking pasti Na’udzubillahimin dzalik.

Iwal syukur nu kudu jadi tali paranti

Salamina kudu jadi hiasan diri

 

Pikeun bukti urang babakti

Ka Guti Nu Maha Suci Alloh Robbul ‘Izzaty

Sabab ieu tos jadi paréntah Gusti

Malah mandar manusa teu nandangan rugi

 

Sabab syukur nu jadi sabab tambihna rizqi

Rizki nu matak nayalametkeun diri

Dina raraga séba raga bakti diri

Ridho Alloh kacangking pasti

 

Sabab ku syukur jadi jauhna balahi

Ku syukur hirup hamo kacingcirihi nandangan rugi

Boh di dunya ogé jaga di akhérat alam nu langgeng abadi

Ngeusian syurga minangka jangji ti Gusti Nu Maha Suci

 

Mugia urang kalebet ka golongan jalmi-jalmi nu salamina syukur kana nikmat-nikmat nu dipaparin ku Alloh Robbul ‘Izzaty. Amin ya alloh ya robbal’alamin

 

Sholawat miwah kawilujengan

Mugia salamina diwuwuhkeun ka sang panutan

Panutan nu janten suri tauladan

Panutan nu janten panutup lawang kanabian

 

Panutan nu nyandak risalah kasalametan

Panutan nu nyampurnakeun risalah pangéran

Panutan nu nyébor sagara keusik kajahiliyahan

Ku cai kaislaman reujeung kaimanan

 

Panutan nu maparin béja kabagjaan

Panutan nu salamina sieun umatna aya dina jurang kacilakaan

Panutan nu namina seungit tug dugi ka akhir zaman

Panutan nu ngajarkeun arti kamanusaan

 

Anjeunna babar nyambuangkeun rahmat ka sakumna alam

Anjeunna lahir ngahiliwirkeun angin katiginan

Nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nabi Akhiruz-zaman.

Teukalangkung kulawargina nu dipikahéman

 

Teukakantun shohabatna nu satia nyarengan

Nu réla toh pati jiwa raga pinuh pangurbanan

Dina raraga nanjeurkeun cahaya kaislaman

Sahingga hurung gumebyar nepi ka akhir zaman

 

Ogé teu kakantun urang salaku umatna nu ariman

Bari ngaéstokeun sadaya kasunahan pikeun ngahontal kabagjaan. Amin ya alloh ya robbal’alamin.

Post a Comment

0 Comments