![]() |
| Gambar: Ilustrasi Penghormatan Para Santri pada Kiyainya/Gurunya. |
Di nagri urang khususna aya kabiasaan nu geus pageuh, nu geus jadi adat budaya utamana dikalangan santri di pasantren, nyaeta "Tabaarukan" atawa "Ngalap Barokah." Di kalangan para santri sok pirajeuneun urang ningali kabiasaan santri nu sok parebut nyeepkeun cikopi, ci teh, atawa katuangan sejenna tina gelas atawa cangkir urut Ajengan, Kiyai atawa guruna. Hal ieu diantarana nu jadi pamadegan dina raraga ngalap barokah.
Tabaarukan atawa ngalap barokah kaasup perkara nu diajarkeun dina agama Islam, malah kaasup kana kabiasaan para shohabat Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam. Sakumaha dina katerangan nu kacutat dina Sirrah Nabawiyah disebutkeun, yen kungsi para Shohabat parebut, paburu-buru nandean cai tina tiap-tiap kucuran cai wudhu Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam, bari Rasulullaah henteu nyarek kana ketak para Shohabat samodel kitu. Hal ieu pisan nu jadi dasar pamadegan, turta dicontoan ku para Tabi'iin, Tabi'it Taabi'iin, tug nepi ka para Ulama salaf, Ulama Khalaf dugi ka kiwari.
Dumasar kana ieu hal, Atra pertela ngembang boled, jelas pisan yen barokah teh aya, turta bisa diikhtiyaran, bisa diusahaekeun, bisa disuprih ku jalan ngaliwatan jalma-jalma nu soleh, jalma-jalma nu dijamin deukeutna ka Alloh Ta'aalaa.
Makna harfiyah barokah nyaeta "tambah" sedengkeun miturur makna ishtilah barokah teh nyaeta "Ziyaadatul Khoir" hartina "tambah-tambah kahadean." Tegesna Tabaruukan didieu, nyaeta ngalap tambahna kahadean ti Allah Ta'aalaa ku ngaliwatan waktu,tempat, makhluk hirup atawa ti perkara-perkara oge barang-barang sejenna.
Samisal Tabarukan ku tempat. Dawuhan Allah Ta'aalaa:
إِنَّ أَوَّلَ بَيْتٍ وُضِعَ لِلنَّاسِ لَلَّذِي بِبَكَّةَ مُبَارَكًا وَهُدًى لِلْعَالَمِينَ (آل عمران:96)
“Satemenna imah (bangunan) nu pangmimitina diwangun keur kaperluan Ibadah manusa, nyaeta Baitullah (imah Allah) nu dibarokahan turta jadi pituduh pikeun sakumna Alam." (Q.S. ali Imron : 96)
Dina hiji hadits Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam nu diriwayatkeun ku Imam Nasa'i, ti Shahabat Anas bin Malik Rhadhiyallaahu 'Anhu. Nu ngajelaskeun yen nalika lalampahan Isra' Jibril 'Alaihissalaam ngajak ka Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam pikeun salat dua raka'at di Baitul Lahm, dimana eta tempat teh Kanjeng Nabi Isa 'Alaihissalaam lahir, tuluy dua raka'aat di gunung Thursina di tempat Kanjeng Nabi Musa 'Alaihissalam Mukallamah atawa ngobrol sareng Allah Ta'aalaa.
أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ صلى الله عليه وسلم قال أُتِيتُ بِدَابَّةٍ فَوْقَ الْحِمَارِ وَدُونَ الْبَغْلِ خَطْوُهَا عِنْدَ مُنْتَهَى طَرْفِهَا فَرَكِبْتُ وَمَعِي جِبْرِيلُ عليه السَّلَام فَسِرْتُ فقال انْزِلْ فَصَلِّ فَفَعَلْتُ فقال أَتَدْرِي أَيْنَ صَلَّيْتَ صَلَّيْتَ بِطَيْبَةَ وَإِلَيْهَا الْمُهَاجَرُ ثُمَّ قال انْزِلْ فَصَلِّ فَصَلَّيْتُ فقال أَتَدْرِي أَيْنَ صَلَّيْتَ صَلَّيْتَ بِطُورِ سَيْنَاءَ حَيْثُ كَلَّمَ الله عز وجل مُوسَى عليه السَّلَام ثُمَّ قال انْزِلْ فَصَلِّ فَنَزَلْتُ فَصَلَّيْتُ فقال أَتَدْرِي أَيْنَ صَلَّيْتَ صَلَّيْتَ بِبَيْتِ لَحْمٍ حَيْثُ وُلِدَ عِيسَى عليه السَّلَام ثُمَّ دَخَلْتُ بَيْتَ الْمَقْدِسِ فَجُمِعَ لي الْأَنْبِيَاءُ عليهم السَّلَام فَقَدَّمَنِي جِبْرِيلُ حتى أَمَمْتُهُمْ ، رواه النسائي
“Satemenna Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam ngadawuh: "Didatangkeun ka Kami Buraq, nu wujudna leuwih badag batan Kalde, leuwih leutik batan Bhighol atawa anak kuda. lengkahna sajauh panenjona. Tuluy Kami tumpak dibarengan ku Jibril, dumadakan Jibril nyarita, 'Turun anjeun prak salat!' Kami nurut tuluy salat. rengse kitu Jibril nyarita deui, 'Naha anjeun apal, dimana tadi anjeun Salat? Anjeun tadi salat di Thayyibah (Madinah) eta tempat nu bakal jadi tujuan anjeun jaga Hijrah'. Rengse kitu tuluy Kami jeung Jibril neruskeun lalampahan, barang anjog kahiji tempat, Jibril nyarita, ' 'Turun anjeun prak salat!' Kami nurut tuluy salat. rengse kitu Jibril nyarita deui, 'Naha anjeun apal, dimana tadi anjeun Salat? Eta tempat teh ngaranna Thursina eta tempat baheula Musa Mukallamah (ngobrol) sareng Allah'. Geus kitu tuluy Kami jeung Jibril nuluykeun lalampahan, barang anjog di hiji tempat, kadenge Jibril nyarita deui, 'Turun anjeun prak salat!' Kami nurut tuluy salat. rengse kitu Jibril nyarita deui, 'Naha anjeun apal, dimana tadi anjeun Salat? Eta tempat ngaranna Baitul Lahmi tempat dibabarkeunna Isa.' Rengse kitu langsung Kami jeung Jibril neruskeun lalampahan, tuluy asup ka Baitul Maqdis, didinya geus karumpul para Nabi, nu satuluyna Jibril nitah Kami jadi Imam Salat maranehna." (H. R. An-Nasa’i)
Dina Tabarukan atawa ngalap barokah, lian ti kana tempat, aya oge ngalap barokah teh kana mangsa, kana waktu-waktu nu tangtu. Allah Ta'aalaa maparin kaistimewaan ku kaberokahan kana waktu-waktu nu ditangtukeun. Sakumaha Dawuhan Allah Ta'aalaa:
إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِي لَيْلَةٍ مُبَارَكَةٍ إِنَّا كُنَّا مُنْذِرين
“Saestuna Kami nurunkeun (al-Qur’an)dina hiji peuting nu dibarokahan (peutingan lailatul qadr) oge saestuna Kami pisan nu mere pangwawadi.” (Q.S. ad-Dukhan:3)
Diriwayatkeun ku Imam Thabrani Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam ngadawuh:
« إن لربكم عز وجل في أيام دهركم نفحات ، فتعرضوا لها ، لعل أحدكم أن تصيبه منها نفحة لا يشقى بعدها أبدا » رواه الطبراني
“Satemenna Pangeran aranjeun dina sajeroning poe-poe aranjeun ngandung anugerah (barokah). Kukituna prak piluruh anugerah eta. Mun seug sakirana salah saurang diantara aranjeun tepung jeung poe eta (nu ngandung barokah), maka tanwande hamo bakal cilaka salawasna.” (H.R Thabrani)
