Ma’asyirol Muslimin Jama'ah Jum’ah nu mulya!
Sarengsena ngucapkeun Hamdalah, Alhamdulillah kana
saniskara nikmat nu katampa tur karasa ti
Nu Maha Kawasa Allah ‘Azza wa Jalla.
Dilajeng ngahaturkeun Shalawat sareng Salam ka Jungjunan urang sadaya, Insan pilihan nu mulia, Nabi urang sarerea, Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. Al-Musthofa, ka Kulawargina katut para Shahabatna tug dugi ka urang salaku umatna, mugia urang diangken janten umatna nu salawasna mahabbah bari ngajaga sagala sunah-sunahna. Tur urang ngado’a mugia kengeng syafaat jaga di Yaumil-Jaza’. Aamiin Ya Allah Yaa Robbal ‘Aalamiin.
Salajengna khatib seja umajak, khususna ka
pribadi khotib, umumna ka sadaya jama’ah jum’ah, mangga urang sami-sami ningkatkeun
kaimanan sareng katakwaaan urang ka Allah, dipalar ieu kaimanan sareng katakwaan
teh ngabaju miragasukma jadi papaes dina diri urang salawasna tug dugi ajal datang
jaga. Sabab wungkul ku taqwa urang bakal jadi mulya dipayuneun Allah sareng
sasama, Inna Akromakum ‘Ingdalloohi Atqookum.
Ma’asyirol Muslimin jama'ah Jum’ah nu mulya!
Bulan Romadhon teh bulan nu pinuh ku
kabarokahan, nu sajatina mibanda fungsi pikeun jadi madrosahna jiwa-jiwa manusa Muslim pikeun ngahontal darajat kataqwaan. Salila sabulan campleng urang salaku
Muslim diatik, dididik pikeun nahan diri tina sagala perkara nu matak batalna
puasa. Dina leresan ieu, lain wungkul dahar jeung nginum nu matak batal puasa,
kaasup oge ninggalkeun perbuatan nu nganggur, lalampahan nu teu aya gunana, nu
akhirna matak jadi rusakna ganjaran puasa.
Mangga urang imeutan deui ibadah di sajeroning
bulan Romadhon, nu kahiji puasa, ku puasa urang dilatih pikeun sabar, pikeun
ngadalian hawa nafsu, nu di luar bulan Romadhon sering diumbar, sering dituturkeun
kahayangna, di bulan Romadhon mah usahakeun lain urang nu dikadalian ku hawa
nafsu tapi kudu sabalikna hawa nafsu nu dikadalian ku urang. Pengkolkeun hawa
nafsu nu mawa kagorengan hirup teh, ka jalan nu bisa mawa kana kahadean hirup.
Kamari sering aya rasa ceuceub ka sasama, resep nyawad, resep nyacampah, hasud,
dengki, jeung sabangsana, urang locotan sing nepi ka udar tina jiwa-jiwa urang,
ganti ku rasa deudeuhan, welasan, asihan, rapekan, berehan jeung sifat hade nu
sejenna. Nu akhirna ngawujud insan nu cageur, bageur lahir katut batinna. Ku
puasa kudu tumuwuhna jiwa nu berehan, nu ngarasakeun kumaha kasiksana mun seug
aya dina kalaparan, aya dina kahanaangan, nu hanaang jeung laparna urang mah
dina ngalakasanakeun kawajiban, da dahareun aya nyampak, inumeun aya sadia.
Mangga coba emutan nu keuna ka dulur-dulur urang nu lapar jeung hanaangna estu
ku dirina bener-bener aya dina kakurangan, nu eta kakurangan teh lain meunang hayangna
sorangan tapi estu kadaring Pangeran, nu hikmahna yen urang nu keur aya dina kaleuwihan
rejeki kudu inget ka maranehna, tah ku puasa pisan tumuwuhna kasadaran ka lebah
eta.
