RANGGEUYAN MUTIARA

1.  RANGGEUYAN MUTIARA


Rasa mangrupakeun anugerah Allah nu dipaparinkeun ka manusa, kawajiban manusa pikeun ngamumulena turta kudu disyukuran, sabab kurasa manusa bisa apal naon ari kaendahan, kurasa manusa bisa apal naon ari kanikmatan, kurasa manusa bisa silih pikadeudeuh, silih pikanyaah, silih pikawelas oge silih pikaasih, tapi kulantaran rasa oge bisa mawa manusa kana hal-hal nu mantak mawa karusakan, samodel boga rasa adigung adiguna nganggap batur lemah, nganggap teu bisa nanaon, jeung sajabana rasa nu matak nimbulkeun karusakan jeung mumusuhan.

***************

   Kautamaan Niat 

Ulama salaf sasauran: 

Rubba 'Amalin Shoghirin Tu'dzimuhun-Niyyatu, Wa Rubba 'Amalin Kabiirin Tushghiruhun-Niyyatu

 "Loba Amal nu enteng bentukna jadi gede ajenna ku akibat (alus/ikhlasna) niat, sabalikna loba amal nu beurat jadi leutik ajenna ku sabab (goreng/salahna) niat".

 Niat, iradah (kahayang) atawa Qashad (maksud) teh minangka dorongan rasa nu tumuwuh dina hate-hate manusa nu mangaruhan pikeun milampah hiji pagawean atawa ucapan-ucapan nu tangtu. Niat oge minangka ukuran amal hiji jalma, tegesna nu bakal jadi ukuran ditarima atawa henteuna amal hiji jalma mungguhing Allah bari nu jadi ukuranana teh ku kaikhlasannana.

Kajaba ti eta, niat oge minangka titik awal tina sagala amaliyah perbuatan, perjuangan jeung sajabana ti eta, nu eta niat teh minangka ukuran nu bakal nangtukeun ngeunaan hade jeung gorengna hiji lampah atawa ucapan hiji lampah nu dilakonan.

Para Ulama kalayan nyarande kana katerangan, ngajarkeun ka urang yen dimana urang milampah hiji pagawean ibadah boh nu sifat ibadah wajib atawa ibadah sunah, mun seug ngedalkeun niat teh kudu ditungtungan ku kecap "Lillaahi Ta'aala" (karana Allah Ta'aala). Ieu teh minangka isyarat yen urang diperedih sangkan nancebkeun kaihklasan dina tiap-tiap ibadah nu dilakonan, tur hal ieu oge minangka hiji bukti tina ikrar urang saban-saban urang shalat, nyatana dina aosan do'a Iftitah (bubuka) ku kalimat:

Inna Sholaatiii Wa Nusukii Wa Mahyaya Wa Mamatii Lillahi Robbil 'Aalamiin

 "Saestuna Sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi oge maot abdi eta sadaya kagungan Allah Pangeran sadaya alam"

 Kanjeng Nabi S.A.W. ngadawuh dina Haditsna nu diriwayatkeun ku Imam Bukhari sareng Imam Muslim, nu sumber datangna ieu Hadits ti Amiril Mu'minin Abi Hafs Umar bin Khaththab R.A.:

"Saeastuna sagala amal perbuatan gumantung kana niat, tur saban-saban jalma bakal ngahontal nu jadi udaganana diluyukeun reujeung niatna, sing saha nu hijrah estu nuju ka jalan Allah sareng Rosul-Na, maka hijrahna pasti bakal nuju ka Allah sareng Rosul-Na, jeung sing saha jalma nu hijrahna ukur ngudag kana kadunyaan, atawa pikeun ngawin hiji awewe, maka hijrahna ukur nepi kana naon nu diniatkeun ti awwalna" (H.R. Imam Bukhari & Muslim).

