Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

DINA DZIKIR TEU AYA PAKSAAN, TEU AYA PAPASÉAAN. ( Wejangan Pangersa Abah Anom Q.S.)

Ari nu nyilakakeun boh dunyana atanapi akhérat téh nyaéta adzabna naraka. Kumargi kitu, wangsul deui ka diri urang, pék talitian, bok milih méngpar tina pangabdian. Teu aya deui jalan kanggo ngalatih diri sareng ngabina badan téh nyaéta kudu ku dzikir, dzikir, sakali deui dzikir. Saba'da urang kiat, saba'da istiqomah, saba'da sanggup sabagi abdina, saba'da bener teguh salaku hamba Alloh, imanna tetep kebel, tauhidna kuat, pék geura lumpat, geura tungtut, geura rangkul, geura usahakeun dunya Alloh ku abdi Alloh, akhérat Alloh ku hambana ilahi.

Ari ieu kumaha, éta téh lepat nyalira, sanés dunya nu teu aya, sanés akhérat nu teu nyampak, sanés dunya nu teu dipasihkeun, sanés akhérat nu teu disanggakeun, namung manusana ku anjeun anu alim (embung), alim miarana, alim ngarangkulna, jadi wangsul deui ka manusa ku anjeun.
Kumaha ari carana ngabdina? Ari carana ngabdina salaku nu nganyatakeun sabagi abdi, kedah disadiakeun ku urang.
Para mubaligh para murid disebarkeun saluas-luasna ka unggal poloksok sangkan nyebar ka tiap-tiap tempat, tah di tiap-tiap tempat téh pék sadiakeun tempat pangajian, tempat khotaman, tempat manaqiban, tempat-tempat jama'ah dzikir sareng sholat, éta téh tandana nganyatakeun pembinaan diri salaku jadi abdi Alloh. Sempatkeun, di mana baé éta téh, sanés di Suryalaya baé.
Sok sebarkeun Dzikir ka pelosok-pelosok dunya, tapi sing inget dina Dzikir teu aya paksaan, teu aya papaséaan komo bari teu bisa silih hargaan.
Kedah sing hayang diri urang téh reureujeungan jeung batur, berjama'ah dzikir salaku pembinaan, berjama'ah khotaman, berjama'ah manaqiban. Tah, di dinya téh baris nambihan, mingkin wedel, mingkin kuat.
Teu dicaram urang aya kahayang-kahayang naon baé ogé asal halal. Hayang kaya, hayang usaha, pek baé! Tapi wedelan diri, sabab lamun teu wedel diri, dimilikan ku Gusti Alloh kadang-kadang dipaké lalawora, takabur, lacut jeung teu puguh. Tah nu kitu ngandung harti yén dirina can kuat.
Kumaha mun diparengkeun dibérd teu boga, dibéré rugi atawa mundur? Mun dibéré nu kitu, kalah ka pundung. Nya upama pundung ka ibu rama mah aya meueusan, tapi ieu mah sholat dipundungan, khotaman dipundungan, malah masjid ogé dipundungan. Nu kieu disebatna beuki nyucud, tandana dirina sanés mingkin kuat namung mingkin cilaka.
Ku kituna beuki écés sareng atra, yén urang téh leres-leres ku Alloh disadiakeun kanikmatan kanggo dunya sareng akhérat nu parantos dikarandapkeun ku urang mangpuluh-puluh taun, upamina baé "rénghap".
Teu aya hiji rénghap nu kacampuran kenging urang. Teu aya hiji kiceup nu kenging ngadamel urang. Ku kituna, sing insap, ulah pajarkeun téh ngan tugenah baé, susah baé. Padahal ti baheula ogé tetep sami ngarénghapna, sami tuang leueutna.
Mangga raraoskeun, bujeng-bujeng dunya nu badé dongkap, kakayaan atanapi naon baé nu disuhunkeun, dalah nu dibabantun ti kapungkur gé bet can katarimakeun kénéh baé ka Pangéran. Di mana kénéh atuh badé némbongkeun kasanggupan?.
Wallaahu A'lam.
Bilbarokah Walkaromah Sayyidi Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin Q.S Alfaatihah
Manaqib: 11 Muharam 1390 H / 18 Maret 1970

Post a Comment

0 Comments