Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Obrolan Rasulullah S.A.W. sareng Iblis Laknatullohi 'Alaih (Bagian Ka-5)

Dina catetan nu tos kalangkung dicarioskeun yén Rosululloh saw. ngajengkeun pasualan nu ka-5, ka-6, ka-7 sareng ka-8. Tah dina catetan ayeuna seja ngalajengkeun Pasualan nu ku Kanjeung Nabi saw. diajengkeun ka Iblis La’natullohi ’Alaih nu ka-9, anapon pasualanana, nyaéta:

Kanjeung Nabi saw. Ngadawuh deui:

 "Héh Iblis! Kumaha sikep andika ka para shahabat-sahahabat Kami?"

Jawab Iblis:

 "Ya Nabiyalloh ! para shahabat salira kalebet musuh jisim abdi ogé, musuh nu pang-ageung-ageungna. Taya daya sareng upaya Jisim abdi ngalawan aranjeunna sareng teu aya hiji ogé tipu daya jisim abdi sareng balad-balad nu keuna ka aranjeunna. Apan salira ku anjeun parantos dadawuh: "Sadaya sahahabat salira téh lir ibarat béntang di langit, dimana nurut tumut ka aranjeunna, maka bakal kénging pitiduh”.

”Sapertos Sayidina Abu Bakar Ash-Shiddiq ra. Sateuacan sasarengan sareng anjeun ya Rosululloh, jisim abdi teutiasa ngagoda anjeunna, komo saparantos sasarengan sareng anjeun, tegesna lebet Islam, jisim abdi teu tiasa pisan ngagoda anjeunna.. Anjeunna kacida percayana kana perkara nu hak nu sumpingna ti salira, sahingga anjeunna janten wazirul a'dham. Malihan salira ku anjeun parantos ngadawuh: ”Yén saupamina ditimbang antara saeusi dunya ieu sareng amal sholéh-na Sayidina Abu Bakar Ash-Shiddiq ra. maka bakal langkung abot kénéh amalna sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq ra”. Ditambih deui anjeunna téh apan janten mertua salira, ku ngadahupna salira ka putrina, nyatana Sayyidatina ’Aisyah ra. nu seueur apal kana Hadits-hadits salira”.

”Teras Sayidina Umar bin Khaththab ra. Jisim abdi kacida teu wantunna neuteup kana raray anjeunna. Ku sabab, anjeunna kacida luhung wawanénna nalika mayunan para musuh-musuh Alloh swt. sareng musuh salira. Ogé anjeunna kacida taat kana ngajalankeun hukum syaré’at Islam tur tara ponténg ka nu konéng tara cueut ka nu hideung, ngadék sacék-na, nilas sa-plas-na dina ngajalankeun hukum syaré’at Islam éta. Saupamina jisim abdi neuteup kana rarayna, maka ngageter satulang sandi jisim abdi bari pinuh ku rasa kasieun nu kacida. Hal ieu téh ku sabab, iman anjeunna kacida kuatna, teguh pengkuh nyepeng pamadegan. Ditambih deui ku dawuhan salira ku anjeun: "Saupamina aya Nabi saba’da salira, maka sayyidana Umar bin Khoththob kacida pantesna janten gegentos saparantos salira”

”Ogé anjeunna mangrupakeun jalmi nu diarep-arep ku salira, nalika kapungkur salira ngado’a ka Alloh swt. supados dipaparin hidayah pikeun lebet Islam antawis dua Umar, nya nu ka pilih ku Alloh swt. téh sayyidina Umar bin Khoththob ra. sarta anjeunna kacida pinterna ngabéntenkeun mana jalmi nu kafir sareng mana jalmi islam, kukituna pan anjeunna nyandang gelar 'Al-Faruq'”.

”Kitu kénéh Saydina Usman bin Affan ra. Abdi teu tiasa nyakeutan komo kudu bari ngagoda ka anjeunna. Sabab, salamina lisan anjeunna baseuh ku aosan Al-Quran. Anjeunna janten pamingpin jalmi-jalmi nu sabar, pamingpin para syuhada, ogé anjeunna téh apan kalebet mantu salira ku anjeun tug dugi ka dua kali. Tur ku lantaran kata’atanana, seueur Malaikat sumping anjang sono pinuh ku rasa hurmat, ajrih ka anjeunna. Ditambih deui ku dawuhan salira: "sing saha jalmina nu nyerat kalimat Bismillahirrahmanirrahim dina kitab atanapi kertas-kertas ku mangsi beureum, maka bakal meunang pahala saperti pahalana Usman nu maot syahid" 

”Komo deui ka Sayidina Ali bin Abi Thalib ra. jisim abdi kacida sieunna ku sabab keteuneungna, kagagahanana lébér ku wawanén nalika mayunan musuh Islam di médan jihad, anjeunna teu sieun ku pati, malah réla ridho ikhlas saupamina maot di médan jihad. Tapi sanajan gagah, lébér wawanén ogé, anjeunna tetep kacida sopan, alim pinuh ku rasa kadeudeuh, sikepna asak jeujeuhan, satiap léngkah pinuh ku perhitungan, tara gagabah, kacida apik tur wara’ (ati-ati) ogé kacida zuhudna. Saupamina jisim abdi sareng balad-balad wantun neuteup kana raray anjeunna, maka karaosna asa kaduruk, ancur kadua paningal jisim abdi, sabab anjeunna téh kacida kuatna kana ibadah sarta anjeunna golongan pamuda nu ti payun lebet ka Islam. sareng anjeunna tara tungkul ajrih dipayuneun arca-arca sesembahan kaum musyrikin, sahingga anjeunna nyandang gelar 'Ali Karamullahu Wajhahu' (Ali nu dimulyakeun rarayna ku Alloh swt.) ogé gelar 'Asadulloh’ (singa-na Allah) malihan salira ku anjeun ngadawuh: "Salira ku Anjeun minangka gudang élmu, sedengkeun sayyidina Ali minangka pantona”. Ditambih deui anjeunna téh apan janten mantu salira, ku ngadahup anjeunna sareng putri salira Sayyidatina Fatimah Az-Zahra.” 

(Hanca)

Post a Comment

0 Comments