 Asbabul wurud atawa asal mula lungsurna dawuhan Kanjeng Nabi S.A.W. ieu, nyaeta nalik Rosulullah S.A.W. hijrah ti Mekkah ka Madinah, nu satuluyna dituturkeun ku para Shahabat. Aya diantarana hiji lalaki nu milu hijrah nu ngaranna Ummu Qais nu manehna geus buleud tekadna pikeun milu hijrah, ku sabab aya hiji wanoja nu jadi bebenena mere syarat, daek dikawin asal dikawinna ditempat dimana Rosulullah S.A.W. sareng para shahabat sanesna Hijrah, nya ku akibat syarat ieu Ummu Qais jadi kapaksa hijrah ti Mekkah ka Madinag sasarengan sareng Rosulullah S.A.W.

Nya perkara ieu teh dilaporkeun ka Rosulullah S.A.W. naha hijrah nu samodel kitu teh meunang pahala atawa henteu ?. Rosulullah S.A.W. ngawaler ku dawuhana nu kaunggel dina Hadits di luhur.

Jadi, miturut Hadits ngeunaan niat ieu, mere kacindekan yen saban-saban amal hiji jalma eta gumantung kana niatna. Tegesna, yen saban amal kudu didadasaran ku niat. mun seug niatna ikhlas karana Allah maka eta amal bakal ditampi ku Allah, sabalikna mun seug eta niatna kaeunteupan ku hal-hal nu sifatna harepan saba'dana migawe hiji amal atawa miharep pamrih tanpa didadasaran Lillahi Ta'ala, maka hasilna ukur samet nepi kana naon nu piharepna. Nu kudu jadi kahariwang urang dimana urang migawe hiji amal ibadah hasilna ditolak ku Allah ku sabab niatna henteu karana Allah.

Imam Yahya An-Nawawi Rohimahullohu Ta'aala sasauran, yen amal hiji jalma teh digolongkeun kana tilu rupa:

Nu kahiji amalna Hamba Sahaya (budak beulian), nyaeta migawe hiji amal sabab sieun ku nu jadi dunungan, mun seug meredeka atawa bebas teh bisa bae henteu karana sieun deui ku dunungan dina migawe hiji perkara teh, henteu nutup kamungkinan bakal beda deui niatna, sabab motivasi awal manehna daek migawe hiji perkara teh dumeh keur jadi budak, tegesna Amal samodel kieu teh lir ibarat migawena hiji jalma kana hiji perkara karana hayang katenger wungkul, karana diparentah wungkul, mun seug dunungan teu aya atawa teu aya parentah mah geus pasti moal daek migawena, jadi euweuh hidengna, euweuh kasadaran nu tumuwuh dina dirina dina migawe hiji perkara teh, estu asa kapaksa bae atawa asa dipaksa.

Nu kadua, amal sodagar atawa amal tukang dagang, nyaeta migawe hiji amal sabab miharep upah, ngalap kauntungan, ngudag kana pangbibita jeung hasil, jadi mun seug euweuh pangbibita atawa teu katenger upah satutasna migawe hiji perkara pasti embung migawena. Tegesna, amalan jalma nu golongan kadua ieu mah, saban-saban migawe hiji perkara hiji nu jadi udagan nyata upah, atawa pamrih, euweuh kasadaran nu saestu nu tumuwuh dina dirina dina migawe hiji perkara. Mun dina Ibadah mah jalma samodel kieu mah saban-saban migawe hiji amalan ibadah, dua nu jadi udagan mun teu miharep surga nya sieun kana naraka, teu aya saeutik oge nanceb dina atina Ikhlas Lillaahi Ta'aala.

