Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

TARIKH AYAT PANUNGTUNG (BAG. 3)

Satutasna kajadian narangisna para shohabat, teu lami ti harita, kaayaan kasehatan Kanjeng Nabi S.A.W. ngawitan kaganggu.pami ngawincik kana kasang tukang Kanjeng Nabi S.A.W. udzur, seueur nu nyebatkeun yen Rosulullah S.A.W. teh akibat diracun nalika perang di Khaibar, sabab kantos Rosulullah S.A.W. ngadawuh ka Siti Aisyah R.A.: "Yaa Aisyah ! Maa Azaala Ajidu Alamath-Tha'aamal-Ladzii Akaltu Bi Khaibara, Fahaadzaa Awaanu Wajadtun-Qithaa'a Abhari Min dzaalikas-Sammi" (Yeuh 'Aisyah !, Kami masih ngarasakeun nyeri kacida akibat dahareun nu ku kami di dahar di Khaibar, jeung ayeuna pisan kami ngarasakeun pegatna urat nadi kami, kusabab racun eta).

Tapi sanaos kondisi salirana nuju udzur, Rosulullah S.A.W. tetep  masih sumanget dina ngajalankeun tugas Rislahna, teuaya rasa ngangluh komo rumahuh najan salirana nuju diganggayong ku kaudzuran, anjeunna tetep da'wah, anjeunna tetep maparin garis-garis perjuangan dina nata kahirupan kalayan pinuh ku sumanget tur tuladaneun.

Nepi kahiji mangsa, Rosulullah S.A.W. nyauran Shohabat Ibnu Mas'ud R.A.sareng nu sanesna, sangkan kumpul ngariung di bumina, nu kacida basajanna, sanes gedong sigrong nu ngadangong, tetebihan siga istana raja mah, ieumahbumi nu kacida basajanna. nepi ka nalika para shohabat kumpul teh ampir teu muat da ku heureutna tempat. Katingal anjeunna nuju ebog di luhureun ranjang tina kayu nu kacida alakadarna, nu amparna tina samak anyaman daun korma, tanpa kasur sareng bantal nu empuk. Kakuping Rosulullah S.A.W. ngadawuh:

"Heh ..Para Shohabat kami,,!,moal lila deui kami bakal ninggalkeun aranjeun kabeh, tapinajanbarikitu, kami washiyat ka aranjeun kabeh, omat najan ku kami bakal ditinggalkeun, anjeun kudu tetep nincak kana titincakan nu ku kami geus digariskeun pikeun jalan pileumpangeun aranjeun kabeh." Rosulullah S.A.W. liren sakedap tina dadawuhna, katingali semu nahan kanyeri. teras kakuping deui Rosulullah S.A.W. ngadawuh deui:

"Taroktukum Waa'idzaini, Naathiqon wa Shoomitaa, Fanaathiqu al-Qur'aan wash-Shoomitu al-Mauut" (Kami ninggalkeun pikeun aranjeun kabeh dua pepeling, pepeling nu kahiji nu nyarita, jeung pepeling nu kadua nu cicing ngabetem teu ngomong, pepeling nu nyarita nyaeta al-Qur'an, jeung pepeling nu cicing ngabetem teu ngomong nyaeta Maot).

Nguping dawuhan KanjengNabi S.A.W. sapertoskitu, para shohabat katingali saregep siga nu embung tinggaleun sakecap oge tina dadawuhkanjengNabiS.A.W..najan qolbu-qolbu para shohabat masih dipinuhan ku rasa kasedih, tapi jiwa-jiwan atetep masih sumanget pinuh ku kabagjaan, sanaos sang panutan seja ngantunkeun aranjeunna pikeun nepungan Robbul 'Aalamin. tapi Rosulullah S.A.W. parantos maparin hiji perobahan ka jiwa-jiwa para shohabat ku jiwa-jiwa nu "Mukhlishina Lahud-Diin" (jiwa-jiwa nu ikhlas dina nyepeng agama Allah). jiwa-jiwa nu teu undut kalinduan, teu gedag kaanginan, salamina hamo lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang, jiwa-jiwanatos kabeungkeut ku hiji beungkeutan aqidah nu hamo pukah, jiwa-jiwana tos katalian ku ukhuwah islamiyah nu hamo bisa dipisah komo dirobah. sanajan dina emprona perjuangan aranjeunna dina bajoang najeurkeun kaimanan, reuejung kaislaman teh pinuh ku halangan sareng harungan ti kaum musyrikin, nepika kudu mayunan gurilap seukeutna mata pedang reujeung seukeutna congo tumbak, tapi hal eta teu nimbulkeun rasa kagimir, hiji nu jadiudagan, nyatana pikeun nyebor sagara keusik kajahiliyahan ku cai kaimanan reujeung kaislaman nepi ka akhir zaman. 

Hiji nu jadi patokan kahirupan para shohabat, nyepeng kana dawuhan KanjengNabi S.A.W.: "Inna A'dzomal Jazaa fii A'dzomi Ilbaasa, WaInnallaaha Idzaa Shooba 'Abdan Ibtaah" (Saestuna wawales nu kacida badagna, nyaeta aya dina kasusah. kasulit nu rosa, jeung saetuna Allah dimana mikacinta kahiji hamba, makaku Allah bakal diuji si eta hamba).

Ka kuping deui Kanjeng Nabi S.A.W. Ngadawuh: "Heh para shohabat Kami! di mana kami geus ninggalkeun aranjeun kabeh, omat nalika aranjeun tepung reujeung hiji masalah nu sulit di antara aranjeun, maka prak pulangkeun sagalana kana dua titinggal kami, nyaeta al-Qur'an reujeung Sunah Kami. Jeung nalika hate-hate anjeun kaeunteupan rasa neuteuli jeung hiri dengki, atawa guligah kana ka teu puasan anjeun dina kahirupan, maka prak ngeunteung anjeun kabeh kana datangna ajal aranjeun sakabeh" Rosulullah S.A.W. liren sakedap tina dadawuhna, katingali ngalereskeun posisi ebogna, terasRosulullah S.A.W. ngadawuh deui:

"Jaga ..nalika datang mangsana ajal pikeun mapag kami, kami meredih ka anjeun Ali anak paman Kami Abi Tholib pikeun ngamandian mayyit kami kalayan dibantuan ku anjeun Fadhal anak Abbas nu ngucurkeun caina kana mayyit kami. Bungkusmayyit kami kupakean kami nu pulasbodas. Mun seug beres mulasara kami, tinggalkeun mayyit kami sakeudeung, sabab nu ngamimitianpikeunnyalatan mayyit kami nyaeta Allah Ta'ala jeung para malaikat katut nabi-nabi samemeh kami. sarengsena eta prak giliran aranjeun pikeun nyalatan kami".

Satutasna ngupingkeun kana washiyat-washiyat Rosulullah S.A.W. tuluy para shohabat bubar, marulang ka bumina masing-masing bari nyurucudkeun cisocana, sabab rasa kasedih nu nyampak dina dada-dadana para shohabat kusabab bakal dikantunkeun ku sang panutan alam Rosulullah S.A.W. (Hanca)

 

Subang, 18042010.

Post a Comment

0 Comments