Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

TARIKH AYAT PANUNGTUNG (BAG. 7)

Nguping dawuhan Rosululullah. S.A.W. ngeunaan pamolah Ukasyah samodel kitu, lajeng para shohabat maju saurang-saurang bari ngucapkeun kawilujengan ka Shohabat Ukasyah nu tos dijangjikeun ku Rosulullah S.A.W. jadi ahli sawarga, bari sasalaman tuluy shohabat Ukasyah pada ngarangkul pinuh ku kagumbiraan. Kaayaan robah nu tadina harengreng pinuh ku rasa watir, ayeuna robah jadi kaayaan nu pinuh ku suka bungah, tapi najan aya dina kabungahan kitu, etep hate para shohabat masih keneh dilimpudan ku rasa kasedih sabab panutanana moal lami bakal ngantunkeun aranjeunna pikeun salalawasna.

Ku kajadian ieu, dina hate para shahabat ngabekas hiji ibroh nu kacida badag nileyna, sabab Rosulullah S.A.W. parantos mintonkeun hiji kautamian pamingpin nu mulya, nu sakedahna dina mangsa-mangsa panungtung kahirupan Rosulullah S.A.W. nyuhunkeun pamulang jasa, pangleler jeung sajabana, kana jasa-jasa anjeunna, nu memang parantos nyimpen jasa nu kacida agung nileyna ka para shahabat khususna oge kaum muslimin pada umumna. Tapi ieu mah kalah ka sabalikna, Rasulullah S.A.W. nyuhunkeun di qishosh tina rupa-rupa kalepatan nu tos dipilampah ku anjeunna.

Beh dieu, urang salaku umatna kudu mibanda rasa kareueus sareng miconto kana kapamimpinan Kanjeng Nabi S.A.W. anu memang teu aya cawadeunana. Estu anjeunna pamingpin nu adil pinuh kawijaksanaan. Anjeunna tos maparin eunteung kahirupan nu kacida hadena, anjeunna tos maparin conto kumaha carana campurgaul reujeung sasama, oge dina maparin putusan hukum Rasulullah S.A.W. tara cueut ka nu hideung tara ponteng ka nu koneng. Dugi ka putrina ku anjeun teu dipaparinan jaminan kasalametan hukum, komo muter balikkeun fakta nu salah jadi bener nu bener jadi salah, estu kanjeng Nabi nembongkeun kaadilanana dina nerapkeun hukum. Nu matak payus Rasulullah S.A.W. nyandang gelar pribadi nu mibanda 'Uswatun Hasanah' (pieunteungeun kahirupan nu hade).

***

Wewengkon padang Arofah katingali jadi sagara manusa, nu harita tumereb kabeh ka eta wewengkon, teu tolih ku panasna panon poe nu mentrang-mentring, panas ngentak-ngentak, kaayaan ngaguruh eundeur ku sora dzikirna para shohabat di tengah-tengah sagara keusik nu upluk-aplak satungtung deuleu. teu tolih awak jibrug ku kesang maseuhan kaen pulas bodas nu dibakutetkeun kana awak. katingali harita sagara manusa teh ngangsreg ngadeukeutan hiji tangtungan jalma nu aya dina luhureun onta, nu taya lian Rosululullah S.A.W. Katingali Rosulullah S.A.W. neuteup kalayan teuteupan nu matak mawa katenangan rasa, teuteupeun nu pinuh arti mawa tingtrimna ati. Lajeng pananganna katingali nepak beuheung onta nu aranna Qushwa sangkan eureun. Kanjeng Nabi neuteup ka para Shohabat nu ngariung tarungkul ajrih di payuneun anjeunna, Lajeng kakuping Rosulullah S.A.W. ngadawuh:

 "Yeuh..! dulur-dulur kami, shahabat-shahabat kami nu dipikacinta..!, Meureun poe ieu teh minangka poe panungtung pikeun kami patepung reujeung aranjeun kabeh di ieu patempatan, nyaeta padang Arofah. Ku kituna, kami washiyat ka aranjeun sakabeh...! Riba geus teu diwenangkeun....kukituna pikeun kalakuan paman Kami Abas nu ngarentenkeun ku kami geus dihampura, sagala rasa dendem nu ngakibatkeun ngocorkeun getih geus rengse, ku kituna ngeunaan raja pati nu keuna ka dulur kami Robi'ah geus di ikhlaskeun ku kami ".

