أَيُّهَا الْاِخْوَانُ أُوْصِيْكُمْ وَاِيَايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ، بِامْتِثَالِ أَوَامِرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ. قَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: قَالَ الَّذِيْ عِنْدَهٗ عِلْمٌ مِّنَ الْكِتٰبِ اَنَا۠ اٰتِيْكَ بِهٖ قَبْلَ اَنْ يَّرْتَدَّ اِلَيْكَ طَرْفُكَۗ فَلَمَّا رَاٰهُ مُسْتَقِرًّا عِنْدَهٗ قَالَ هٰذَا مِنْ فَضْلِ رَبِّيْۗ لِيَبْلُوَنِيْٓ ءَاَشْكُرُ اَمْ اَكْفُرُۗ وَمَنْ شَكَرَ فَاِنَّمَا يَشْكُرُ لِنَفْسِهٖۚ وَمَنْ كَفَرَ فَاِنَّ رَبِّيْ غَنِيٌّ كَرِيْمٌ
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah Rahimakumullah!
Puji sareng
syukur urang sanggakeun ka Allah swt. ku ucapan Alhamdulillaahilladzii Bi
Ni’matihii Tattimmush-Shoolihaât, syukur urang sadayana kana sagala kanikmatan nu parantos
dipaparinkeun ka urang sadayana, nikmat Iman, nikmat Islam, kalebet nikmat ku dipaparin kamerdekaan kangge
nagri urang nu dipikacinta nagri Indonesia, nu sasih Agustus ieu pisan urang bakal
mielingna, nu ku lantaran kamerdekaan ieu pisan, urang sadayana jadi ayem, tingtrim,
aman dina ngalakonan aktifitas tanggungjawab jeung kawajiban salaku warga
nagara, oge salaku Abid Allah dina ngalakonaan ibadah, mugia sagala ibadah
sareng kahadean urang sadayana sing aya dina panampian Allah. Aamiin.
Salajengna
Shalawat sareng salam, mugia salawasna netep kangge junjungan urang sadayana,
nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina, ka para shahabatna, tug dugi
ka urang sadayana mugia kalebet janten umatna nu salawasna mahabbah bari jaga
kengeng syafa’at ti anjeunna. Aamiin Allahumma Sholli ‘Alâ Sayyidinaa
Muhammadin wa ‘Alaâ Aalihi wa Shahbihi Ajma’iin.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah Rahimakumullah!
Salajengna,
salaku khatib simkuring umajak khususna ka diri pribadi, umumna ka sadaya
jama’ah, mangga urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan urang ka
Allah swt. Sabab, iwal ku kataqwaan ieu pisan nu bakal jadi modal kahontalna
kasalametan di dunya, oge kasalametan urang jaga di akherat.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah Rahimakumullah!
Dina danget ayeuna urang aya dina bulan Agustus, nu dijerona kacutat sajarah, dimana nagri urang nu dipikacinta aya dina kamerdekaan, hasil bitotamana para pahlawan nu bajoang di medan laga, toh pati jiwa raga. Ayeuna urang mieling deui sajarah lahirna kamerdekaan nagri. Nu ieu perayaan teh lain taun ayeuna wungkul urang ngayakeun, tapi taun-taun ka tukang oge taun hareup nu bakal datang nu satuluyna bakal tetep dipieling salagi generasi bangsa ka hareup teu mopohokeun kana sajarah.
Dina raraga mieling kamerdekaan ieu, aya hal nu kudu jadi bahan tafakur, ngeunaan hikmah ku dipielingna kamerdekaan ieu nagri nu tiap taun diayakeun. Pernah henteu urang muhasabah, nga-evaluasi diri, ku nanya diri urang sorangan, geus kaasup jalma nu merdeka atawa teu acan urang teh? Merdeka tina naon? Merdeka tina jajahan hawa nafsu.
Sabab, perang badag nu nyata mah lain perang di medan danalaga ngalawan musuh agama jeung nagara, tapi perang nu badag mah nyaeta merangan musuh nu nyata, nu aya dina diri urang sorangan, nyatana hawa nafsu. Nu eta hawa nafsu teh ngunguntit diri unggal wanci, nutur-nutur umur unggal waktu. Dimana urang balangah, teu aya kawaspadaan, dijamin urang hamo bisa leupas tina jajahanana, ditambah deui kapangaruhan ku panggoda Iblis sabalad-balad, antukna diri bakal kacingcirihi nandangan rugi, di dunya cilaka, di akherat ti gebrus kana naraka. Na'udzu Billaahi Min Dzaalik.
Ieu pisan
nu kudu jadi bahan tafakur, dina metik hikmah dipielingna kamerdekaan. Sabab mun dititenan, alam kiwari kaayaan nagri urang, aya diantarana anak bangsa nu
kaamanahan nyepeng kapercayaan jadi pangawasa, akibat ngalajur hawa nafsuna, wani
migawe deleka ka sasama, mentingkeun diri pibadina teu
paduli ka sasama, wani ngagunakeun kakawasaan pikeun
ngabeungharkeun diri pribadi jeung kulawargana, ku lampah korupsi, kolusi
jeung nepotisme. Malah nu paling parahna, wani bari teu asa-asa ngagunasika hak-hak sasama demi ambisi nafsu pribadina. Antukna, baheula
nagri urang, bangsa urang dijajah ku bangsa deungeun. Alam kiwari nagri urang,
bangsa urang dijajah ku bangsa sorangan nu harak sarakah kana kakawasaan, akibat dijajah ku hawa nafsuna.
