Khutbah I
الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي
جَعَلَ شَهْرَ رَمَضَانَ مَوْسِمًا لِلْعِبَادَاتِ وَمَيْدَانًا لِلْخَيْرَاتِ،
وَضَاعَفَ فِيهِ الْحَسَنَاتِ، وَغَفَرَ فِيهِ الزَّلَّاتِ، وَأَجْزَلَ فِيهِ
الْعَطَايَا وَالْهِبَاتِ. أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى حَمْدًا يُوَافِي
نِعَمَهُ وَيُكَافِئُ مَزِيدَهُ، وَأَشْكُرُهُ عَلَى جَزِيلِ فَضْلِهِ وَعَظِيمِ
إِحْسَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ
لَهُ، الْقَائِلُ فِي مُحْكَمِ تَنْزِيلِهِ: ﴿وَأَن تَصُومُوا خَيْرٌ لَّكُمْ ۖ
إِن كُنتُمْ تَعْلَمُونَ﴾. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ
وَرَسُولُهُ، الْقَائِلُ: “مَنْ قَامَ رَمَضَانَ إِيمَانًا وَاحْتِسَابًا غُفِرَ
لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ”. اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الطَّيِّبِينَ الطَّاهِرِينَ، وَمَنْ تَبِعَهُمْ
بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّينِ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللَّهِ،
اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ
مُسْلِمُونَ. فقال تعالى: يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ
الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ
تَتَّقُوْنَ.
Hadirin Jamaah Shalat Jumat nu dimulyakeun ku
Allah !
Dina kasempetan nu mulya ieu, mangga urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sinareng katakwaan urang Ka Allah SWT. Ku cara urang ngagiatkeun diri dina ngalakasanakeun sagala Parentah Allah oge nyingkahan sagala perkara nu matak bendu MantenNa. Komo ayeuna urang aya dina sasih nu Mulya, sasih Romadhon nu kasebat, nu tos sakuduna urang eusian sasih Romadhon ieu teh, ku laku taat, ku lampah ibadah, malah mandar tujuan utama diwajibkeunana puasa dina sasih Romadhon nyaeta katakwaan teh kahontal ku urang sadayana.
Hadirin Jamaah Shalat Jumat nu Mulya
Teu karaos, urang ayeuna lebet kana pertengahan
sasih Romadhon, tos lima belas dinten urang ngeusian sasih Romadhon ayeuna. Payus
tur pantes dina kasempetan ieu urang ngayakeun muhasabah, urang ngayakeun
evaluasi diri, urang taros ka diri urang sewang-sewangan, naha tos maksimal
urang ngeusian sasih Romadhon ayeuna ku lampah ibadah, naha teu acan ? mangga urang
emutan, puasa urang evaluasi, Ulah nepi ka puasa urang ukur meunang lapar jeung hanaang wungkul. Ulah nepi
ka urang kaasup kana golongan nu didawuhkeun ku Kanjeng Nabi SAW:
كَمْ مِنْ صَائِمٍ لَيْسَ
لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوْع وَالْعَطْش
Hadirin Kaum Muslimin anu mulya !
Aya hiji Hadits Rosulullah SAW, nu tos
sakedahna janten emutan urang sadayana, bahan muhasabah diri, bahan evaluasi
diri, bahan tafakuraneun diri, tur bisa jadi bahan motivasi dina raraga urang
neuleuman sagara ibadah dina sasih Romadhon ayeuna, malah mandar urang undak maqom
darajat hasil olah ibadah wajib oge nu sunahna dina salebeting sasih Romadhon ayeuna.
