Allah ngadawuh dina Hadits Qudsy:"Nalika salah saurang hamba kami boga rencana seja ngalakukeun hiji kajahatan, tapi manehna teu tulus ngalaksanakeunana, maka tuliskeun (ku anjeun wahai malaikat kiroman Kaatibin) pikeun manehna hiji kahadean. Tapi, lamun manehna ngalaksanakeun eta rencana kajahatan maka tuliskeun pikeun manehna hiji kagorengan. Jeung lamun manehna tobat, maka beresihkeun catetan kagorengan eta. Jeung nalika salah saurang hamba kami boga rencana seja ngalakukeun hiji amal kahadean, tukuy manehna teu tulus ngalaksanakeunana, maka tuliskeun pikeun manehna hiji amal kahadean. Tapi lamun manehna tulus
ngalakanakeunana maka tuliskeun pikeun manehna sapuluh kali nepi ka tujuh ratus kali lipet."(H.R. Ibn Hibban jeung Abu Darda' r.a.)Miturut riwayat Imam Bukhari jeung Imam Muslim nu sumberna ti Abu Darda' r.a. Hadits Qudsy eta teh redaksina kieu:"Nalika Salah saurang hamba kami ngarencanakeun (hamma) pikeun ngalakukeun hiji kajahatan, maka tong dituliskeun hiji dosa pikeun manehna, tapi lamun dilaksanakeun, maka prak tuliskeun hiji amal kagorengan. Jeung lamun manehna ngarencanakeun pikeun ngalakukeun hiji amal kahadean, tuluy ku manehna teu dilaksanakeun, maka tulis pikeun manehna hiji amal kahadean, tapi lamun tuluy dilaksanakeun, maka tulis pikeun manehna sapuluh kahadean” (Al-Hadits).
0 Comments