Salian ti Tabarukan kana waktu-waktu nu tangtu, aya oge Tabarukan atawa ngalap barokah ku perkara-perkara atawa barang-barang. Sakumaha nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, Imam Ahmad oge Imam Baihaqy nu kacutat dina Kitab Sunan Al Kubra, nu sumberna ti Shahabat Anas Radhiyallaahu 'Anhu anjeunna sasauran:
عن أَنَسٍ قال لقد رأيت رَسُولَ اللَّهِ صلى الله عليه وسلم وَالْحَلَّاقُ يَحْلِقُهُ وَأَطَافَ بِهِ أَصْحَابُهُ فما يُرِيدُونَ أَنْ تَقَعَ شَعْرَةٌ إلا في يَدِ رَجُلٍ ، رواه مسلم وكذا رواه احمد والبيهقي في السنن الكبرى
“Kami ningali tukang cukur keur nyukur rambut Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam sedengkeun para shahabat ngagimbung teu jauh tidinya, taya nu dipiharep ku para shahabat, iwal teu aya salambar oge rambut Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam nu murag kana taneuh, kajaba geus ditadah ku panangan para Shahabat.” (H.R Muslim, Ahmad dan Baihaqi)
Aun bin Abi Juhaifah nyarioskeun nu sumberna ti Ramana ngeunaan para Shahabat Tabarukan atawa ngalap barokah ku cara nandean cai nu ngucur tina sesa-sea cai kangge wudhuna Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam. :
أَتَيْتُ النَّبِيَّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَهُوَ فِي قُبَّةٍ حَمْرَاءَ مِنْ أَدَمٍ وَرَأَيْتُ بِلَالًا أَخَذَ وَضُوءَ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَالنَّاسُ يَبْتَدِرُونَ الْوَضُوءَ فَمَنْ أَصَابَ مِنْهُ شَيْئًا تَمَسَّحَ بِهِ وَمَنْ لَمْ يُصِبْ مِنْهُ شَيْئًا أَخَذَ مِنْ بَلَلِ يَدِ صَاحِبِهِ ، رواه البخاري ومسلم واحمد
“Kami ngadeuheus ka Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam, dina mangsa anjeunna nuju du kubah Hamra ti Adam, tuluy kami ningali Bilal mawa wadah nu eusina cai tilas wudhu Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam, para shahabat nu aya didinya parebut padahayang (kana eta cai tilas wudhu Rasulullah). Nu meunang eta cai diantara para Shahabat langsung ngusap-ngusapkeun kana raray sareng awakna, sedengkeun nu teu kabagean ngajewang panangan para shahabat nu meunang nu baseuh keneh ku eta cai, nu satuluyna sarua ngusap-ngusapkeun kana raray sareng awakna." (H.R. Bukhari, Muslim dan Ahmad)
Aya oge katerangan nu ngajelaskeun dina raraga Tabarukan atawa ngalap barokah, para shahabat ngumpulkeun kesangna Kanjeng Nabi Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam. Hal ieu dijelaskeun ku Hadits nu diriwayatkeun ku Imam Muslim sareng Imam Ahmad nu sumberna ti Anas bin Malik Rodhiyallaahu 'Anhu, nyarioskeun ngeunaan ibuna nu ngumpulkeun kesang Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam dielap teras dipeureut dilebetkeun kana botol:
كان النبي صلى الله عليه وسلم يَدْخُلُ بَيْتَ أُمِّ سُلَيْمٍ فَيَنَامُ على فِرَاشِهَا وَلَيْسَتْ فيه قال فَجَاءَ ذَاتَ يَوْمٍ فَنَامَ على فِرَاشِهَا فَأُتِيَتْ فَقِيلَ لها هذا النبي صلى الله عليه وسلم نَامَ في بَيْتِكِ على فِرَاشِكِ قال فَجَاءَتْ وقد عَرِقَ وَاسْتَنْقَعَ عَرَقُهُ على قِطْعَةِ أَدِيمٍ على الْفِرَاشِ فَفَتَحَتْ عَتِيدَتَهَا فَجَعَلَتْ تُنَشِّفُ ذلك الْعَرَقَ فَتَعْصِرُهُ في قَوَارِيرِهَا فَفَزِعَ النبي صلى الله عليه وسلم فقال ما تَصْنَعِينَ يا أُمَّ سُلَيْمٍ فقالت يا رَسُولَ اللَّهِ نَرْجُو بَرَكَتَهُ لِصِبْيَانِنَا قال أَصَبْتِ ،رواه مسلم واحمد
