Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Piraku Kudu jeung Sholatna ongkoh

 


"Pa DKM! Ku naon ieu teh, naha bet huleng jentul kitu, bangun aya nu dipikiran?," Ceuk saurang warga masyarakat nu jadi salah saurang donatur pangbadagna dina pangwangunan Masjid, nu ujug-jug datang ti tukangeun bari tuluy nanya ka ketua DKM, nu keur kukurilingan nitenan wangunan masjid nu anyar rengse diwangun.

 "Muhun ieu teh rada aya nu diemutan..."Semu ngarenjag reuwas ketua DKM ngajawab

 "Kurang naon deui atuh? Sok wakca baalaka nyarita ka kami!" Ceuk donatur nanya deui bari nawaran jasa.

 "Ah, henteu kirang nanaon, sakieu mah parantos cekap, kantun eta panginten," Ceuk ketua DKM ngajawab, ngan teu kebat da kaburu dipotong omongan.

 "Tinggal naon deui atuh, sok balaka ka kami! Ceuk Dontur nanya deui semu panasaran.

 "Eta pangersa sim kuring teh ngemutan eta," Siga nu teu wani kedal, ketua DKM ngajawab deui, bari teu kebat deui da dipotong omongan.

 "Enya sok nyarita, butuh naon deui ? Semen, pasir, bata, dana atawa butuh naon?" ceuk Donatur bari nangtang nawarkeun jasa deui.

 

"Ah sanes Pangersa, sanes eta nu diemutan, da tos rengse geuningan ngawangun masjid teh, kangge naon eta sadayana," Ceuk Ketua DKM ngajawab.

 "Enya mikiran naon deui atuh?" Ceuk Donatur nanya deui.

 "Sumuhun, ningal kana rengsena ngawangun mesjid mah sim kuring teh ngaraos reugreug, reueus, oge ngaraos bingah pisan, nepi ka kabingah ieu teh, teu tiasa dikedalkeun ku lisan saking bingah-bingahna,ngan nyaeta, nu janten emutan teh saupamina sumping waktos sholat, abdi mah janten nalangsa." Ceuk ketua DKM.

 "Naha bet nalangsa?" Ceuk Donatur nanya panasaran. 

"Muhun, pami ningal sumanget masyarakat nalika ngawangun masjid mah, sim kuring teh reueus pisan, geuningan masyarakat teh katingalna meni saregut dina nyumbang jasa, boh danana, dayana sareng sajabina" Ceuk DKM rada panjang lebar.

 "Enya kaasup kami meureun nya?" Ceuk Donatur ngareueuskeun lampah sorangan.

 "Muhun kalebet salira, katampi pisan,  da pangageungna salira teh dina nyumbang mah, sakali deui haturnuhun pisan, mugia sing diwales ku Alloh kalayan wawales nu pangsaena mungguh Manten-Na, Aamiin," ceuk ketua DKM ditungtungan ku ngadu'akeun.

 "Aaamiin, heueuh alus! Apan kudu kitu lain?" Ceuk Donatur.

 "Leres pisan kitu kedahna, ngan eta nu janten pasualan teh, nalika sumping waktos sholat, naha sumanget berjama'ah teh bet ngagejret pisan, meni teu araya paling ukur sabaris, padahal wangunan teh henteu heureut sapertos kapungkur, ayeuna mah lalega, tur lalugina masjid teh" Jawab ketua DKM semu ngaheruk.

 "Aeh apan rarasaan kami mah geus cukup ngabantu teh, ti mimiti kabutuhan bahan bangunan, nepi ka biaya nu sejenna kabeh ge pamere kami, ayeuna PIRAKU KUDU JEUNG SHOLATNA ONGKOH ngabantuan teh?" Ceuk Donatur, bari tuluy ngoloyong ninggalkeun ketu DKM nu molohok.

 Caaag.

Post a Comment

0 Comments