Nu Katilu amal jalma nu merdeka, nyaeta migawena hiji perkara teh estu minangka bukti babakti diri, teu aya pamrih nanaon, tegesna henteu ningali kana upah atawa wawales, nu penting mah migawe heula perkara, anapon ngeunaan diupah atawa henteu, eta mah henteu jadi udagan teuing. Jalma nu samodel kieu, dina migawe hiji perkara estu tumuwuh dina kasadaran diri henteu asa kapaksa, atawa asa dipaksa, estu mukhlis tumuwuh dina sanubari pikeun salawasna babakti diri pikeun salilana nyebakeun raga, tur sadar kana hak jeung kawajiban bari ngajaga sapapaosna.

Golongan jalma nu katilu manjing kana Dawuhan Allah dina Qur'an Surat Al-Bayyinah ayat 5:

 Wa Maa Umiruu Illaa Liya'budullooha Mukhlisiina Lahud-Diina Hunafaa'a Wa Yuqiimush-Shalaata Wa Yu''tuz-Zakaata Wa Dzaalika Diinul-Qoyyimah

"Padahal maranehna teu ditimbalan salian sangkan aribadah ka Allah kalayan ngaikhlaskeun agama karana Manten-Na, jeung nyingkahan lampah sasar sarta ngadegkeun shalat, nyumponan zakat, sabab eta teh agama anu lempeng"

 Rosululloh S.A.W. ngadawuh:

 Akhlish Diinaka Yakfikal-Qoliilu Minal-'Amali

"Masing Ikhlas anjeun dina ngajalankeun (amaliyah) kaagamaan anjeun, maka amal anjeun nu saeutik bakal jadi cukup pikeun anjeun" (Al-Hadits)

 Wallohu Wa Rosuluuhu A'lam.


2. NYALIKSIK DIRI


Baheula, basa kuring masih sakola di tingkat MTs./SMP, nu janten guru sasauran kieu:

"Barudak..! mun maraneh hayang jadi jalma beunghar tong jadi guru, tapi kudu jadi pengusaha atawa sejenna, memang jadi guru oge bakal beunghar, kahiji beunghar ku harti, kadua beunghar ku masalah.....aya oge beunghar ku hutang..."
Haritamah peun bae sakitu !, sasauran nu janten guru teh teu dipikiran, ngan beh dieu-beh dieu jadi kapikiran...bubuhan ceuk batur, kuring teh sok disebut guru, da aya nu ngageroan ka kuring teh ku calukan: "kamana ru ?" ...jeung sajabana. Enya memang kuring teh guru pakasabanmah, ngan karek 'jadi guru' acan kaasup 'guru jadi', da 'guru jadi'mah nyaeta Guru nu dicokot tina wancahan hiji tangtungan jalma nu kudu 'digugu' jeung 'ditiru' tegesna kudu jadi tuladaneun, Guru teh mibanda tugas, nu kudu bisa ngajeujeuhkeun, ngabina, ngatik oge ngadidik, ngarahkeun, oge ngajurung laku jeung sajabana kana hal-hal nu sifatna positif tur ngarahkeun ka nu jadi muridna sangkan cageur, bageur, oge pinter tur singer,tegesna sangkan murid teh jadi calakan atawa (cerdas) keur nyiapkeun bekel kahirupanana kaharepnakeun, luyu reujeung tujuan atikan nasional nu kacutat dina UUD 1945. Tah lebah dieu pisan kuring asa acan asup teh, asa acan ngeuna kana tujuan atikan nu sabenerna. sabab rumasa karek aku-akuan wungkul jadi guru teh, ngan can bisa ngajadikeun diri pribadi teh guru nu jadi. tegesna acan aya hasil tina usaha kuring dina ngatik jeung ngadidik nu jadi murid.

Dina teori disebutkeun, yen hakekat manusa teh makhluk nu bisa dididik oge bisa ngadidik, beh dieuna ngadidik diri pribadi, atuh beh dituna ngadidik kulawarga oge balarea. tegesna, yen manusa teh hakekatnamah guru. ku sabab kitu, maka guru teh kaasup hiji potensi nu aya dina diri manusa, tur mun digarap maka kaasup hiji pagawean nu mulya, sabab tugasna ngembangkeun oge ngamekarkeun kaelmuan,jeung ngayakeun usaha pikeun ngayakeun hiji perobahan ka nu dididikna kitu ceuk sabagian para ahli nyebutkeun.

