Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

BUBUKA CARITA DINA BEANTARA (Murwakanti)


 Ta’awudz minangka pangraksa léngkah

Ngajagi diri ngaraksa manah

Neneda urang ka Alloh Jalla Jalalah

Tina sagala pangrorobéda syétan anu rongkah

 

Nu jadi bibit rurujit, indung rurusuh, bapana salah

Nu salilana nuduhkeun kana lampah salah

Tur resep migawé hal anu gaflah

Nu nyandang laknat ti Alloh Nu Maha Gagah

Mun manusa cilaka nurut-tumut ka maranéhna bari pasrah

 

Pasti maranéhna ngarasa bungah

Tapi sabalikna mun manusa teu nurut-tumut komo bari pasrah

Pasti maranéhna ngarasa teugenah pinuh kukasusah.

Ku kituna, urang jaga, urang riksa ku kalimat ‘Auudzu Billah’

 

Bismillah jadi pamuka léngkah

Dibarung kugerentes niat dina manah

Seja miharep ridho sareng rohmah

Ti Alloh Nu Maha Gagah

 

Malah mandar léngkah hanteu gaflah

Tebih tina sagala lampah nu salah

Sagala nu nyoléngkrah dina manah nu matak mawa tugeunah

Hayu urang bebenah

 

Tiiskeun pikir, lempengkeun tékad sareng akidah

Luyukeun reujeung risalah nu dicandak ku rosulillah

Ku ngalobakeun urang dzikir sareng ibadah

Boh nu wajib atanapi nu sunah

 

Minangka bukti urang ngucapkeun dua kalimah syahadah

Nu mangrupakeun jangji pasini pasang subaya dina bayah

Nu ngait na ati sanubari, nu nyantél na haté, tur nyampay dina manah

Syahadat tauhid minangka jangji seja nguatkeun akidah

 

Syahadat rosul minagka pasini seja nyonto Rosululloh saw. nu gaduh uswatun hasanah

Kalayan Dibuktikeun ku tékad sareng lampah

Nu luyu reujeung Al-Qur’an sareng As-Sunnah

Bari Ningkatna rasa mahabbah ku jalan urang muroqobah

 

Ngadeukeutkeun diri netepkeun léngkah

Hirup pinuh ku sadrah, pasrah bari sumerah

Wungkul dieusian ku ibadah

Supaya urang hirup bétah- bumétah

 

Di tempat anu langgeng jaga bari genah, mérénah tur tumaninah

Tur salamina aya dina limpudan ridho sareng hidayah Allohu Jalla Jalalah.

Amin ya alloh ya robbal’alamin

 

Hamdalah minangka tawis puji

Dikedalkeun ku lisan anu bijil tina ati sanubari

Tawis syukur urang ka Gusti Nu Maha Suci

Alloh Robbul ‘Izzaty

Nu salamina teu bosen ngalungsurkeun nikmat sareng rizqi

 

Ka sakumna makhluk nu aya dilangit sareng di bumi

Nu bedegong sombong ogé nu salamina bakti tur gumati

Kum teu diwiji-wiji sadaya kabagi

Poma kufur ulah sampé ngancik dina diri

 

Sabab kufur ngalantarankeun benduna Gusti

Mun hirup kufur bakal Jauh tina rizky

Bakal diparekkeun kana balahi

Di dunya kacingcirihi tur tebih tina ridho Ilahy

 

Di akhérat bakal nandangan rugi

Bebendon Alloh kacangking pasti Na’udzubillahimin dzalik.

Iwal syukur nu kudu jadi tali paranti

Salamina kudu jadi hiasan diri

 

Pikeun bukti urang babakti

Ka Guti Nu Maha Suci Alloh Robbul ‘Izzaty

Sabab ieu tos jadi paréntah Gusti

Malah mandar manusa teu nandangan rugi

 

Sabab syukur nu jadi sabab tambihna rizqi

Rizki nu matak nayalametkeun diri

Dina raraga séba raga bakti diri

Ridho Alloh kacangking pasti

 

Sabab ku syukur jadi jauhna balahi

Ku syukur hirup hamo kacingcirihi nandangan rugi

Boh di dunya ogé jaga di akhérat alam nu langgeng abadi

Ngeusian syurga minangka jangji ti Gusti Nu Maha Suci

 

Mugia urang kalebet ka golongan jalmi-jalmi nu salamina syukur kana nikmat-nikmat nu dipaparin ku Alloh Robbul ‘Izzaty. Amin ya alloh ya robbal’alamin

 

Sholawat miwah kawilujengan

Mugia salamina diwuwuhkeun ka sang panutan

Panutan nu janten suri tauladan

Panutan nu janten panutup lawang kanabian

 

Panutan nu nyandak risalah kasalametan

Panutan nu nyampurnakeun risalah pangéran

Panutan nu nyébor sagara keusik kajahiliyahan

Ku cai kaislaman reujeung kaimanan

 

Panutan nu maparin béja kabagjaan

Panutan nu salamina sieun umatna aya dina jurang kacilakaan

Panutan nu namina seungit tug dugi ka akhir zaman

Panutan nu ngajarkeun arti kamanusaan

 

Anjeunna babar nyambuangkeun rahmat ka sakumna alam

Anjeunna lahir ngahiliwirkeun angin katiginan

Nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nabi Akhiruz-zaman.

Teukalangkung kulawargina nu dipikahéman

 

Teukakantun shohabatna nu satia nyarengan

Nu réla toh pati jiwa raga pinuh pangurbanan

Dina raraga nanjeurkeun cahaya kaislaman

Sahingga hurung gumebyar nepi ka akhir zaman

 

Ogé teu kakantun urang salaku umatna nu ariman

Bari ngaéstokeun sadaya kasunahan pikeun ngahontal kabagjaan. Amin ya alloh ya robbal’alamin.

Post a Comment

0 Comments