Imam Abul Qasim Al-Qusyairi dina kitabna, Ar-Risalah Al-Qusyairiyyah nyaurkeun kecap wali teh mibanda dua makna,
Nu Kahiji, wali teh nyaeta hiji jalma nu kataatanana teu eureun, kataatanana teu rusak, teu kakotoran ku maksiyat.
Nu Kadua, wali nyaeta jalma nu diraksa, diriksa jeung dijaga ku Allah tina kahinaan milampah maksiyat. Estu diri eta jalma dibere kakutan ku Allah pikeun salawasna milampah taat.
Ringkesna, yen Wali teh jalma nu di ‘Mahfūzh’. Tegesna, jalma nu dijaga ku Allah, satingkat handapeun maqom Ma’shum nu khusus keur para Nabi jeung Rasul.
Dina mikawanoh para Wali rada gampang tapi susah, harti gampangna, loba katerangan nu ngajelaskeun syarat katangtuan kapilihna jadi wali katut ciri-cirina, Tapi susahna, netepkeun eta ciri ka hiji jalma nu mungkin kaasup wali mungkin oge lain, sanajan ciri-cirina tos aya. Sabab, posisi kawalian mah rusiah Allah, matak nu apal ka wali Allah mah iwal ti golongan para wali Allah deui, “Laa ya’riful Waalii illaa Bil-Waalii”
Syaikh Imam Ibnu Atha'illah dina kitabna Al-Hikam nyaurkeun, yen Wali Allah teh susah dipanggihan batan Allah ku Anjeun. Maksudna, para wali Allah bisa nganteur hiji jalama nuju ka Allah, tapi kawalianana susah katembongna, ukur para wali Allah deui nu apalna. da sayaratna para wali Allah teh ulah aya akuan, sabab mun aya jama nu ngaku dirina wali Allah, maka dipastikeun eta lain.
Ku hal ieu pisan, ulah ringrang neangan, komo nangtukeun hiji jalma Wali Allah atawa lain, urang mah teu aya hak. Tugas urang mah luyu jeung awal mula diciptakeun, nyaeta ngalampahkeun laku ibadah, nguatkeun kaimanan, neuleuman elmu agama jeung ngajalankeun syare’at Kanjeng Nabi SAW. kalayan bener-bener, jauhan sifat su’udz-dzon atawa goreng sangka ka sasama. Anapon nalika ditepungkeun jeung saurang wali Allah, kantun urang tingalian ciri-cirina, manjing teu kana ciri-cirina, mun manjing kana ciri, enyakeun tong mang-mang yen eta jalma teh wali Allah. Tapi, mun seug teu manjing kana ciri, cukup weh tinggalkeun,
Syaikh Zarruq dina kitabna Asy-syirkatul Qaumiyyah Syarhul Hikam, yen aya tilu sifat nu jadi ciri mandiri para wali Allah, diantarana:
Nu kahiji, para Wali Allah dina kahirupanana pasti ngutamakeun Allah,
Nu Kadua, para Wali Allah pasti hatena ngabalieur ti Makhuk.
Nu Katilu, para Wali Allah nyepeng pageuh kana syare'at Rasulullah SAW. kalayan bener-bener.
Satuluyna, dina raraga urang mikawanoh ka para Wali Allah, dina kitab Jami'u Karomatil Auliyaa', disebutkeun, ngeunaan pangkat atawa maqom kawalian jeung maangsa-mangsa aranjeunna diistrenan ku Alllah jadi wali:
1. Wali Qutub atawa Wali Ghauts dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun saurang. Wali Qutub teh nyaeta wali nu jadi pupuhu para Wali-wali Allah sejenna, anjeunna jadi puseur para wali Allah. Anapon Walli Ghauts, nyaeta wali nu jadi tempat muntang tulungna para makhuk. Jadi, wali Ghauts ditugaskeun ku Allah pikeun ngurus alam dunya, nulungan para Makhluk. Sapalih Ulama aya nu nyebatkeun, yen Wali Qutub sareng Wali Ghauts eta keneh, sami tugasna. Mun di nusantara nu kapeto janten Wali Qutub dintarana Pangersa Kiyai Kholil Bangkalan sareng Kiyai As’ad Syamsul ‘Arifin. Beh dituna aya Syaikh Abdul Qadir Al-Jailani Q.S., Imam Asy-Sya’roni, Imam Al-Ghazali sareng nu sanesna.