Tuluy dina bulan Romadhon aya kasunahan nu
sifatna mu’akkad deudeukeut kana wajib, nyaeta shalat sunah Taraweh, kasunahan sahur,
kasunahan ngagancangkeun buka puasa mun geus asup waktuna, kasunahan tadarus, kasunahan
I’tikaf di Masjid. Nu ieu kabeh kasunahan teh ngandung fungsi sangkan urang
disiplin waktu, urang diperedih sangkan ngeusian lolongkrang waktu kosong
salila bulan Romadhon ku hal-hal nu positif nu ngandung ibadah ka Allah, ngatur
waktu ulah nepi ka loba nganggur teu puguh. Nu di luar Romadhon sering dieusian
ku hal nu teuaya gunana, tah salila Romadhon mah wayahna eusian ku hal-hal nu
matak mawa faedah, mawa maslahat ka lahir oge ka bathin, nu dipalar sanggeus
inditna bulan Romadhon ngajanggelek hiji tangtungan nu disiplin, tangtungan nu
kuat nahan tur bisa nyinglar diri tina sagala gogoda, teu loba nyieun deleka oge
doraka.
Salajengna, kasunahan Tadarus Al-Qur’an, nu di
luar Romadhon kadang urang kedul maca Qur’an teh, tah lebet ka bulan Romadhon
mah giatkeun macana, usahakeun nepi ka Khotam, komo bari neuleuman eusi harti
jeung maknana mah, bakal ngalahirkeun jiwa-jiwa nu sadar diri, yen diri teh hirup
ka wengku ku aturan Allah nu sakuduna jadi pedoman hirup sangkan henteu
lalawora jeung ngalalaworakeun, nu temahna bakal mawa cilaka di dunya oge di akherat.
Sabab, ku loba tadarus bari komo neuleuman eusina, bakal numuwuhkeun kasadaran
yen Al-Quran teh Dawuhan Allah nu eusina pepeling sangkan salawasna eling
kageuing, ulah tonggoy bae betah dina lampah salah, kudu balik sadar
ngalobakeun lampah ibadah. Lian ti eta aya kasadaran yen eusina Qur’an teh
jangji-jangji Allah nu hamo sulaya. Mun seug urang nurut tumut, teu loba nukang
nonggong, maka jangji Allah bakal maparin wawales nu sae ku bentuk ganjaran
kanikmatan nu tos ku Allah dicawiskeun. Tur jalma nu rajin neuleuman eusina Al-Qur’an,
bakal sadar yen Al-Qur’an teh eusina ancaman ka saha bae nu wani ngarempak
larangan Allah, nu hamo bisa aman tina ancaman siksa nu pohara beuratna.
Tuluy dina akhir Romadhon urang diwajibkeun
ngaluarkeun zakat fitrah, zakat nu fungsina pikeun ngaberesihkeun lampah nganggur
jeung nu teuaya gunana sajeroning ngalaksanakeun ibadah puasa, oge pikeun mere
maweh nu miskin (طُهْرَةً لِلصَّائِمِ مِنْ
اللَّغْوِ وَالرَّفَثِ وَطُعْمَةً لِلْمَسَاكِينِ
_Thuhrotan
Lish-Shoo’imi minal-Laghwi war-Rofatsa wa Tu’matan Lil-Masaakiin). Salian ti
eta, fungsina zakat fitrah teh pikeun nebus ibadah puasa bulan Romadhon nu
ngagantung antara langit jeung bumi, nu moal waka ditampi ku Allah satungtung
eta zakat fitrah can dikaluarkeun. Nu eta zakat fitrah teh, mun seug ku urang
di ukur moal ngurangan harta banda nu aya, ukur tilu leter satengah henteu
nyampe sakuwintal komo saton, mun diukur ku nominal duit oge apan henteu nepi
ka ratusan rebu komo jutaan. Tapi fungsina kacida badagna, nyaeta pikeun
nyambungkeun ibadah puasa Romadhon urang sareng Allah. Nu hakekatna mah mulang
ka urang sorangan, sabab makna zakat teh apan pikeun ngaberesihkeun harta urang
tina sagala kokotor, nu ngandung harti aya hak sasama nu wajib hukumna
dikaluarkeun. Mun hiji Muslim sadar
kana kawajiban zakat, lain wungkul kana zakat fitrah, sadar oge kana
zakat-zakat sejenna, maka dijamin bakal ngurangan angka kamiskinan umat, bakal
ngurangan kasenjangan sosial dina pasualan ekonomi balarea kaum Muslimin, bakal ngurangan angka kalaparan,
sabab tumuwuhna rasa paduli, rasa berehan pikeun ngabantu sasama nu kakurangan.
