Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

TUJUAN DICIPTAKEUN MANUSA


Related imageAllah ngadawuh dina Hadis Qudsy:

Yaabna Aadama ! Tafarrogh Li’ibaadatii ! Amla’ Shodroka Ghinan Wa Asudda Faqruka, Wa Illaa ! Taf’al Mala’tu Shodroka Syughlan Wa Lam Asudda Faqruka
“Yeuh Anak Adam ! puseurkeun Himmah (perhatian) anjeun, wungkul pikeun ibadah ka Kami ! maka Kami bakal minuhan dada anjeun ku kacukupan (tegesna, hamo merelukeun deui nu sejen salian ti Kami), oge bakal ditutup ku Kami kafaqiran anjeun (tegesna,  bakal dicukupan sagala pangabutuh anjeun). Mun seug henteu kitu (tegesna, henteu museurkeun Himmah (perhatian) wungkul ibadah ka Kami), maka Kami bakal minuhan dada anjeun ku kaham-ham, ku kasibukan tur Kami hamo nyukupan kafaqiran anjeun (tegesna, hamo aya cukup dina kahirupan salawasna kurang jeung kurang nu euweuh tungtungna)” (H.R. Imam Tirmidzy & Imam Baihaqy nu sumber datangna ieu Hadits ti Abu Hurairah R.A.).


Tujuan manusa diciptakeun ku Allah ka ieu alam dunya teh taya kajaba pikeun ulun kumawula ka Manten-Na ku bentuk Ibadah, sakumaha Dawuhanna-Na:

Wa Maa Kholaqtul-Jinna Wal-Insa Illaa Liya’buduun (Adz-Dzaariyaat: 56)

“Teu samata-mata kami nyiptakeun Jin jeun Manusa, kajaba pikeun Ibadah” 

Kajaba ti eta Ibadah oge minangka parentah ti Allah, sakumaha dawuhana:

Yaa Ayyuhan-Naasu’buduu Robbakumul-Ladzii Kholaqokum Wal-Ladziina Min Qoblikum La’allakum Tattaquun (Al-Baqarah:21)

“Yeuh Manusa ! Prak ibadah ka Pangeran aranjeun (tegesna Allah) nu geus nyiptakeun aranjeun kabeh, jeung jalma-jalama samemeh aranjeun. Sangkan aranjeun kabeh takwa”

Ibadah teh mibanda harti sagala tingkah perbuatan manusa, nu dipikaresep oge dipikaridho ku Allah boh ku bentuk ucapan, I’tikad oge pagawean boh nu katingali oge nu teu katingali. Mun ceuk basa para Ulama mah:

Al-Ibaadata Ismun Jaami’un Limaa Yuhibbullooh, Wa Yardhoohu Qaulan Kaana Au Fi’lan, Jaliyyan Kaana Au Khofiyyan

“Ibadah teh nyaeta hiji aran (konsep), nu ngawengku kana sagala perbuatan nu dipikaresep oge dipikaridho ku Allah,  ku bentuk pagawean oge ku bentuk ucapan, boh nu katingali oge nu teu katingali”

Luyu reujeung konsepan harti miturut para Ulama fiqih, yen ibadah teh sagala bentuk pagawean ibadah nu dilakukeun demi ngahontal karidhoan Allah. Lebah dieu bisa jadi kasapukan, sabab memang geus sawadina kudu kitu, tegesna yen saban-saban jalma Muslim oge Mu’min ti mimiti lahir nepi ka batin dina ngalakonan ibadah teh kudu diancokeun pikeun miharep ridho Allah.

