Laku lampah urang asal tina 4 anasir. Mun urang gedé ambek, éta téh gedé teuing seuneuna. Mun urang loyor tolohéor, éta téh loba teuing caina.
Ari sholat, éta téh némbongkeun tumarima kana nikmat ti Pangéran. Mun sok sholat tapi resep paséa, iraha atuh némbongkeun tumarima kanikmatan ti Allah, da kana umur mah teu aya nu terang, duka isuk, duka pagéto.
Urang sing ngaraos nikmat dina sholat, margi ku Allah baris dibales ku kanikmatan, tapi omat ulah diarep-arep. Pédah éta daék sholat tahajud jeung sholat dhuha, mani diperhitungkeun, sahingga nganaha-naha bet rizki téh teu datang-datang. Boa Allah téh sulaya tina jangjina?
Moal, para sadérék, Gusti Allah mah moal sulaya, éta tergantung ka sikap urang. Gunakeun kasempatan ku pinuh tumarima ka Allah. Urang sagala bisa ti Gusti Allah. Babacaan gé ti Gusti Allah.
Ulah rék naléngténg kana pahala, bet kawas jual beuli. Naha Pangéran téh tukang dagang kitu? Rajeun sholat bet menta bati. Amal perbuatan téh dipaké buburuh.
Urang kudu boga rasa kaponcongok ku Gusti Allah, boga rasa babarengan jeung Gusti Allah. Ari ieu kumaha? Ari Pangéran ngabarengan ka urang tapi asa teu katitén baé mun ngalakukeun kalakuan teu bageur téh.
Prak dzikir ulah maké itungan. Nu bodo, nu pinter, pék dzalikir supaya saladar salaku abdina Allah.
Ari Dziki téh ibarat keur nguseup. Ari useup téa aya tali, jeujeur, useup jeung eupan. Tanpa lengkap anu 4, moal arék bebenangan. Kudu kumplit. Jeujeur kudu leuleus, ulah ku tangkal haur nu jeugjreug. Talina anu liat, ulah ku bagedor anu rapuh, da bagedor mah ku beunteur gé pegat. Kapan ayeuna mah aya kenur geuning. Useup ulah tina ruruhit supaya teu lésot deui laukna. Eupanna sina alus.
Leuleus jeujeur hartina luyu diri kana ibadah, teu kudu dikohkolan baé, kapan ari heuras mah jegjreg awakna, sanajan dibedugan gé heuras baé teu daék indit. Geus komo hudang ti peuting mah, teu weléh kapiheulaan ku banceut baé.
Talina nu liat, nyaéta kenur, hartina "kanurin" atawa cahaya Dzikir Khofi. Kenur téh nu labas, ulah loba tumbuna, anu hartina ulah loba élodan. ..
Saur kasepuhan Pa Haji Adimaja mah: "Kudu leuleus jeujeur liat tali, raos dipecatkeunnana". Sing anteng dzikir teh ulah luar-leor. Mun nguseup teu cicing, teu tuhu, moal aya anu nyangut, atuh dzikir gé pon kitu deui kudu anteng cicing, khusu, sugan baé aya anu nyangut, ulah keuna ku gogoda, sabab aya kalana keur nguseup téh ana durugdug aya anu nyangut, marukna lauk, sihoréng kuya atawa gebog palid atawa rérénténg pisan. Tah dzikir gé sing anteng, ulah disangut ku godaan syétan ku nu teu dipiharep ku urang.
Kumaha geura, rajeun téh urang mah sirah tungkul, tasbé muter, bet disangut ku ngitung duit, disangut ku nagihan. Kumaha atuh sangkat anteng tur disangut ku nu dimaksud, taya lian kudu bisa ngabédakeun. Ari disanggut ku rérénténg mah pasti pabeulit, atawa mun dzikir mah nundutan, cul tasbelé tuluy baé kerek. Ari nguseup ngarah naon? Kapan ngarah lauk. Ari lauk téh nyaéta diibaratkeun mahabbah ka Pangéran.
Wallaahu A'lam.
Bilbarokah Walkaromah Sayyidi Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin Q.S Alfaatihah
11 Muharam 1390 H./18 Maret 1970 M.
.png)
0 Comments