“Hiji mangsa Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam lebet ka bumina Umi Sulaim teras kulem dina ranjangna nalika Umi Sulaim keur suwung. Tuluy dina waktu nu sejen Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam datang deui ka bumina Umi Sulaim, tuluy Umi Sulaim dibere beja yen Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam kulem aya dibumina ngiring kulem diranjangna. Teu talangke Umi Sulaim gura-giru mulang, sup ka bumina leres bae anjeunna nyampakkan Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam nuju kulem bari salirana katingali ngoprot kesang nu maseuhan tilam ranjangna nu tina kulit. Lajeng Umi Sulaim muka kotak teras ngelap kesangna Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam laju dipeureut dilebetkeun kana botol, kitu hal teh dugi ka Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam gugah, teras ngadawuh naros, 'Nanaonan Yeuh Umi Sulaim? Naha bet ngumpulkeun kesang Kami?" Umi Sulaim ngawaler, "Abdi miharep barokah pikeun para putra abdi tina kesang anjeun Ya Rasulullah." Lajeng Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam ngadawuh deui, "Bener Anjeun." (H.R. Muslim dan Ahmad)
Aya deui riwayat, yen Shahabat Khalidbin Walid Rodhiyallaahu 'Anhu anjeunna ngabuka rusiahna pangna unggul bae dina pangperangan. Rusiahna taya kajaba anjeunna tabarukan kana rambut Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi Wa Salam nu disimpen dina قَلَنْسُوَةً atanapi kopeah. Sakumaha nu diriwayatkeun ku Abdul Hamid bin Ja'far:
أَنَّ خَالِدَ بن الْوَلِيدِ فَقَدَ قَلَنْسُوَةً لَهُ يَوْمَ الْيَرْمُوكِ ، فَقَالَ : اطْلُبُوهَا فَلَمْ يَجِدُوها ، فَقَالَ : اطْلُبُوهَا ، فَوَجَدُوهَا فَإِذَا هِي قَلَنْسُوَةٌ خَلَقَةٌ ، فَقَالَ خَالِدٌ : اعْتَمَرَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَحَلَقَ رَأْسَهُ ، فَابْتَدَرَ النَّاسُ جَوَانِبَ شَعْرِهِ ، فَسَبَقْتُهُمْ إِلَى نَاصِيَتِهِ فَجَعَلْتُهَا فِي هَذِهِ الْقَلَنْسُوَةِ ، فَلَمْ أَشْهَدْ قِتَالا وَهِيَ مَعِي إِلا رُزِقْتُ النَّصْرَ.
"Yen Khalid bin Walid kailangan kopeah nalika perang Yarmuk. Anjeunna sasauran, "Teangan!" Tetep lebeng teu kapanggih. Tapi anjeunna keukeuh sangkan dipiluruh nepi kapanggih, nya akhirna mah kapanggih eta kopeah nu geus butut. Lajeng Anjeunna sasauran, "Basa Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam umrah, Anjeunna dicukur rambut mastakana, maka para shahabat parebut ngarawatan rambut anjeunna, kami nu pangheulana meunang pas rambut embun-embunan anjeunna, nya ku kami dirawatan disimpen diselapkeun dina ieu kopeah, ku Kami dibabawa tiap kami indit perang, nya hasilna sagala perang kami aya dina kaunggulan."
Sapalihna riwayat aya deui nu ngajelaskeun nu sumberna ti Hajjaj bin Hassan anjeunna sasauran, "Yen basa kami aya dibumina Anas, anjeunna nyandak cangkir Rasulullah Shallallahu 'Alaihi Wa Sallam tina kantong hideung. Anjeunna miwarang sangkan cangkir dieusian cai, nya kami babarengan nginum tina eta cangkir, tuluy diusap-usapkeun kana beungeut kami bari maca shalawat ka Kanjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wa Sallam." [Hadits riwayat Ahmad sareng Ibn Katsir].