Sedengkeun harti panungtung nu jadi kasapukan para Ulama fikih yen ibadah salian ti pikeun ngahontal Ridho Allah ditambahan ku miharep ganjaranna-Na di akherat. Ieu harti panungtung teh asa heureut, sabab pikeun jalma Mu’min mah mibanda harepan, yen sagala ibadah nu dilakonan teh mibanda maksud, nu kahiji pikeun ngahontal Ridho Allah, jeng nu kadua miharep ganjaran nu jadi jangji Allah lain di akherat wungkul tapi di dunya oge. Sakumaha do’a nu sering dibaca:

Robbanaa Aatinaa Fid-Dunyaa Hasanatan Wa Fil-Aakhiroti Hasanatan Wa qinaa ‘Adzaaban-Naari

“Duh Gusti abdi sadaya, mugia anjeun maparin abdi kasaean di dunya, oge kasaean di akherat, sareng mugia Anjeun Gusti ngaraksa abdi sadaya tina siksa seuneu naraka”

Ibadah mun ditilik tina sifat jeung bentukna, ngawengku kana:

Kahiji, ibadah nu geus dirinci ku katerangan atawa dalil ti mimiti ucapan nepi ka pagawean, kayaning shalat, zakat, puasa oge ibadah haji . Ibadah ieu sifatna khusus atawa nu disebut ibadah Mahdhoh, kayaning shalat, puasa, zakat jeung ibadah haji ka tanah suci Baetullah.

Kadua, ibadah nu teu ditangtukeun atawa henteu dirinci teknik dina ngalaksanakeunana, kayaning Ibadah ucapan lisan, dzikir Tahmid, Takbir, Tasbih, Tahlil, ngaos shalawat, oge nyarita nu pinuh ku nasehat, nyarita nu genah ngadenge henteu matak kuciwa batur, nyarita nu pinuh ku manfaat, jeung sajaban ti eta. Lian ti eta, kayaning migawe hiji perkara nu sifatna maslahat boh keur diri pribadi oge nu lian, samodel nyiar kifayah, ngabdi di tengah-tengah masayarakat, ngabdi ka bangsa oge ka nagara, ngalaksanakeun amanah sasama mun seug jadi pamingpin, ngalakukeun pagawean nu sifatna keur kamaslahatan umat jeung sajaban ti eta ieu kabeh kaasup ibadah umum atawa ibadah,  Ghoero Mahdhoh.

Mun diriutkeun ibadah teh dibagi dua, boh nu sifatna pribadi oge nu sifatna social:

Kahiji ibadah Fardi, nyaeta ibadah nu dilaksanakeun ku sosorangan, kayaning shalat jeung puasa

Kadua. Ibadah ijtima’iy, nyaeta ibadah nu sifatna pikeun nohonan tuntutan pangabutuh social, kayaning ibadah zakat jeung haji. 

Dina emprona para Ulama ngabagi ibadah teh jadi tilu rupa:

Nu kahiji Ibadah Jasmaaniyah Ruuhaaniyyah, hartina ibadah nu bentukna merelukeun kakuatan fisik jeung jiwa nu pinuh kakhusyu’an oge pinuh kaikhlasan, kayaning ibadah nu sifatna wajib, nyaeta shalat jeung puasa di bulan Romadhon. Oge nu sifatna sunnag kayaning puasa sunah, jeung shalat sunnah.

Nu kadua, ibadah Ruuhaaniyyah Maaliyyah, hartina ibadah nu bentukna merelukeun modal harta banda raja kaya, kayaning zakat nu sifatna wajib, jeung shodaqoh nu sifatna sunnah.

Nu katilu, ibadah Jasmaaniyyah Ruuhaaniyyah Maaliyyah, hartina ibadah nu bentukna merelukeun kakuatan fisik jeung jiwa nu pinuh kakhusyu’an oge pinuh kaikhlasan oge nu merelukeun modal harta banda raja kaya, kayaning ibadah Haji oge ibdah umroh.

Jadi kacindekanana, yen ibadah teh nyaeta hiji aran (konsep), nu ngawengku kana sagala perbuatan nu dipikaresep oge dipikaridho ku Allah,  ku bentuk pagawean oge ku bentuk ucapan, boh nu katingali oge nu teu katingali.

