DONGENG SASAKALA REUNGIT SOK NYOCO KANA CEULI MANUSA



1. SASAKALA REUNGIT SOK NYOCO KANA CEULI MANUSA

Di jaman baheula aya hiji karajaan nagara reungit, anu diratuan ku reungit awéwé. Éta nagara téh pohara beungharna kacida. prajuritna garagah, kitu deui patihna anu satia.

Sang ratu kacida gindingna, pakéanana harurung hérang, ditambah maké geulang jeung suweng emas (perhiasan anting-anting jeung giwang emas), mani wibawa pisan pokona mah sang ratu téh.

Dina hiji peuting keur jemplang jempling, aya hiji jelema nu keketeyepan asup ka karajaan reungit éta, kabeneran prajurit anu jaragana téh saré talibra, atuh jongjon éta jelema asup ka kamar ratu. Kabeneran ratu ogé keur tibra naker deuih.

Karayap éta jelema ngadeukeutan sang ratu reungit, tuluy suweng emas nu dipaké ku ratu reungit dicopot, tapi kakarak gé dicopot sabeulah ratu reungit éta kaburu hudang mantén, tuluy gogorowokan. “Tulung.. tulung.. tulung..!”

Éta jelema terus langsung lumpat kabur kaluar bari mamawa suweng sabeulah. Prajurit anu jaraga tuluy ngarudag, tapi éta jalma angger teu ka susul.

Isukna sang ratu maréntah ka prajurit jeung rahayatna. ”Sakabéh bangsa reungit kudu naréangan suweng anu dipaling éta, tempoan kabeh dina unggal ceuli jelema!” Ceuk ratu reungit.

Ti harita, sakabéh reungit naréangan éta suweng nepi ka kiwari, reungit-reungit téh masih kenéh naréangan éta suweng nu sabeulahna. Nempoan kana unggal ceuli jelema-jelema bari disada “Suwengngng! Suwengng! Suwengng!” Cenah.

Caaag. 

2. SASAKALA HAYAM JAGO KONGKORONGOK UNGGAL JANARI NEPI KA BRAY BEURANG 

Dicaritakeun dijaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray sok ngalamun baé bari jeung sok dangdan mapantes manéh, tapi keukeuh baé manehna ngarasa teu pantes lantaran teu boga tanduk mangkaningan rék ngahadep ka déwa.

Sanggeus mikir lila, manéhna karak kaingetan ka babaturana sakadang titinggi, maksudna arék titah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan.

Teu lila, si naga ménta anteur ka sakadang titinggi. Sanggeus kapanggih jeung jago, dicaritakeun tah kabéh maksudna ka jago, rék nginjeum tanduk heula cenah, engké dianteurkeun deui ku sakadang titinggi ceuk sakadang naga téh ka jago.

Hayam jago teu nembalan, da lantaran geus apal pikiran jahat jeung licikna si naga. Tapi, lila-lila naga ngarayu, ahirna jago ogé merekeun tandukna ka sakadang naga.

Ceuk naga téh ka jago “Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi samemeh panon poé bijil, lamun can balik baé, bisi kaula poho, maneh méré tanda wéh kongkorongok sing ka tarik!”

Geus kitu mah, jug wéh naga jeung titinggi téh marangkat. Ari isukna saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok satarik-tarikna. Sakali, dua kali, tilu kali, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh.

Terus jago téh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep wéh titinggi teu datang-datang. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang-datang. Keun sugan cenah peuting isukan ceuk hayam téh. Tapi angger wéh anu ditanggoan nepi ka beurang titinggi teu datang kénéh baé.

Saking ambekna kacida éta hayam jago téh, nepi ka rék nyancem lamun ceunah si sakadang titinggi datang, arék di pacok nepikeun ka paéhna.

Ti harita hayam jago téh tiap isuk, sok kongkorongok sarta mun kapanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paéhna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

**********

Eusi atawa hikmah anu bisa di cokot nya éta: Ari hirup téh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek baé di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.

Caaag.