2. Wali A’immah dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun ukur 2 urang.
3. Wali Autad dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun ukur 4 urang nu di tugaskeun ku Allah cicing di opat arah mata angin.
4. Wali Abdal dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 7 Urang, nu jumlahna teu bisa ditambahan atawa dikurangan, mun seug salah saurangna aya nu maot, maka Allah bakal langsung ngangkat wali Abdal nu sejenna. Wali Abdal bisa ti golongan Waliyyah atawa wali ti kaum istri.
5. Wali Nuqoba’ (Naqib) dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 12 urang diwakilkan Allah dina tiap bulan.
6. Wali Nujaba’ dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 8 urang.
7. Wali Hawariyyun dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun saurang, wali Hawariyyun dipaparin kaistimewaan ku Allah dina wawanen, jadi sinatria di medan danalaga jihad fi sabilillah.
8. Wali Rojabiyyun dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 40 urang, nu jumlahna teu bisa ditambahan atawa dikurangan, mun seug salah saurangna aya nu maot, maka Allah bakal langsung ngangkat wali Rojabiyyun. Allah ngangkat wali Rojabiyun teh sabab khusus diangkatna di bulan Rajab ti kawit awal bulan nepi ka akhir bulan Rajab.
9. Wali Khotam (panutup para wali) dipilih jadi wali ku Allah ukur saurang saalam dunya, posisi ieu jaga dipaparinkeun ka Kanjeng Nabi Isa a.s. nalika jaga anjeunna lungsur deui ka alam dunya
10. Wali Qolbu Adam a.s. dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 300 urang.
11. Wali Qolbu Nuh a.s dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 40 urang.
12. Wali Qolbu Ibrahim a.s. dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 7 urang.
13. Wali Qolbu Jibril a.s. dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 5 urang.
14. Wali Qolbu Mikail a.s. dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 3 urang jumlahna teu bisa ditambahan atawa dikurangan, mun seug salah saurangna aya nu maot, maka Allah bakal langsung ngangkat wali gaganti.
15. Wali Qolbu Israfil a.s dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun saurang.
16. Rizalul ‘Alamul Anfas dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 313 urang.
17. Wali Rizalul Ghaib dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 10 urang jumlahna teu bisa ditambahan atawa dikurangan, mun seug salah saurangna aya nu maot, maka Allah bakal langsung ngangkat wali gaganti. Wali Rizalul Ghaib wali nu disumputkeun ku Allah ti panitenan makhuk bumi oge makhluk langit, samalah Wali Rizalul Ghaib hamo apal ka wali Rizalul Ghaib liana. Aya oge wali nu pangkat Rijalul Ghaib ti golongan jin Mukmin. Sakabeh wali Rizalul Ghaib henteu nyokot saeutik oge tina rezeki nu aya di alam nyata, tapi maranehna ngagunakeun rejeki nu murni ti alam ghaib.
18. Wali Adz-Dzohirun dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 18 urang.
19. Wali Rizalul Quwwatul Ilahiyyah dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 8 urang.
20. Khomsatur Rizal dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 5 urang.
21. wali Rizalul Hanan dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 15 urang.
22. Wali Rizalul Haybati Wal Jalal dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 4 urang.
23. Wali Rizalul Fath dipilih jadi wali ku Allah dina sarataus taun 24 urang, Allah nugaskeun tiap sa'ah (jam). Wali Rizalul Fath sumebar di alam dunya - 2 urang di Yaman, 6 urang di nagara beh kulon, 4 urang di nagara beh wetan, sesana sumebar di saban jihat arah mata angin.