Syekh Zakariya al-Anshari dina kitabna al-Ghararul Bahiyyah fi Syarhil Bahjah al-Wardiyyah, Anjeunna nyutat hiji syi’iran nu bisa jadi bahan tafakuraneun urang sadayana, nu eusina eta syi’ir teh ngeunaan makna merdeka,
الْعَبْدُ حُرٌّ إنْ قَنِعْ وَالْحُرُّ عَبْدٌ إنْ طَمِعْ فَاقْنَعْ وَلَا تَطْمَعْ فَمَا شَيْءٌ يَشِينُ سِوَى الطَّمَعْ
Hartina, “Saurang Abid (budak beulian), pantes disebut jalma merdeka, mun manehna geus ngarasa diri cukup, henteu harak sarakah, bari narimakeun kana kaayaan diri (Qona’ah). Sabalikna, jalma merdeka bisa kaasup pantes disebut Abid (budak beulian), mun seug manehna harak sarakah, bari teu narimakeun kana kaayaan diri (henteu qona’ah). Sabab, teu aya budi parangi nu kacida gorengna iwal ti harak sarakah.”
Ieu syi’ir ngabandingkeun antara Abid (budak beulian) jeung jalma nu merdeka. Abid (budak beulian) nu posisina hina, tapi jadi mulya, pantes disebut jalma merdeka, sabab nerapkeun hirup Qona’ah. Sabalikna, jalma merdeka pantes disebut Abid (budak beulian) sabab dina hirupna henteu Qona’ah.
Jadi jelas, yen hirup qona’ah tegesna narimakeun kaayaan diri kana katetepan Allah swt. ngarupakeun maqom darajat nu pangmulyana, tur ieu pisan hakekatna jalma merdeka. Sabab, ku qona’ah ngajadikeun diri leupas tina jajahan hawa nafsu, ngadalian kahayang nu dibarung ku hawa nafsu nu nyiksa. Dimana nedunan kahayangna jalma nu qona’ah mah salawasna ngukur kana kamampuh diri, ngaragap kana kaayaan, teu sagawayah ngalengkah, tara maksakeun diri nu matak mawa kana karusakan.
Ku qona’ah, dirina bakal ngarasa cukup kana kaayaan, hamo aya rasa geloran, hamo aya rasa kabita ku milik nu lian, jauh tina pasifatan harak sarakah, anggang tina pasifatan maksa-mirusa kana hak sasama. Estu hirupna pinuh ku rasa syukur kana sagala pamaparin Allah Ta’ala. Hawa nafsu nu sakirana matak cilaka satekah polah dilawan diperangan. Estu hirupna pinuh ku kawaspadaan.
Sabalikna, mun seug jalma nu hirupna henteu qona’ah, maka salawasna di jajah ku hawa nafsuna, sanajan dirina merdeka, tapi sajatina manehna kaasup Abid (budak beulian) nu hina. Sabab dirina ngagugu teuing hawa nafsu, hirupna bakal dipinuhan ku rasa kurang jeung kurang, sanajan harta banda loba, jabatan boga, hal ieu pisan ngajadikeun dirina harak sarakah. Waktu-waktuna dibaturan ku rasa kufur, watek kasombongan bakal napel dina kahirupan. Ieu pisan nu ngagejretkeun dirina tina darajat jalma merdeka nu mulya, jadi Abid (budak beulian) nu darajatna hina, sabab dirina jauh tina lampah qona’ah.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah Rahimakumullah!
Rasulullah saw. ngaibaratkeun sifat qana’ah teh mangrupakeun gudang simpenan nu hamo ka keunaan ku rusak, sakumaha pidawuhna dina Haditsna nu diriwayatkeun ku Imam Baihaqi,
الْقَنَاعَةُ كَنْزٌ لَا يَفْنَى
Hartina, “Tumarima kana naon nu aya (qana’ah) mangrupaken gudang simpenan nu hamo kakeunaan ku rusak.”
Maksudna ieu hadits, yen qona’ah teh bakal mawa kasalametan diri, bakal ngadatangkeun panambah nikmat ti Allah Ta’ala, sabab nu qona’ah mah bakal ngadatangkeun rasa syukur, salawasna husnudzon atawa hade sangka boh ka Allah oge ka sasama. Jalma nu qona’ah bakal tumuwuh rasa, yen naon nu aya nu dipibanda estu tos jadi katangtuan nu sae mungguh Allah nu kudu ditarima.