Baheula, basa kuring keur jadi murid keneh, ka guru teh asa ajrih najan ku dehemna wungkul, atawa ku rentang-rentang katingali datang barudak kaasup kuring teh paburisat ngarapihkeun maneh. malah mun di kelas, pami guru seja ngantunkeun kelas, sok maparinan pesen: "Barudak sok diajar sing anteng heula ..tong raribut komo kaluarmah..bapa aya perlu heula sakeudeung..." leos anjeunna teh angkat, bari ukur ngantunkeun kopeah di luhureun meja, da atuh asana teh najan wungkul kopeah ngajugrug tapi asa aya bae nu janten guru teh ngawaskeun, jeung barudak kaasup kuring oge teu ingkah, nurut bari ngalaksankeun naon nu ditugaskeun ku nu janten guru. rasa kasieun teh nyampak, tegesna najan ku jugrugna kopeah wungkul oge, sima reujeung wibawana teh karasa pisan.

Tapi, ayeuna nu karasa jeung nu kaalaman ku kuring salaku guru, duka ketang ku guru-guru sejenmah, barudak teh asa geus euweuh rasa hormat ka nu jadi guru teh, ajen inajen ka nu jadi guru teh tos ngarangrangan, contona bae mun seug tepung di jalan, lain kadua uluk salam...eh kalah ka ngabalieurkeun beungeut. Terus deuih lamun di kelas, geus cape nyarek, ribut tea, ngobrol tea jeung sajabana. Tegesna, asana wibawa guru teh tos ilang, tapi didieu kuring teu nyalahkeun nu jadi murid, da ningali kana konteks psikologimah umuran maranehna teh keur aya dina mangsa panca roba, jiwa-jiwana gampang kapangaruhan, loba nangtangna batan nurutna..komo-komo ka nu jadi guru dalah ka kolotna oge pasti sarua. Lebah dieu kuring jadi ngimpleng, geuningan teu gampang jadi guru 'nu jadi' teh, boa-boa ku teu nurutna murid teh, wawales ka diri, sabab mun nyoreang lampah ka tukang, baheula keur kuring jadi murid, kuring sok pirajeuneun wangkelang ka nu jadi guru teh. loba ngareumpak aturan sakola jeung sajabana, tah ayeuna diwales ku murid kuring.

Balik deui kana sasauran nu janten guru, "...yen memang jadi guru oge beunghar, jaba beunghar ku harti teh (da tungtutan gawe), beunghar oge ku masalah tur kadangkala beunghar ku hutang...". ieu oge jadi bahan implengeun kuring, leres oge eta sasauran teh, sabab dina kanyataanana khususna di nagri urang Indonesia, nasib guru teh kacida balangsakna, da geuningan loba keneh guru nu ninggalkeun kawajiban nagajar alatan ngudag setoran, muru pakasaban sampingan nu ngahasilkeun pikeun nutupan kakurangan, ceuk wartamah nepi ka aya nu ngojeg, aya nu dagang, jeung sajabana. didieu kuring nitenan, apan cenah ayeuna pamarentah kacida merhatikeunana kana nasib kahirupan guru, da dikumaha-kumaha oge guru teh minangka 'aset bangsa' nu hamo ilang fungsina ku robahna zaman, sabab ti zaman ka zaman gurumah pasti diperlukeunana. warta nyarita yen pamarentah geus ngagulirkeun mangpirang-pirang program nu aya patula-patalina reujeung nasib kahirupan guru. kayaning sertifikasi, infassing jeung sajabana oge ngayakeun tunjangan-tunjangan sejenna nu tujuanana pikeun ningkatkeun taraf kahirupan guru. Tapi kanyataan nu lumangsung bet katingalina...geuningan guru dina kahirupanana siga nu tetep loba kakurangan khususna dina masalah nutupan pangabutuh kahirupanana. tah ieu teh, naha kapangaruhan ku sifat reujeung watek manusa nu memang 'kurang bae teu aya waregna' naha memang kurang keneh diperhatikeun ku pamarentah...tah ieu nu nepi ka ayeuna masih jadi implengan teh.