Hadirin Kaum Muslimin sadayana,
Sakabeh lalampahan ibadah, boh nu wajib pon
kitu keneh nu sunah dina salila bulan Romadhon nu tos diuningakeun. Ieu nandakeun
yen bulan Romadhon teh bisa disebut bulan madrasah, bulan lembaga, bulan sarana
tempat diatik jeung dididikna jiwa-jiwa kaum Muslimin pikeun ngawujudkeun insan-insan
nu unggah makom darajat kana golongan Muttaqiin, tegesna golongan jalma-jalma
nu Taqwa, luyu sareng tujuan diwajibkeunana Ibadah Puasa di bulan Romadhon,
sakumaha Dawuhan Allah:
يَا أَيُّهَا
الَّذِينَ آمَنُوا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ
مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ
“Yeuh, jalma-jalama nu ariman! Diwajibkeun pikeun
aranjeun puasa sakumaha nu geus diwajibkeun ka jal-jalama baheula samemeh
aranjeun, sangkan aranjeun jadi jalma nu taqwa” (QS Al-Baqarah [2]: 183).
Ayat ieu ngajelaskeun kana tujuan utama
diwajibkeunana puasa di bulan Romadhon, nu atra pertela, yen tujuanana teh nyaeta
pikeun ngahontal darajat taqwa. Tegesna, ibadah puasa lain saukur ibadah ritual
wungkul, tapi kudu bisa ngudag tujuan utama nyaeta ngabentuk jiwa-jiwa nu
taqwa, jiwa-jiwa nu salawasna taat, nu salawasna ngabebenah diri kana kahadean,
kana kamaslahatan, kana kasalametan dunya oge akherat, bari panungtungan dina
sagala ibadahna miharep kana Ridho Allah Ta’aalaa.
Imam Ibnu Katsir dina kitab Tafsir
Al-Qur’anil Adzim, jilid ka-I, dina kaca 497 ngajelaskeun, pangna Allah ngajadikeun
Takwa jadi tujuan tina ibadah puasa, sabab ku ibadah puasa bakal ayana usaha
pikeun ngaberesihkeun diri tina sagala kagorengan, ku puasa bakal
ngaheureutkeun lengkah-lengkah setan ku tipudayana dina ngagoda. Tur ku puasa
bakal ngalemahkeun hawa nafsu nu sok mawa kagorengan, antukna Iblis jeung
balad-baladna susah dina ngagoda manusa nu rajin puasa.
لَعَلَّكُمْ
تَتَّقُونَ. لِأَنَّ الصَّوْمَ فِيْهِ تَزْكِيَةٌ لِلْبَدَنِ وَتَضْيِيْقٌ
لِمَسَالِكِ الشَّيْطَانِ
“Sangkan anjeun taqwa_(Maksduna) sabab saestuna
dina sajeroning puasa ngandung fungsi ngabersihkeun badan jeung ngaheureutkeun
arah-arah jalan (datangna gogoda) setan.”
Ma’asyiral Muslimin jamaah Jum’ah nu mulya!
Ngajadikeun bulan Romadhoan teh Madrosah katakwaan,
hartina ku puasa di bulan Romadhon, lahir katut bathin urang diatik, dididik,
dilatih lain wungkul pikeun cumpon kawajiban wungkul, tapi kudu leuwih ti eta.
