1. TARÉKAT TÉH GUNA USAHANA KAUM MUSLIMIN, DINA NGUATKEUN KAIMANAN.
Tarékat téh umum, kalebet ajaran Islam, guna usahana kaum Muslimin, sangkan kuat imanna, teguh Tuhidna ka Pangeran. Naon atuh alatna dina tarékat guna mempertebal iman? Nyaéta anu parantos dimafhum ku para Alim Ulama ngagunakeun Dzikrulloh (Éling ka Pangéran), sakumaha anjuran Nabi SAW. anu pihartoseunnana:
“Kuatkeun iman maranéh ku
ngalobakeun Dzikir”.
Kasebat Dzikrulloh gé umum, seueur warnana, anu sarupi ngucapkeun
"Alhamdulillah", "Subhanalloh", "Allohu Akbar"
jeung sabangsana, éta dinamian Dzikrulloh, nyaéta pisan anu disebutkeun
Tarékat, anu hartosna jalan keur ngusahakeun diri sangkan bisa émut ka Alloh,
keur ngilangkeun goflahna ati, keur nyengker sagala gogoda anu lebet kana
manah, anu akhirna sahingga jadi manusa kumureb, teleb ngabdina ka Gusti Alloh
swt, tengtrem ayem élingna ka Pangéran, sakumaha anu parantos didawuhkeun ku
Alloh swt dina Qur'an anu pihartoseunnana:
"Ari tandana manusa anu iman nyaéta reugreug atina, tengtrem manahna dipaké inget ka Alloh."
Anumawi Tarékat téh seueur warnana, di antawisna aya Tarékat Rifa'iyyah, aya Tarékat Satariyyah, aya Tarékat Samaniyyah, Tarékat Idrisiyyah, jeung saterasna-saterasna ti éta, anu sadaya tujuannana sami guna ngusahakeun diri supaya manusa imanna tebel, tauhidna kuat, sangkan jadi abdi Alloh salamina.
Nyakitu deui Tarékat Qodiriyyah Naqsyabandiyyah/Naqsyabandiyyah Kholidi ngagunakeun Dzikrulloh anu dikhususkeun acara utamana nyaéta Dzikir "Laa Ilaaha Illalloh" digunakeun ku lisanna, Dzikir "Ismudz-Dzat" digunakeun ku manahna.
Jadi atuh, henteu perlu némbongkeun pacéngkadan di antara urang, sakumna kaum Muslimin, terutama nu keur diajar Tarékat, margi sadayana sami tujuannana, nyaéta ngagunaken diri supaya jadi abdi Alloh.
Mudah-mudah salamina urang sadayana aya dina pitulung Alloh, dipaparin kasadaran guna saling mengerti, tiasa ngabuktikeun silih pikanyaah jeung silih hargaan, anu sahingga répéh-rapih sakumna kaum muslimin, tengtrem ayem masyarakatna jeung aman santosa bangsa, nagara jeung pamaréntahannana. Aamiin, Yaa Robbal 'Aalamiin.
Dicutat tina: Sintoris
Manaqiban : 11 SIlih Mulud 1389 H.
2. JADIKEUN SAGALA GERAK TÉH DIHAYATI KU PENGABDIAN, DIJIWAAN KU IBADAH KA ALLAH.
Pangabdian (éling ka Allah) téh teu diukur pédah keur di
Masjid baé, teu aya watesna, lega pisan ambahanana, di mana baé, pék usahakeun,
da lega ambahanana. Upama urang keur ngagaru, mangga tafakuran ti mana
mundingna, kaina, taneuhna, caina, binihna, sadayana gé teu aya kénging urang,
malah teu milu mantuan-mantuan acan.
Pék tungtut rizki ti
Alloh sabagi pangabdian (éling ka Allah), ulah teu sempet, di mana baé,
Jadikeun sagala gerak téh dihayati ku pangabdian, dijiwaan ku ibadah ka Alloh
nu khusu, fardhuna, sunatna, sholatna, puasana, zakatna, pék gunakeun nu cara
khusus.
Nu umumna mah, dagangna, buburuhna, maculna, di sawahna, di balongna eusian dina gerak-gerikna ku rasa ibadah ka Alloh, Insya Allah baris mangpa'at jeung mashlahat éta téh, sabab urang terus-terus pageuh hubungan jeung Nu KagunganNana. Urang sadaya teu perlu nyumputkeun atawa nyamunikeun diri, rasa teu kauninga ku Pangéran, sabalikna kudu bruk-brak, rasa nembrak tur terus terang. Cenah éta urang narajang dosa, unjukkan baé ka Pangéran, da moal aya deui nu baris ngahampura iwal ti Gusti Alloh SWT.