Ku penting-pentingna nancebkeun sifat qona’ah dina hirup, Syaikh Muhammad bin Ahmad Salim al-Hanbal dina kitabna, Ghada’ul Albab Syarhul Manzhumatil Adab, anjeunna nyutat wasiyat sahabat Sa’ad bin Abi Waqqash r.a.,
يَا بُنَيَّ إذَا طَلَبْت الْغِنَى فَاطْلُبْهُ بِالْقَنَاعَةِ فَإِنَّهَا مَالٌ لا يَنْفُذُ وَإِيَّاكَ وَالطَّمَعَ فَإِنَّهُ فَقْرٌ حَاضِرٌ وَعَلَيْك بِالإِيَاسِ مِمَّا فِي أَيْدِي النَّاسِ فَإِنَّك لا تَيْأَسُ مِنْ شَيْءٍ إلا أَغْنَاك اللَّهُ عَنْهُ
Hartina, “Yeuh anaking anak Ama! Mun seug anjeun miluruh kabeungharan, maka prak paluruh eta kabeungharan teh ku rasa qana’ah, sabab (qona’ah) teh mangrupakeun harta banda nu hamo beak. Poma ulah harak sarakah, sabab (harak sarakah) teh bakal ngadatangkeun kafakiran. Jeung anjeun kudu meunggaskeun harepan kana perkara nu aya dileungeun manusa, sabab ku meuggaskeun harepan kana perkara nu aya dileungeun manusa Allah bakal ngajadikeun diri anjeun mibanda rasa cukup.”
Ieu wasiat teh luyu sareng pidawuh Kanjeng Nabi Muhammad saw dina Haditsna, nu diriwayatkeun ku Abu Hurairah r.a.,
لَيْسَ الْغِنَى عَنْ كَثْرَةِ الْعَرَضِ، وَلَكِنَّ الْغِنَى غِنَى النَّفْسِ
Hartina, “Lain kasebut nu beunghar ku lantaran loba harta, tapi nu kasebut beunghar nyaeta jalma nu beunghar jiwana (nu pinuh ku rasa qona’ah).”
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah Rahimakumullah!
Jadi, makna merdeka nu sajati nyaeta nalika diri geus bebas tina ngalajur hawa nafsu, merdeka nu hakiki nalika nancebna rasa qona’ah, tumamprak tumarima kana katangtuan Allah, nu disebut merdeka nyaeta nyingkahan pasifatan harak sarakah, ngaestokeun bari ngajalankeun sakumaha mistina kana sagala amanah kahirupan. Jalma nu merdeka, jauh tina kasombongan, anggang tina kakufuran, nalika datang kasusah henteu jadi matak luh-lah marudah, kasulit teu matak jadi diri berewit, salawasna ngayakeun lampah muhasabah.
Ma’asyiral Muslimin jama’ah Jum’ah Rahimakumullah!
Sakitu khutbah nu tiasa didugikeun, hapunten bilih aya kalepatan, dipungkas ku du’a mugia urang sadayana jadi golongan jalma-jalma nu salawasna qona'ah, golongan jalma nu merdeka tina hawa nafsu nu ngajajah, salawasna dipaparin kakiatan istiqomah dina ibadah, dipaparin rejeki nu halal bari barokah, dipaparin rundayan turunan nu soleh oge solehah, dipaparin panjang yuswa nu wekel kana ibadah, sareng mugia dina panungtungan hirup aya dina husnul khotimah. Aamiin ya Rabbal ‘Alamiin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِيْ هَذَا الْيَوْمِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَاِيَاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الصَّلَاةِ وَالصَّدَقَةِ وَتِلَاوَةِ الْقُرْاَنِ وَجَمِيْعِ الطَّاعَاتِ، وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ جَمِيْعَ أَعْمَالِنَا إِنَّهُ هُوَ الْحَكِيْمُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ، اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلهِ حَمْدًا كَمَا أَمَرَ. أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، اِلَهٌ لَمْ يَزَلْ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ وَكِيْلًا. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَحَبِيْبُهُ وَخَلِيْلُهُ، أَكْرَمِ الْأَوَّلِيْنَ وَالْأَخِرِيْنَ، اَلْمَبْعُوْثِ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اللهم صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ كَانَ لَهُمْ مِنَ التَّابِعِيْنَ، صَلَاةً دَائِمَةً بِدَوَامِ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضِيْنَ أَمَّا بَعْدُ:
فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَذَرُوْا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ. وَحَافِظُوْا عَلَى الطَّاعَةِ وَحُضُوْرِ الْجُمْعَةِ وَالْجَمَاعَةِ وَالصَّوْمِ وَجَمِيْعِ الْمَأْمُوْرَاتِ وَالْوَاجِبَاتِ. وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ بِنَفْسِهِ. وَثَنَى بِمَلَائِكَةِ الْمُسَبِّحَةِ بِقُدْسِهِ.
إِِنَّ اللَّهَ وَمَلائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيماً اللهم صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى أَلِ سَيِّدِنَا اِبْرَاهِيْمَ فِيْ العَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اللهم اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وِالْأَمْوَاتِ. اللهم ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَةً، اِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ
عِبَادَ اللهِ، اِنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِيْ الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرُكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
0 Comments