Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

TARIKH AYAT PANUNGTUNG (BAG. 2)

Ningal kajantenan kitu, sapalih shohabat nu teu apal kana kasang tukang naon sababna sapalih shohabat narangis di bumina Sayyidina Abu Bakar R.A. langsung laporan ka Rosulullah S.A.W. semu hariweusweus, salah saurang shohabat laporan:

 "Ya Rosulullah, Maa Nadri ma halul ashhaab ghaira annaa sami'naa buka'ahum wa sharahahum.." (Ya Rosulullloh ! abdi-abdi sadaya teu terang naon kasang tukang nu tumiba ka para shohabat, ngan abdi-abdi sadaya teh ukur nguping aya nu narangis di bumina Abu Bakar...)

 Nguping laporan ti sapalih shohabat kitu, sontak pameunteu Kanjeng Nabi S.A.W. dadak sakala robih, lajeng gura-giru Rosulullah S.A.W. nyumpingan bumina Sayyidina Abu Bakar R.A. saatos dugi, lajeng Rosululullah S.A.W. naros ka para shohabat nu nuju narangis, kalebet Abu Bakar :

 "Yaa Ash-haabii, Maa Yubkiikum...? (Yeuuh Shahabat-shahabat kami ! nanon sabab aranjeun teh ceurik ?).

 Di taros ku Rosululloh S.A.W. kitu sadaya shohabat teu aya nu ngawaler. sadayana ngejeten cicing ngabetem bari nahan tangisan. Akhirna jung nangtung salah saurang Shohabat, nya eta Sayyidina Ali bin Abi Thalib R.A. bari tuluy nyarios, rada ngageter:

 "Ya Rosulullah ! ...naon sababna abdi-abdi sadaya nangis teh, teu aya sanes sun ! Abdi sadaya sareng Abu Bakar gaduh sangkian, yen ayana warta wahyu ayat panungtung nu parantos didugikeun ku salira ka abdi-abdi sadaya teh, hiji pertanda yen waktos pupusna salira teh tos sumping, naha ieu teh leres, yen abdi-abdi sadaya sakedap deui bakal dikantunkeun ku salira salawasna...kitu manawi sun".

 Nguping cariosan sayyidina Ali bin Abi Thalib kitu teh, Kanjeng Nabi S.A.W. sanes langsung ngawaler, kalah ka nungkulkeun mastakana, lambeyna ngageter, tur nalika ngangkat mastakana ..katingal socana tos juuh ku cisoca, lajeng Kanjeng Nabi S.A.W. dadawuh: "Shodaqta Abaa Bakrin bimaa Qoolaa..." (Bener pisan....nu diucapkeun ku Abu Bakar teh ). Kanjeng Nabi S.A.W. liren heula sakedap dadawuhna.

 Sadaya Shohabat ngarenjag reuwas, pameunteu-pameunteuna dadak sakala parias. lambey-lambeyna ngagaleter, soca-socana pareureum nahan kana tangisan nuteu ka ampeuh sabrol-brolan mudal. najan ditahan-tahan oge nya tetep bae tangisan para shohabat teh budal, nalika Kanjeng Nabi S.A.W. ngalajengkeun deui dadawuhna:

 "Ampir geus deukeut kana waktuna kami mulang ka tempat asal urang sarerea, geus deukeut waktuna kami napungan kakasih urang sarerea nyatana Alloh Robbul 'Aalamin, geus deukeut kana waktuna kami bakal ninggalkeun aranjeun sakabeh, geus deukeut kana wanci nu mustari kami kudu tepung jeung pati, geus deukeut kana waktu nu rahayu kami kudu tepung reujeung pamundut nu Rahayu, geus deukeut kana mangsa nu lugina kami kudu dipapag ajal ku Nu Maha Kawasa, ieu teh hartina geus deukeut kana waktuna kami kudu papisah reujeung aranjeun sakabeh..."

 Nguping pidawuh Rosulullah S.A.W. sapertos kitu, atuh segruk para shohabat nu tos titadi nahan rasa kasedih teh dibudalkeun ku tangisan nu ngaguruh handaruan, minuhan kaayaan sabudeureun kota Madinah. Malihan sanes tangisan para shohabat wungkul, ditambih ku saeusi langit sareng bumi ngiring nangis, nepi ka Bumi ngajerit, jagat nalangsa, langit angkeub ku pepedut, lantaran para malaikat ngumpul ngariung di Baitul Ma'mur, ngiring ngucurkeun cisoca tanda bela sungkawa nguping kana warta, yen hiji panutan Alam, insan nu sampurna, kakasih Allah, Nabi nu Pinilih sakedap deui bakal mulih ka jati mulang ka asal. .....(Hanca)

Post a Comment

0 Comments