Sarengsena para shohabat kumpul ngariung di bumina Rosulullah Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam pikeun nampi sababaraha washiyat ti Rosulullah Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam ti harita kaayaan nagri madinah kacida simpena, para shohabat ngurangan kagiatan kaluar ti wewengkon nagri Madinah, hal ieu disababkeun harita mangsana keur digugulung rasa kasedih kingkin, ku marudah manah, marojengja rasa kusabab sang panutan Alam utusan Robbul ’Aalamiin tos maparin iber yen anjeunna moal lami deui bakal ngantunkeun pikeun salalawasna.
Sapertos harita Rosulullah S.A.W. katingali anjeunna aya di lebet masjid netepan dua roka'at, sanaos salirana nuju udzur tapi tetep anjeunna tara ngantunkeun sholat berjama'ah sareng para shohabatna, rengse sholat teras anjeunna naek kana mimbar dipayuneunana para shohabat tos hempak merbayaksa siap ngaregepkeun washiyat-washiyat Rosulullah S.A.W. kakuping Rosulullah S.A.W. ngadawuh;
"Yeuh para shohabat-shohabat kami ! Innii kuntu lakum naabiyyan, wanaashihan, wadaa'iyan ilallaahi bi idznih... (Saetuna posisi kami teh ..pikeun aranjeun salila ieu teh jadi Nabi pikeun aranjeun, tugas kami nganasehatan, ngajak ka aranjeun sakabeh kana jalan Allah kalayan izin Manten-Na). ... kukituna kami jeung aranjeun teh lir ibarat dulur pet kuhinis, lir ibarat bapa nu nyaah ka nu jadi anak-anakna, tah dina hal ieu pisan, kami seja meredih ka aranjeun sakabeh, sok sing saha jalmana diantara aranjeun nu kungsi ka aniaya atawa di aniaya ku kami, prak ! ayeuna tungtut kami, samemeh kami ditungtut dipayuneun mahkamah Allah Nu Maha Agung. Oge sing saha jalmana nu pernah karugian hartana ku kami, prak geura tagih ayeuna. jeung sing saha nu pernah dihina ku kami, maka prak ! bales panghina eta dina danget ayeuna...."
Nguping dawuhan Rasulullah S.A.W. sapertos kitu, para shohabat saurang oge teu aya nu lemek teu aya nu nyarek, kabeh ngebetem caricing, jeung deui saha anu tega atuh nu nungtut ka sang panutan alam nu kahirupanana teu aya cawadeunana, estu sadaya kahirupanana teh apan picontoeun jeung pieunteungeun, jeung deui piraku atuh insan pilihan Allah, nu jadi nabi pinilih, akhlak na oge apan Allah ku anjeun muji langsung, kalayan dawuhanana, "Wa Innaka La'alaa Khuluqin 'Adziim" (Estu dina diri anjeun teh Muhammad kacangking akhlak nu agung). Jadi, asa ku pamohalan Rosulullah Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam ngalakukeun hal-hal nu matak pikakuciwaeun hate para shohabat, komo bari nganiaya, ngahina jeung ngarampas hak batur mah, apantos di ma'shum Rosulullah S.A.W . mah tina sadaya kalepatan nu atossareng bade di lakukeunku anjeunna. Tong boro ka parashohabat, najan ka putra sareng garwa nu caket teu acan nguping dina cutatan sajarah yen anjeunna nyeuseulan, baju soeh dikaput ku nyalira, jeung sajabana. Pokonamah pamohalan kanjeng Nabi Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam ngalakukeun hal-hal nu matak ngarugikeun kapara shohabat-shohabatna.
Kakuping Rasulullah S.A.W. ngadawuh nu kadua kalina, samisa pertos tadi naros para shohabat: "Sok saha nu geus pernah dianiaya ku kami...hayu geura nangtung... tong sieun ...! kami ikhlas diwales ayeuna mun seug kami bener geus ngalakukeun aniaya ..." Tapi tetep para shohabat caricing teu aya nu ngawaler. Dugi ka katilu kalina Rosulullah Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam ngadawuh deui kalayan ku dawuhan nu sami.
Nguping dawuhan Rosulullah Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam nu katilu kalina, di antara para shohabat aya nu ngadeg. Nu hal ieu ngagareuwahkeun kaayaan paras hohabat nu ti tadi ting hareneng, demi shohabat nu ngadeg teh taya lian nyaeta Shohabat 'Ukasyah anak Mughin, anjeunna ngacungkeun pananganana, bari tuluy nyarios:
"Fidaaka Abi wa Ummi" (Salira YaRosullah ! parantos ditebus ku jisim abdi kalayan ibu rama jisim abdi). Kumargi salira ngadawuh dugi katilu kali, naros ka abdi-abdi sadaya ngeunaan naon nu didawuhkeun ku salira nembe, kukituna jisim abdi ngadeg, seja ngawaler naon-naon nu ditaroskeun ku salira, yen leres salira teh kantos nganiaya jisim abdi"
Nguping kana cariosan Ukasyah kitu, para shohabat semu nu keuheul ku pamolah shohabat ukasyah nu wawantunan nyarios kitu. Ka kuping deui ukasyah nyarios:
"Ya Rosulullah ! Nalika perang badar, onta salira aya dipayuneun onta jisim abdi, ku kituna ku jisim abdi teh di udag, maksad jisim abdi ngudag teu aya sanes kangge nyarengan salira, tapi naha salira bet neunggeulkeun pecut salira kana pungkur jisim abdi, dugi ka pungkur jisim abdi teh ngageleng beureum tur nyeri karaosna... waktos harita... tah ayeuna jisim abdi bade malik tumaros ka salira, naha nalika anjeun neunggeulkeun eta pecut salira teh ...leres dihaja atanapi henteu ?"..
Nguping cariosan ukasyah sapertos kitu, sadaya shohabat ting karecewis nyarios: "alah .. ukasyah meni wawanian nyarita kitu, piraku deui atuh Rosulullah ngahaja mah,...! duh tengteuingeun ukasayah... tega anjeun ka panutan urang, tega anjeun Ukasyah, ..." kaayaan mingkin rame, ku akibat pamolah shohabat Ukasyah kitu. Ngan teu lami kaayaan jempling deui, da kakuping Rosulullah Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam ngadawuh:
"Mun seug ... kami harita ngahaja neunggeulkeun pecut kami ka anjeun ...?."
"Ayeuna jisim abdi seja nungtut bade mecut salira deui..." waler Ukasyah tandes
Nguping kana waleran Ukasyah kitu, atuh mingkin rame bae kaayaan para shohabat waktu harita, ka keuheul ka ukasyah ti antara para shohabat mingkin ngajadi-jadi, loba di antara para shohabat nu nganaha-naha kana pamolah Ukasyah. Tapi kaayan eta leler deui, kakuping Rosulullah Shollalloohu ‘Alaihi wa Sallam ngadawuh bari ngareret ka Bilal anak Robahah:
"Yaa Muadzinur-rosuul !...cokot ku anjeun pecut onta kami nu harita dipake neunggeul Ukasyah di imah anak kami Fathimah...jung geura cokot ayeuna keneh ."
Nguping dawuhan Rosulullah S.A.W. kitu, kaayaan nu jempling teh jadi rame deui bae...(Hanca)
Subang, 21042010
0 Comments