1.
ULAH
NGAHINA, NYAWAD ATAWA NYELA
"Yaa Ayyuhhal-Ladziina Aamanuu Laa Yaskhor Qaumun Min Qaumin 'Asaa An yakuunuu Khoiron Minhhum Wa Laa Nisaa'un Minn Nisaa'in 'Asaa 'An Yakunna Khoiron Minhhunna Wa laa Talmizuu Anfusakum Wa Laa
Tanaabazuu
Bil Aqoobi Bi'sal Ismul Fusuuqu Ba'dal-Iimaani wa Man Lam Yatub Fa'Ulaa'ika
Humudh-Dhoolimuun".
"Héh! Jalma-jalma nu ariman, ulah arék ngahina ka batur, lantaran bisa jadi nu dihina téh leuwih alus ti manéh (boh awéwé atawa lalaki). Ulah arék silih carékan jeung sasama, ulah ngagentraan ku sebutan anu goréng. Ngaran nu panggoréng-goréngna nyaéta pasék saba'da iman. Sing saha anu embung tobat, éta téh jalma aniaya".(Al-Hujarat 11).
Ulah arék ngahina jeung nyaci, sabab boa teuing alus nu dipikangéwa tinimbang nu mikangéwa. Boa alus nu dicacad batan nu nyacad. Boa alus nu dihina batan nu ngahina. Pikeun ngabendung éta, piceun rasa, alus urang batur goréng, rasa cukup tukang ibadah, nyangka salah baé ka batur, jeung sok agul. Pikeun nga-erém-na nyaéta bersih ati ikhlas rasa. Poma ulah ngalakukeun ibadah dibarengan ku takabur, ria, ujub jeung puyak-poyok, alatan éta ibadahna bisa teu jadi.
Mun mah dihina, wayahna kudu sabar.
Ku sababiyahna sabarna éta, sugan wéh nu ngahina bisa éling deui. Mun mah
kakara dipoyok geus ambek, mangka moal aya eureuna. Mun dihina, pék geura urang
téh cicing. Mun dipoyok, pék geura urang téh répéh, tangtu geura aya perbaikan.
Rék ku saha deui atuh dirasakeunana sabar jeung tawekal téh lamun lain ku diri
urang sorangan mah.
Témbongkeun sabar jeung antep kana panghina jeung pamoyok batur. Hasilna tina sabar, nyaéta répéh-rapih mashlahat lahir batin. Thorékat ieu ulah dipaké galideur deui sabab ngarupakeun tugas ti Alloh paréntah ti Nabi. Mun dipaké galideur, tangtu moal aya hasilna.
Kanjeng Nabi SAW ngadawuh:
"Alloohu Robbunaa wa Robbukum lanaa A'maalunaa wa Lakum A'maalukum Laa Hujjata Bainanaa wa Bainakum."
"Allah Pangéran urang saréréa. Amal urang keur urang, amal batur keur batur. Ulah jadi papaséaan di antara urang saréréa".
Omat ulah pacékcokan, éta téh cacad tina amal, matak rungkad amal. Geura urang nyonto ka Nabi, nalika tabligh di Tho'if, Anjeuna ditalénggoran dugi kabaloboran getih, teras ditawisan ku malaikat supados éta jalma anu nalénggoran téh diancurkeun, ari walerna:
"Héh malaikat, lamun éta jalma diancurkeun, kumaha teuing engké anakna? Upama bapana ayeuna embungeun, susuganan atuh incuna daékeun".
Tah kitu tabahna Rosululloh SAW.
Jalankeun Syaréat, Thorékat, Hakékat jeung Ma'rifat, ngarah ngeusi badana, ngeusi nyawana, ngeusi rasanana, jeung ngeusi rasaning rasana. Alat keur ngeusikeunana nyaéta Inget Ka Allah Dzikir Ka Pangéran.
Eusikeun éta dzikir kana tiap-tiap lathifah, tina qolbi, ruhi, sirri, khofi, akhfa, nafsi dugi ka qolab, bulu, kulit, daging, tulang, sumsum, urat jeung getih pinuh ku rasa dzikir. Éta dzikir moal ngeusi mun tetep balangah.
Ibadahkeun badan kucara ngalaksanakeun fiqih. Ibadahkeun nyawa kucara ngalaksanakeun tasawuf.
Ibadahkeun rasa kucara
ngalaksanakeun tauhid. Ibadahkeun rasaning rasa kucaraning yaqin sayaqin
yaqina.