Mula asal alam dunya, taya cai taya hawa, bumi jeung Wawacanlangit taya wujudna, taya bulan taya sang surya. Beurang tacan datang sumawon peutingna. Éstu alam dunya hiji rohangan kosong taya eusina.

Poék mongkléng alam dunya kaayanana. Angin nu munggaran dicipta, Cai nu kaduana. Lajeng cai disimpen diluhur angin ku KersaNa. Tina Luhur cai ngebul haseup ka jomantara, gajanggélék langit reka cipta MantenNa, bari dipisah nepi ka aya tujuh lapisna. Lajeng dicipta siang katut peutingna. Kitu katerangan nu pertéla.

Keur langit Allah Ngersakeun ku DawuhNa,

"Yeuh Surya! Medal anjeun jeung beurangna. Anjeun ogé bulan! Bijil anjeun jeung peutingna. Kitu deui anjeun béntang! Papaés ieu langit hasil cipta Kaula."

Sang surya tigin kana titah Gustina. Saban beurang datang gumebyar ku caangna. Kitu deui bulan marengan peuting kalayan satia. Ogé béntang satuhu mapaés jomantara.

Lajeng bumi ditata dicipta ku MantenNa. cur-cor walungan ku caina. Tutuwuhan jadi papaésna. Gunung-gunung dicipta jadi pakuna. Sasatoan diyuga tambih lengkep pangeusina. Sadaya dicipta ukur genep mangsa miturut carita.

Tutas Nyipta lajeng MantenNa istawa dina 'ArasyNa. Dilingkung ku para MalaikatNa, nu teu lirén tasbih katut tahmid salawasna. Lajeng Allah Mitutur ku DawuhNa,

Innii Jaa'ilun Fil Ardhi Khaliifah (Al Baqarah: 30)

"Satemenna Kami seja nyipta khalifah di ieu alam dunya..."

Malaikat nolak nganaha-naha sapadaharita, inggis siga saméméhna, MantenNa nyipta makhluk nu resep laku durjana. Resep ngocorkeun getih sasamana, kitu dina katerangan kalam Allah Nu Mulya.
Ngawaler kana panolakan MalaikatNa, lajeng Allah ngadawuh ku KalamNa,

...Innii A'lamu Maa Laa Ta'lamuuna.(al Baqarah: 30)

"...Satemenna Kami uninga kana saniskara nu teu dipikanyaho ku arandika."

Lajeng Allah marentah Jibril turun ka alam dunya. Titahna nyandak taneuh saperluna. Teu talangké Jibril nyirorot turun ka bumi ngemban titah Nu MahaKawasa. Orokaya bumi nolak ku pangunjukna, malar teu kacocéng najan sajeungkal komo sadeupa. Jibril mulang teunangan taya hasil paneja.

Lajeng Allah miwarang Malikat sanesna, sami sadaya teu hasil dina ngemban titahNa. Nya iwal Malaikat Izra'il nu hasil dina tugasna. Anjeunna nyandak taneuh nu tilu rupana. Beureum, bodas jeung hideung pulasna. Nu ieu hal jadi watek, sifat jeung rupa kajadian manusa dina kahirupanana.

Lajeng Allah nyandak taneuh ku KersaNa. Éta taneuh dibaseuhan diaduk nepi ka jadi jasad manusa. Nu harita acan mibanda asma ogé nyawa. Diantep nepi ka garing bari hideung rupana.

Rada lami Allah ngantep éta jasad manusa. Para malaikat taya nu wani ngadeukeutan komo rumpa-rampa. Ukur Iblis nu wani malah nepi ka nghaheureuykeunana. Nepi ka dina waktuna ditiupkeun nyawa, ngawujud hiji tangtungan manusa sampurna, nya Adam asma katelahna.

Diwanohkeun sagala rupa asma dina ngujina, nu awalna para malaikat ngahina, antukna nyucikeun Kaagungan Nu MahaKawasa. Adam mulya batan maranéhna.

