Pangabdian (éling ka Allah) téh teu diukur pédah keur di Masjid baé, teu aya watesna, lega pisan ambahanana, di mana baé, pék usahakeun, da lega ambahanana. Upama urang keur ngagaru, mangga tafakuran ti mana mundingna, kaina, taneuhna, caina, binihna, sadayana gé teu aya kénging urang, malah teu milu mantuan-mantuan acan.
Pék tungtut rizki ti Alloh sabagi pangabdian (éling ka Allah), ulah teu sempet, di mana baé, Jadikeun sagala gerak téh dihayati ku pangabdian, dijiwaan ku ibadah ka Alloh nu khusu, fardhuna, sunatna, sholatna, puasana, zakatna, pék gunakeun nu cara khusus.
Nu umumna mah, dagangna, buburuhna, maculna, di sawahna, di balongna eusian dina gerak-gerikna ku rasa ibadah ka Alloh, Insya Allah baris mangpa'at jeung mashlahat éta téh, sabab urang terus-terus pageuh hubungan jeung Nu KagunganNana
Urang sadaya teu perlu nyumputkeun atawa nyamunikeun diri, rasa teu kauninga ku Pangéran, sabalikna kudu bruk-brak, rasa nembrak tur terus terang. Cenah éta urang narajang dosa, unjukkan baé ka Pangéran, da moal aya deui nu baris ngahampura iwal ti Gusti Alloh SWT.
Ulah ieu mah ngalampahkeun ma'siat ogé asa teu dosa. Puguh teu bener amal laku, asa bener baé, salah ogé rasa teu salah. Kitu balukarna manusa nu henteu terus terang (akibat atina teu éling ka Pangéran).
Ka Gusti Alloh tumanan ieu terus terang, komo ka papada manusa wani némbongkeun salingkuh, boh ka bojo atawa ka salaki, salingkuh téh nyaéta apan sok kaalaman ku urang ogé, di antarana nyimpen duit dina kopéah.
Akhirna, mudah-mudahan taufik hidayah Alloh ngalimpah ka urang sadayana. Aamiin.
Wallaahu A'lam.
Bilbarokah Walkaromah Sayyidi Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin Q.S Alfaatihah
11 1390 H / 18 Maret 1970
.png)
0 Comments