Kanjeng Nabi liren sakedapan tina dadawuhna, katingali ngusap karingetna nu maseuhan pameunteuna nu hurung gumebyar cahayaan, karinget nu nyaraclakkan tina taarna akibat di usap ku panangan Rosulullah S.A.W. katingali ting buricak ting gurilap katojo ku cahaya panon poe. lajeng neraskeun dadawuhna:

"Masing hade aranjeun ka pamajikan-pamajikan aranjeun !, jeung ka badega-badega aranjeun, anjeun kudu nganggap ka maranehna lir ibarat dulur-dulur deukeut aranjeun. Bere ku aranjeun kadaharan sakumaha nu ku anjeun didalahar. Bere pakean ku aranjeun sakumaha aranjeun marake. Omat ulah ngabeda-bedakeun sikep anjeun ka maranehna. sabab, sakabeh umat islam eta dulur, teu paduli nasab katurunana, teu paduli rupa jeung kulitna, oge teu paduli as alna ti bangsa mana, sakabeh manusa di payuneun Allah S.W.T. mah sarua... sing inget ! yen kami hirup aya disatukangeun dua kakuatan, nyaeta Al-Qur'an reujeung As-Sunnah...kukituna mun seug aranjeun nyekel pageuh kana dua kakuatan eta, maka aranjeun hamo tepung jeung kacilakaan..atawa kaancuran"

Para Shahabat ngupingkeun meni saregep kana khutbah pamungkas Rasulullah S.A.W., khutbah panungtung ti hiji pamimpin nu agung, pamingpin nu adil wijaksana, pamingpin nu salami hirupna dibaktikeun wungkul pikeun nanjeurna agama islam. pamingpin nu jadi panutan nu ngahiliwirkeun angin katiginan pikeun migusti Allah nu sahiji, pamingpin nu ngababarkeun hawa kasadaran ka manusa nepi ka ngarti kana arti kamanusaan, pamingpin nyambuangkeun hawa kata'atan ka Pangeran Allah Malikur-Rohman. pamingpin nu dipikawanoh ku sakumna makhluk nu aya di langit oge di bumi. pamingpin nu jadi rahmat pikeun sakumna alam.

Ngalangkang dina implengan para shohabat, nalika ngamimitian bajoang sasarengan sareng Rosulullah S.A.W. dina ngamalkeun jeung nyebarkeun agama Islam, estu kacida susah payahna, ripuh bari rapuh, geumpeur jeung ganjlongna, dina nyanghareupan hahalang jeung panandasana kaum musyrikin nu sakitu taya ras-rasanana, nu salilana ngagokan jeung ngantegan kana perjuangan Rosulullah jeung para shahabat alam harita, nu ampir kabeh kudu ngarandapan ujian jeung cocoba, ti mimiti siksaan jeung hinaan nepi ka ancaman jeung panganiayaan ti kaum kafir musyrikin. seueur para shohabat nu keuna ku panandasa aya nu awakna digarang dipoe diluhuren batu nu panasa di sagara keusik nepi ka kulitna garing, aya nu dibubuy nepi ka tutung, aya nu digencet ku batu, jeung sajabana. Tapi ieu kabeh oge teu ngajadikeun gimirna ati, seberna hate, komo nepi runtagna akidah mah, estu ku hal ieu pisan jadi tumuwuhna pribadi-pribadi muslim jeung mu'min nu unggul tur sajati. tetep nyekel pageuh kana kayakinan. Najan kudu paragat nyawa paribasana aranjeunna rela dina ngebela kayakinan. (Hanca)

 Subang, 27042010.

Post a Comment

0 Comments