Lajeng Allah maréntah pangeusi sawerga ku DawuhNa,

Wa Idz Qulnaa Lil Malaa'ikati Sjuduu Li 'Aadama ... (al Baqarah: 34)

"Jeung Nalika Kami nimbalan ka malaikat sakabéhna. Prak! Geura sujud ka Adam arandika..."

Lajeng sadaya Malaikat sujud tumut paréntahNa. Iwal hiji makhluk anu durjana, nu mibanda watek sombong adigung adiguna, nya Iblis nu katelahna. Nu bakal melak goda rencana jeung réka perdaya ka Adam katut turunana.

Adam renggenek di Sawerga bareng sareng Babu Hawa, nu dicipta tina tulang iga palih kiwa. Ngan hanjakal teu lana nganjrek disawergana, sabab kaburu ka goda ku Iblis nu diusir ti heula, ku sabab lampahna ngalawan titah Allah Ta'aalaa.

Dina mangsa Jasad Adam diasupan ruh ku Nu MahaKawasa, nu awalna taneuh robah jadi daging dadak sakala. Paningal nu munggaran kabuka, Adam bisa niténan salirana. Karep Adam hayang ngadeg tapi teu wasa, ningal bungbuahan sawerga kabita hayang ngala. Namung taya daya upaya acan aya widi MantenNa.

Ningal ketak Adam kitu lajeng Allah ngadawuh ku KalamNa,

Khuliqol Insaanu Min 'Ajalin....(al Anbiya': 37)

"Manusa dicipta mibanda watek gurung-gusuh dina sifatna...."

Allah niupkeun ruh ka adam Nu salajengna, Adam bisa ngadeg ogé ngobahkeun salirana. Nalika Ruh dugi ka mastakana, Adam bersin munggaran tina pangambungna. Haréwos titah Nu MahaKawasa sangkan kedal Hamdalah ku lisanna. "Yarhamukallah!" dawuh Allah ngawalerna. Dugi janten kasunahan ka Umat Muhammad sakumna.

Sadaya Malaikat sujud ka Adam tanda hurmatna. Iwal Iblis nu mugen ku sabab kasombonganana. Maka kagolong kafir ku sifatna. Lajeng Allah naros ku DawuhNa,

Qaala Maa Mana'aka Allaa Tasjuda Idz Amartuka... (Al A'raf: 12)

"Naon nu jadi kasangtukang andika teu daék sujud ka Adam, padahal éta téh titah Kaula?"

Nyarita Iblis ngawaler panaros Nu MahaKawasa,


...Ana Khoirun Minhu Kholaqtanii Min Naarin Wa Kholaqtahuu Min Thiinin...(al A'raf: 12)

"....Abdi ka Adam langkung mulya, abdi tina seneu sedengkeun Adam tina taneuh diciptana."

Ku hal éta pisan Iblis diusir ti sawerga, jadi golongan makhluk nu hina ku watek jeung pasifatanana. Iblis ngajukeun paménta saméméh kaluar ti sawerga, ménta témpo hirup nepi ka datang kiamat jaga. Lian ti éta aya paménta séjénna, nyaéta ngagoda manusa sangkan milu sasar siga dirina. Akhirna Allah ngijabah manéhna, nu ieu téh jadi isarat yén Iblis musuh manusa anu nyata.
Lajeng Allah ngadawuh ku KalamNa,

Qaala Khruj Minhaa Madz 'uuman Madhuuran, Laman Tabi'aka Minhum La'amla'anna Jahannama Minkum Ajma'iina. (al A'raf: 18)

"Kaluar andika ti sawerga! Jadi buangan ogé jadi hina. Satemenna sing saha ti antara manusa nu nurut tumut ka andika, maka Kaula bakal ngabuskeun ka Naraka Jahannam kabéhanana."

Ieu pisan nu jadi sabab Iblis timbul hasudna. Sabab ngarasa hina gara-gara Adam dicipta. Neuteuli jadi watek jahatna. Antukna nyieun cara pikeun ngaréka perdaya Adam jeung turunanana.

