Rengse muka raksukan lajeng Kanjeng Nabi S.A.W. nyogrogkeun salirana ka payuneun shohabat Ukasyah, kalayan posisi siap nampa wawales Ukasyah nyaeta dipecut, teu aya riuk-riuk kasieun, tetep teger, nandakeun Rosulullah S.A.W. seja nembongkeun ka sadaya para Shohabat khususna, yen sagala nu geus dilakukeun teh kudu siap mere pertanggungjawabanana. Kakuping anjeunna ngadawuh:
"Sok Prak Ukasyah ! geura lakukeun karep anjeun pikeun ngawales kami, prak kami geus siap...!Idhrib in kunta dhooriban....!" (prak teunggeul kami ! ku sabab kami geus neunggeul anjeun..)."
Katingali shohabat Ukasyah ngalengkah nyaketan Rosulullah S.A.W. bari dina pananganna tos siap pecut pikeun diteunggeulkeun. Ningali kaayaan kitu, atuh sadaya shohabat nu hadir sadayana meureumkeun socana teu aya nu wantun ningalikeun kana eta kajadian. Kakuping kaayan ngaguruh ku tingjarerit sareng ting gorowokna para shohabat nu nyarek kana karepna Ukasyah:
"Enggeus Ukasyah ...tong diteruskeun,,,! anjeun rek tegel bae atuh ,,! "
"Heueh Ukasyah....tong diteruskeun euy...karep anjeun teh ! inget-inget atuh ! ..kana jasa-jasa Rosulullah S.A.W. ka urang. Pilakadar salah sakitu mah atuh hampura bae Ukasyah !...da pamohalan Rosulallah teh ngahaja....ngalakukeun kitu ka anjeun...."
Kitu kaayaan waktu harita, nya wajar atuh, saha anu tega ningali jungjunan alam nu tos maparin hiji jalan kasalametan, nepi ka tumuwuhna pribadi-pribadi muslim nu unggul tur sajati, najan halangan harungan nu karandapan, panyiksa, panandasa ti kaum kafirin jeung musyrikin nalika nyiarkeun agama Allah. jungjunan nu tos nancebkeun prinsip kahirupan, kajeun disiksa batan kudu doraka, kajeun teuing disiksik batan kudu hirup musyrik, kajeun teuing ditiir batan hirup kudu kafir, estu prinsip hirup nu teguh pengkuh pinuh kaistiqomahan. Kari-kari ayeuna jungjunan nu parantos nancebkeun eta prinsip kahirupanrek diperedih pertanggung jawabanana ku shohabatna ku anjeun, pedah lepat mecut nalika perang di khaibar, nu pamohalan Rosulullah S.A.W. ngahaja dina ngalakukeun eta kalepatan.
Tapi Ukasyah tetep ngalakukeun karepna pikeun males mecut ka Rosulullah S.A.W, katingali mingkin caket bae Ukasyah ka kanjeng Nabi S.A.W. barang tos caket, tuluy Ukasyah taki-taki seja ngaheumbatkeun eta pecut ka salirana Kanjeng Nabi S.A.W. atuh ningal kaayaan kitu, sadaya Shohabat teh peureum ti pepereket, teu luas ningali sang jungjunan alam rek dipecut...kaayaan mingkin tegang bae, ngan kakuping ku sadaya para shohabat...aya sora nu 'ngaguluprak' sada sora barang nu dialungkeun lain sora pecut nu diteunggeulkeun. Panasaran sadaya shohabat ngabeuntakeun socana, barang bray soca para shohabat beunta, katingali shohabat Ukasyah...nuju ngarangkul salirana Rosululullah S.A.W. Horeng shohabat Ukasyah teh teu cios males pikeun mecut deui alatan kalepatan Rosulullah S.A.W. tapi kalah ka ngarangkul salirana Rosulullah S.A.W. atuh sadaya shohabat teh hareungeuheun, heran, kaget, ngarasa aneh ku kaayaan, tapi kaayaan kitu teh kajawab. sabab kakuping shohabat Ukasyah nyarios bari tetep ngarangkul salirana Rosulullah S.A.W.bari nyegruk nangis:
"Duh ..jungjungan alam ! panutan abdi-abdi sadaya, sanaos abdi di siksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang waktos harita paripaosna, sanaos abdi bade ditincak janten tatapkan salira nalika perang harita, estu jisim abdi ikhlas jisim abdi ridho pisan ! hal ieu teh kumargi kacintaan jisim abdi ka salira sun !, sareng piraku teuing abdi tega males salira kulantaran salira lepat mecut, teu pisan-pisan abdi nyangki ka salira, yen salira teh ngahaja mecut jisim abdi !, hapunten abdi tos ngajaheutkeun manah salira ku lantaran pamolah jisim abdi ayeuna. hal ieu dilakukeun ku jisim abdi teh, teu aya sanes, jisim abdi hoyong paantel sareng salira nu ka akhir kalina, pamundut jisim abdi, sasarengan teh ulah ayeuna di dunya wungkul, tapi sasarengan sareng salira teh, oge jaga di akherat sun !" kitu sasauran Shohabat ukasyah bari tetep pageuh ngarangkul salirana Rosululalloh S.A.W.
Ningali kana pamolah Ukasyah sareng sasauranan samodel kitu, Rosululallah S.A.W. Imut mesem, lajeng ngadawuh:
"Alaa..!.. Manilladzii Yuhibbu an Yandzuro Ahlul Jannah ?..Fal Yandzur Ilaa Hadzaasy-Syakhshi...!" (Kanyahokeun ! sing saha jalmana nu hayang ningali ahli sawarga ?... maka prak tingali ieu jalma nyaeta Ukasyah bin Mughin). (Hanca)
Subang, 25042010.
0 Comments