Sejen deui riwayat nyebatkeun yen Ibnu ‘Umar Radhiyallaahu 'Anhu sering nyepeng tempat calikna Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Salam dina mimbar paragi Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam khutbah, kituna teh bari ngantelkeun rarayna kangge ngalap barokah [al-Mughni 3:559; al-Shifa' 2:54, Ibn Sa'd, Tabaqat 1:13; Mawsu'at Fiqh 'Abdullah ibn 'Umar halaman. 52]
Beda deui riwayat nyebatkeun, yen Shahabat Jabir ngajual ontana ka Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam, lajeng Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam miwarang Bilal pikeun nambahan Saqirat (1/12 dirham) tina harga nu geus jadi kasapukan. Ku hal eta Jabir sasauran, "Tambahan Artos pamaparin Kanjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wa Sallam, ku kami hamo digunakeun." Nya ku jabir eta artos disimpen. [Hadits riwayat Bukhari].
Sapalih deui riwayat ngeunaan Tabarukan, dicaroskeun yen nalika ‘Abdullah bin Anis mulang ti pangperangan, satutasna anjeunna mateni Khalid ibn Sufyan ibn Nabih, Rasulullah Shallallahu 'Alaihi Wa Sallam maparin hadiah ka anjeunna iteuk, lajeng Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam ngadawauh, " Ieu iteuk bakal jadi tanda diantara anjeun jeung Kami jaga di yaumil kiyamah." Maka ti harita ‘Abdullah ibn Anis teu pernah ngaleupaskeun eta iteuk tug dugi ka anjeunna pupus, ete iteuk dikubur bareng jeung anjeunna. [Hadits riwayat Ahmad 3:496, al-Waqidi 2:533].
| Add caption |
Imam Muslim ngariwayatkeun dina kitab Sahihna Bab al-Libaas, yen kantos Asma’ binti Abu Bakr nembongkeun ka Abdulah tilas budakna, kana jubah Rasulullah nu didamel tina lawon Persia, nu lawon beuheungna tina barukat, pigeulangan panangan eta jubah teh dibordir ku lawon barukat. Lajeng Asma sasauran, "Ieu Jubah Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam nu disimpen ku 'Aisyah dugi ka pupusna, laju ku kami disimpen, Kanjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wa Sallam sering ngangge ieu jubah, nya ku kami sok dikeueum kana cai pikeun jalma nu gering nepi ka maranehna calageur."
Imam Nawawi Rahimahullahu Ta'aalaa 'Anhu, ngomentaran ieu Hadits, dina surahanana dina kitab Syarah Sahih Muslim juz 37 bab 2:
وفي هذا الحديث دليل على استحباب التبرك بآثار الصالحين وثيابهم
“Ieu Hadits jadi bukti dianjurkeunana ngalap barokah ngaliwatan jalma-jalma sholeh jeung pakean maranehna."
Dina kitab nu sarua, Imam Nawawi nyerat 11 kali anjuran pikeun ngalap barokah ti jalma-jalma saleh. Ieu pisan nu ngajadikeun kuatna dalil, yen tabarruk henteu wungkul nalika zaman Rasulullah shallallaahu 'Alaihi wa Sallam, tapi tug dugi ka kiwari ngalap barokah bisa ka jalma-jalma nu saroleh, nu dijamin deukeutna ka Allah. Sabab hal ieuoge dilakukeun kua Imam Syafii Rodhiyallohu 'Anhu ku tabarruk kana gamisna Imam Ahmad sakumaha nu dinukil dina kitab Tarikh Dimasyqi :
قال لي الربيع: إن الشافعي خرج إلى مصر وأنا معه فقال لي: يا ربيع خذ كتابي هذا ، فامض به وسلمه إلى أبي عبدالله أحمد بن حنبل، وائتني بالجواب. قال الربيع: فدخلت بغداد ومعي الكتاب، فلقيت أحمد بن حنبل صلاة الصبح، فصلّيت معه الفجر، فلما انفتل من المحراب سلّمت إليه الكتاب، وقلت له: هذا كتاب أخيك الشافعي من مصر، فقال أحمد: نظرت فيه قلت: لا، فكسر أبو عبدالله الختم وقرأ الكتاب، وتغرغرت عيناه بالدموع، فقلت: إيش فيه يا أبا عبدالله قال: يذكر أنه رأى النبي (صلى الله عليه وسلم) في النوم، فقال له: اكتب إلى أبي عبدالله أحمد بن حنبل، واقرأ عليه مني السلام، وقل: إنك ستُمتحن وتدعى إلى خلق القرآن فلا تجبهم، فسيرفع الله لك علماً إلى يوم القيامة. قال الربيع: فقلت: البشارة، فخلع أحد قميصيه الذي يلي جلده ودفعهُ إليّ، فأخذته وخرجت إلى مصر، وأخذت جواب الكتاب فسلّمته إلى الشافعي، فقال لي الشافعي: يا ربيع إيش الذي دفع إليك قلت: القميص الذي يلي جلده، قال الشافعي: ليس نفجعك به، ولكن بُلّه وادفع إليّ الماء لأتبرك به.
