Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

TARIKH AYAT PANUNGTUNG (BAG. 8)

Sarengsena Kanjeng Nabi S.A.W. ngalaksanakeun Ibadah Haji nu panungtungan, lajeng anjeunna mulang deui ka nagri Madinah, ti harita kasehatan kanjeng Nabi S.A.W. tos katingali repot. Racun nu nyaksrak dina salirana akibat daging domba nu dituangna nalika perang di Khaibar tilu taun ka tukang mingkin katingali motahna, sabab Kanjeng Nabi S.A.W. kantos dadawuh ka Ummul Mu'minin Siti aisyah R.A.: " Yaa Aisyah !Maa Azaala Ajidu Alamath-Tha'aamal-Ladzii Akaltu Bi Khaibara, Fa haadzaa Awaanu Wajadtun-Qithaa'a Abhari Min dzaalikas-Sammi" (Yeuh 'Aisyah !, Kami masih ngarasakeun nyeri kacida akibat dahareun nu ku kami di dahar di Khaibar, jeung ayeuna pisan kami ngarasakeun pegatna urat nadi kami, ku sabab racun eta).

Memang lain sakali bae, usaha ti kaum kafirin Yahudi pikeun laku deleka dina usaha mateni Rosulullah S.A.W. anu memang hiji oge teu aya nu hasil. Di antarana bae usaha nu munggaran maranehna dina raraga ngalancarkeun usahana teh nyaeta dina mangsa Kanjeng Nabi S.A.W. masih alit, basa dipasrahkeun ka Indung asuh Rosulullah S.A.W. Siti Halimah as-Sa'diyah. nu harita sarengsena nampi amanah pikeun ngasuh Rosulullah alit, teras Siti Halimah as-Sa'diyah mulang, di tengah jalan anjeunna tepung jeung rombongan kaum Yahudi nu keur nganti-nganti beja bari rek deleka kana kalahiran hiji calon Nabi nu datangna ti nagri Arab. nu ceuk maranehna, asa teu percaya mun seug aya Nabi lahir ti Nagri Arab kahayang maranehna mah nabi pamungkas teh kudu lahir di nagrina diantara kaumna. nepi ka nalika ngadenge aya beja yen bakal lahir hiji calon nabi ti nagri Arab teh, sabagian ti antara maranehna boga niat deleka pikeun mergasa ka eta calon Nabi. tur rencana deleka maranehna teh ditembongkeun, ku pamolahna loba nanya ka tiap-tiap jalma nu mulang ti nagri Arab nu mawa budak leutik atawa orok nu karek borosot. Samodel harita Kadenge salah saurang eta rombongan nyarita nanya ka Siti Halimah as-Sa'diyah:

"Naha eta budak teh, yatim ?"

Siti Halimah geus boga curiga, da samemehna tos dipaparin uninga ku SIti Aminah Ibuna Rosulullah S.A.W. nu ngawanti-wanti supaya ngajaga diri Rosulullah alit tina sagala panca bahya utamana tina delekana kaum Yahudi, nepi ka nalika aya nu nanya samodel kitu teh, siti Halimah tapis langsung ngawaler:

"Ih teu acan yatim ieu murangkalih teh ..nun !, apan abdi nu janten Ibuna sareng ieu pun lanceuk nu janten bapana..."

 Nya bener bae kacurigaan siti halimah teh bukti, sabab satutasna nguping waleran siti Halimah kitu, eta rombongan kaum Yahudi teh ting karecewis ngaromong siga nu karuciwa, kaasup nu tadi nanya, nyarita deui:

"Mun seug eta nu dibawa ku anjeun teh budak Yatim, geus pasti ku kami bakal dipateni".

Nguping caritaan ti salah saurang eta rombongan kaum yahudi kitu, siti Halimah teu seueur saur deui, teras anjeunna nyuhun widi pikeun neruskeun lalampahan mulangna, bari atina pinuh ku rasa Syukur, sabab salamet tina pancabahya delekana kaum Yahudi ka Rosulullah alit nu harita aya dina tanggungjawab anjeunna.

Tepung sareng kagagalan nu kahiji, maranehna teu samet dinya wungkul dina usahana pikeun ngalaksanakeun rencana delekana. Kungsi ngalancarkeun deui usaha delekana teh, nyaeta nalika rengse perang Badar. maranehna ngutus hiji utusan ka pihak Rosulullah S.A.W. pikeun ngayakeun rundingan, nu di eta rundingan teh maranehna jangji ..bakal ariman mun seug padungdengan antara maranehna aya kasapukan antara pamahaman maranehna nu ngawkilkeun ka para panditna sareng Rasulullah S.A.W. barina maranehna geus nyiapkeun siasat jahatna, yen dimana Kanjeng Nabi S.A.W. nohonan kana pamentana pikeun tepung dina eta rundingan maka didinya niat deleka maranehna bakal dilancarkeun nu targetanana mateni Kanjeng Nabi S.A.W. tapi kalayan izin Allah hal ieu teh gagal. sabab, siasat jahat maranehna kabongkar, ka uninga ku Rosululallah S.A.W. nepi ka maranehna akhirn mah..diusir ku Rasulullah ti nagri manehna. (Hanca)

Subang 30042010


Post a Comment

0 Comments