Sabab mun seug urang ngayakeun perbandingan, ceuk beja ieumah, yen di nagri baturmah guru teh kacida diutamakeunana ku pamarentah teh dina masalah nasib kahirupanana. samodel di nagara tatangga, Malaysia baheula cenah maranehna ngangkir ka nagri urang supaya dikirim guru pikeun ngatik ngadidik rahayatna, tapi ayeuna ceuk beja deui..maranehna nawaran ka urang ..Indonesia butuh sabaraha guru ? didieu oge mun seug ieu beja bener teh...aya kacindekkan yen majuna urang malaysia teh aya campuran jasa urang Indonesia. ngan ku naon bet majuna leuwih nerekel batan Indonesia.

********

3. PAGUNEMAN KANJENG NABI S.A.W. SARENG MALAIKAT JIBRIL A.S.

Muhammad bin Al-Hanafiyah Rohimahullohi Ta'ala, ngariwayatkeun hadits nu sumpingna ti Sayyidina Ali bin Abi Thalib Rodhiyalloohu 'Anhu wa Karomalloohu Wajhahu. yen nalika Alloh ngawahyukeun ayat:

فَاصْفَحِ الصَّفْحَ الْجَمِيلَ (ألحجر: 85

“……Maka hampura maranehna ku cara nu hade” (Al-Hijr: 85)

Rosulullah S.A.W. naros ka Jibril A.S.:

"Yeuh.. Jibril !, naon nu dimaksud '...Maka hampura maranehna ku cara nu hade' .. teh ?."

Jibril A.S. ngawaler:

"Nalika ngahampura jalma nu geus laku kaniaya (Dzalim) ka anjeun, maka anjeun poma tong nyawad ka si eta jalma".

Rosulullah S.A.W. naros deui:

"Yeuh Jibril ! tangtuna Alloh leuwih-leuwih ti Maha Heman, pikeun henteu nyawad ka hamba-hamba-Na nu meunag ihampuraan Manten-Na tina dosa-dosa nu geus dilakukeun ku si eta hamba".

Saparantos gunem catur kitu duana nangis bangun kanyenyerian. Ningali kitu, tuluy Alloh ngutus Malaikat Mikail A.S. bari nyandak wahyu ti Manten-Na, barang anjog tuluy nepungan Rosululloh S.A.W. sareng malaikat Jibril A.S., langsung Malaikat Mikail A.S. nyarios:

"Saestuna Pangeran Anjeun ngadugikeun salam kawilujengan, bari Manten-Na Ngadawuh: 'Piraku teuing Kami rek nyawad ka hamba Kami nu meunang hampuraan ti Kami ?, sabab nyawad eta ngarupakeun tingkah nu patoja'iyah reujeung Kaheman Kami' ".

********

4. NGAMAKNAAN KAHIRUPAN

Kahirupan teh asal kecap tina "hirup" nu ngandung harti "nyawaan/mibanda ruh/miboga daya jeung kakuatan" lawan kecap tina "mati/maot/pupus."

Kahuripan hartina teh nyaeta panghirupan, atawa umpama dina basa Indonesia, kahuripan hartina "penghidupan". Kahuripan asal kecapna tina hurip. Hurip hartina hirup seger tur sehat. Hirup anu hurip hartina oge sarua jeung hirup anu seger tur sehat.

