Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Kapamingpinan Lain Kaistimewaan

 Dina konsep Islam, pamingpin téh bisa disebut ”imam” ogé bisa disebut ”Khalifah”. Ieu dua konsep istilah téh diuningakeun ogé kacutat dina Al-Qur’an pikeun ngajelaskeun makna pamingpin jeung kapamingpinan. Imam At-Tabrasi dina tafsirna ngauningakeun yén kecap ”Imam” jeung kecap ”Khalifah” pikeun ngaran pamingpin mibanda makna nu sarua. Ngan nu ngabedakeun téh dina ngalarapkeun éta kecap, kecap ”imam” bisa diartikeun pikeun tuladaneun atanapi picontoeun, sabab kecap ”imam” mibanda harti ”hareup”. Jadi imam téh kudu aya di hareup, mere conto nu hadé dina masalah akhlak, ogé pamingpin téh kudu jadi panutan nu mibanda suritauladan nu hadé, 

jadi pieunteungan nu alus pikeun masyarakat nu di pingpinna. Sakumaha papatah jawa nyarios: ”ing ngarso sung tulodo”. Sedengkeun kecap ”khalifah” mibanda harti ”tukang”. Jadi, pamingpin téh minangka motivator atanapi nu ngadorong umat pikeun ngalakukeun kahadéan, ngarahkeun umat kana tujuan nu geus ditangtukeun luyu reujeung kapentingan masyarakat nu sifatna maslahat tur ngahindarkeun kapentingan nu sifatna madhorot, tegesna kudu bisa nyiptakeun kaamanan, katingtriman, katenangan sahingga tumuwuh masyarakat nu salamina silih rojong, silih asah, silih asih, silih asuh, silih washiyatan dina bebeneran reujeung kataqwaan. Sakumaha papatah jawa nyarios: ”Tut Wuri Handayani”.

Kecap ”Khalifah” ogé bisa dihartikeun ”Gaganti” hartina minangka gaganti pamingpin nu samemehna. Tujuanna pikeun ngalanjutkeun program-program kapamingpinan nu samemehna, dipalar bisa ngaronjatkeun atanapi ngembangkeun masyarakat atanapi umat nu dipingpinna ka arah nu leuwih hadé ogé leuwih maju batan samemehna.
Kapamingpinan téh lain sakadar kontrak sosial antara pamingpin jeung umat nu dipingpin. Tapi ngarupakeun hiji perjangjian antara manéhna jeung Alloh , Atanapi bisa disebut ogé mangrupakeun amanah atanapi titipan Alloh . Kukituna Rosululloh saw. Negeskeun nalika shahabat Abu Dzar nyuhunkeun hiji jabatan, maka Rosululloh saw., ngadawuh: ”Anjeun kacida lemahna, ieu téh amanah, ieu téh titipan sakaligus bisa jadi sabab kanistaan jeung rasa kaduhung jaga dina poé kiyamah lamun dilalaworakeun”.

Kapamingpinan ogé nungtut pikeun ngadegna kaadilan, sabab kaadilan lawan tina kadzoliman nu dijadikeun syarat yén pamingpin téh kudu adil, teu lumaku kapamingpinan téh pikeun jalma-jalma anu dzolim. Sakumaha dawuhan Alloh swt nalika Manten-Na ngangkat Nabi Ibrahim as, salaku imam-na salaku pamingpin manusa:
وَإِذِابْتَلَى إِبْرَاهِيْمَ َرَّبهُ بِكَلِمَاتٍ فَأَتَمَّهُنَّ قَاََل إِنِّي جَاعِلُكَ ِللنَّاسِ إِمَامًا قَالَ وَ مِنْ ذُرِّيَّتِيْ قَالَ لاَ يَنَالُ عَهْدِى الظَّالِمِيْنَ

”Jeung sing inget nalika Ibrahim dicoba ku Pangéranna ku sawatara paréntah, tuluy Ibrahimnyumponan éta paréntah. Maka Alloh ngadawuh: ”saéstuna kami ngajadikeun manéh Imam atawa pamingpin pikeun sakumna manusa”, Ibrahim ngawalon: ”kalebet ogé seuweu putu jisim abdi?”, Alloh ngadawuh: ”nu dijangjikeun ku Kami moal tumerap ka jalma-jalma (tegesna, turunan manéh Ibrahim) anu dzolim”.