Teu kasebut yaqin upama can bener-bener percayana, sakapeung percaya, sakapeung cangcaya. Éta téh hartina kosong. Mun keur loba duit percaya sagala meunang Allah, tapi mun keur teu boga duit cangcaya ka Pangéran. Keur ningkatkeun yaqin, mangka dzikirna kudu sumarambah kana tiap-tiap lathifah ngarah ningkat kana muroqobah.
Isro Mi'roj téh ngandung harti, Isro téh "Lumampah Terus Pantang Mundur." Mi'roj téh "Naék, naék terus naék." Jadi, hartina Isro Mi'roj téh nyaéta ngalampahkeun ibadah nu teu aya eureuna. Rék kumaha lumampah dina ibadah anu teu eureun-eureun mun dina dzikir gé sok dipaké ngalamun, kulantaran kitu kudu:
" Udkhuluu Fìs-Silmi Kaa-ffah".
"Asup kana islam sagemblengna".(Al-Baqoroh 208).
Nyaéta rasa sumerah ka Pangeran, nyanggakeun ka Pangéran, nyerahkeun ka Pangéran. Amal urang gumantung kana penyerahanana:
"Inna Sholaatii wa Nusukii wa Mahyaaya wa Mamaatii Lillaahi Robbil 'Aalamiin". "Saéstuna sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi, maot abdi masrahkeun ka Gusti, Pangéan sakabéh alam." (Du'a Iftitah).
Pentingna dzikir sing dugi ka aya sorana, ngarah timbul resep. Geuning dawuhan Nabi SAW:
"Alaamatu Hubbillaahi Hubbu Dzikrillaah".
"Cirina resep ka Allah téh nyaéta resep dzikir ka Alloh".
Naha nu sok dzikir tos timbul resepna? Mun mah samenit resep sajam teu resep mah can kasebut resep. Kakara ge narik dzikir 3 ka 4-na tos Sayyiduna mah can kaasup resep, lain tara dzikir tapi can resep kana dzikir.
Rasa resep bisa timbul alatan ditumanan. Ari tos resep mah sok ngancik ma'rifat, nyaéta nyerah kabéh ka Pangéran, boh dina keur ibadah, cacak-cacak dina keur dahar-nginum gé atawa keur naon baé teu weléh raga katut nyawa dipasrahkeun ka Pangéran. Nu ngarana pasrah téh lain badan mendekong haté nukang.
Pak pigawé Thorékat Qodiriyah Naqsyabandiyah ieu téh, kalawan enya-enya sanajan ngan kakara rubuh-rubuh gedang gé, syaréat mah urang paké, sanajan ngan ukur maca-maca baé mah thorékat dijalankeun, sangkan éta syaréat jeung thorékatna, badan jeung haténa ngocor kana Lillà hi Ta'à la.
Jalma anu Lillà hi ta'ala téh nyazta jalma anu salawasna haténa éling dzikir ka Gusti Alloh, sakumaha dawuhan Nabi SAW:
"Dziikrul Khofi Afdholu Min Dzikril Jahri Sab'iina Du''fan".
"Dzikir khofi leuwih utama tibatan dzikir jahar, 70 tikeleun alusna". (HR.Baihaqi).
Dawuhanana deui: "Laa Tasma'ul-Hafadho". "Teu kadangueun ku Malaikat Hafadho". Teu kadangu, teu katulis jeung teu kacatet, anging Alloh anu ngadangu, anu nulis jeung anu nyatet. Amal anu lali tina Dzikir Khofi, mangka Alloh ngadawuh: "Euweuh gening lillahi-na téh? Euweuh gening ka Aing mah?".
Kapan upama kitu téh dibalikeun deui
amal urang téh, malah diténggorkeun kana beungeutna nu boga amal, sabab pinuh
ku ria, ujub jeung takabur. Pikeun jalma nu geus diasupan dzikir khofi kudu:
Idzabtuliya Shobaro wa Idzaa U'thiya
Syakaro". "Di mana datang musibah kudu sabar, di mana datang bungah
kudu syukuran".
Mun datang musibah, harita kénéh kudu karasa yén musibah téh ti Alloh, teu kudu ditaléngténg deui. Kadongdora atuh mun kapanggihna geus 8 poé atawa saba'dana nyiksa anak jeung pamajikan, bari teu pira musibahna, pédah paré ku beurit.
Mun datang bungah, harita kénéh syukuran ka Allah. Mun geus ajeg dzikir khofina mah, datang musibah sabar, datang bungah syukur, sabab geus ngarasa yén awak sorangan gé loba salahna.
