Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Obrolan Rasulullah S.A.W. sareng IblisLaknatulloohi 'Alaih (Bagian Akhir)

Dina catetan nu tos kalangkung dicarioskeun yén Rosululloh saw. ngajengkeun pasualan nu ka-10, ka-11, sareng nu ka-12, dina cetetan catetan ayeuna, seja mugkas kana obrolan antawis Iblis La’natullohi ’Alaih sareng Rosululloh saw.

Anapon pasualan nu ka -13 nyaéta, Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh:

"Naon kalakuan anjeun nu kacida lemes tur rusiahna pikeun umat kami?” 

Jawab Iblis

”Nyaéta nalika salah saurang diantara umat salira nu lebet ka Jamban (WC) pikeun Kahampangan sareng miceun, bari lebet ka jamban (WC)-na téh teu dibarengan ku maca do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka jisim abdi bakal ngabalurkeun kana awakna kotoran najis-na nu dikaluarkeun ku si éta jalma".

Kanjeng Nabi saw. ngadawuh deui nu ka-14 kalina: 

"Nalika umat kami boga pangabutuh ka pamajikanana nu satuluyna ngayakeun hubungan badan, kumaha pamolah anjeun ka maranéhna ? " 

Jawab Iblis: 

"Dimana umat salira seja ngalaksanakeun hubungan badan, bari sateuacanna maranéhna maos do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka jisim abdi bakal lumpat ngajauhan maranéhna, tegesna maranéhna aman tina gangguan jisim abdi. Tapi, dimana umat salira seja ngalaksanakeun hubungan badan, bari sateuacanna maranéhna teu maos do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka abdi bakal mayunan carogéna si istri pikeun ngalakukeun hubungan badan sareng istrina. Saparantos kitu, maka bakal campur bibit turunan jisim abdi sareng bibit turunan ti si istri tadi, nu akhirna dimana jadi anak, maka anakna bakal resep milampah kamaksiyatan, doraka ka nu janten ibu ramana, ogé bakal nukang nonggong ka Alloh tur bakal migawé kana naon-naon nu dilarang ku Alloh. Kitu kénéh nalika umat salira taruang-leueut tanpa di awalan ku ngaos Bismillah, maka jisim abdi nu ti payun tuang-leueut nu badé ditaruang-leueut ku maranéhna, sahingga pangaruhna najan tuang saseueur-seueurna, hamo aya rasa wareg, tah didinya jisim abdi ngagoda supaya umat salira isrof (kaleuleuwihi)”. 

Kanjeng Nabi saw. naros deui nu ka-15: 

"Naon carana supaya bisa nolak tipu daya andika, héh Iblis ?” 

Jawab Iblis: 

"Nalika umat salira ngalakukeun dosa, maka manéhna kedah éngal-énggal tobat ka Alloh, bari nangis pinuh ku rasa kaduhung kana naon-naon nu parantos dipilampah. Ogé nalika émosi / ambek kedah énggal-énggal susuci (wudhu) kalayan sampurna, maka ku hal kitu, bakal ngeureunan, ogé mépés amarahna. Maka ku hal éta jisim  abdi hamo bisa ngagoda ka manéhna”. 

Saterasna Kanjeng Nabi saw. ngadawuh nu ka-16 kalina: 

"Saha jalmana diantara umat kami nu ku andika dipikaresep?" 

Jawab Iblis: 

"Diantawis umat salira nu dipikaresep ku jisim abdi téh, nyaéta umat salira nu pemeget ogé istri nu tara nyukur atanapi nyabutan bulu kélék sareng bulu laranganana salami 40 dinten. Sabab ku teu dicukur sareng teu dicabutanana éta dua bulu nu aya di dua tempat téh dijantenkeun tempat nyayang pikeun gugulayunan jisim abdi sabalad-balad”. 

Saparantos kitu Kanjeng Nabi saw. Naros deui nu ka-17 kalina:

"Héh Iblis! Saha nu jadi dulur andika?"

Jawab Iblis:

"Dulur jisim abdimah nyaéta jalma nu kulemna ngakuban, teras umat salira nu kulem tibra dina waktu shubuh dugi ka bijilna fajar. Ogé umat salira nu nalika tepung sareng waktos lohor, asar, maghrib sareng isya, maranéhna haroréam kanggé netepan sholat " 

Teras Kanjeng Nabi saw. ngadawuh deui nu ka-18 kalina: 

"Lampah naon nu matak ngabinasakeun diri andika?"

Jawab Iblis: 

"Nu matak ngabinasakeun jisim abdimah, nyaéta lampahna umat salira nu seueur nyebat-nyebat asmana Alloh, sodakoh nu teu katerang ku nu sanés, nyeueurkeun tobat, nyeueurkeun tadarus Al-Quran sareng solat tengah wengi" 

Kanjeng Nabi saw. naros deui nu ka-19 kalina:

"Heh Iblis! Naon nu nyababkeun ancurna panénjo mata andika?"

Jawab Iblis: 

"Nyaéta nalika aya jalma nu calik di lebet masjid bari diniatan I’tikaf di lebetna” 

Saterasna Kanjeng Nabi saw. Mungkas kana obrolan anjeunna sareng Iblis La’natullohi Ta’ala ku pasualan nu ka-20 kalina:

"Naon deui nu nyababkeun ancurna panénjo mata andika? " 

Jawab Iblis: 

"Nu matak paningal soca abdi janten ancur téh, diantarana nyaéta jalmi nu taat ka ibu ramana, ngupingkeun kana cariosan ibu ramana, ngajamin tuang-leueut ogé bahan sandang sareng pangan ogé papan ka ibu ramana salami ibu ramana masih jumeneng, kapan salira ku anjeun parantos ngadawuh: 'Sawarga téh aya dina dampal sampéan ibu " 

Al-Hamdulillah, réngsé pedaran obrolan antawis Rosululloh saw. Sareng Iblis laknatullohi ta’ala ’alaih, mugia janten bébénténg diri tina sadaya réka perdaya Iblis kangge urang sadayana. 'Na'uudzu Billaahi Minasy-Syaithoonirrojiim. Amin Ya Alloh robbal ’alamin.

Walloohu A’lam Bish-Showaab.

Caaag. 

Post a Comment

0 Comments