Para ulama geus mere patokan syarat nu kudu dipibanda ku para pamingpin, anu ieu syarat geus lumaku malah jadi wajib dipibanda ku para Nabi jeung Rosul, nu hakékatna aranjeunna para pamingpin pikeun umatna. Anapon syarat éta téh jumlahna aya opat:

Nu kahiji, syarat nu kudu dipibanda ku saurang pamingpin téh, kudu mibanda sifat Shidiq hartina bener, ajeg panceg, teguh pengkuh dina sikap, ucap, sarta lampah dina nohonan tugas salaku pamingpin. Didieu jelas, yén pamingpin téh kudu bener dina ucapan, ulah ngabohong sabab fatal akibatna lamun umat dipingpin ku pamingpin nu resep ngabohong, culas tur loba nipu. Lain karaharjaan nu karasa tapi kalah ka kasangsaraan nu karasa. Na’udzubillahi mindzalik.
Nu kadua, pamingpin kudu mibanda sifat Amanah, hartina bisa dipercaya, mibanda rasa tanggungjawab gede, sabab jabatan atanapi posisi kapamingpinan lain hadiah atawa hibah, tapi ngarupakeun amanah. Kapamingpinan lain kaistiméwaan, tapi tanggung jawab. Kapamingpinan lain alas pikeun nganteurkeun kahayang pribadi, tapi kudu jadi hiji pangurbanan diri dina raraga babakti ka rahayat reujeung ka nagri, kapamingpinan lain gawe bari nyalse tapi gawe rancage pikeun nguruskeun masalah nepi ka rengse, kapamingpinan ogé lain kasawenang-wenangan ngayakeun tindakan, tapi hiji pangabdian nu kudu mibanda niat seja ngajaga, ngariksa, rumawat ngayakeun panataan kana hal-hal anu matak mawa manfaat, mawa kana karaharjaan, katingtriman, kamajuan ogé kama’muran keur nagri reujeung rahayat.
Nu katilu, pamingpin téh kudu mibanda sifat Fathonah, hartina cerdas, pinter bari bener, sabab teu saeutik jalma pinter tapi teu bener, kapinteran téh lain mere maslahat tapi kalah ka mere mafsadat, mere madharat ka nu lian. Jadi pamingpin téh ditungtut kudu bisa mereskeun pasualan-pasualan nu lumangsung, sahingga bisa ngayakeun perobahan-perobahan nu ngarah kana kamaslahatan pikeun rahayatna. Sabab, bakal ancur akibatna mun pamingpin téh teu mibanda sifat fathonah. Kacerdasan bakal ngalahirkeun kamajuan, bakal tumuwuhna ide sareng gagasan-gagasan jeung rencana-rencana nu hadé, nu éta rencana téh bakal ngawujudkeun kamajuan rohani reujeung jasmani, ningkatna kaimanan, reujeung kamajuan nu nimbulkeun kamaslahatan pikeun sakumna umat.
Nu kaopat, pamingpin kudu mibanda sifat ”tabligh” hartina nyampekeun kalayan jujur kana hak-hak umat, maksudna mibanda sifat terbuka, taya nu disumput-sumput. Sifat ieu téh kacida pentingna dipibanda ku hiji pamingpin, sabab bakal ngalahirkeun kapercayaan nu kuat ti umat. tur moal aya kajadian nu nyimpang kana katangtuan-katangtuan hukum agama ogé darigama.
Ayat-ayat nu sanés nu ngabahas syarat-syarat nu kudu dipibanda ku para pamingpin téh, diantarana baé nu kaunggel dina surat As-Sajdah ayat 24 jeung surat Al-Anbiya ayat 73, lamun dicokot kacindekkan dina dua ayat ieu, maka aya lima sifat poko nu kudu dipibanda ku para pamingpin:

Nu kahiji, saurang pamingpin kudu mibanda sifat bisa ngarahkeun atanapi nganteurkeun masyarakat nu dipingpinna kana tujuan nu luyu reujeung pituduh Alloh swt. Sabab, pamingpin minangka wawakil Alloh nu di amantan pikeun ngurus, ngaraksa, ngariksa ogé rumawat ngarah ngalap manfaat, sangkan ieu alam dunya téh mashlahat pikeun sakumna umat, luyu reujeung kahoyong Alloh swt. Ku kituna pamingpin téh kudu bisa miara agama khususna pikeun diri pribadina umumna pikeun sakumna umat nu dipingpinna. Saurang pamingpin kudu bisa mutuskeun perkara kalayan hak bari ngadegkeun kaadilan, henteu ngagugu teuing kana hawa nafsu, ngilangkeun laku lampah dzolim. Sakumaha dawuhan Alloh swt :
يَا دَاوُدَ إِنَّا جَعَلْنَاكَ خَلِيْفَةَ فِى اْلأَرْضِ فَاحْكُمْ بَيْنَ النَّاسِ بِاْلحَقِّ وَلاَ تَتَّبِعِ اْلهَوَى فَيُضِلَّكَ عَنْ سَبِيْلِ اللهِ إِنَّ الَّذِيْنَ يُضِلُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللهِ لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيْدٌ بِمَا نَسُوْايَوْمَ اْلحِسَابِ