Sasauran Rabi’: “Rehna Imam Syafi’i angkat ka Mesir bareng jeung kami, lajeng anjeunna sasauran ka Kami, "Yeuh Rabi'! bawa surat ieu berekeun ka Imam Ahmad bin Hanbal," Nu teu kungsi lila datang jawaban. Nalika asup ka kota Baghdad kuring nepangan Imam Ahmad nuju salat subuh, nya kami ngamakmum ka anjeunna. Satutasna kitua nalika Imam Ahmad seja angkat ti Paimbaran, ku kami eta surat teh langsung dipasihkeun. "Nyanggakeun ieu serat ti Imam Syafi'i ti Mesir.” Ceuk Kami ka Imam Ahmad. "Naha anjeun geus maca eusina?" Tanya Imam Ahmad. "Teu acan Pangersa." Jawab Kami. Lajeng Imam Ahmad muka eta suratbari tuluy dibaca. sekedapan anjeunna satutasna maca, socana juuh ku cisoca nu ngalembereh kana damisna. "Naon eusina Pangersa eta serat teh." Tanya kuring panasaran. "Eusina nyaritakeun yen Imam Syafi'i ngimpi tepang sareng Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Salam, nu satuluyna Rasulullaah Shallallahu 'alaihi wa sallam ngadawuh: "Prak tulis surat ka Ahmad bin Hambal jeung tepikeun salam Kami ka manehna. Bere beja ka manehna, yen manehna bakal meunang ujian, nyaeta dipaksa sangkan ngaku kana kayakinan yen Al-Qur'an teh makhluk, ku kituna kami pesen sangkan tetep kana pamadegan ulah kapangaruh ku eta kayakinan, mun seug kuat kana kayakinan kajeun ditandasa bari dipaksa, maka Allah bakal ngaluhurkeun darajatna tug dugi ka kiamat." Waler Imam Ahmad. “Ieu estu beja nu ngagumbiakeun." lajeng Imam Ahmad nulis deui serat walesan, bari maparin hadiah qamis nu ku anjeunna keur diangge.
Kuring tuluy mawa eta surat laju dipasihkeun ka Imam Syafi’i. “Titipan naon nu dipaparinkeun Imam Ahmad ka Anjeun?" tarosna Imam Syafi’i. “Gamis nu diangge ku Anjeunna." Jawab kuring. “Jung kaditu baseuhan eta gamis, Kami menta caina keur ngalap barokah." Saur Imam Syafi'i.
Tabarukan atawa ngalap barokah bisa oge kana barang-barang pusaka titinggal karuhun nu saroleh. Sakumaha hiji riwayat kajadian dikalangan Bani Israil, maranehna meunang kaunggulan ti musuh-musuh maranehna ku barokahna Tabut (Hiji wadah nu dijerona titinggal Kanjeng Nabi Musa sareng Kanjeng Nabi Harun 'Alaihimassalaam). Hal ieu dijelaskeun ku Imam Ibnu Katsir dina Kitabna al-Bidayah wan-Nihayah juz 2 kaca 6 :
قال ابن جرير : وكانوا إذا قاتلوا أحدا من الاعداء يكون معهم تابوت الميثاق الذي كان في قبة الزمان كما تقدم ذكره فكانوا ينصرون ببركته وبما جعل الله فيه من السكينة والبقية مما ترك آل موسى وآل هارون
Sasauran Imam Ibnu Jarir: “Bani Israil nalika perang jeung para musuhna, maranehna tara tinggaleun mawa Tabut (Hiji wadah nu dijerona titinggal Kanjeng Nabi Musa sareng Kanjeng Nabi Harun 'Alaihimassalaam) nu aya di qubah zaman, maranehna meunang pitung jeung kaunggulan ti Allah ku barokah eta Tabut. Turta Allah ngajadikeun dijerona rasa aman, rasa tingtrim jeung warisan titinggal kulawarga Musa sareng keluarga Harun Alihimassalaam.”
