Dina catetan kamari diuningakeun, yén Rosululoh s.a.w.. Ngajukeun pasualan nu kahiji ka Iblis laknatullohi alaih. Ayeuna urang lajengkeun kana pasualan nu kadua nu didugikeun ku Rosululloh s.a.w.. Ka Iblis laknatullohi alaih.
Anapon pasualan nu kadua nu diajengkeun ku Rosululloh s.a.w.. téh nyaéta:
"Héh Iblis! Cara naon baé jeung bentukna nu dipigawé ku andika dina ngagoda umat manusa kaasup umat kami ?”
Iblis ngajawab:
"Seueur gusti, sagala léngkah manusa anu tujuanna pikeun ibadah ka Alloh s.w.t sareng nurut tumut kana pidawuh manten-Na ogé pidawuh salira ku anjeun, sadayana ogé ku jisim abdi di kantégan, dihalangan supaya umat manusa teu tulus dina ngalaksanakeun éta kata’atan”.
”Misalna baé”, Ceuk Iblis neruskeun caritaanna:
”Jisim abdi ngagoda hiji istri nu parantos ngagaduhan carogé supados midamel lampah nirca, ngakhianat ka nu janten carogéna, tug dugi ka éta istri téh masrahkeun kahormatanana ka pameget ni lian. Nu akhirna ngahasilkeun rundayan turunan nu goréng akhlakna”. Salian ti éta jisim abdi ngagoda ka umat manusa supaya ngantunkeun sholat, nyeueurkeun tuang-leueut tina rizki nu haram, saupamina tuang-leueutna tina hasil nu halal maka digoda ku jisim abdi supaya kaleuleuwihi dina nuangna (isrof). Ogé jisim abdi ngagoda manusa supaya milampah kadorakaan nu matak Alloh bendu, kalayan nancebkeun hiji perasaan ka manusa ku godaan harta banda kayaning emas, pérak sareng permata, ingon-ingon, tatanén tina hasil kebon sareng sawah sareng sajabina, supaya maranéhna ngabalanjakeun éta harta banda téh kana jalan haram tur dina miluruhna ogé ku jalan nu haram. Teras ka para pamuda sareng pamudi para kaum rumaja generasina umat salira, ku jisim abdi digoda maranéhna dina masalah campur gaul antara maranéhna nu lain muhrim, palebah dinya jisim abdi ngagoda maranéhna supaya ngalakukeun zina, sareng perkara nu ngadeukeutan kana zina”.
”Salian ti éta kalebet godaan jisim abdi ogé diantarana seueurna manusa ngaleueut arak (Narkoba, jeung nu sanésna. réd.), supaya maranéhna leungit akalna, sahingga ngalakukeun hal-hal maksiat. Ogé kalebet bentuk godaan jisim abdi ngabohong, nipu, ngadzolim, silih pikaceuceub, musyrik (midua Alloh), dengki, hasud, ujub, riya, takabur, mumusuhan, teu akur, sareng sajabina. Dimana maranéhna sadar satutasna ngalakukeun kasalahan terus manéhna ngarencanakeun pikeun ngeureunan tegesna tobat, maka jisim abdi bakal ngagoda maranéhna ku cara supaya maranéhna téh nunda-nunda kana tobat, sanggeus kitu, ku jisim abdi digoda deui ku godaan nu leuwih rongkah, sahingga maranéhna ngalakukeun deui kamaksiyatan”. ”Cindekna ya Nabiyalloh,” Iblis mungkas caritaanana: ”Jisim abdi ngagoda ka umat manusa téh sakuat tanaga sagala cara bakal dilaksanakeun, nu tujuanna teu aya sanés, supaya manusa méngpar tina tetekon agama."
Saparantos nguping jawaban Iblis kitu, Kanjeng Nabi s.a.w.. Neraskeun kana pasualan nu katilu, semu nu keuheul Kanjeng Nabi s.a.w.. Ngadawuh:
"Héh Iblis ! Naha ku naon andika ngalakukeun éta kabéh ? Padahal, mun seug ku andika dipikir, naon nu dilakukeun ku andika téh éstu taya faédah jeung manfaatna, malah nu puguhmah kalah ka tambah-tambah laknat jeung bebendon Alloh s.w.t. ka andika turta siksa nu kacida beuratna jaga di naraka minangka wawalesna ?. Heh laknatulloh ! Saha nu nyiptakeun andika? Saha nu manjangkeun umur andika ? saha nu méré panénjo ka andika ? Saha nu méré pengdéngé ka andika ? saha nu méré kakuatan ka andika, sahingga andika bisa jagjag, séhat tur kuat ?. saha nu méré éta sakabéh téh héh Iblis".
Iblis ngajawab:
"Sadayana ogé anugerah paparin ti Alloh s.w.t Nu Maha Agung, ya Nabiyalloh !. Nanging, nu janten pasualan téh, nyaéta hawa nafsu sareng rasa takabur diri nu matak jisim abdi tigebrus kana lampah nu salamina lepat. Salira ogé langkung uninga, yén satemenna jisim abdi téh tos mangrébu-rébu taun lamina janten pamingpin para Malaikat, harkat sareng martabat ogé darajat kadudukan abdi disagédéngeun Allohs.w.t kacida nyongcolangna, ti langit ka hiji nepi ka kangit nu pangluhurna mungguhing Alloh s.w.t. terus nérékél, ku hal éta pisan, saterasna jisim abdi tiasa nyicingan alam dunya ieu rada lami sasarengan reujeung para Malaikat. Tug dugi ka lumungsur Dawuhan Alloh s.w.t, nu seja nyiptakeun saurang Khalifah di dunya ieu. Tah ku hal éta pisan jisim abdi téh baruntak teu nampi kana rencana Allohs.w.t Tapi, katetepan Alloh s.w.t. hamo tiasa dirobih deui, nya diciptakeun hiji tangtungan lalaki, nyaéta Nabi Adam téa. Saparantos réngsé Nabi Adam diciptakeun, maka Alloh maréntahkeun ka sakumna Malaikat pikeun masihan sujud kahurmatan ka Nabi Adam, anging jisim abdi nu teu ngalaksanakeun. Nu akhirna Alloh s.w.t. bendu ka jisim Abdi, tur ngalaknat jisim abdi tug dugi ka akhir zaman”.
(Hanca)
0 Comments