Kusabab hurip hartina hirup seger tur sehat, cai sok disebut sumber kahuripan, kukituna urang kudu ngamumule sumber kahuripan. Aya oge nu nyebut yen anu hirup teh awak, anu jadi kahirupan teh nyawa, sedengkeun anu jadi kahuripan teh nyaeta hate. 
  • Teu meunang gugur samemeh tempur, Teu meunang perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub 
  • Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu 
  • Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah 
  • Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati 
  • Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung. 
  • Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut 
  • Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal anggih jeung balitungan 
  • Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan 
  • Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah 
  • Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah 
  • Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang 
  • Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake 
  • Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat 
  • Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan 
  • Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur 
  • Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada 
  • Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari 
  • Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel 
  • Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan 
  • Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna 
  • Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan 
  • Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa 
  • Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea 
  • Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung. 
  • Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti 
  • Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung 
  • Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa 
  • Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na 
  • Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang. 
  • Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya. 
  • Sabar teh lain Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut. 
  • Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan. 
  • Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa. 
  • Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan. 
  • Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah? 
  • Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna. 
  • Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang 
  • Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh 
  • Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina 
  • Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati 
  • Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan 
  • Neangan luang tipapada urang 
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik 
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina 
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian 
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok 
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang 
  • Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina 
  • Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran. 
  • Miindung ka waktu, mibapa ka zaman 
  • Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa. 
  • Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok. 
  • Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang. 
  • Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati. 
  • Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana? 
  • Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena. 
  • Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama. 
  • Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah. 
  • Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng. 
  • Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi 
  • Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat) 
  • Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul. 
  • Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun 
  • Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang) 
  • Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada) 
  • Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah. 
  • Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa 
  • Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar. 
  • Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur. 
  • Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling 
  • Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat) 
  • Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul. 
  • Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun 
  • Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang) 
  • Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada) 
  • Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah. 
  • Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa 
  • Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar. 
  • Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur. 
  • Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling 
  • Kalayan hapunten bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepitan, bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun. 
  • Jeng dulur mah tong nepikeun tileletik silih ala pati, tilelemet getreng, tilelembut silih ala umur, tibubudak silih ala nyawa. 
  • Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan nu dekeut geura deueusan. Moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? Tina diri sorangan, cirina satangtung diri. Pek geura panggihan silaturahmi teh jeung diri sorangan, ulah waka nyaksian batur, saksian heula diri sorangan kusorangan weh. 
  • Sing diajar nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun., mere kanu daek, nganteurkeu kanu sieun 
  • Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patema-tema kareup hanteu reureuh-reureuh, dageuning anu bakal karasamah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana, Kabul aya tinu maha agung, laksana aya tinu maha kawasa. 
  • Beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. (Kecap nuhun) 
  • Nyumput buni tinu caang, negrak bari teu katembong. (Tawadhu) 
  • Tong Kabobodo tenjo, kasemaran tingali. 
  • Najan Buuk hideung jadi bodas, dada antel kana bumi, buluan belut, jangjangan oray. moal waka wangsul saacan kenging ridho Gusti. 
  • Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung. 
  • Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust – ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya). 
  • Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent). 
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada) 
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun). 
  • Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya –> John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb). 
  • Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi). 
  • Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga). 
  • Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb). 
  • Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama). 
  • Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah) 
  • Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb) 
  • Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu). 
  • Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar). 
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan). 
  • Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri). 
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata) 
  • Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras). 
  • Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri). 
  • Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan). 
  • Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur). 
  • Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain). 
  • Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth). 
  • Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat). 
  • Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur). 
  • Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work). 
  • Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya). 
  • Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya). 
  • Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat…. kira-2 apa yang sudah kita tanam selama ini sampai-2 Indonesia nyungseb seeeeeb )? ) 
  • Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya). 
  • Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive). 
  • Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain) 
  • Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).dlsb. 
  • Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.). 
  • Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini). 
  • Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara)

Post a Comment

0 Comments