Dina catetan nu kalangkung diuningakeun ngeunaan pasualan nu kaopat nu diajengkeun ku Rosululloh S.A.W. ka Iblis La’natullohi ’Alaih. Nu eusina, ngeunaan naon nu dimimitian ku Iblis dina ngagoda umat manusa. Jawaban Iblis, nyaéta dipéngkolkeunnana i’tiqadna manusa kana kakufuran. Tah, catetan ayeuna, urang ngabahas pasualan nu ka-5 nu diajengkeun ku Rosululloh S.A.W. ka Iblis La’natullohi ’Alaih. Anapon pasualan nu diajengkeun téh nyaéta:
Kanjeng Rosululloh S.A.W.. dadawuh deui nu ka-5 kalina:
"Héh Iblis! Kumaha karasana ku andika mun seug umat Kami ngalaksanakeun sholat bari khusyu’ karana Allah S.W.T. ?”
Iblis ngajawab:
"Ya Nabiyalloh ! nalika umat salira ngalaksanakeun sholat kalayan khusyu’ karana Allah S.W.T.. Maka nu karaos ku jisim abdi, awak jisim abdi ngegeter, leuleus satulang sandi taya kakuatan, sapertos nu dipupul bayu, taya tangan pangawasa. Ku hal éta, maka jisim abdi ngerahkeun wadia balad jisim abdi pikeun ngagoda ka umat salira, kana sakabéh anggota badanna, supaya timbul kahoréam dina ngalaksanakeun sholat, was-was, hilap kana étangan rokaat, émut baé kana kasibukan dunya nu ditinggalkeunana, gura-giru dina ngalaksanakeun sholatna, jauh tina ka-thumaninah-an, anggang kana ka-khusyu’-an, kitu kénéh kana paningal matana supaya rurat-rérét ka kiwa sareng ka tengen, cepilna supaya ngupingkeun sora-sora nu matak rusakna rasa khusyu’. Salajengna nalika umat salira nuju sujud, maka balad jisim abdi calik dina pundukna supaya teu kiat lami dina sujudna, kitu kénéh nalika lungguh tasyahud/tahiyat ku jisim abdi digoda supaya teu kiat lami ogé, sahingga tumuwuh dina haté umat salira nu nuju ngalaksanakeun sholat téh hoyong énggal bérés sholatna. Tah, saupamina balad-balad jisim abdi teu hasil ngagoda umat salira nu nuju ngalaksanakeun sholat, maka jisim abdi bakal nibankeun hukuman ka balad jisim abdi, kalayan hukuman nu kacida abotna "
Teras Kanjeng Rosululloh S.A.W. ngajukeun deui pasualan nu ka-6
"Lamun umat kami maca Al-Quran karana Allah S.W.T. kumaha kaayaan andika?"
Iblis ngajawab:
”Duh abot karaosna ku jisim abdi ya Nabiyalloh ! Dimana umat salira ngaos ayat suci Al-Quran kalayan karana Allah S.W.T. maka jisim abdi karaosna sapertos kabeuleum, paregat kabéh urat-urat jisim abdi, nu satuluyna jisim abdi lumpat nebihan manéhna”
Kanjeng Rosululloh S.A.W. nyusul tepus deui ku pasualan nu ka-7:
"Terus kumaha karasana ku andika, dimana umat kami ngalaksanakeun ibadah haji karana Allah S.W.T. ?".
Jawab Iblis:
"Ancur waruga jisim abdi, marurag daging sareng tulang-tulang jisim abdi, ku sabab umat salira parantos nyampurnakeun rukun Islam".
Kanjeng Rosululloh S.A.W. nyusul deui ku pasualan nu ka-8:
"Tuluy kumaha kaayaan andika, dimana umat kami ngalaksanakeun puasa di bulan Romadhon kalayan karana Allah S.W.T.?"
Jawab Iblis:
"Ya Rasulullah ! Ieu pisan musibah sareng bahaya nu kacida rongkahna pikeun jisim abdi sabalad-balad. Sabab, nalika lebet kana awal Romadhon, maka ngaburisat cahaya ’Arasy sareng Kursy Allah S.W.T., ma lihan para Malaikat mapag kalayan pinuh ku kasuka sareng kabungah. Atuh pikeun jalma-jalma nu ngajalankeun ibadah puasa dina bulan ieu, maka Allah S.W.T. bakal maparin panghampura tina samudayaning dosa nu tos kalangkung kalayan digentoskeun ku wawales pahala nu kacida agung tur luhur ajén-na, malihan Allah S.W.T. ngabéntenkeun pahalana sareng ibadah-ibadah nu sanésna. Salian ti éta, hamo dicatet dosa nu dilakukeun pikeun jalma-jalma nu puasa. Aya nu matak ngahancurkeun haté jisim abdi, nyaéta saeusi langit sareng bumi; yakni Malaikat, bulan, béntang sareng makhluk sanésna, sadayana siang kalayan wengi ngado’akeun supaya Alloh S.W.T maparin panghampura pikeun jalma nu puasa. Tur hiji kamuliaan pikeun jalma nu ngalaksanakeun puasa, nyaéta dimerdékakeun tina azab/siksa naraka. Malihan sadaya panto naraka ditutup, sareng dibuka kalayan salega-legana sadaya panto sawarga, sarta ditiupkeunna angin nu bijil ti handapeun Arasy nu namina angin Syirah nu kacida lemesna ka jero sawarga. Aya hal nu matak abdi teu walakaya, ya Nabiyalloh !, nyaéta dina sumpingna sasih Romadhon, kalayan paréntah Alloh S.W.T diutusna para Malaikat nu garanggas pikeun néwakkan jisim abdi sabalad-balad, nu satuluyna ngaborogod ogé dipasungna sampéan sareng panangan jisim abdi ku beusi panas bari diranté kalayan kacida kuatna, sahingga jisim abdi sabalad-balad teutiasa leupas. Saparantos kitu, jisim abdi sabalad-balad téh dibebeskeun ka lebet bumi nu pangjero-jerona. Teu kitu baé, jisim abdi sabalad-balad salami éta, ditibanan siksa ku Allah S.W.T. tug dugi ka réngséna sasih Romadhon”.
(Hanca)
0 Comments