“Yeuh .... Dawud ! saéstuna kami ngajadikeun manéh kholifah di bumi ! nya prak geura mere putusan di antara manusa kalawan bener. Jeung poma ulah nurutkeun teuing kana hawa nafsu, sabab éta téh nyasarkeun manéh tina jalan Alloh . Saéstuna jalma-jalma anu sasar tina jalan Alloh téh pikeun maranéhna siksaan anu banget kacida alatan maranéhna poho kana poé balitungan”.

Ayat munggaran sanaos ditujukeun ka Kanjeng Nabi Dawud as, tapi hakékatna ngisyratkeun ka urang sadayana, dimana jadi pamingpin téh, ni mimiti bari utami nyaéta mere kaputusan kalayan bener, henteu ngagug teuing kana hawa nafsu, sabab cilaka kabina lamun hiji pamingpin dimana mere kaputusan téh kumaha aing, asa bener sorangan henteu batur, nu antukna lain maslahat tapi kalahka loba madharat. Pamingpin samodél kitu, bakal nyasarkeun umat ka jalan nu dibenduan ku Alloh swt. Na’udzu billa hi min dzalik.

Nu kadua, kasabaran hal ieu kacida pentingna dipibanda ku para pamingpin, sabab kasabaran bakal numuwuhkeun sifat narima sagala kaayaan atanapi sifat qona’ah, nu akhirna bakal ngawujudkeun hiji pamingpin anu bisa ngalaksakeun amanah Alloh kalayan pinuh ku rasa tanggungjawab, sabab ku sifat qona’ah ieu para pamingpin bakal rela tur ridho narima taqdir nu geus ditetepkeun ku Alloh , boh dina masalah harta, pangkat, kadudukan. Ku hal ieu pisan lamun pamingpin geus mibanda sifat sabar bari qona’ah atanapi nampi sagala rupi papasten ti Alloh , maka bakal ngaleungitkeun sifat kasarakahan, mangpang-meungpeung, jeung sajaba ti éta.

Nu katilu, ngabudayakeun diri ngalakukeun kahadéan, tegesna kudu mibanda akhlak nu hadé, sabab akhlak nu hadé ngarupakeun papaes nu nimbulkeun kaéndahan, nu bakal ngangkat darajat hiji pamingpin. Sakumaha ni geus dicontokeun ku Rosululloh saw, dina munggaran anjeunna ngawangun masyarakt islam téh di mimitian ku nyampurnakeun akhlak pribadi anjeuna ku akhlak nu hadé. Sahingga ngawujud insanul kamil, insan nu sampurna. Sahingga Kanjeng nabi ngadawuh: ”yén satemenna saurang nu ngaku iman, nu ngaku islam, bakal meunang darajat kasampurnaan dimana manéhna geus mibanda akhlak nu mulya”.

Nu kaopat, rajin kana ibadah, sabab hal ieu pisan asal tujuanna manusa diciptakeun, sabab ku ibadah manusa bisa ngarti kana naon nu jadi hak jeung kawajiban, ku ibadah manusa bisa ngadeukeutkeun diri ka nu jadi Pangéran Alloh nu nyiptakeun, ku ibadah manusa bisa ngajauhan kana hal-hal nu teu payus di pilaku, kana hal-hal nu teu pantes dipigawe, kana hal-hal nu bakal nimbulkeun kabenduan Alloh swt. Pamingpin nu rajin ibadah bakal boga rasa kasieun dimana manéhna rek ngalakukeun hal-hal nu matak mawa madharat, matak mawa bahaya ka umat, tur bakal ngalahirkeun hiji pamingpin nu tigin kana jangji, nu rela berkorban jiwa katut raga dina ngalaksanakeun tugas reujeug kawajiban nu minagka amanah Alloh swt..

Jeung Nu kalima, pinuh ku kayakinan bari diiimbangan ku asak jeung cerdasna pikiran, henteu mang-mang henteu ragu dina ngayakeun tindakan bari diimbangan ku nurut kana aturan agama reujeung darigama, henteu sagawayah ngayakeun tindakan, pinuh ku perhitungan sahingga bisa mawa kamaslahatan ka balarea.

Waalloohu A’lam Bish-Showab.

Post a Comment

0 Comments