Dina catetan nu tos kalangkung dicarioskeun yén Rosululloh saw. ngajengkeun pasualan nu ka-9 ngeunaan Kumaha sikep Iblis ka para Shohabat R.A. Tah, ayeuna dina catetan ayeuna seja ngalajengkeun kana pasualan nu ka-10, nyaéta:
Kanjeng Nabi saw. Naros deui nu ka-10 kalina:
"Heh Laknatullooh ! Kumaha carana andika ngalakukeun jeung ngayakeun tipu daya ka umat Kami, sahingga umat kami jadi méngpar tina sagala ajaran kami?"
Jawab Iblis - "Dina leresan ieu, ku jisim abdi umat salira téh dibagi janten tilu golongan:
” Nu Kahiji, nyaéta umat salira nu kagolong lir ibarat hujan ti langit nu ngahirupkeun sagala tutuwuhan, nya golongan ieu téh disebut ’Ulama nu salamina maparin naséhat sareng wasiyat ka manusa supados ta’at, ngalaksankeun sagala piwarang Allah swt. sarta ngantunkeun sagala nu dilarang ku Manten-Na, sakumaha sasauran malaikat Jibrail a.s: "Ulama téh minangka oborna dunya sareng akhérat”. Tah ka golongan ieu jisim abdi ngagoda ku cara jisim abdi ngahasud maranéhna supados ayana pacéngkadan, ayana persulayaan dina paham, sanaos ku salira parantos diuningakeun yén persulayaan di antara umat salira téh minangka rohmat. Tah ku jisim abdi dipéngkolkeun supaya sanés rohmat nu karaos tapi laknat. Tumuwuhna rasa hasud, umaku asa pangbenerna henteu batur, sahingga ku hal ieu, hareupan jisim abdi méngkolna oge mengparna patékadan maranéhna supaya méngparkeun ajaran salira kaluar tina ajaran asalna nu sumpingna ti salira”.
”Nu kadua, golongan umat salira téh lir ibarat taneuh, nyaéta jalmi-jalmi nu shabar, nu syukur sareng ridho kana sagala karunia anugerah pamaparin Alloh. Salamina midamel amal soléh, ta’at, tawakal sareng milampah kahadéan. Tah, golongan ieu, jisim abdi ngagoda supaya ilang sifat qona’ah (rasa tumarima), sifat shabarna digentos janten aral, rasa syukurna janten kufur, ta’atna janten ma’shiyat”.
”Nu katilu, golongan umat salira téh lir ibarat Fira’un; nu kacida harak sarakah kana dunya sarta ninggalkeun amaliyah akhérat. Tah kogolongan ieumah, jisim abdi kacida resep tur suka bungah karasana ka jisim abdi, sabab geus teu kedah digoda ku cara-cara nu hébat, da bahan pikeun ngagodana ogé tos nyampak aya dina dirina. Ku kituna jisim abdi kantun lebet kana badanna, tuluy ku jisim abdi diputerkeun haténa kana lautan doraka sareng jisim abdi mawa kana karep manéhna supaya maranéhna nurut kana sagala karep jisim abdi. Jadi, manéhna salilana guligah, marudah, kapégpéongan, kabongroy ku kaéndahan dunya nu hakékatna sarba nipu. Teu aya niat sakedik ogé dina dirina pikeun ngandelan ku élmu pangaweruh komo bari nyuprihna. Waktu-waktuna dipaké pikeun maksiyat tara pisan nyempetkeun waktu pikeun ngalakukeun ta’at ogé amal ibadah, teu aya niat seja ngaluarkeun shodakoh tina harta nu geus dipibandana. Lamun maranéhna dina kaayaan miskin maka ku jisim abdi digoda supados haroréam kana ibadah, nganaha-naha ka Alloh, aral subaha kana kaayaan manéhna, tur dimana manéhna aya dina kacukupan harta, maka ku jisim abdi digoda supados lali pikeun ngaluarkeun zakat, tebih kana tulung tinulungan ka sasama, anggang kana rasa kanyaah ka sasama, ceplés sapertos kaayaan Qorun nu dilelepkeun ka jero taneuh ku Alloh bareng sareng harta dunya nu dipikareueus sareng dipikameumeutna”
"Teras upami sumping cocobi ti Alloh, maranéhna ku jisim abdi digoda supados teu sabar, ngarasula sareng sajabina. Nyacampah ka jalmi miskin, ngahina ka jalmi malarat, nganggap musuh ka jalmi nu taat ibadah, ogé ngabalanjakeun harta manéhna kana jalan ma’siyat, resep judi sareng zina ogé ngalaksanakeun kama’siyatan sanésna”
”Saterasna Kanjeng Nabi saw. Neraskeun deui pasualan nu ka-11 kalina:
"Saha nu sarupa jeung andika diantara hamba-hamba kami, heh iblis?".
Jawab Iblis:
"Nu sarupi sareng jisim abdi ti antara umat salira, nyaéta jalma nu ngalalaworakeun kana syaré’at ajaran salira sareng jalma nu ngahalangan tur mikangéwa ka jalma-jalma nu keur nyuprih élmu agama."
Kanjeng Nabi saw. Neraskeun deui pasualan nu ka-12:
"Héh Iblis ! Saha diantara umat kami nu matak andika jadi suka jeung bungah?"
Jawab Iblis:
"Nu matak abdi suka bungahmah, nyaéta nalika aya diantara umat salira nu milampah dosa, ngalakukeun sumpah palsu, jadi saksi palsu, sareng nu nyulayaan kana jangji"
(Hanca)
0 Comments