Béda deui ka Adam dawuh Allah Nu Maha Kawasa dina mangsa harita,

Wa Yaa Aadamuskun Anta wa Zaujukal Jannata....(al A'raf: 19).

"Jeung yeuh Adam! Keur anjeun sok masing matuh anjeun jeung pamajikan anjeun di sawarga..."

Nya kitu awal sajarah hirup Adam diyuga. Di sawerga hirup dina awal cicingna. disarengan Babu Hawa nu janten bojona. Ngan aya syarat ti Nu MahaKawasa mun hayang matuh disawerga. Mun seug éta syarat dilanggar bakal aya mamalana. Ieu téh ka unggel dina DawuhNa Allah Ta'aalaa,

...Fakulaa Haitsu Syi'tumaa wa laa Taqroba Haadzihisy Syajarota, Fatakuunaa Minadz Dzoolimiina. (al A'raf: 19)

"... Pék dalahar sakarep aranjeun duaan kana saniskara nu aya di ieu sawerga, ngan poma ulah wani-wani ngadeukeutan ieu tangkal, mun seug anjeun ngadeukeutan maka dzolim kaasupna."

Iblis diusir leuwih tiheula ti sawarga, bari nyandang darajat hina, hina ku lampahna, hina ku kasombongan dirina.

Iblis neuteuli ka Adam salawasna, Iblis kacida mikangewana. Antukna ngalakukeun sagala cara sangkan sarua siga dirina kaluar ti sawarga. Ngan hanjakal teu bisa asup ka jero sawarga. Malaikat geus lain deui jadi baturna. Ukur bisa kukurilingan di saluareun sawarga.

Dikersakeun aya oray nu bisa digoda, antukna Iblis diheungheum ku eta oray dina usaha hayang asup ka sawarga. Barang geus aya di sawarga, laju Iblis ngalancarkeun gogodana ka Adam jeung Babu Hawa.

Pamustungan hasil sagala usahana. Reka perdayana ngeuna ka Adam jeung Babu Hawa. Hiji tangkal nu dipahing dideukeutan komo diala buahna. Jadi alat Iblis dina ngagoda ku dibibita, yén éta tangkal téh buahna istiméwa, bisa ngajadikeun diri lana disawarga.

Munggaran Babu Hawa nu kagoda, nuang buah larangan Nu Maha Kawasa. Nu jadi ciri mandiri yen kaum istri mibanda watek gampang kagoda. Watek gampang dibibita, watek gampang kabawa ku perbawa rasa. Iblis bungah teu kudu hese capé ngaluarkeun tanaga. Cukup Babu Hawa ngeuna digoda kadituna Adam pasti bakal ka babawa.

Bener pisan sanyatana, Babu Hawa ka Adam balaka, tos tuang buah nu dilarang ku Nu MahaKawasa. Dina awalna Adam kuat pamadeganana, nolak pangajak Babu Hawa sabab kaasup lampah doraka. Antukna Babu Hawa jeung Adam teu patanya, bisa Akur saratna Adam kudu nohonan paméntana.

Nya geus jadi watekna lalaki hamo mungpang kahayang wanoja nu dipikacintana. Kitu pisan ngeuna ka Adam nu awal kuat pamadeganana, akhirna nurut paménta Babu Hawa najan apal éta téh lampah doraka.

Gancangna carita, Adam isin ka Nu Maha Kawasa ku sabab lampahna nu wani ngarempak larangannaNa. Antukna Adam disidang ku Nu MahaKawasa naon kasangtukangna pangna wani milampah doraka ka MantenNa.

Adam ngawaler saujratna. Dina awal katarik kagoda ku Babu Hawa nu geus kagoda ku Iblis leuwih tiheula. Ku hal éta Allah netepkeun hukuman ka Babu Hawa, hamo bisa ngandung iwal kudu ngalakukeun usaha saméméhna. Tur nalika bisa ngandung kudu nyawa jadi tandonna, dimana hayang ngaluarkeun eusi kandunganana.