Hadits ieu diriwayatkeun ku Imam Al-Bukhari dina
kitab “Adabul Mufrad”. Dicarioskeun ti Shohabat Jabir bin Abdillah RA. Dina
hiji mangsa nalika Rasulullah SAW naek ka mimbar kangge ngadugikeun Khutbah, kadangu
tiap nincak hambalan mimbar Anjeunna ngucapkeun, “Amin,” dugi ka tilu kali dina
tilu hambalan. Para shohabat nu ngadangu
ngaraos heran, laju sarengsena Kanjeng Nabi SAW ngadugikeun khutbahna para Shohabat
naros ngeunaan hal eta. Ditaros ku para shohabat lajeng Rasulullah SAW ngajelaskeun
ku Dawuhanana:
لَمَّا رَقِيتُ الدَّرَجَةَ
الْأُولَى جَاءَنِي جِبْرِيلُ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَقَالَ: شَقِيَ
عَبْدٌ أَدْرَكَ رَمَضَانَ، فَانْسَلَخَ مِنْهُ وَلَمْ يُغْفَرْ لَهُ، فَقُلْتُ:
آمِينَ. ثُمَّ قَالَ: شَقِيَ عَبْدٌ أَدْرَكَ وَالِدَيْهِ أَوْ أَحَدَهُمَا فَلَمْ
يُدْخِلَاهُ الْجَنَّةَ، فَقُلْتُ: آمِينَ. ثُمَّ قَالَ: شَقِيَ عَبْدٌ ذُكِرْتَ
عِنْدَهُ وَلَمْ يُصَلِّ عَلَيْكَ، فَقُلْتُ: آمِينَ
"Nalika Kami naek ka mimbar
pas nincak kana hambalan kahiji Malaikat Jibril as. datang tuluy nyarita:
"Cilaka pikeun hiji jalma nu tepung jeung bulan Romadhon nepi ka Romadhon
pamitan manehna teu meunang panghampura tina dosa-dosana,” Laju ku Kami
dijawab, “Aamiin.” Tuluy nalika Kami nincak kana hambalan kadua, Jibril as. Nyarita
deui, "Cilaka pikeun hiji jalma nu manggihan indung bapana atawa salah
saurang diantara kaduana, tapi henteu nyababkeun manehna asup ka surga.” Laju
ku kami dijawab, “Aamiin.” Tuluy nalika Kami nincak kana hambalan katilu,
Jibril as, nyarita deui, “Cilaka pikeun hiji jalma, mun seug disebutkeun asma
anjeun (Rosulullah), tapi manehna henteu ngucapkeun shalawat,” Laju ku kami
dijawab, “Aamiin.” (Imam Bukhari).
Hadirin Jamaah Shalat Jumat anu mulya
Hadits munggaran maparin pangeling-ngeling ka
urang sadayana, utamana ka jalma-jalma nu Mukmin, nu Muslim tapi henteu bisa
ngagunakeun kasempetan bulan Romadhon pikeun ngagiatkeun dirina ibadah boh anu
wajibna kitu deui anu sunah, malah disebutkeuna oge jalma nu cilaka. Padahal,
urang tos pada uninga, yen di bulan Romadhon ieu pisan Allah SWT ngabukakeun panto-panto
surgaNa, ngonci pageuh panto-panto narakaNa, ngalungsurkeun RohmatNa, ngabuka salega-legana
lawang MaghfirohNa, tegesna MantenNa nampa pertobatan hiji hamba nu bener-bener
hayang dihampura tina dosa-dosa nu geus dipilampahna. Tos jelas, yen tilu bagian
waktu nalika datangna bulan Romadhon, sakumaha Dawuhan Rasulullah SAW:
وَهُوَ شَهْرٌ أَوَّلُهُ رَحْمَةٌ، وَأَوْسَطُهُ مَغْفِرَةٌ،
وَآخِرُهُ عِتْقٌ مِنَ النَّارِ
"Ari bulan Romadhon teh nyaeta,
dina bagian waktu awalna (diturunkeun) Rohmat, dina bagian waktu pertengahana (diturunkeun)
Hampura, jeung dina bagian waktu akhirna (diturunkeun katangtuan) dibebaskeunna
tina siksa seuneu neraka." (HR al-Khuzaimah sareng al-Baihaqi).
Hadirin Jamaah Shalat Jumat nu mulya
Ku hal ieu pisan, rugi tur cilaka kacida mun
seug kasempetan nu istimewa di bulan Romadhon ieu ku urang dilalaworakeun, ku
urang disapirakeun, ku urang diapilainkeun, tegesna henteu aya usaha pikeun
ngaraeh Rohmat Allah, teu kabita ngudag Maghfiroh Allah, teu hayang meunang
kabebasan tina siksa seuneu Naraka. Mangga Manahan! Mangga emutan ku urang
sadayana, naha urang lebet kana sasih Romadhon ayeuna tos maksimal ibadahna
atanapi ukur bubar kawajiban wungkul? Tegesna, teu aya tarekah demi ngudag undak
maqom darajat ibadah. Mun seug kitu, mangga mungpung masih keneh aya sababaraha
dinten deui urang eusian sasih Romadhon ayeuna ku tarekah ngagiatkeun diri dina
ibadah, puasa ayeuna kudu ka petik hasil kaala buahna pikeun jadi bekel mayunan
sabelas bulan nu bakal datang. Katakwaan nu jadi tujuan diparentahkeunana puasa
dina bulan Romadhon sing bener-bener kahontal, barokah Romadhon sing kaalap,
Rohmat Allah sing kapetik, Maghfiroh Allah sing kaala, Katangtuan dibebaskeun
tina siksa seuneu naraka masing karaeh, tuluy rengse Romadhon, tepung jeung
awal sasih syawal kaasup golongan jalma nu ‘Idul Fitri’ nu mulang kana kasucian
diri. Aamiin.
