Dina catetan nu tos kalangkung diuningakeun yén iblis ngajawab pasualan nu diajengkeun ku Rosululloh s.a.w. Ngeunaan naon sababna iblis teu nurut kana paréntah Alloh s.w.t.¸ nyaéta ngalaksanakeun sujud kahurmatan ka Nabi Adam as. Ku sabab éta pisan manéhna nyandang gelar ’laknatullohi ’alaih’.
Tah dina catetan ayeuna seja neruskeun deui jawaban iblis kénéh kana pasualan Nabi s.a.w nu katilu téa.
Tuluy Iblis ngalanjutkeun deui caritaanana.
”Ya Nabiyalloh ! kusabab jisim abdi mugen teu ngalaksanakeun paréntah Allohs.w.t. pikeun maparin sujud kahurmatan ka Nabi Adam, dadak sasakala nu kawitna raray jisim abdi kasép ngalémpréng konéng téh, dadak sakala robih janten raray nu goréng patut nu jadi gambaran kana kalakuan jisim abdi nu resep kana midamel lampah jahat sareng maksiyat. Ku kajadian kitu jisim abdi téh mingkin nyeri haté baé, komo nalika Allohs.w.t. ngaistrénan Nabi Adam janten raja di sawarga bari maparin praméswari nu geulis kawanti-wanti éndahna malih warna, nyaéta Siti Hawa nu dipaparin ogé kalungguhan minangka pamingpin sakumna bidadari nu aya di sawarga. mingkin nambih deui kanyeri haté sareng dendem jisim abdi téh ka Nabi Adam, nu akhirna satékah polah jisim abdi ngalakukeun réka perdaya, supaya Nabi Adam sareng Siti Hawa dipikabendu ku Alloh swt. Nya ari terus-terusan teuingmah, usaha jisim abdi téh ngabuahkeun hasil ku cara nipu Siti Hawa supaya miwarang Nabi Adam tuang buah Khuldi, nu ngabalukarkeun duanana diusir ti lebet sawarga lumungsur ka alam dunya, bari lumungsur ka alam dunyana téh dipisahkeun mangtaun-taun, nu tuluyna ditepungkeun ku Alloh di Padang Arafah, saparantosna duanana patepung nu satuluyna ngarundaykeun turunan, nya borosot baé Nabi Adam sareng Siti Hawa téh ngagaduhan turunan nu munggaran, nyaéta lahirna dua putra sareng dua putri. Ku sabab jisim abdi masih kénéh teuacan puas kana kanyerian haté jisim abdi, nya turunan Nabi adam téh ku jisim abdi digoda deui ku hasutan-hasutan nu balukarna lumangsung kajantenan maténina Qabil ka dulurna Habil. Teu cukup sakitu, ti harita tug dugi ka akhir zaman, jisim abdi hamo lirén ngagoda ka turunan Nabi Adam kalebet umat salira”.
”Ya Nabiyalloh ! sateuacan salira babar ka alam dunya, jisim abdi sareng balad-balad kalayan gampil tiasa naék kalangit, pikeun maling déngé kana rusiah-rusiah kajadian nu bakal kaalaman ku manusa nu aya di lauhil mahfudz, nu saterasna jisim abdi lungsur deui ka alam dunya pikeun méré béja ka manusa kana rusiah-rusiah éta, bari béja éta ku jisim abdi dipéngkolkeun teu luyu reujeung béja nu aya di lauhilmahfudz nu tujuanana supaya manusa sasar tur nukang nonggong ka Alloh s.w.t. Tapi, saprak salira babar ka alam dunya, jisim abdi teu tiasa deui naék ka langit sabab ku Allohs.w.t. dilarang. Mun seug jisim abdi maksa pikeun naék ka langit, maka para malaikat nu ngajaga satiap lawang langit bakal malédogan ka jisim abdi ku batu reujeung panah nu bahanna tina seuneu, tos seueur balad-balad jisim abdi nu perlaya ancur lebur jadi lebu ka beuleum, tisaprak harita jisim abdi nandangan ka susah dina ngayakeun hasutan sareng godaan ka manusa”.
Saparantos nguping kana caritaan Iblis samodél kitu Kanjeng Nabi s.a.w, ngajengkeun deui pasualan nu kaopat kalina:
"Hé Iblis! Naon nu dilakukeun ku andika dina ngamimitian ngagoda umat manusa ?
Iblis ngajawab:
"Nu munggaran dipidamel ku jisim abdi dina ngagoda umat manusa kalebet umat salira téh, nyaéta dipéngkolkeunana i’tikad kaimanan-nana manusa kana kakufuran, ngawitan haté, kalakuan ogé ucapanana. Saupami teu tiasa ka goda baé, maka ku jisim abdi digoda supaya manusa horéam ngalakukeun ibadah, sahingga sakedik demi sakedik maranéhna tigebrus nurut tumut kana kahoyong jisim abdi”.
(Hanca)
0 Comments