Tegesna, kudu ngudag kana tujuan puasa nyaeta kahontalna darajat taqwa, ku bentuk
ngajaga syarat katut rukunna puasa ngarah jadi sampurna, lian ti eta jaga oge
tina rusakna ganjaran puasa, jauhan ngaghibah, jauhan mitenah, jauhan namimah,
jauhan laku lampah nu matak timbulna pacengkadan jeung sasama, kadituna jaga
kamulyaan ibadah puasa nu geus jelas, yen Puasa teh ibadah nu langsung diwalesna
ku Allah, "Ash Shaumu lii wa anaa Ajzii
bii" (الصَّوْمُ لِي وَأَنَا أَجْزِي بِهِ) Puasa
teh keur Kami (Dawuh Allah) tur Kami (Dawuh Allah) nu bakal malesna (ngaganjarna).
Aya kasauran ti Syaikh Hasan al-Massyath dina kitabna Is’afu
Ahlil Iman bi Wadza’if Syahri Ramadhan, kaca 45:
إِذَا لَم
يَكُنْ فِي السَّمْعِ مِنِّي تَصَاوُنٌ * وَفِي بَصَرِي غَضٌّ وَفِي مَنْطِقِي
صَمْتٌ * فَحَظِّي إِذَنْ مِنْ صَومِيَ الجُوعُ وَ الظَّما ** فَإِنْ قُلْتُ
إِنِّي صُمْتُ يَومِي فَمَا صُمْتُ
“(Mun seug keur puasa) pangdenge kuring teu
dijaga, Paningali kuring diumbar, tur kuring teu nyicingkeun omongan, maka hamo
hasil puasa kuring iwal (hasilna ukur) lapar jeung hanaang wungkul, sanajan
ngomong “kuring keur puasa” padahal kanyataanana mah henteu.”
Ma’asyiral Muslimin jamaah Jum’ah nu
dimulyakeun ku Allah!
Ku hal eta pisan, mangga urang jadikeun bulan
Romadhon ieu teh madrosah, jadikeun lembaga, jadikeun sarana pikeun ngalatih
diri urang sangkan salawasna ngabiasakeun diri milampah kahadean, milampah
perbuatan nu bakal mawa lungsurna Ridho Allah. Dipalar darajat taqwa nu jadi
tujuan utama tina ibadah puasa bisa kahontal ku urang sadayana. Aamiin yaa Robbal
‘Aalamiin.
بَارَكَ اللهُ
لِيْ وَلَكُمْ، وَنَفَعَنِيْ وَاِيَاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ
الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ جَمِيْعَ أَعْمَالِنَا إِنَّهُ هُوَ
الْحَكِيْمُ الْعَلِيْمُ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِلْمُسْلِمِيْنَ فَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَ
الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ
حَمْدًا كَمَا أَمَرَ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ اِلَّا الله وَحْدَهُ لَا
شَرِيْكَ لَهُ، اِلَهٌ لَمْ يَزَلْ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ وَكِيْلًا. وَأَشْهَدُ
أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَحَبِيْبُهُ وَخَلِيْلُهُ، أَكْرَمُ الْأَوَّلِيْنَ وَالْأَخِرِيْنَ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً
لِلْعَالَمِيْنَ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ
أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ كَانَ لَهُمْ مِنَ التَّابِعِيْنَ، صَلَاةً دَائِمَةً
بِدَوَامِ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضِيْنَ
أَمَّا بَعْدُ:
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَذَرُوْا
الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ. وَحَافِظُوْا عَلَى الطَّاعَةِ
وَحُضُوْرِ الْجُمْعَةِ وَالْجَمَاعَةِ وَالصَّوْمِ وَجَمِيْعِ الْمَأْمُوْرَاتِ وَالْوَاجِبَاتِ. وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ
أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ بِنَفْسِهِ. وَثَنَى بِمَلَائِكَةِ الْمُسَبِّحَةِ
بِقُدْسِهِ. إِنَّ اللهَ وَمَلائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا
الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيماً
اَللّٰهُمَّ
صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا
صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ
وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا
بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ
فِيْ العَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ
لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ
اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وِالْأَمْوَاتِ. اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا
الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ
وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا
ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَةً وَمِنْ بُلْدَانِ
الْمُسْلِمِيْنَ عَامَةً، اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ
عِبَادَ اللهِ،
اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِيْ الْقُرْبَى
وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ
تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرُكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

0 Comments