Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

TARIKH AYAT PANUNGTUNG (BAG. 9)


Dua kali gagal teh, kaum yahudi lain kadua kapok atawa bosen komo eureun mah, ieu mah kalah ka nyieun deui siasat jahat nu sejenna pikeun ngalaksanakeun karep jahatna nyaeta mateni Rasulullainah S.A.W. hal ieu teh dilakukeun nalika Kanjeng Nabi S.A.W. nepungan kaum yahudi Bani Nadzir pikeun minangsaraya menta bantuan mayar diyat keur dua urang lalaki ti kaum nu nyieun perjangjian damai, di mana dua lalaki eta teu kahaja dipateni ku Amru bin Umayyah Adh-Dhamiri. harita Kanjeng Nabi S.A.W. nuju calik bari nyarandekeun salirana kana tembok imah milik salah saurang kaum Yahudi Bani Nadzir, nya didinya karep jahatna urang Yahudi dilaksanekun ku jalan maranehna seja muragkeun batu badag kana mastakana Kanjeng Nabi S.A.W. nu diseja nyaeta taya lian pikeun mateni Rosulullah S.A.W. tapi hal ieu digagalkeun ku Allah, kalayan maparin wahyu ngalangkungan malaikat Jibril A.S. kana niat jahat maranehna, nya nampi wahyu kitu lajeng Rasulullah S.A.W. harita langsung mulang ka nagri Madinah, nu sautuluyna miwarang ka para shohabat supaya ningker wewengkon kaum Yahudi Bani Nadzir eta, tuluy maranehna diusir sangkan ingkah tidinya.

Heubeul tina kajadian eta, kaum yahudi masih tetep teu bosen pikeun ngalakukeun karepna mateni Rasulullah S.A.W. nya pas bulan Muharam taun ka tujuh hijriyah Kanjeng Nabi S.A.W. marentahkeun supaya merangan kaum Yahudi nu harita aya di tanah Khaibar nu mangrupakeun benteng pertahanan maranehanana, nu ayana di beulah kuloneun rada neros ngidul ti nagri Madinah nu jarakna kurang leuwih 100 mil.

Kacatur geus genep poe kaum Muslimin sareng Rasulullah S.A.W. teh ngepung Kaum Yahudi, pas asup ka poe ka tujuh sayyidina Umar bin Khaththab bisa nyerek salah saurang Yahudi nu kabeneran keur kaluar ti eta benteng, nu satuluyna ku Umar eta jalma teh dicandak ka payuneun Rasulullah S.A.W. Barang tos aya dipayuneun Rasulullah S.A.W. nya si eta jalma teh ditalek saperluna, teu ieuh di kukumaha, ngan ti eta jalma Rasulullah S.A.W. kenging informasi kumaha kaayaan di jero eta benteng, lajeng Kakuping Rasulullah S.A.W. ngadawuh:

"Saestuna poe isuk kami bakal masrahkeun panji perang ka salah saurang nu mikacinta Allah jeung Rasul-Na, oge nu dipikacinta ku Allah jeung Rasul-Na, nu manehna bakal meruhkeun musuh ku kakuatan dua leungeunna"..

Nguping kana dawuhan Rasulullah S.A.W. kitu sadaya shohabat ngarep-ngarep yen jalma eta teh dirina. Isukna waktu nu ditunggu-tunggu teh geus cunduk, kabeh oge pada hayang apal saha nu bakal kapasrahan eta panji perang teh, bari ngarep-ngarep yen nu bakal kapasrahan teh dirina. dina kaayaan rame kitu jep para shohabat teh jempe da ka kuping Rasulullah S.A.W. ngadawuh bari naroskeun nami salah saurang shahabat:

"Mana Ali anak paman kami Abi Thalib ...?"