Kaunggel dina Hadits Qudsi:
"Sing saha nu teu pasrah sumerah kana papastén ti Kami, sing saha nu rék teu sabar kana sagala balai ti Kami, sing saha nu teu syukur tumarima kana anugrah ti Kami, pék bijil ti kolong langit Kami, pék néangan deui Pangéran lain ti Kami".
Sakitu sangetna bendu Alloh téh alatan teu tepung rasa urang kana rasa lillah, margi Allah tos ngadawuh dina hadits qudsi: "Kami téh ingetkeuneun manusa, rasakeuneun manusa, manusa gé rasa ti Kami. Pek rasakeun sagala gé, da kabéh gé beunang Alloh".
Dibéré kieu lain, dibéré kitu lain, atuh mun kitu mah hayang lain. Pikeun miceun musibat, pék ancikeun dzikir khofi sina sumarambah kana tulang nepi kana sungsum, ambéh salawasna asa kaintip terus ku Alloh, tah éta anu disebut muroqobah téh.
Éta dzikir pigawé enya-enya pikeun ngeusian rasa, ulah dugi karéwong ku sagala aturan. Mun manggih kanyeri atawa kasusah, anggap baé lalab rumbah, samara ti Allah pikeun ngalatih diri urang.
2. ASAL
MUASAL MANUSA TINA OPAT UNSUR (CAI, ANGIN, SEUNEU JEUNG TANEUH)
Dina ayat Qur'an anu pihartoseunnana kieu:
"Saenya-enyana Kami ngayakeun manusa tina racikan taneuh (Numutkeun para alim ulama, dina tafsirna, harti tina racikan taneuh téh nyaéta kumpulna unsur-unsur cai, angin, seuneu jeung taneuh), tuluy Kami ngajadikeun tina unsur-unsur éta jadi mani anu dieusikeun kana tempat anu khusus nyaeta rahim ibu. Tuluyna éta "mani" dijadikeun "getih kimpel", ningkat deui éta getih kimpel téh jadi "daging kimpel", tina daging kimpel dijadikeun "tulang", akhirna tulang-tulang dibuntel ku "daging". Sanggeus kitu Kami ngajadikeun "makhluk anu sampurna" nyaéta dieusian "roh".
Mitutur pamendak Paraji cara
sesebutannana kieu:
"Mimiti mani ngancik dina pianakeun ibu. Dina umur sabulan disebutna "ngahérang". Dina dua bulan disebutna "ngalénggang". Dina katilu bulan disebut "gumulung". Dina kaopat bulan disebutna "mirupa". Dina kalima bulan disebutna "usik". Dina kagenep bulan disebutna "malik", sabab éta murangkalih téh geus daék bulak-balik dina jero patuangan. Katujuh bulanna disebutna "kolot". Kadalapan bulanna disebutna "ngora", sabab éta murangkalih téh jadi ngora deui.
Kasalapan bulanna disebutna "medal", sabab geus cukup waktuna éta murangkalih téh medal ka "alam lahir". Kitu sotéh mani upama narajang ku sifat-sifat "Jamaliyyah"Na Gusti Allah tuluy tumuluy anu akhirna jadi manusa. Tapi lamun éta mani upama narajang sifat "Jalaliyah"Na Allah, akhirna kaluar deui ti ibu jadi kotoran (haidh). Tah kumargi éta, upama naliti asal muasalna manusa anu geus dijéntrékeun dina ayat Allah tadi, yén urang téh anu asalna tina racikan taneuh.
Jadi sakumna manusa teu aya bédana, atuh henteu kudu aya rasa leuwih tinu séjén, da buktina samodal, boh istri boh pameget samodal, boh anu kayana, boh nu pakirna, boh nu pinterna boh nu bodona, boh nu ménakna, éstu sami kénéh modalna tina taneuh, anu tug dugi ka jadi mani.
Saleresna mah mani téh aci ning aci tina unsur-unsur anu opat, nyaéta: cai, angin, seuneu jeung taneuh, anu mimitina tina rupi-rupi tuangeun sareng leueuteun, hampasna kaluar deui, acina jadi kakuatan badan, aci ning acina jadi mani, anumawi disaurkeun dina al-Qur'an asalna manusa téh tina mani.
Geuning dina babasan sunda mah, éta mani téh dipaké tanda nuduhkeun ka diri manusa, misalna si Dadap téh mani beunghar, si Waru mani pinter, si Wangsa mani pakir. Tah anu jadi ménak téh nurutkeun komara bahasa sunda mah nganggo bahasa mani. Singhoréng pangéling-ngéling ka tiap-tiap diri manusa supaya ulah sok poho ka wiwitan (purwa daksina).
