Pikirna ngait teu kalis ku wanci, matri nganti pujaan ati ngabagéakeun diri. Dirina kagendam rasa, nu mawa baha kana paréntah Nu MahaKawasa. Nepi ka dina hiji peuting, nu sepi jempling, teu paduli hawa tiis nu nyecep nembus ka kulit ka daging nepi ka tulang sandi, lat poho diri nghodhod kalindih ku rasa sono nu moho nganti nu geulis témbong nepungan. Ngadadago nu rancunit nyampeurkeun nyuguhan imut ipis nu matak ati kapincut.
Anjeunna ngadeg salami-lami handapeun jandéla imah istri nu jadi pupujaning ati, karepna ukur hayang neuteup raray nu jadi pupujaan rasa najan sajorélat. Antukna anjeunna réla ngadeg anteng salila-lila, teu karasa wanci peuting indit jeung jemplingna. Hawar-hawar sora adzan ngalanglaeu meuraykeun jemplingna peuting nu jempling nandakeun cundukna waktu shubuh.
"Koréjat! " Abdullah bin Mubarok anom sadar, samarukna adzan nu ngalanglaeu téh adzan wayah Isya. Laju anjeunna ngojéngkang indit ti éta tempat, karepna seja nohonan salat isya, ngan teu kebat anjeunna ngarandeg sakedapan, sabab wanci ngamimitian caang ku datangna sang surya nu nyaangan nandakeun datang mangsa beurang.
"Segruk!" Anjeunna nangis kanyenyerian, kaduhung nu teu manggih tungtung, bari gegerendengan dina sajero tangisna, ngomongan ka diri soangan
"Yeuh Abdullah anak Mubarok! Anjeun teu boga kaéra, sapeupeuting anjeun teu tolih ku tiisna hawa peuting, anjeun kuat nangtung teu ngarasakeun capé, lungsé, pegel kalindih ku diri nu ngagugu nurut kana hawa nafsu. Tapi anjeun loba ngeluh, ngangluh asa jadi bangbaluh mun seug nangtung pikeun mayunan Nu Maha Agung."
Antukna saprak kajadian éta, Abdullah bin Mubarak Taubat, lir katitisan Nur Ilahi, Qalbuna mubus tembus gumulung ka Nu MahaAgung, Atina matri ka Nu MahaSuci kosong tina rasa cinta ka makhlukNa, Ibadah jadi papaés dina saban léngkah, laku taat jadi tabé'at. Ku hal ieu pisan, nganteur anjeunna janten salah saurang sufi nu kamasyhur dijamanna.
Anjeunna lahir di Merv, Persia (Iran) Taun 118 H. /738 M. Nami lengkepna Abu Abdurrahman Abdullah bin Mubarok Al Handhali Al Mawardi.
Walloohu A'lam.
Caaag
0 Comments