Ngagunakeun dua: "Robbanaa Aatinaa Fid-Dunyaa..." sareng saterasna téh sanés sakadar diaos, namung lebetkeun kana ati, gerakkeun kana amal pelaksanaannana, supados urang hasil dunya, hasil akhérat.
Teu dicaram, teu dipongpokan naha rék jadi naon di dunya, rék boga kakayaan naon di dunya pék! Teu nanaon. Rék jadi naon Di akhérat pék ! Da disadiakeun ku Alloh. Ngan asal ulah arék jadi Nabi jeung Rosul baé.
Ulah asa-asa éta téh, tapi syarat mutlak, nyaéta tingali tangtungan urang nu badé ngagarapna. Palebah dieu urang kudu boga wiwaha, margi sakira urang teu kabawa 50 kg mah nyuhun, teu kedah maksakeun, pék atuh 10 kg heula. Ari ieu kumaha, ari nafsu hayang sakintal atawa malah ton-tonan, padahal mawa satengah kintal gé teu kuat. Jadi, dina kamampuhan téh kudu ngukur ka kujur. Lain ngabates ieu téh, ngan sing enya-enya ngalatih diri supaya urang leuwih kuat.
Mun kamari kuat 20 kg, atuh ayeuna mah sing bisa kuat 30 kg heula, da geus sadia ti Pangéran téh pikeun kabungahan urang di dunyana jeung di akhératna, ngan kari nanya diri baé.
Aturan-aturannana parantos diterangkeun ku élmu-slmu dina agama, terutama urang salaku masyarakat di nagara nu terpingpin, aya pamaréntahannana, nu teu saeutik bimbingannana pikeun ngahontal kakayaan dunya, nu matak jadi kaislahan keur pribadi, keur ahli, keur kulawargi, ogé pikeun masyarakat jeung nagara, kantun tangtungan jeung sikep urang sorangan.
Pek sanggupkeun kamampuhan diri kalayan latih ku dzikir, sakali deui ku dzikir, margi tanpa latihan dzikir mah moal témbong lillahi ta'ala, moal témbong kaikhlasan.
Ngeunaan sholat parantos diterangkeun dina ayat Qur'an:
Qod Aflahal-Mu'minuun Alladziina Hum Fii Sholaatihim Khoosyi'uuna.
Bagja sotéh jalma mu'min nu sholatna khusyu'. Tah kumaha upami dibalikkeun, kumaha upami teu khusyu'? Atuh teu bagja. Cacak sholat éta téh nu ku urang kedah dipentingkeun sabagi intina amal, luluguna laku lampah. Kumaha upami urang rék ngayakeun kakayaan kirang kakuatan sareng kirang kakhusyuan, kirang katentreman? Éta gé nyakitu baé moal tiasa hasil.
Ku kituna, pikeun dunya sareng akhérat, kedah naros diri. Teu ngandung hartos meungpeuk éta téh, namung mangga latih ku dzikir, bina ku éling ka Alloh, Insya Alloh hasil. Éta téh teu pilih bulu, margi pintu terbuka ti Alloh Kop dunyana, mangga akhératna, teu dipilih keur kiyai, keur santri, keur ménak sareng sajabina, teu aya, teu pilih bulu. Ngan ulah kieu: rék dudunya mundur, rék ka akherat ngedul, nu akhirna téh di dunya malarat, di akhérat kokoro, cik saha nu salah?
Tapi poma deuih, upama palay dunya baé kapan sumpahna gé sanés kitu, da palay dunya téh sareng akhelérat, palay dohir téh sareng batin, pék salaraskeun, da ku malaikat téh parantos kacatet, ku Alloh parantos kauninga.
Omat deuih, ulah ari ka sawah bet tonggoy baé ngan ka sawah, malah sholat dhuhur gé dikantunkeun, badé dikumahakeun atuh upami kitu? Boro-boro mayunan kakayaan anu mangjuta-juta, cacak boga sawah sakotak gé dugi ka jadi halangan kana pangajian, halangan kana manaqiban, halangan kana riungan khotaman, halangan kana riungan Dzikir. Badé dikumahakeun diri téh atuh? Naon nu diarah?
Wallaahu A'lam.
Bilbarokah Walkaromah Sayyidi Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin Q.S Alfaatihah
Manaqib: 11 Muharam 1390 H / 18 Maret 1970
.png)
0 Comments