"Saenya-enyana Kami ngayakeun manusa tina racikan taneuh (Numutkeun para alim ulama, dina tafsirna, harti tina racikan taneuh téh nyaéta kumpulna unsur-unsur cai, angin, seuneu jeung taneuh), tuluy Kami ngajadikeun tina unsur-unsur éta jadi mani anu dieusikeun kana tempat anu khusus nyaeta rahim ibu. Tuluyna éta "mani" dijadikeun "getih kimpel", ningkat deui éta getih kimpel téh jadi "daging kimpel", tina daging kimpel dijadikeun "tulang", akhirna tulang-tulang dibuntel ku "daging". Sanggeus kitu Kami ngajadikeun "makhluk anu sampurna" nyaéta dieusian "roh".
Mitutur pamendak Paraji cara sesebutannana kieu:
"Mimiti mani ngancik dina pianakeun ibu. Dina umur sabulan disebutna "ngahérang". Dina dua bulan disebutna "ngalénggang". Dina katilu bulan disebut "gumulung". Dina kaopat bulan disebutna "mirupa". Dina kalima bulan disebutna "usik". Dina kagenep bulan disebutna "malik", sabab éta murangkalih téh geus daék bulak-balik dina jero patuangan. Katujuh bulanna disebutna "kolot". Kadalapan bulanna disebutna "ngora", sabab éta murangkalih téh jadi ngora deui.
Kasalapan bulanna disebutna "medal", sabab geus cukup waktuna éta murangkalih téh medal ka "alam lahir". Kitu sotéh mani upama narajang ku sifat-sifat "Jamaliyyah"Na Gusti Allah tuluy tumuluy anu akhirna jadi manusa. Tapi lamun éta mani upama narajang sifat "Jalaliyah"Na Allah, akhirna kaluar deui ti ibu jadi kotoran (haidh). Tah kumargi éta, upama naliti asal muasalna manusa anu geus dijéntrékeun dina ayat Allah tadi, yén urang téh anu asalna tina racikan taneuh.
Jadi sakumna manusa teu aya bédana, atuh henteu kudu aya rasa leuwih tinu séjén, da buktina samodal, boh istri boh pameget samodal, boh anu kayana, boh nu pakirna, boh nu pinterna boh nu bodona, boh nu ménakna, éstu sami kénéh modalna tina taneuh, anu tug dugi ka jadi mani.
Saleresna mah mani téh aci ning aci tina unsur-unsur anu opat, nyaéta: cai, angin, seuneu jeung taneuh, anu mimitina tina rupi-rupi tuangeun sareng leueuteun, hampasna kaluar deui, acina jadi kakuatan badan, aci ning acina jadi mani, anumawi disaurkeun dina al-Qur'an asalna manusa téh tina mani.
Geuning dina babasan sunda mah, éta mani téh dipaké tanda nuduhkeun ka diri manusa, misalna si Dadap téh mani beunghar, si Waru mani pinter, si Wangsa mani pakir. Tah anu jadi ménak téh nurutkeun komara bahasa sunda mah nganggo bahasa mani. Singhoréng pangéling-ngéling ka tiap-tiap diri manusa supaya ulah sok poho ka wiwitan (purwa daksina).
Mangga ku para hadirin émutkeun, sageuy teu sapagodos, upama urang sadaya ninggal kana asal pusakana manusa, nyaéta urang sakumna teu aya geusan kudu takabur, nyieun adigung adiguna, boga rasa beunghar aing henteu batur, boga rasa pinter déwék henteu lain, jeung sajabana.
Malah kudu sabalikna, jadi rasa rendah ka sasama manusa, terutama kudu akur jeung dulur-dulur, tebih tina sifat papaséaan pacéngkadan, sahingga akhirna jadi huru-hara ka sakumna.
Geuning dawuhan Rosululloh ogé kieu pihartieunnana: "Sakabéh anu dilahirkeun éta manusa kaayannana suci (fithroh)", Teu pilih putra sahana-sahana, kabéh ogé ku Kanjéng Nabi mah dianggap suci.
Naon atuh sabab-sababna, geuning aya manusa boh tékadna boh ucapna, boh amal lakuna sok aya dina mahiwal, méngpar tina kasuciannana, sulaya tina kafithrohannana.
Éta téh kitu jujutannana, Asal pusakana manusa téh nyaéta tina tina unsur anu opat téa, anu akhirna jadi mani. Éta téh aya ngandung watek-watek tabéat matak jadi manpaat jeung anu matak jadi madorot.
Wallaahu A'lam.
Bilbarokah Walkaromah Sayyidi Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin Q.S Alfaatihah
Dicutat tina: Sintoris
Manaqiban: 11 Safar 1388 H / 29 April 1969 M
.png)
0 Comments