Sakitu khutbah nu tiasa didugikeun, hapunten
bilih aya kalepatan.
بَارَكَ اللَّهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيمِ،
وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيمِ،
وَتَقَبَّلَ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيعُ الْعَلِيمُ
Khutbah II
الْحَمْدُ لِلَّهِ حَمْدًا كَثِيرًا كَمَا أَمَرَ،أَشْهَدُ أَنْ لَا
إِلٰهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، إِرْغَامًا لِمَنْ جَحَدَ بِهِ
وَكَفَرَ،وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ، سَيِّدُ
الْإِنْسِ وَالْبَشَرِ، اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ، مَا اتَّصَلَتْ عَيْنٌ بِنَظَرٍ وَأُذُنٌ
بِخَبَرٍ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَا عِبَادَ اللَّهِ، اتَّقُوا اللَّهَ فِيمَا
أَمَرَ، وَانْتَهُوا عَمَّا نَهَى وَزَجَرَ. وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّهَ أَمَرَكُمْ
بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيهِ بِنَفْسِهِ، وَثَنَّى بِمَلَائِكَتِهِ الْمُسَبِّحَةِ
بِقُدْسِهِ. وَقَالَ اللَّهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيمِ: أَعُوذُ
بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ، بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيمِ،
إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ ۚ يَا أَيُّهَا
الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا اللهُمَّ صَلِّ وَ
سَلَّمْ وَبَارِكْ عَلَى سيدنا مُحَمَّد وَ عَلَى آل سيدنا مُحَمَّدٍ كَمَا
صَلَّيْتَ وَ سَلَّمْتَ وَ بَارَكْتَ عَلَى سيدنا إِبْرَاهِيمَ وعلى آل سيدنا
إِبْرَاهِيمَ فِي الْعَالَمِينَ إِنَّكَ حَمِيدٌ مَجِيدٌ. وَارْضَ اللهم عَنِ
الخُلَفَاء الرَّاشِدِيْنَ سَادَاتِنَا اَبِي بَكْرٍ وعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِي وَعَنْ
بَقِيَّةِ الصَحَابَةِ والتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِيْهِمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ
الدِّيْنِ اللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِينَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَ
الْمُسْلِمِينَ وَ الْمُسْلِمَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ الْأَمْوَاتِ إِنَّكَ
سَمِيعٌ قَرِيبٌ مُحِيبُ الدَّعْوَاتِ وَ قَاضِي الْحَاجَاتِ. رَبَّنَا لَا تُزِغْ
قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْهَدَيْتَنَا وَ هَبْلَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ
أَنْتَ الْوَهَّابُ رَبَّنَا لَا تَجْعَلْ فِي قُلُوبَنَا غِلَّا لِلَّذِينَ
آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَؤُوفٌ رَّحِيمٌ. اَللَّهُمَّ رَبَّنَا تَـقَـبَّلْ
مِنَّا صَلاَتَنَا وَصِيَامَنَا وَرُكُوْعَنَا وَسُجُوْدَنَا وَقُعُوْدَنَا
وَتَضَرُّعَنَا وَتَخَشُّعَنَا وَتَعَبُّدَنَا وَتَمِّمْ تَقْصِيْرَنَا يَا اَلله
يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَ فِي الْآخِرَةِ
حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ عِبَادَ اللهِ! إِنَّ اللَّهَ يَأْمُرُ
بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَ إِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى وَ يَنْهَى عَنِ
الْفَحْشَاءِ وَ الْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ
فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوهُ عَلَى نِعَمِهِ
يَزِدُكُمْ وَ لَذِكْرُ اللَّهِ أَكْبَرُ واللَّهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ
0 Comments