23. Wali Rizalul Ma'arijil 'Ula dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 7 urang.
24. Wali Rizalut Tahtil Asfal dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 21 urang.
25. Wali Rizalul Imdad dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 3 urang.
26. Wali Ilahiyyun Ruhamaniyyun dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 3 urang. Pangkatna sami sareng pangkat wali Abdal.
27. Wali Rozulun Wahidun dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun saurang.
28. Wali Rozulun Wahidun Markabun Mumtaz dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun saurang.
29. Wali Syakhsun Ghorib di dunya ukur saurang.
30. Wali Saqit Arofrof Ibni Saqitil 'Arsy dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun ukur saurang.
31. Wali Rizalul Ghina dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 2 urang, luyu reujeung aran kapangkatanana wali Rizalul Ghina, maka golongan wali ieu kacida beungharna, beunghar ku elmu agama, beunghar ku harta. Pangkat Wali ieu aya oge ti golongan kaum istri.
31. Wali Syakhsun Wahidun dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun ukur saurang.
32. Wali Rizalun Ainit Tahkimi waz Zawaid dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 10 urang.
33. Wali Budala' dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 12 urang. Budala' Jama'na tina Abdal (Jama' Sigoh Muntahal Jumu'), tapi lain pangkat Wali Abdal.
34. Wali Rizalul Istiyaq dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 5 urang.
35. Wali Sittata Anfas dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 6 urang. Salah saurang wali nu mibanda pangkat kawalian ieu, nyaeta putrana Raja Harun Ar-Rasyid, Syaikh Al-'Alim Al-'Allamah Ahmad As-Sibty.
36. Wali Rizalul Ma' dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 124 urang. Golongan Wali ieu ibadahna di jero walungan jeung di laut, sakumaha kasauran Syaikh Abi Su'ud Ibni Syabil,
"Dina hiji mangsa kuring aya di sisi walungan Tikrit di Bagdad, laju kuring menekung, jol aya gerentes dina hate, naha aya kitu haba-hamba Allah nu ibadah di jero walungan atawa lautan, Acan ge beres nyarita, dadak sakala ti jero walungan katingali aya jalma nu hanjat, kadenge manehna nyarita, ‘Nya kuring pisan hamba Allah nu ditugaskeun pikeun ibadah di jero walungan oge lautan,’ Geus kitu mah kuring uluk salam ka manehna, tutas ngajawab salam kuring tuluy manehna indit tanpa bekas ilang tanpa karana.”
37. Wali Dakhilul Hizab dipilih jadi wali ku Allah dina saratus taun 4 urang.
Wali Dakhilul Hizab hamo bisa dibade kawalianana sanajan ku paangkat Wali Qutbil Aqtob saperti Syeikh Abdul Qodir Al-Jailani. Golongan wali ieu aya dina hizib Allah, aranna teu kacutat dina kitabb Lauhil Mahfudz kagolong barisan para auliyaa', tapi 'Nur Ilahiyyahna bisa ditingali ku para Auliyaa', sakumaha nu dirwayatkeun dina kitab 'Nitajul Arwah' yen dicarioskeun hiji mangsa Syeikh Abdul Qodir Jilani nuju ngalaksanakeun tawaf di Baitullah Mekah, dadak sakala anjeunna ningali hiji sitri nu katingali pisan Nur Ilahiyyahna nu kacida moncorongna, laju Syaikh Abdul Qodir Al-Jailani ku mukasyafahna ningali ka Lauhil Mahfudz. Barang ditingalian eta istri teu aya catetanana di barisan para para wali Allah.
Salajengna Syaikh Abdul Qodir Al-Jailani munajat ka Allah seja naroskeun saha sabenerna eta istri tur naon amalanana bisa nepi kana darajat siga kitu, Lajeng Allah marentahkeun malaikat Jibril a.s pikeun masihan terang ka Tuan Syaikh, yen eta istri teh kaasup wali nu pangkatna Dakhilul Hizab –
Wallahu A’lam
0 Comments