Mangga ku para hadirin émutkeun, sageuy teu sapagodos, upama urang sadaya ninggal kana asal pusakana manusa, nyaéta urang sakumna teu aya geusan kudu takabur, nyieun adigung adiguna, boga rasa beunghar aing henteu batur, boga rasa pinter déwék henteu lain, jeung sajabana.
Malah kudu sabalikna, jadi rasa rendah ka sasama manusa, terutama kudu akur jeung dulur-dulur, tebih tina sifat papaséaan pacéngkadan, sahingga akhirna jadi huru-hara ka sakumna.
Geuning dawuhan Rosululloh ogé kieu pihartieunnana: "Sakabéh anu dilahirkeun éta manusa kaayannana suci (fithroh)", Teu pilih putra sahana-sahana, kabéh ogé ku Kanjéng Nabi mah dianggap suci.
Naon atuh sabab-sababna, geuning aya manusa boh tékadna boh ucapna, boh amal lakuna sok aya dina mahiwal, méngpar tina kasuciannana, sulaya tina kafithrohannana.
Éta téh kitu jujutannana, Asal pusakana manusa téh nyaéta tina tina unsur anu opat téa, anu akhirna jadi mani. Éta téh aya ngandung watek-watek tabéat matak jadi manpaat jeung anu matak jadi madorot.
3. ULAH RÉK NALÉNGTÉNG KANA PAHALA/GANJARAN ALLAH
Laku lampah urang asal tina 4 anasir. Mun urang gedé ambek, éta téh gedé teuing seuneuna. Mun urang loyor tolohéor, éta téh loba teuing caina.
Ari
sholat, éta téh némbongkeun tumarima kana nikmat ti Pangéran. Mun sok sholat
tapi resep paséa, iraha atuh némbongkeun tumarima kanikmatan ti Allah, da kana
umur mah teu aya nu terang, duka isuk, duka pagéto.
Moal, para sadérék, Gusti Allah mah moal sulaya, éta tergantung ka sikap urang. Gunakeun kasempatan ku pinuh tumarima ka Allah. Urang sagala bisa ti Gusti Allah. Babacaan gé ti Gusti Allah.
Ulah rék naléngténg kana pahala, bet kawas jual beuli. Naha Pangéran téh tukang dagang kitu? Rajeun sholat bet menta bati. Amal perbuatan téh dipaké buburuh.
Urang kudu boga rasa kaponcongok ku Gusti Allah, boga rasa babarengan jeung Gusti Allah. Ari ieu kumaha? Ari Pangéran ngabarengan ka urang tapi asa teu katitén baé mun ngalakukeun kalakuan teu bageur téh.
Prak dzikir ulah maké itungan. Nu bodo, nu pinter, pék dzalikir supaya saladar salaku abdina Allah.
Ari Dziki téh ibarat keur nguseup. Ari useup téa aya tali, jeujeur, useup jeung eupan. Tanpa lengkap anu 4, moal arék bebenangan. Kudu kumplit. Jeujeur kudu leuleus, ulah ku tangkal haur nu jeugjreug. Talina anu liat, ulah ku bagedor anu rapuh, da bagedor mah ku beunteur gé pegat. Kapan ayeuna mah aya kenur geuning. Useup ulah tina ruruhit supaya teu lésot deui laukna. Eupanna sina alus.
Leuleus jeujeur hartina luyu diri kana ibadah, teu kudu dikohkolan baé, kapan ari heuras mah jegjreg awakna, sanajan dibedugan gé heuras baé teu daék indit. Geus komo hudang ti peuting mah, teu weléh kapiheulaan ku banceut baé.
Talina nu liat, nyaéta kenur, hartina "kanurin" atawa cahaya Dzikir Khofi. Kenur téh nu labas, ulah loba tumbuna, anu hartina ulah loba élodan. ..
Saur kasepuhan Pa Haji Adimaja mah: "Kudu leuleus jeujeur liat tali, raos dipecatkeunnana". Sing anteng dzikir teh ulah luar-leor. Mun nguseup teu cicing, teu tuhu, moal aya anu nyangut, atuh dzikir gé pon kitu deui kudu anteng cicing, khusu, sugan baé aya anu nyangut, ulah keuna ku gogoda, sabab aya kalana keur nguseup téh ana durugdug aya anu nyangut, marukna lauk, sihoréng kuya atawa gebog palid atawa rérénténg pisan. Tah dzikir gé sing anteng, ulah disangut ku godaan syétan ku nu teu dipiharep ku urang.
