Allah swt maparin paréntah ka salah saurang Malaikat-Na pikeun nepungan Iblis geusan nagadugikeun paréntah-Na sangkan Iblis nepungan Rasululloh saw pikeun ngabébérkeun sagala rusiahna, nyaéta naon baé nu dipikaresep jeung naon baé nu dipikangéwa ku Iblis. Nu hikmahna, pikeun ngaluhurkeun darajat Nabi Muhammad saw ogé pikeun jadi taméng peringetan ka sakumna umat manusa.
Gancang ning carita Malaikat téh tepung jeung Iblis tuluy nyarita ngadugikeun Paréntah Alloh swt nu ditujukeun ka Iblis téa:
"Heh Iblis! Alloh Nu Maha Mulia tur Maha Agung marentahkeun ka andika supaya andika datang ka Rasullulloh Muhamad saw. Tur andika kudu ngabébérkeun sagala rusiah andika ngeunaan naon baé nu dipakaresep ku andika, ogé naon baé nu dipikangéwa ku andika turta dimana Rasululloh Muhammad saw. nanya ku sababaraha pasualan ka andika, maka andika kudu ngajawab kalayan bener ulah aya nu disumput-sumput, dimana andika ngabohong najan sa-kecap, tanwandé andika bakal dipotongkeun tulang-tulang awak andika, tur dipegatkeun urat-urat awak andika oge bakal ditibanan siksa nu kacida nyerina".
Nalika Iblis narima paréntah jeung ancaman nu didugikeun ku Malaikat ti Alloh swt. ka manéhna, maka iblis ngarasa sieun kacida. Nu satuluyna manéhna gura-giru ngalaksanakeun éta paréntah. Manéhna datang ka payuneun Rosululloh saw. Bari nyamar jadi aki-aki nu picek (matan buta sabeulah) tur boga janggot bodas 10 lambar nu panjangna siga buntut sapi. Tuluy Iblis uluk salam nepikeun ka 3 kali uluk salam, tapi Kanjeng Nabi Muhammad saw. Teu ngawaler éta salam. Nu antukna Iblis Alaihi Laknatulloh, naros ka Rosululloh saw.:
"Ya Rasululloh! Naha ku naon salira teu ngawaler salam jisim Abdi ? sanés salam téh kacida muliana mungguhing Alloh?"
Kanjeng Nabi Muhammad swa. Ngawaler bari bendu:
"Héh ’Aduwwullah ( musuh Alloh) ! ka kami anjeun némbongkeun kahadéan, tong coba-coba wawanian nipu ka kami sakumaha manéh nipu barI ngagoda ka Kanjeng Nabi Adam as. Sahingga anjeunna kaluar ti sawarga, ogé ngahasut Qabil nepika maténi Habil, tuluy Nabi Ayyub as. Ku andika ditiupan racun nalika anjeunna nuju sujud sahingga Kanjeng Nabi Ayub as. Gering parna nu sakitu lilana, ogé Kanjeng Nabi Daud as nu kagoda ku pamajikanana Urya, tuluy deui Nabi Sulaiman as. Ninggalkeun karajaanana, ku sabab andika nyamar jadi garwana, ogé sababaraha Nabi jeung para pandita nu geus nanggung kasangsaraan kuakibat hasutan, tipuan jeung réka perdaya andika. Héh Iblis! Mémang bener salam éta kacida muliana mungguhing Alloh azza wajalla, ngan baé salam andika ku kami hamo dijawab, sabab Alloh geus ngaharamkeun. Kami apal yén anjeun téh Iblis, raja sagala iblis, syétan jeung jin nu keur nyamar diri. Naon maksud andika datang nepungan kami? "
Iblis ngajawab:
"Ya Nabi Allah ! Tong waka bendu ka jisim abdi,. Sabab salira téh Khatamul Anbiya, maka salira tiasa terang tur ningali ka jisim abdi. Anapon maksad kadongkapan jisim abdi téh teu aya sanés dipiwarang ku Alloh swt. Pikeun masihan uninga kana naon baé nu ku jisim abdi dipidamel dina ngagoda, nipu sareng sajabina ka umat salira. Ti kawitan zaman Kanjeng Nabi Adam as. Tug dugi ka akhir zaman. Sajaba ti éta ogé Ya Nabiyalloh ! satiap pasualan nu ku salira ditaroskeun ka jisim abdi, maka jisim abdi bakal ngawaler moal aya nu disumput-sumput.".
Satuluyna Iblis sumpah kalayan nyebat asmana Allah bari tuluy nyarita:
"Ya Rasululloh! Sakirana jisim abdi ngabohong sakecap ogé dina ngawaler sagala patarosan salira, maka bakal ancur lebur badan jisim abdi jadi lebu". Saparantos nguping kana sumpah Iblis kitu,
Nabi saw. Tuluy imut mésem pinuh ku kabungah bari ngagarentes dina manahna:
”Ieu kasempetan pikeun kami geusan ngayakeun siasat pikeun ngabongkar sagala hal nu dilakukeun ku manéhna supaya dipikanyaho ku para shahabat-shahabat kami nu aya di majlis ieu, ogé pikeun jadi tameng diri pikeun sakumna umat kami”.
Saterasna Kanjeng Nabi Muhamad saw. Ngawitan ngajukeun pasualan nu kahiji:
"Héh Iblis! Saha nu jadi musuh panggedé-gedéna pikeun anjeun, jeung kumaha anggapan diri anjeun ka diri kami ?”.
Jawab Iblis:
"Ya Nabi Allah! Musuh jisim abdi nu pangedé-gedéna nya Salira pisan ku anjeun di antara sakabéh musuh-musuh jisim abdi nu aya di dunya ieu"
Nguping kitu Rosululloh saw neuteup seukeut ka Iblis, sahingga katingal Iblis ngageter kasieunan.
Tuluy iiblis nyambung deui caritaanana:
"Ya Khatamul Anbiya! Ku sabab abdi kalebet bangsa ruhaniyah, maka jisim abdi dipasihan kaistiméwaan ku Alloh tiasa ngarobih diri jisim abdi sakahoyong abdi, abdi tiasa niru bentuk sakabéh makhluk Alloh ti mimiti manusa, sato ogé tutuwuhan kalayan ceplés warna sareng bentuk aslina, kajaba hiji makhluk Alloh nu teutiasa di tiru ku jisim abdi, nya salira ku anjeun pisan makhluk Alloh nu teutiasa ditiru téh, ku sabab dilarang ku Alloh. Upami jisim abdi nyoba-nyoba niru salira, maka jisim abdi bakal ancur lebur jadi lebu”.
(Hanca)
0 Comments