Kitu deui ka oray nu jadi alat Iblis bisa asup ka sawarga, ditetepkeun jadi musuh manusa, mun panggih jeung Adam katut turunana, bakal lumpat nyumputkeun dirina. Tur mun kagok tepung maka bakal palastra dileungeun manusa.

Adam jeung Babu Hawa diusir ka alam dunya. Kalayan diturunkeun di tempat nu teu sarua. Adam dilungsurkeun di India, sedengkeun Babu Hawa di wewengkon Mekkah ayeuna. Pahatulalis kaayaan Adam harita. Turun ti sawarga nu sagala aya. Pindah cicing ditempat anyar nu can aya sagalana.

Adam kaduhung ku lampahna, ceurik balilihan ras Alamka dirina nu wani milampah doraka, gara-gara lampahna, di tundung ku Nu Maha Kawasa, indit ti sawarga bari papisah jeung Babu Hawa. Rasa kasono teu kaampeu ngagulidag jero dada, tapi teu bisa kukumaha da tos jadi putusan Nu MahaKawasa.

Adam mapay-mapay arah alam dunya, hiji nu jadi udagan tepungna reujeung Babu Hawa. Bari ngajerit hatena ka Nu MahaKawasa, teu leupas gegerenyeman lambena mapatkeun du'a,

Robbanaa dzolamnaa Anfusanaa wa In Lam Tagfirlanaa wa Tarhamnaa Lanaa Kuunanna minal Khaasiriin (al A'raf: 23)

"Duh Gusti Pangeran abdi sadaya, abdi dzolim ka diri abdi sadaya, mun seug Anjeun Gusti teu ragrag rahmat sinareng hampura, tinangtu abdi sadaya kalebet golongan anu tuna."

Sapanjang Lalampahan mapay arah jalan dunya, Adam teu eureun nganaha-naha ka dirina, kaduhung ngarempak larangan Nu MahaKawasa.

Kersaning Allah, Adam tepang sareng Babu Hawa, di tempat nu bakal jadi kumpulna turunannana jaga, Arafah nu katelahna. Adam bungah kacida. Rasa sono nu ngagalura, tamplok sapadaharita, kitu deui kaayaan Babu Hawa, nu samia sangsara nahan rasa kacinta nu pohara, satutas pisah nu sakitu lilana.

Saba'dana nyacapkeun rasa kasono nu sakitu lilana, Adam nuju ka Baitullah disarengan ku Babu Hawa, lajeng thawaf duanana, thawaf munggaran di alam dunya, Batu mulya Baitullah Harita, nu ayeuna jadi jugjugan umat Islam sadunya, dina nyampurnakeun rukun Islam nu kalima.

Salajengna duanana mulang ka nagri India. Nagri dimana Adam dilungsurkeun ti Sawerga. Aya rasa béda duanana antara renggenek di Sawarga jeung di alam dunya. Baheula disawarga sagala aya. Sedengkeun di dunya mah kudu nyiar heula. Bari duanan teu ngarti kana naon nu karasa. Jibril datang ngaharewos mawa béja, yén nu keur dirasa téh lapar ngaranna. Adam bingung kudu kumaha ngaleungitkeunana, ditahan kalah beuki nyeri karasana. Jibril ngaharéwos méré deui béja, yén kudu ménta dahar ka Nu MahaKawasa.

Duanana munajat bari nahan rasa laparna, Jibril datang mawa siki gandum titipan Nu MahaKawasa. Lajeng gandum kudu dipelak luyu sareng paréntah MantenNa. Wur!! Gandum téh diawurkeun rata. Dikersakeun jadi sapadaharita. Adam langsung ngaranggeum seja dihuapkeun kana bahamna. Sakilat Jibril ngajeuwang langsung pananganana. Bari miwarang dipanén heula, Adam mingkin bingung kumaha cara ngalana. Jibril nyontoan ka Adam tata carana. Saréngséna dipanén éta gandum kudu ditutu heula. Adam geus teu kuat nahan laparna, pon kitu deui Babu Hawa.