Demi Sayyidina Ali kaleresan suwung tina riungan, ka kuping salah saurang shahabat ngawaler kana patarosan Rasulullah S.A.W.:

"Duh ..kaleresan ya Rasulullah ! Ali teh nuju teu damang soca, janten ayeuna oge teu aya didieu.."

"Geuwat ..susul kaditu...! kadieu kitu, ceuk kami..." Dawuh Rasulullah S.A.W. bari miwarang ka shahabat nu tadi ngawaler.

Dipiwarang kitu ku Rasulullah S.A.W. eta shohabat teu talangke tuluy ngaleos pamitan seja nyu sul Sayydina Ali, teu lami torojol deui sumping bari disarengan ku Sayyidina Ali nu katingali nyepengan kadua socana nu memang katingali sapertos bareuh. tos aya dipayuneun Rasulullah S.A.W. tuluy kadua socana sayydina Ali teh ku Rasulullah S.A.W. diciduhan, dadak sakala kalayan izin Allah kadua socana Sayyidina Ali teh damang sabihara-sabihari deui. tos kitu mah lajeng Rasulullah S.A.W. ngadawuh:

"Heh Ali anak paman Kami ..!.. poe ieu kami masrahkeun ieu panji perang ka anjeun, prung geura padungdung, bral geura pingpin ieu pasukan, kami percaya ka anjeun, anjeun bakal ngelehkeun musuh Allah jeung Rasulna, jeung kami yakin yen anjeun bener-bener mikacinta Allah jeung Rasul-Na.."

Rengse nampi panji perang ti Rasulullah S.A.W. lajeng sayyidina Ali naek kana kudana, bari mesat pedang Dzulfikar-na anjeunna mingpin pasukan pikeun merangan kaum yahudi nu aya dijero benteng. teu kacatur kalayan sumanget jihad nu luhung, tur kalayan kaparigelan dina ngatur siasat perang benteng demi benteng bisa diperuhkeun ku pasukan shohabat nu dipingpin ku sayyidina Ali bin Abi Thalib, akhirna kaum Muslimin aya dina kaunggulan.Ku kajadian ieu, maka nagri khaibar jadi bagian tina kakawasaan kaum Muslimin, jeung kaum Yahudi aya dina kadali Rasulullah S.A.W.

Najan harita aya dina kateuwalakayaan, tetep kaum yahudi masih keneh boga karep pikeun ngalancarkeun karepna mateni Rasulullah S.A.W. kabuktian harita aya nu datang salah saurang awewe kaum Yahudi Zainab binti Harits pamajikanana Salam bin Misykam nu datang mere hadiah daging domba panggang, nya Rasulullah S.A.W. nampi eta hadiah, lajeng Rasulullah S.A.W. nuang eta daging domba panggang palebah pingpingna, da karesep Rasulullah S.A.W. teh pingping domba, ngan nembe oge dugi kana baham eta daging domba teh kalayan idzin Allah nyarita:

 "Ya Rosulullah ! saestuna jisim abdi teh tos dibalur ku Racun...!"

 Nguping kana caritaan pingping domba kitu, lajeng Rasulullah S.A.W. ngadawuh:

 "Tahan ! geus tong di dalahar deui daging domba panggang ieu ! .. sok utahkeun nu geus aya dina baham aranjeun, sabab ieu daging teh aya racunan, kami apal tadi daging domba ieu nyarita ka kami "

Ngan hanjakal aya salah saurang shohabat Anshar nu tos kabujeng nuang eta daging domba panggang, nyaeta shahabat Bisyr bin Barra' bin Ma'rur antukna shohabat teu teu katulungan dugi ka pupusna ku akibat racun nu dibalurkeun kana daging domba panggang eta. Ningali kana kajadian kieu, maka Rasulullah S.A.W. miwarang salah saurang sahahabat pikeun neang awewe Yahudi nu mere eta daging domba panggang nu aya racunan eta pikeun madep ka anjeunna. (Hanca)

Subang, 04052010.


Post a Comment

0 Comments