Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

MANG JUHA KASASAR DI TANAH SUCI

 


Ngalaksanakeun rukun Islam nu Kalima mangrupakeun harepan sakumna umat Islam, ngan Islam teu ngabeuratkeun diwajibkeunana ieu rukun, wungkul pikeun jalma nu mampu. Khususna di Indonesia, waragad pikeun ngalaksanakeun ibadah Haji teh kacida badagna, kabuktian teu sakabeh urang Islam Indonesia bisa ngalaksanakeunana.

 Geus jadi kailaharan yen satiap rombongan Haji Indonesia pasti aya nu diangkat jadi pamingpin rombongan, tugasna pikeun ngabingbing rombongan nalika aya di Tanah Suci. Ku sabab kitu, satiap nu diangkat jadi pamingpin rombongan, biasana jalma nu geus pernah ngalaman nincak ka Tanah Suci, hal ieu memang kacida pentingna, sabab teu satiap jama’ah haji ngarti tur apal kana tata cara ibadah haji, terutama kana basa urang Arab.

 Dina masalah bahasa, aya hiji carita nu mangrupakeun pangalaman salah saurang jama’ah Haji, nu kabeneran eta jam’ah haji teh urang sunda  kasebutna  Mang Juha , harita manehna tinggaleun ku rombongan, nepi ka manehna bingung neangan arah jalan balik ka tempat manehna jeung rombongan cicing, anu pernahna di deukeut Masjidil Haram. Rek nanya ka urang Arab nu aya didinya teu bisa bahasana, rek neruskeun leumpang teu apal ka arah mana nu kudu dituju, tungtungna Mang Juha ngahuleng, bari luak-lieuk susuganan aya urang Indonesia.

Barang keur bingung kitu rentang-rentang aya jalma nu pangawakanna siga urang Indonesia busekel hideung, jangkung teuing henteu, pendek teuing teuing henteu. Barang geus deukeut tuluy bae di Tanya ku Mag Juha:

 ”Punten bapa bade tumaros, dupi arah jalan ka Masjidil Haram ka palih mana?”.

 Nu ditanya rungah-ringeuh siga nu teu ngarti, bari ngajawab: “Boten Ngartos mas..?”.

Geuningan nu ditanya teh urang Tegal, nu bahasana jawa, atuh beuki bingung bae, Sakalieun tepung jeung urang Indonesia, urang jawa nu teu ngarti kana basa sunda. Barang keur bingung kitu jorojoy Mang Juha boga  pikiran, bari gegerendengan nyarita:

 “Ah…! urang jawamah biasana sok ngaji Qur’an jeung kitab gundul, urang nyoba di Tanya ku bahasa Qur’an”. Bari Tuluy pok Mang Juha nanya deui ka urang tegal tadi:

 ”Punten mas…! Ihdinash-Shiroothol Masjidil Haroom ?”.

 “Ohh…! Shiroothol Mustaqiim…!”  Jawab urang tegal bari nunjuk ka palebah jalan nu brasna ka Masjidil Haraam.

“Hatur nuhun mas…!”

 Geus kitumah tuluy weh Mang Juha neruskeun leumpang kana jalan nu dituduhkeun ku urang tegal tea. Tapi barang keur ngeunah leumpang, kadenge aya nu ngagorowok, barang dilieuk urang tegal tadi tea, sihoreng nalingakeun keneh, bisi kasasar meureun. Pokna teh bari ngagorowok:

 ”Waladh-Dhoolliin…. Mustaqiim…Mustaqiim..!”. Kituna teh bari pepeta siga tukang parkir, pedah jalan nu keur dituju teh aya tilu arah aya nu mengkol ka kenca, nu ka katuhu jeung nu lempeng. Memang bener nu lempeng nu brasna ka Masjidil Harom teh.

Caaag

Post a Comment

0 Comments