Ti mimiti melak nepi ka metikna, tutas dipetik tuluy dibabut sangkan misah jeung tangkalna. Tutas dibabut tuluy ditutu. Réngsé ditutu kudu dikebringkeun heula sagkan beresih tina kulitna. Tutas dikebringkeun ditutu deui nepi ka jadi tipungna. Tina tipung diolah nepi ka asakna. Késang kaluar maseuhan badanna, Adam tetep usaha hayang ngubaran rasa laparna.

Roti nu katelahna ayeuna. Adam tuang sawaregna pon kitu deui Babu Hawa, duanana reugreug renggenek di alam dunya. Sabab geus boga élmu keur ngokolakeun alam dunya.

Adam sering huleng jentul ras inget nalika di sawarga. Bathinna ngocéak ka Nu MahaKawasa,

"Anjeun Gusti nu ngayuga, Anjeun Gusti nu niupkeun ruh ka jasad abdi nalika diyuga. Kiwari abdi di usir ti sawarga, rumaos tos milampah doraka, naha abdi tiasa mulang deui ka sawarga mun tobat abdi ditampa."

Allah ngawaler ku Dawuhna, yén sakabeh anak Adam nu milampah dosa bakal bisa asup ka sawarga, nalika tobat kalawan saenyana. Sabab MantenNa Dzat Maha Lautan Hampura.

Adam bungah ngadangu waleran Nu MahaKawasa, reugreug manah Adam sareng Babu Hawa dina ngamakmurkeun alam dunya. Dina ngarundaykeun turunanana, Babu Hawa ngandung nepi ka babarna, tiap babar kaluar kembaran dua, Kabil dulurna Iqlima, Habil dulurna Labuda. Nu satuluyna nalika nincak mangsa dewasa, dikawinkeun silang antara maranéhna. Kabil dikawinkeun ka Labuda, Habil dikawinkeun ka Iqlima.

Kabil nolak kana putusan Adam harita, sabab teu panuju kawin ka Labuda. Adam ngawaler bari tetep kana putusanana, sabab teu halal mun kawin ka Iqlima sabab dulur kembaranana, kitu téh putusan Allah Ta'aalaa. Kabil tetep teu narima.

Iblis nu geus unjuk paménta ka Nu MahaKawasa, pikeun ngagoda Adam jeung turunanana, langsung rerencepan ngahasut Kabil sangkan tetep nolak kana putusan Adam harita. Adam bingung kumaha carana sangkan Kabil narima putusanana, bari ulah aya riributan antara kadua anakna.

Lajeng Allah maréntahkeun sangkan duana ngalakukeun kurban hasil gawéna. Saha nu kurbanna ditarima, maka éta nu bakal kawin jeung Iqlima. Gancangna carita, Kabil nurut mawa kurban hasil tatanénna, ngan hanjakal nu dibawa hasil tatanén nu panggoréngna. Sedengkeun Habil mawa kurban hasil ingon-ingonna, Domba gibas jalu bari pangalusna. Cirina ditarima kurban antara duanana, bakal datang seuneu nu nyamberna. Duanana teu sabar nunggu putusan Nu MahaKawasa. Saha sabenerna nu bakal kurbanna ditarima.

Teu lila datang nyirorot seuneu nu ngabebela, nyamber salah sahiji kurban nu aya. Nya kurban Habil nu ditarima, Domba gibas jalu nu pangalusna nu ditarima ku Nu Maha Kawasa. Hal ieu jadi kasunahan pikeun Umat Muhammad sakumna, nalika seja kurban séba ka Nu MahaKawasa.

