Pupujian Muji ka Kanjeng Nabi (Sajarah Nabi)

Pupujian dina basa Sunda nyaéta wangun puisi buhun (puisi tradisional) anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam, mangrupa puji-pujian ka Allah SWT, solawat ka Nabi Muhammad SAW, du'a, tobat, atawa pangajaran akhlak. Pupujian biasana didadomkeun atawa dikawihkeun di masigit/musola saméméh solat jamaah. 

Ciri-ciri sareng Eusi Pupujian:

·    Wangun: Umumna diwangun ku opat padalisan (baris) dina sapadana (bait), sanajan aya ogé nu dua atawa genep padalisan.

·       Eusi: Muji kaagungan Pangeran, salawat ka Rasulullah, do'a/tobat, jeung papatah/naséhat.

·       Fungsi: Pikeun media dawah, syiar agama, jeung nepikeun nasehat moral.

PuDainatarana Pupujian teh nyaeta, 

PuPupujian Muji ka Kanjeng Nabi (Sajarah Nabi)

Gusti urang sarerea

Kanjeng nabi anu mulya

Muhammad jenenganana

Arab Quraisy nya bangsana

Ramana Sayyid Abdullah

Ibuna Siti Aminah

Dibabarkeuna di Makkah

Wengi senen Taun Gajah 

 

Robiul awal bulana

Tanggal kadua belasna

April Bulan masehina

Tanggal kadua puluhna

Ari bilangan taunna

Lima ratus cariosna

Sareng sahiji punjulna

 

Siti aminah misaur

Waktos babarna kacatur

Ningali cahya mani ngempur

Di bumina hurung mancur

Babarna taya kokotoran

 Orok tos kengeng nyepitan

Sarta harum seuseungitan

Medal nabi ahir jaman

Pirang-pirang kaanehan


 PUPUJIAN SYAFAATUL UDZMA 

 Lumpat sakabeh jalma

Muru ka kanjeng Nabi

Nyungkeun tulung jeung syafaat

Kanjeng Nabi teras nangis

Sujud ka Nu Maha Agung

Nyuhunkeun syafaat Gusti

Gusti Allah the nembalan

Pek anjeun syafaatan

Cengkat tina sujud

Kanjeng Nabi teh ngorejat

Ngudag Naraka nu ngagolak

Naraka careurik

He Allah Gusti Yang Widi

Abdi seja tumut diri

Serah badan nu sajati

Lahir batin diri abdi

 

 

 


Post a Comment

0 Comments