Kumaha geura, rajeun téh urang mah sirah tungkul, tasbé muter, bet disangut ku ngitung duit, disangut ku nagihan. Kumaha atuh sangkat anteng tur disangut ku nu dimaksud, taya lian kudu bisa ngabédakeun. Ari disanggut ku rérénténg mah pasti pabeulit, atawa mun dzikir mah nundutan, cul tasbelé tuluy baé kerek. Ari nguseup ngarah naon? Kapan ngarah lauk. Ari lauk téh nyaéta diibaratkeun mahabbah ka Pangéran.
11 Muharam 1390 H./18 Maret 1970 M.
Pangutama-utamana amal nyaéta ngaraksa ngariksa tina méngparna rasa poho ka Gusti Alloh". Éta wasiat Sulthon Aulia, ku urang kudu kacida diperhatikeunnana, sabab lamun ati urang atawa rasa urang méngpar tina élingna ka Allah, tangtu balukarna jadi laku lampah manusa anu teu mangpaat, anu teu mashlahat.
Sabab
numutkeun Dawuhan Alloh anu hartosna: "Saha-saha jalma anu atina méngkol
atawa méngpar tina inget ka Allah, dawuhan Alloh, Kami bakal ngahijikeun
maneméhna jeung syétan".
Atuh ari syétan geus ngalindih mah ka diri urang salaku urang manusa dina amal lakuna/amal perbuatannana, matak bahaya ka diri, ogé ka masyarakat jeung nagara. Lampah salahna téh geus teu asa-asa deui dianggap sipat biasa, geus teu inget kana pikasalameteun, geus jadi manusa anu lupa daratan, tunggul dirarung catang dirumpak.
Sakumaha Dawuhan Allah dina Qur'an anu pihartoseunnana: "Aya ogé para manusa anu dina atina aya panyakit, saperti hianat, ngunek-ngunek, sirik-pidik, dolim, mecah belah jeus sajabana, éta téh ngabalukarkeun bencana, malah bisa ngajadikeun huru-hara".
Maotna jalma anu kitu kaasup jalma kapir. Sabab ieu pisan Sulthon Aulia sahingga ngawasiatkeun kudu ngaraksa ati ngariksa rasa tina pohona ka Pangéran. Nyakitu deui sakumaha anu parantos didawuhkeun ku Alloh dina Qur'an anu pihartoseunnana:
"Diwasiatkeun/disadiakeun naraka well pikeun manusa anu teuas atina henteu daék inget ka Alloh."
Sulthon Aulia ngadidik ka urang sadayana kudu ngagunakeun usaha supaya bagja dunya akhérat. Dawuhannana:
"Alloh maparinkeun kabagjaan, maparinkeun kawaluyaan keur manusa sakumna, boh dunyana, boh akhératna".
Urang terang yzn bagja téh ti Alloh, tapi lamun urang teu ngusahakeun tangtu moal aya hasilna. Di urang téh geus kumplit, aya karepna, aya kabisana, aya kadaékna, ngan tinggal daékna wungkul, boh kana pertanian, boh kana perdagangan jeung sajabana, anu kabéh ogé anugrah ti Mantenna Gusti Alloh swt.
Jadi, anu jadi poko mah ka urang saréréa nyaéta "Poho ka Pangéran", anu matak jadi kedul, jadi mumul, henteu daék ngusahakeun kabagjaan kawaluyaan dunya akhératna, anu akhirna di dunyana kokoro, di akhératna kékéré.
Numutkeun Pudawuh Nabi anu pihartoseunnana:
"Dunya ieu téh pepelakkan pikeun akhérat, sing saha jalma henteu daék pepelakkan tangtu moal mampu hasil di akhératna",
Tegesna, ieu hadits nétélakeun lamun urang mimitina henteu susah payah heula ngusahakeun, tangtu akhirna/engkéna moal aya buah kabungahannana/hasilna boh keur dunya boh keur akhérat.
Jadi ku kituna, perlu di urang aya kadaék. Kadaék éta (usaha) jadi sabab kana ngahasilkeun anu dimaksud. Geus sumawonna urang ningali kana surat wal ashri, Iinnal Ingsaana Lafii Khusrin Illaa..." Jeung saterusna,
Anu pihartoseunnana: "Dina waktu ashar ieu manusa-manusa aya dina karugian", tegesna, cara urang sadayana anu ngalaman dina zaman akhir ieu. Didawuhkeun ku Alloh sakabéh manusa pada rugi.
Dicutat tina: Sintoris
Manaqiban:
11 Silih Mulud 1389 H
Bilbarokah
Walkaromah Sayyidi Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin Q.S Alfaatihah
.png)
0 Comments