Kabil tetep kana pamadeganana, yén Iqlima kudu kawin jeung dirina. Ditambah Iblis terus ngaharéwos ku hasutanana. Antukna Kabil ngancam bakal maténi Habil nu jadi dulurna. Habil nyadarkeun ka lanceukna, mun seug enya bakal maténi ku gara-gara teu narima putusan Nu MahaKawasa. Maka bakal rugi bakalna. Ditambah ku rencana maténi dirina, bakal dosa nu ditarima, tur jadi katetepan bakal renggenek nyicingan naraka.

Kabil tetep teu narima, nu akhirna Habil dipaténi nepi ka anggeusna. Akibat rasa timburu nu pohara, pamustunganana teu bisa ngadalian dirina. Kaduhung satutasna, layon Habil dipapanggul bingung cara mulasarana. Maka datang dua japati kahareupanana, nu hiji ngagolér tanpa nyawa, nu hiji deui ngoréhan taneuh nepi ka jerona. Laju japati nu jadi bangké di susungkur kana liang hasil ngoréhna, laju dirurugan ku taneuh urut ngoréhan nepi ka réngséna.

Ningali ketak dua japati hareupeunana, teu talangké Kabil nurutan mulasara dulurna nu geus jadi layon lantaran dirina.
Lumangsungna kajadian rajapati antara anak manusa. Kabil nu ngamimitianana ku maténi Habil nu jadi dulurna. Iblis nu ngahasudna, nu mémang geus jadi sumpahna. Yén moal reureuh ngagoda jeung ngajak manusa sangkan milampah dosa. Malah geus terang-terangan nganyatakeun jadi musuh anu nyatan. Ku hal éta, Allah Nu MahaKawasa ngadawuh ku KalamNa,

Alam A'had ilaikum Yaa Banii Aadama An Laa Ta'budusy Syaithoon, Innahuu Lakum 'Aduwwun Mubiin. (Ya_siin: 60).

"Naha lain Kami geus maparin pangwawadi ka arandika, 'Yeuh Anak Adam! Poma arandika ulah nyembah ka setan, satemenna maranéhna téh musuh nu nyata pikeun arandika.'"

Adam harita sedih ngarasa lara tunggara, ngadangu lampah Kabil nandasa nu jadi dulurna. Kaayaan jadi robah sapadaharita. Tutuwuhan jadi carucukan dahan-dahanna. Sasatoan ngajauhan tina kahirupan manusa. Adam nyusul Kabil nu mawa kabur Iqlima. Nepi kedal supata, 

"anjeun bakal dipikangéwa ku sakumna manusa, moal aya rasa aman hirup anjeun dimana baé ayana ku milampah laku durjana. Turunan aranjeun bakal jadi turunan nu daroraka."

Supata Adam nyata ayana, sakur-sakur lampah doraka mawa watek teu aman karasana, lampah durjana matak dipikangéwa ku sasama, lampah dosa moal matak mawa lugina.

Tutas kajadian rajapati antara kadua anakna. Adam neruskeun kahirupanana, bari ngarundaykeun turunan ngaramékeun alam dunya. Tug dugi ka tepung sareng waktu pupusna. Para malaikat turun pikeun mulasara layonna, laju dibungkus ku lawon bodas pulasna, tutas kitu para malaikat shalat ku takbir opat balikan dina jumlahna. Réngsé kitu laju dikurebkeun sakumaha mistina. Ieu hal jadi patokan awal dina ngurus mayit keur umat Muhammad sakumna.

Réngsé kahirupan Adam dina tugasna, nyandang gelar Nabi sareng Rasul Nu MahaKawasa, ngokolakeun dunya jadi Khalifah dina tugasna dicipta. Anjeunna manusa awal nu langsung dicipta ku Nu Kawasa. Nya anjeunna pisan nu pangheulana ditarima tobat tina lampah salahna.

Laju ka rundayan nu satuluyna. Ka Idris nu bakal jadi panerusna. Tugasna mah sarua, ngajak hadé ka sakumna manusa.

Wallaahu A'lam bish Showaab.

Post a Comment

0 Comments