Juma’ah saba’da ‘Ashar, di antara
tenda-tenda pulas bodas nu ting parentul di padang arofah, katingali Rasulullah
calik di luhureun onta nu dipikameumeutna. Katingali anjeunna semu nu alum,
cisocana ngalembereh maseuhan damis rarayna nu hurung gumebyar cahayaan.
Keclak-kelcak cisocana ngeclak katingali tinggurilap lir mutiara katojo ku
cahaya panon poe sore. Horeng Rosululloh S.A.W. teh rengse kasumpingan Malaikat
Jibril A.S. nyandak wahyu panungtungan, nyaeta ayat:
Al-Yauma Akmaltu Lakum Diinakum Wa atmamtu ‘Alaikum Ni’matii wa Rodiitu Lakumul Islaama Diinaa..” (Poe ieu geus Kami sampurnakeun pikeun anjeun (Muhammad) agama anjeun, jeung deui Kami geus nyampurnakeun kanikmatan pikeun anjeun, jeung kami geus ngaridhoan yen Islam the agama anjeun).
Rosululloh S.A.W. nu harita yuswana lebet kana 63 warsih. Saba’da nampi eta wahyu, rada lami Rosulullah S.A.W. ngahuleng ngaragameneng, menekung ka Nu Maha Agung, neuleuman kana eusi eta ayat nu minangka wahyu panungtung. Gebeg anjeunna teh katingali ngagebeg ras emut kana cariosan Malaikat Jibril A.S. saba’da ngadugikeun Wahyu panungtung:
“Heh Muhammad, ti mimiti detik ieu, menit ieu, jam ieu, poe ieu geus sampurna perkara agama anjeun, rengse sagala parentah reujeung larangan Pangeran Anjeun Alloh, oge ti mimiti poe ieu, kami moal turun-turun deui pikeun nepungan anjeun, prak kumpulkeun para shohabat-shohabat anjeun !, jeung geura prak tepikeun beja ieu ka maranehna ! “
Lajeng Rosulullah S.A.W. mulang ka nagri Madinah, sanaos katingalina abot kangge ngadugikeun ieu warta, tapi dalah dikumaha da tos sakedahna didugikeun, komo ieu kalebetna amanat nu bentukna wahyu nu memang wajib didugikeun teukenging disumput-sumput. Sadugina ka Madinah, lajeng Rosulullah S.A.W. ngempelkeun para Shohabat ANshar sareng Shohabat Muhajirin, saparantosna sadaya shohabat kempel, lejeng Rosulullah S.A.W. naek ka Mimbar, lajeng ngadugikeun wahyu panungtung nu dicandak ku Malaikat jibril A.S. oge ngadugikeun amanat jibril nu pamungkas. Nguping kana warta eta sadaya Shohabat, surak pinuh ku kagumbiraan, bari nyararios:
"Qod Tammaa dinunaaa, …Qod Tammaa dinunaaa…, Qod Tammaa dinunaa…," (Geus sampurna agama urang,….geus sampurna agama urang,…geus sampurna agama urang).
Ditengah-tengah kagumbiraan para shohabat dina nampi ieu warta, aya hiji shohabat nu katingalina beda jeung shohabat nu sejen, nya anjeunna the Sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq Rodhiyallohu ‘Anhu, nu harita saba’da nampi ieu warta ti kanjeng Nabi teh anjeunna langsung lumpat, lebet ka kamar ngonci maneh, tuluy nyegruk nangis kanyenyerian. Sabagian shohabat aya nu terang kana tingkah sayyidina Abu Bakar sapertos kieu teh, nepi ka ieu the janten geger, nya timbul kapanasaran, nu akhirna sadaya shohabat the nyumpingan ka sayyidina abu bakar bari terus naros:
"Limaa Tabki Ya Abaa Bakrin Fii Maudhi’il Farahi wa surur, Liannalloha Qod Tammaa diinunaa…?" (Ku naon atuh salira teh naha bet nangis ya Abu Bakar, dina waktu nu sakedahna urang sadayana teh gumbira pinuh ku kabingah, sabab Alloh parantos nyampurnakeun agama urang sadayana…).
Sayyidina abu bakar cicing ngabetem sakedapan, teu lami anjeunna ngawaler, bari rada ngageter:
“Anjeun sakabeh henteu nyaho mushibah naon nu bakal ku urang katarima?...Ammaa sami’tum anna tammal amru bada’a naqshuh ? (Naha aranjeun sakabeh pernah ngadenge, yen nalika hiji perkara geus sampurna, maka bakal datang hiji kakuranganana ). Ayat panungtung eta mere isyarata yen HAsan jeung Husen moal lila deui bakal jadi incu-incu nu yatim, tegesna bakal ditinggalkeun ku akina nya Rosululloh S.A.W. Panutan, jungjunan urang sarerea”
Nguping cariosan Sayyidina abu bakar kitu, sadaya shohabat ngabaretem, raray-rarayna katingali dadak sakala robah, nu tadina nyumiratkeun kagumbiraan diganti ku budi nu alum pinuh ku rasa kasedih, segruk sadayana shohabat narangis. Nepi ka bumina Sayyidina Abu Bakar inggeung ku tangisanana para shohabat. (Hanca)
0 Comments