Kitu deui Imam al-Baghawi sasauran dina tafsirna, nalika anjeunna nafsirkeun Ayat Dawuhan Allah Ta'aalaa:
{ وَبَقِيَّةٌ مِمَّا تَرَكَ آلُ مُوسَى وَآلُ هَارُونَ }
“Jeung sesa-sesa titinggal kulawarga Musa oge kulawarga Harun.”
يعني موسى وهارون أنفسهما كان فيه لوحان من التوراة ورضاض الألواح التي تكسرت وكان فيه عصا موسى ونعلاه وعمامة هارون وعصاه وقفيز من المن الذي كان ينزل على بني إسرائيل، فكان التابوت عند بني إسرائيل وكانوا إذا اختلفوا في شيء تكلم وحكم بينهم وإذا حضروا القتال قدموه بين أيديهم فيستفتحون به على عدوهم
"Titinggal Kanjeng Nabi Musa 'Alaihis Salaam sareng Kanjeng Nabi Harun 'Alaihis Salaam diantarana dua papan kitab Taurat, Peninggalan Musa dan Harun berupa dua papan Taurat, imamah, Iteuk, sendal, sarta carangka tina Manna nu kungsi diturunkeun ti Langit ka Bani Israil (kabehanana disimpen dihiji kotak atawa wadah nu disebut "Tabut"). Mun seug Bani Israil aya pasualan, maka kersaning Allah eta Tabut teh bisa nyarita, tur jadi hakim diantara maranehna. Kitu deui mun seug perang, maranehna nyimpen eta Tabut dihareupeun pasukan hasilna maranehna aya dina kaunggulan.” (Tafsir al-Baghawi juz 1 kaca 667)
Ti awal nepi ka akhir, bahasan ngeunaan Tabaaarukan atawa ngalap barokah, bisa dicokot kacindekan, yen barokah teh aya, barokah teh nyata, barokah teh lain ukur beja, komo nu ngahukuman bid'ah mah kacida pisan teu pahamna. Estu barokah nu dialap ti Manusa-manusa suci, barang-barang titinggalna, tempat, waktu jeung sabangsan, kabeh aya dasar dalilna. Ku hal sakitu, Tabaarukan kacida dianjurkeunana, poma ulah rek wani-wani ingkar teu ngaku kana ayana manfaat tina Tabaarukan.
Pamungkas, aya hiji riwayat ti Qadhi bin Iyadh dina Kitab Asy-Syifa, yen kungsi kajadian di zaman Khalifah Utsman Bin Affan Rodhiyallaahu 'Anhu, aya hiji jalma nu ngaranna Jihja Al-Ghifari nu ngarawel iteuk tilasna Kanjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wa Sallam tina pananggan Khalifah Utsman Bin Affan Rodhiyallaahu 'Anhu, nu satuluyna eta iteuk ku Jihja seja dipotongkeun kalayan ditelekenkeun kana tuurna, tapi kersaning Allah Ta'aalaa eta iteuk lain kadua potong, kalah ka sabalikna suku Jihja kalah ngaborok dijero ubarna kudu diteukteuk. nu satuluyna ceuk beja nu beunang dipercaya Jihja nepi ka tepung jeung ajal nandangan kasakit suku akibat ketakna hayang motongkeun iteuk titinggal Rasulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam.
Cacak usaha miteskeun iteuk titinggal Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa sallam nepi ka tepung jeung ajal akibat nandangan lara, komo meureun ka jalma-jalma nu geus ngancurkeun titinggal Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa sallam sanesna.
Walloohu A'lam Bish Shawaab.
Wallaahul Muwafiq Ilaa Aqwamith Thariq
Wallohul Musta'aan. Anil Hamdulillaahirabbil'aalamiin.

0 Comments