Ulah ieu mah
ngalampahkeun ma'siat ogé asa teu dosa. Puguh teu bener amal laku, asa bener
baé, salah ogé rasa teu salah. Kitu balukarna manusa nu henteu terus terang
(akibat atina teu éling ka Pangéran).
Ka Gusti Alloh tumanan ieu terus terang, komo ka papada manusa wani némbongkeun salingkuh, boh ka bojo atawa ka salaki, salingkuh téh nyaéta apan sok kaalaman ku urang ogé, di antarana nyimpen duit dina kopéah.
Akhirna, mudah-mudahan
taufik hidayah Alloh ngalimpah ka urang sadayana. Aamiin.
11 1390 H / 18 Maret 1970
3. SANGGUPKEUN KAMAMPUH DIRI DILATIH KU DZIKIR, SANGKAN TÉMBONG KAIKHLASAN.
Ngagunakeun dua: "Robbanaa Aatinaa Fid-Dunyaa..." sareng saterasna téh sanés sakadar diaos, namung lebetkeun kana ati, gerakkeun kana amal pelaksanaannana, supados urang hasil dunya, hasil akhérat.
Teu dicaram, teu dipongpokan naha rék jadi naon di dunya, rék boga kakayaan naon di dunya pék! Teu nanaon. Rék jadi naon Di akhérat pék ! Da disadiakeun ku Alloh. Ngan asal ulah arék jadi Nabi jeung Rosul baé.
Ulah asa-asa éta téh, tapi syarat mutlak, nyaéta tingali tangtungan urang nu badé ngagarapna. Palebah dieu urang kudu boga wiwaha, margi sakira urang teu kabawa 50 kg mah nyuhun, teu kedah maksakeun, pék atuh 10 kg heula. Ari ieu kumaha, ari nafsu hayang sakintal atawa malah ton-tonan, padahal mawa satengah kintal gé teu kuat. Jadi, dina kamampuhan téh kudu ngukur ka kujur. Lain ngabates ieu téh, ngan sing enya-enya ngalatih diri supaya urang leuwih kuat.
Mun kamari kuat 20 kg, atuh ayeuna mah sing bisa kuat 30 kg heula, da geus sadia ti Pangéran téh pikeun kabungahan urang di dunyana jeung di akhératna, ngan kari nanya diri baé.
Aturan-aturannana parantos diterangkeun ku élmu-slmu dina agama, terutama urang salaku masyarakat di nagara nu terpingpin, aya pamaréntahannana, nu teu saeutik bimbingannana pikeun ngahontal kakayaan dunya, nu matak jadi kaislahan keur pribadi, keur ahli, keur kulawargi, ogé pikeun masyarakat jeung nagara, kantun tangtungan jeung sikep urang sorangan.
Pek sanggupkeun kamampuhan diri kalayan latih ku dzikir, sakali deui ku dzikir, margi tanpa latihan dzikir mah moal témbong lillahi ta'ala, moal témbong kaikhlasan.
Ngeunaan sholat parantos diterangkeun dina ayat Qur'an:
Qod Aflahal-Mu'minuun
Alladziina Hum Fii Sholaatihim Khoosyi'uuna.
Bagja sotéh jalma mu'min
nu sholatna khusyu'. Tah kumaha upami dibalikkeun, kumaha upami teu khusyu'?
Atuh teu bagja. Cacak sholat éta téh nu ku urang kedah dipentingkeun sabagi
intina amal, luluguna laku lampah. Kumaha upami urang rék ngayakeun kakayaan
kirang kakuatan sareng kirang kakhusyuan, kirang katentreman? Éta gé nyakitu baé
moal tiasa hasil.
Ku kituna, pikeun dunya
sareng akhérat, kedah naros diri. Teu ngandung hartos meungpeuk éta téh, namung
mangga latih ku dzikir, bina ku éling ka Alloh, Insya Alloh hasil. Éta téh teu
pilih bulu, margi pintu terbuka ti Alloh Kop dunyana, mangga akhératna, teu
dipilih keur kiyai, keur santri, keur ménak sareng sajabina, teu aya, teu pilih
bulu. Ngan ulah kieu: rék dudunya mundur, rék ka akherat ngedul, nu akhirna téh
di dunya malarat, di akhérat kokoro, cik saha nu salah?
Tapi poma deuih, upama palay dunya baé kapan sumpahna gé sanés kitu, da palay dunya téh sareng akhelérat, palay dohir téh sareng batin, pék salaraskeun, da ku malaikat téh parantos kacatet, ku Alloh parantos kauninga.