3. MANG JUHA IJAB KABUL

Nalika geus paadu hareupan laju Ki Ihan patarema leungeun sasalaman jeung Mang Juha nu bakal jadi Minantuna, pokna:

"Yeuh Jang Juha bapa nikahkeun jeung ngawinkeun anjeun ka putri teges bapa Nyi Rukami kalayan mas kawin emas lima gram di bayar kontan." Ijab Ki Ihan ka Mang Juha bari langsung ngenyedkeun leungeunna.

Dikitukeun atuh laju Mang Juha ngucapkeun Qabulna bari rada legeg make basa Arab: "Qobiltu Nikaahahaa wa Tazwijahaa wa 'Aafihaa wa'fu 'Anhaa wa Akrim Nuzuulahaa.,.."

Atuh saur manuk nu hadir reang: "Aamiin."

Caaag.


4. MANG JUHA MOBILNA PEUPEUS

Kocapkeun Mang Juha meunang modal gedé meunang nginjeum ka Sudagar beunghar di lemburna. Éta modal téh ku manéhna dibalanjakeun meuli endog bébék, nu satuluyna éta endog bébék téh bakal didagangkeun. 

Teu kacatur endog bébék meunang balanja téh di eusikeun kana dua bakul nu geus ditilaman ku jarami garing ngarah teu pareupeus. Tuluy éta dua bakul nu eusina endog bébék téh ditanggung. Ngahaja teu balik heula ka imah, harita Mang Juha tuluy ngider ngurilingan lembur ngadadagangkeun endog bébék.

Wanci panon poé satangtung atawa jam tilu soréan, daganganana tinggal sabakul deui. Bari ngaso, reureuh dihandapeun tangkal kiara sisi jalan lembur.

Bari nyarandé kana tangkal kiara, harita Mang Juha nyanghunjarkeun sukuna sabeulah.

Bari ngiplik-ngiplikkeun dudukuy samakna kana awakna nu rada jibrug ku késang, bakul daganganana disimpen di hareupeunana, bari rada diilikan endog daganganna, diitung, dientep, dirapihkeun, tuluy manehna nyarande deui awakna kana tangkal tempatna ngiuhaan, bari pikirananana pinuh ku lamunan. Kadenge gegerendengan ngomong sorangan,

"Lumayan yeuh dagang téh, beubeunangan, bisa balik modal," Gerendengna, "Mun geus kitu dewek pasti bakal boga duit loba." Sambungna deui.

"Mun geus boga duit loba, déwék bakal meuli embé, tah ganti ngurus embé moal dagang endog deui." Lamunan beuki ngacacang.

"Mun geus loba embé ku déwék bakal dijual ganti meuli munding, tuluy éta munding ku déwék diurus nepi ka reuay anakan."

"Bener, aing bakal jadi jelema beunghar kaya kieu mah, munding nu loba ku déwék dijual sawaréh pikeun waragad ngawangun imah nepi ka sigrong, sésana ku déwék bakal dibeulikeun kana sawah jeung kebon."

"Kebon jeung sawah ku déwék diurus, nepika bisa panén kalayan mucekil, hasil panén ku déwék bakal dibeulikeun kana kandaraan."

"Déwék bakal meuli mobil nu panganyarna, ngarah déwék ngeunah jalan-jalan ngurilingan kota jeung lembur, moal capé deui déwék kukurilingan nyaba téh ari boga kendaraan mah, déwék mah moal kekebutan rék alon wéh maké mobilna,"

Kituna téh Mang Juha bari pepeta siga nu keur nyetir mobil, leungeunna katingali siga nu keur nyekel setir, sedengkeun sukuna tétéjéh lir ngajejek rem jeung nincak gas, atuh teu ku henteu, bakul endog daganganna téh kajejek nepika bahé, kabéh endog pareupeus, ningal kitu Mang Juha ngagurubug reuwas, bari muru bakul endog kadéngé hariweusweus nyarita,

"Gusti...! Mobil déwék peupeus, mobil déwék peupeus, mobil déwék peupeus"

?????

Caaag.

 

Post a Comment

2 Comments

Anonymous said…
Bisaan mang wangsa.. 😆
Husni Mubarok said…
Bisaan mang wangsa.. 😆