Omat deuih, ulah ari ka
sawah bet tonggoy baé ngan ka sawah, malah sholat dhuhur gé dikantunkeun, badé
dikumahakeun atuh upami kitu? Boro-boro mayunan kakayaan anu mangjuta-juta,
cacak boga sawah sakotak gé dugi ka jadi halangan kana pangajian, halangan kana
manaqiban, halangan kana riungan khotaman, halangan kana riungan Dzikir. Badé
dikumahakeun diri téh atuh? Naon nu diarah?
Manaqib: 11 Muharam 1390 H / 18 Maret 1970
4. DINA DZIKIR TEU AYA PAKSAAN, TEU AYA PAPASÉAAN.
Ari nu nyilakakeun boh dunyana atanapi akhérat téh nyaéta adzabna naraka. Kumargi kitu, wangsul deui ka diri urang, pék talitian, bok milih méngpar tina pangabdian. Teu aya deui jalan kanggo ngalatih diri sareng ngabina badan téh nyaéta kudu ku dzikir, dzikir, sakali deui dzikir. Saba'da urang kiat, saba'da istiqomah, saba'da sanggup sabagi abdina, saba'da bener teguh salaku hamba Alloh, imanna tetep kebel, tauhidna kuat, pék geura lumpat, geura tungtut, geura rangkul, geura usahakeun dunya Alloh ku abdi Alloh, akhérat Alloh ku hambana ilahi.
Ari ieu kumaha, éta téh lepat nyalira, sanés dunya nu teu aya, sanés akhérat nu teu nyampak, sanés dunya nu teu dipasihkeun, sanés akhérat nu teu disanggakeun, namung manusana ku anjeun anu alim (embung), alim miarana, alim ngarangkulna, jadi wangsul deui ka manusa ku anjeun.
Kumaha ari carana
ngabdina? Ari carana ngabdina salaku nu nganyatakeun sabagi abdi, kedah
disadiakeun ku urang.
Para mubaligh para murid disebarkeun saluas-luasna ka unggal poloksok sangkan nyebar ka tiap-tiap tempat, tah di tiap-tiap tempat téh pék sadiakeun tempat pangajian, tempat khotaman, tempat manaqiban, tempat-tempat jama'ah dzikir sareng sholat, éta téh tandana nganyatakeun pembinaan diri salaku jadi abdi Alloh. Sempatkeun, di mana baé éta téh, sanés di Suryalaya baé.
Sok sebarkeun Dzikir ka pelosok-pelosok dunya, tapi sing inget dina Dzikir teu aya paksaan, teu aya papaséaan komo bari teu bisa silih hargaan. Kedah sing hayang diri urang téh reureujeungan jeung batur, berjama'ah dzikir salaku pembinaan, berjama'ah khotaman, berjama'ah manaqiban. Tah, di dinya téh baris nambihan, mingkin wedel, mingkin kuat.
Teu dicaram urang aya kahayang-kahayang naon baé ogé asal halal. Hayang kaya, hayang usaha, pek baé! Tapi wedelan diri, sabab lamun teu wedel diri, dimilikan ku Gusti Alloh kadang-kadang dipaké lalawora, takabur, lacut jeung teu puguh. Tah nu kitu ngandung harti yén dirina can kuat.
Kumaha mun diparengkeun dibérd teu boga, dibéré rugi atawa mundur? Mun dibéré nu kitu, kalah ka pundung. Nya upama pundung ka ibu rama mah aya meueusan, tapi ieu mah sholat dipundungan, khotaman dipundungan, malah masjid ogé dipundungan. Nu kieu disebatna beuki nyucud, tandana dirina sanés mingkin kuat namung mingkin cilaka.
Ku kituna beuki écés sareng atra, yén urang téh leres-leres ku Alloh disadiakeun kanikmatan kanggo dunya sareng akhérat nu parantos dikarandapkeun ku urang mangpuluh-puluh taun, upamina baé "rénghap".
Teu aya hiji rénghap nu
kacampuran kenging urang. Teu aya hiji kiceup nu kenging ngadamel urang. Ku
kituna, sing insap, ulah pajarkeun téh ngan tugenah baé, susah baé. Padahal ti
baheula ogé tetep sami ngarénghapna, sami tuang leueutna.
Mangga raraoskeun, bujeng-bujeng dunya nu badé dongkap, kakayaan atanapi naon baé nu disuhunkeun, dalah nu dibabantun ti kapungkur gé bet can katarimakeun kénéh baé ka Pangéran. Di mana kénéh atuh badé némbongkeun kasanggupan?.
Manaqib: 11 Muharam 1390 H / 18 Maret 1970
Wallaahu A'lam.
Bilbarokah Walkaromah
Sayyidi Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin Q.S Alfaatihah
.png)
0 Comments